Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

1. Jéntrékeun harti sajak?

Sajak teh salah sahiji hasil karya sastra wangun puisi. Sakumaha wangun
karya sastra sejenna, sajak oge kaasup wangun sastra anu imajinatif. Basa
nu dipake dina sajak umumna padet jeung singget tur sifatna konotatif,
sabab ngandung harti injeuman. Eusi sajak ngagambarkeun ebrehan tina
rupa-rupa kajadian anu kaalaman, karasa, katempo, atawa kabandungan ku
pangarang.
2. Naon nu ngabédakeun sajak lirik jeung sajak épik?
Sajak lirik ngagambarkeun rasa panyajakna atawa ngabrehkeun pikiran
jeung rasa pribadi panyajakna anu karasa waktu harita tur sipatna leuwih
subjektip. Sajak epik sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kejadian, sarta
biasana eusina teh ngawangun carita kepahlawanan anu aya patalina jeung
sejarah.
3. Rasa naon nu aya dina sajak tukeuran ieu sajak? Jéntrékeun!
Rasa jeung suasana sajak tukeran ieu sajak the ngagambarkeun rasa asih
anu luhur pikeun nulungan, ambek, kuciwa, jeung asa-asa lamun sajak anu
dijieunna teu bisa nulungan jalma-jalma anu butuh.
4. Kaom naon waé nu aya dina sajak tukeuran ieu sajak?
Kaom anu haying ditulungan/dimaksud nyaeta jalma anu butuh saperti
jalma anu teu bisa sare, teu boga imah anu layak, jeung kalaparan.
5. Nurutkeun sadérék naon kasangtukangna penulis ngajudulan tukeuran ieu
sajak? Jéntrékeun!
Kumargi sajak ieu nyempad para koruptor ulah egois, pangarang miharep
kahareupna kaom-kaom nu aya dina sajak eta bisa hirup kalawan hade tur
teu sangsara.

You might also like