Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 4

KHUTBAH ‘IDUL ADHA

TAUN Dikeluarkan ku: TAHUN


1444 H Seksi Bimas Islam 2023 M
Kantor Kementerian Agama Kota Banjar

HIKMAH JEUNG MANPAAT SYAREAT AGAMA ISLAM

،ُ‫ َﻻإِﻟﻪَ إِﻻﱠ اﻟﻠﻪُ َو ْﺣ َﺪﻩ‬،ً‫َﺻْﻴﻼ‬ ِ ‫اﻟﻠﻪ ﺑ ْﻜﺮًة وأ‬ ِ ِ ِ ِ


َ َ ُ ‫( اَﻟﻠﻪُ أَ ْﻛﺒَـُﺮ َﻛﺒْﻴـًﺮا َواﻟْ َﺤ ْﻤ ُﺪ ﻟﻠﻪ َﻛﺜْﻴـًﺮا ﱠو ُﺳْﺒ َﺤﺎ َن‬٩ x) ‫اَﻟﻠﻪُ أَ ْﻛﺒَـُﺮ‬
‫ اَﻟﻠﻪُ أَ ْﻛﺒَـُﺮ َو‬،‫ ﻻَإِﻟﻪَ إِﻻﱠ اﻟﻠﻪُ َواﻟﻠﻪُ أَ ْﻛﺒَـُﺮ‬،ُ‫اب َو ْﺣ َﺪﻩ‬ َ ‫َﺣَﺰ‬ْ ‫ َوَﻫَﺰَم ْاﻷ‬,ُ‫َﻋﱠﺰ ُﺟْﻨ َﺪﻩ‬
َ ‫ َوأ‬,ُ‫ﺼَﺮ َﻋْﺒ َﺪﻩ‬ َ َ‫ َوﻧ‬,ُ‫ﺻ َﺪ َق َو ْﻋ َﺪﻩ‬ َ
‫ﱡﻬ ْﻮِر َواﻷَﻳﱠﺎِم‬ ٍ ‫ﻀﻪُ َﻋﻠَﻰ ﺑَـ ْﻌ‬ ِ ‫ﻟﻠﻪ اﻟﱠ ِﺬي ﺧﻠَﻖ‬ ِ ‫اَﻟﺤﻤ ُﺪ‬. ‫ﻟﻠﻪ اْﻟﺤﻤ ُﺪ‬ ِ
ُ ‫ﺾ اﻟﺸ‬ ُ ‫ﺺ ﺑَـ ْﻌ‬ ‫ﺾ ﻓَ َﺨ ﱠ‬ َ ‫ﱠﻞ ﺑَـ ْﻌ‬
َ ‫اﻟﺰَﻣﺎن َوﻓَﻀ‬ ّ َ َ ْ َْ َْ
ِ ِ َ َ‫اي وﻓ‬ ِ‫واﻟﱠﻠﻴﺎﻟِﻰ ﺑ‬
,ُ‫ﻚ ﻟَﻪ‬ َ ْ‫ أَ ْﺷ َﻬ ُﺪ أَ ْن ﻻﱠ إِﻟﻪَ إِﻻﱠ اﻟﻠﻪُ َو ْﺣ َﺪﻩُ ﻻَ َﺷ ِﺮﻳ‬.‫ﺎت‬ ْ ‫ﻀﺎﺋ ِﻞ ﻳـُ َﻌﻈﱠ ُﻢ ﻓْﻴـ َﻬﺎ اْﻷ‬
ُ َ‫َﺟُﺮ َواﻟْ َﺤ َﺴﻨ‬ َِّ ‫ﺰ‬َ َ َ
ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِِ ِ
‫ﻚ‬َ ‫ﺻ ّﻞ َوﺳﻠّ ْﻢ ﻋﻠَﻰ َﻋْﺒﺪ َك َوَر ُﺳ ْﻮﻟ‬ َ ‫ اﻟﻠّ ُﻬ ﱠﻢ‬. ‫َوأَ ْﺷ َﻬ ُﺪ أَ ﱠن ُﻣ َﺤ ﱠﻤ ًﺪا َﻋْﺒ ُﺪﻩُ َوَر ُﺳ ْﻮﻟُﻪُ اﻟﺪﱠاﻋﻰ ﺑَِﻘ ْﻮﻟﻪ َوﻓ ْﻌﻠﻪ إِﻟَﻰ اﻟﱠﺮ َﺷﺎد‬
‫ﱠﺎس اﺗﱠـ ُﻘﻮا اﻟﻠﻪَ ﺗَـ َﻌﺎﻟَﻰ‬ ‫ﻨ‬ ‫ﺎاﻟ‬ ‫ﻬ‬ ‫ـ‬
‫ﱡ‬ ‫ﻳ‬َ
‫أ‬ ‫ﺎ‬ ‫ﻓﻴ‬ : ‫ﺪ‬ ُ ‫ﺎﺑﻌ‬ ‫ﻣ‬‫ﱠ‬ ‫أ‬ . ِ َ‫ﺳﻴِ ِﺪﻧَﺎ ﻣﺤﻤ ٍﺪ ِوﻋﻠَﻰ آﻟِﻪ وأﺻﺤﺎﺑِِﻪ ﻫ َﺪاةِ ْاﻷَﻧَ ِﺎم ﻓﻲ أَﻧْﺤ ِﺎء اﻟﺒِﻼ‬
‫د‬
ُ َ َ ْ َ ُ َْ َ ّ َ ُ َّ
َّ ّ َ
‫ٱ ِٱ‬ .‫ﺎن اﻟﱠﺮِﺟْﻴ ِﻢ‬ ِ َ‫ﺎﻟﻠﻪ ِﻣﻦ اﻟﺸﱠﻴﻄ‬
ْ َ
ِ ِ‫ اَﻋﻮذُﺑ‬:‫ﺎل اﻟﻠﻪ ﺗَـﻌﺎﻟﻰ ﻓِﻲ ﻛِﺘَﺎﺑِِﻪ اﻟْ َﻜ ِﺮﻳ ِﻢ‬
ُْ ْ َ َ ُ َ َ‫ﻗ‬ ‫ﺪ‬
ْ ‫ﻘ‬
َ ‫ـ‬
َ‫ﻓ‬ . ِ ‫ﺑِِﻔﻌ ِﻞ اﻟﻄﱠﺎﻋ‬
‫ﺎت‬ َ ْ
ِ ‫ﱠ‬ ِ ِ ِ‫ ﻓَﺼ ِﻞ ﻟ‬.‫ﺎك اﻟْ َﻜﻮﺛـَﺮ‬ ‫ﱠ‬ ِ َّ
.‫ﻚ ُﻫ َﻮ ْاﻷَﺑْـﺘَـ ُﺮ‬ ‫ﺌ‬
ََ َ‫ﺎﻧ‬‫ﺷ‬ ‫ن‬ ‫إ‬ .‫ﺮ‬ ‫ﺤ‬ ‫ﻧ‬
ْ ‫ا‬
‫و‬ ‫ﻚ‬ ‫ﺑ‬‫ﺮ‬
ْ َ َ َ َّ ّ َ َ ْ َ ‫ﻨ‬ ‫ـ‬‫ﻴ‬
َْ ْ ‫ﻄ‬
َ ‫َﻋ‬
‫أ‬ ‫ﺎ‬ ‫ﻧ‬ ‫إ‬ . ِ ِ ‫ٱ‬
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, laa ilaaha illallohu walloohu Akbar, Allohu Akbar wa
Lillahil-Hamdu.
Seahna sora takbir tahlil jeung tahmid, anu ngajerit satungkebing langit, parat satangkaraking jagat, ti
mimiti poe ieu, tanggal 10 nepi ka tanggal 13 Dzulhijjah yaumut-tasyriq, nandakeun yen ummat Islam
ngagungkeun asma Alloh; nauhidkeun ka Alloh anu Ahadus-Somad lam yalid wa lam yuulad, muji ka
Dzat Alloh anu pinuji, bari turut tumut kana pidawuh Gusti Nu Maha Agung, tuluy nyukcruk galur alur
Rosul, napak tilas para anbiya, nyatana ibadah haji ka tanah Mekah anu suci, sarta ibadah qurban anu
jadi pangalaman hamba Gusti anu mulia: Ibrahim sareng Ismail alaihimas-salam.
Syareat Agama Islam anu dilaksanakeun ku muslim kiwari, netepan parentah Alloh sarta conto ti
Rasululloh, pasti leubeut ku hikmah sarta manfaat anu henteu diragukeun deui, sabab syareat ibadah
haji atawa Qurban nyaeta syareat anu geus diuji-cobakeun, lain wae ngan ka urang salaku ummat nabi
Muhammad, tapi oge ka ummat memeh urang, ti baheula...ti mimiti zaman nabi Adam, tuluy para Nabi
saenggeusna, tuluy Nabi Ibrahim anu diparentah meuncit puterana nyaeta Ismal, tuluy disyari'atkeun
ka Nabi Muhammad saw nepi ka kiwari. Eta teh ngandung hikmah falsafah pikeun urang salaku ummat
Islam, sangkan ummat Islam: ka 1. Kudu kukuh pengkuh kana pidawuh Alloh, ka 2. Kudu micinta sarta
miconto kana akhlaq para anbiya. Dina hal ibadah Qurban, ummat Islam kudu ngaca jeung maca ka hiji
kulawarga anu pinuh wibawa tara jumawa, nyaeta Nabi Ibrahim As anu digelaran ulul-azmi minarrusul,
Rasul anu sabar tabah, tara aral subaha, tara ngarasula dina nalika ku Alloh dicoba, anu jadi bibit buit
disyariatkeunana ibadah haji jeung Qurban. Mangga urang titenan, lenyepan...larapkeun, praktekkeun,
profil keluarga Nabi Ibrahim, keluarga tangguh, bijak bestari, harmonis sarta sinergi, siap
nyanghareupan sagala ujian, hambatan, tantangan, ancaman jeung gangguan.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar wa lillaahil hamdu.
Ibrahim lahir di tengah-tengah ummat manusa anu dipimpin ku raja anu dzolim, nyaeta Namrudz anu
boga aturan mirip jeung Fir'aun zaman Nabi Musa, nyaeta kudu mateni anak lalaki anu lahir ti kaum

1
Bani Israil. Mun nabi Musa diraksa ku Alloh ku dipalidkeun ka walungan, bayi Ibrahim oge diraksa ku
Alloh ku cara dialungkeun ka leuweung, alatan bisi dipaehan ku Raja Namrudz anu dzolim, tapi maa
syaa Alloh sato hewan teu wani ngaganggu ka Ibrohim alatan izin Alloh. Lila ti lila nepi ka Ibrohim
dewasa, Ibrohim tumbuh pinter tur cerdas, saperti anu diriwayatkeun dina kisah "Ibrohim Mencari
Tuhan", hingga akhirna ngucapkeun pangakuan, anu kaunggel dina Al-Quran surat Al-An'am 79:
۠
‫ض َﺣﻨِْﻴـ ًﻔﺎ ﱠوَﻣﺎٓ اَﻧَﺎ ِﻣ َﻦ اﻟْ ُﻤ ْﺸ ِﺮﻛِْﻴ َۚﻦ‬ ِ ِِ
َ ‫ﺖ َو ْﺟ ِﻬ َﻲ ﻟﻠﱠﺬ ْي ﻓَﻄََﺮ اﻟ ﱠﺴ ٰﻤ ٰﻮت َو ْاﻻَْر‬
ِِ
ُ ‫اﻧّ ْﻲ َو ﱠﺟ ْﻬ‬
“Saestuna ari kuring, madep nyanghareup ka Pangeran anu nyiptakeun langit jeung bumi, bari
lempeng pasrah sumerah, jeung ari kuring eta teu kaasup kana rengrengan jalma-jalma anu musyrik
(nyakutukeun Allah).

Tuluy dina nalika anjeun na nincak dewasa, leber wawanen wani nentang sarta ngalawan ka kaumna
sarta pamimpinna anu daroraka, saperti anu kaunggel dina AlQur'an surat Al-Anbiya ayat 54 teuneung
ludeung bari ngucap:

‫ﺿ ٰﻠ ٍﻞ ﱡﻣﺒِْﻴ ٍﻦ‬ ‫ﻲ‬ِ‫ﺎل ﻟََﻘ ْﺪ ُﻛْﻨـﺘﻢ اَﻧْـﺘﻢ واٰﺑ ۤﺎ ُؤُﻛﻢ ﻓ‬


َ َ‫ﻗ‬
َ ْ ْ َ َ ُْ ُْ
“Nyata temen maraneh sarta bapa-bapa maraneh aya dina sasar anu sa sasar-sasarna. (al-Anbiya:54)

Tuluy Ibrahim wani ngahancurkeun patung berhala sesembahan maranehna, hingga dina puncakna
anjeunna sukses ngahancurkeun kadzoliman, sapertos anu kaunggel dina Al-Qur'an surat Al-Anbiya 51
dugi ka 71. Tapi resiko ngabela bener nanjeurkeun kaadilan, pasti leubeut ku ancaman, maka teu
euleum-euleum, Nabi Ibrohim diduruk hirup-hirup ku Raja Namrudz. Ngan Alloh henteu tibra, hamba
bener tur soleh pasti dibela ku Nu Kawasa, Alloh Azza wa Jalla:

ۙ ‫ﻗـُﻠْﻨَﺎ ﻳَﺎ ﻧَ ُﺎر ُﻛ ْﻮﻧِ ْﻲ ﺑَـْﺮًدا ﱠو َﺳ ٰﻠ ًﻤﺎ َﻋ ٰﻠٓﻰ اِﺑْـ ٰﺮِﻫْﻴ َﻢ‬
"Alloh ngadawuh: Wahai seuneu, anjeun kudu tiis bari nyalametkeun ka Ibrohim” (Al Anbiya : 69)

Tuluy tiharita, ti saprak Ibrohim kenging titel Kholiilullooh, kakasih Alloh, anjeuna diuji ku Alloh, sanes
wae mung tumiba ka anjeun na nyalira, tapi oge karandapan ku kulawargana, Ibrohim, Siti Hajar garwa
na, sarta Ismail puterana. Dina kitab Misykaatul-Anwar disebutkuen yen Ibrohim teh jalmi beunghar,
anjeunna gaduheun 12.000 hewan ternak; domba sapi jeung onta. Hiji waktu 3 Ibrohim ditanya, milik
saha eta ingon-ingon nu sakitu loba na wahai Ibrohim...? Anjeun na ngawaler: "Kagungan Alloh, ayeuna
masih milik kuring. Sawaktu-waktu bilih bade dicandak ku Alloh nu gaduh na, kabehan nana ku kaula
rek dipasrahkeun. Boro-boro ngan sakadar harta, dalah anak kuring sorangan nu kacida dipikacintana,
ku kuring rek dipasrahkeun ka Alloh Anu Maha Kawasa". Ti saprak nyarita kitu, Ibrohim tuluy ngimpi,
yen puterana anu sehat, kasep bari cerdas nyatana Ismail kudu dipeuncit ku pananganna nyalira. Maa
syaa-Alloh, "Ibrohim teras nyarios" ka Ismail, sapertos dina Al- Quran surat Ash-shoffat ayat 102:
ِ ‫ﻚ ﻓَﺎﻧْﻈُﺮ ﻣﺎ َذا ﺗَـ ٰﺮ ۗى ﻗَ َﺎل ٰﻳٓﺎَﺑ‬
‫ﺖ اﻓْـ َﻌ ْﻞ َﻣﺎ‬ ‫ﺤ‬ ‫ﺑ‬ ‫ذ‬ ‫ا‬ ‫ﻲ‬ ِ‫ﺎل ٰﻳـﺒـﻨَﻲ اِﻧِّ ٓﻲ اَٰرى ﻓِﻰ اﻟْﻤﻨَ ِﺎم اَﻧ‬
َ َ ْ َ َُ ْْ َ ٓ ّ َ ْ ‫ﻓَـﻠَ ﱠﻤﺎ ﺑَـﻠَ َﻎ َﻣ َﻌﻪُ اﻟ ﱠﺴ ْﻌ َﻲ ﻗَ َ ُ ﱠ‬
ۤ ۖ
ّٰ ‫ﺗُـ ْﺆَﻣُﺮ َﺳﺘَ ِﺠ ُﺪﻧِ ٓﻲ اِ ْن َﺷﺎءَ اﻟ ٰﻠّﻪُ ِﻣ َﻦ‬
‫اﻟﺼﺒِ ِﺮﻳْ َﻦ‬ ْ
“Dina nalika Ismail geus sawawa, Ibrohim nyarios: anaking, saenyana kaula ngimpi yen kaula teh
meuncit anjeun, kumaha kira-kira pamadegan anjeun..? Ismail ngawaler: "Bapa, mangga pidamel eta
anu diparentahkeun (ku Alloh). Insya Alloh Bapa bakal mendakan abdi dina kaayaan sabar pasrah
sumerah. (as-Shoffat: 102)

Iblis ngagoda teu eureun-eureun ka Ibrohim sangkan ulah jadi meuncit Ismail, tapi Siti Hajar nyarios:
"Lamun eta parentah Alloh, abdi oge siap dipeuncit ngagantian Ismail". Tuluy iblis-iblis disingkirkeun,
dibaledogan, anu kiwari tempat eta dipake ibadah haji ngabaledog jumrah ula, wustha, sarta aqobah
di Mina.
Hadirin jamaah ledul Adlha rohimakumulloh

2
Saparantos dugi ka hiji tempat, Ismail nyarios ka Ibrohim: "Bapa, ieu sampean sareng panangan abdi
kedah ditalian sing tarik, supados abdi henteu babadug, bilih bapa sesah meuncitna. Raray abdi
tungkulkeun kana taneuh supados Bapa teu ningali raray abdi, bilih bapa teu wasa ningali abdi. Buka
acuk abdi supados teu kakecretan getih, margi upami kakecretan isukan bapa bakal sedih ningali acuk
anu pinuh ku getih abdi. Asah bedog na sing seukeut supados meuncitna tereh, margi sakaratul maut
teh nyeri taya papadana. Acuk abdi pasihkeun ka pun biang Siti Hajar kanggo kenang-kenangan,
dugikeun salam ka pun biang, mugi sing sabar, insya Alloh abdi diriksa ku Alloh. Enging diwidian
rerencangan saumuran abdi sumping ka rorompok supados Bapa sareng Ema henteu sedih emut ka
abdi. Nabi Ibrohim ngawaler: "Anaking... Bapa teu daya teu upaya anging Alloh anu Kawasa, darma
ngalaksanakeun parentah-Na, mudah-mudahan Alloh ngariksa anjeun".

Saparantos Ismail ditalian dibaguded ditaleukeumkeun, bedog Ibrohim ditekenkeun dina


tenggekna...lekek bedog Ibrohim ngeureut tenggek Ismail, didedetkuen eta bedog satarikna. Tapi maa
syaa Alloh, eta bedog henteu teurak ka Ismail. Saat harita, Alloh ngabuka bilik anu ngahalangan
Malaikat di langit sareng di bumi, para malaikat sujud tunduk ka Alloh, takjub ningali Ibrohim: Dawuh
Alloh: "Kakasih Alloh Ibrohim ridlo meuncit anakna, ku leungeunna sorangan, pedah tunduk tumut
hayang meunang ridlo Kami (ridlo Alloh)". Ismail nyarios: "Bapa, buka ieu tali anu meungkeut panangan
abdi, supados Alloh ningali abdi yen abdi teh teu kapaksa. Peuncitkeun sakali deui eta bedog kana
tenggek abdi, supados Malaikat nyakseni yen abdi putera Ibrohim Kholilulloh ta'at sarta patuh kana
parentah Alloh". Ibrohim nyumponan kahoyong Ismail, teras bedog digereselkeun kana tenggek Ismail
tarik pisan, tapi teu teurak, bedog kalahka tibalik. Ku Ibrohim bedog dikeureutkeun kana batu, teurak
nepi ka batuna beulah. Tapi, subhanalloh kana tenggek Ismail mah weleh teu teurak. Ibrohim nyarios:
"Hai bedog, kunaon kana batu mah teurak, ari kana tenggek Ismail teu teurak". Bedog ngajawab: "Alloh
teu ngawidian kuring motong tenggek ismail. Tanpa widi Manten-Na Alloh kuring teu tiasa nanaon".

Teras Alloh marentah Jibril supados ngagentos Ismail ku Kibasy, nyaeta domba anu sehat sarta montok
ti surga. Ismail, ku izin Alloh teu jadi dipeuncit, tapi diteruskeun ku parentah meuncit hewan ternak,
bukti Ibrohim, Siti hajar jeung Ismail geus lulus tina ujian anu sakitu beuratna, hingga Alloh ridlo ka
aranjeunna: Wa fadzainaahu bi dzibhin adziim... (Ash-Shoffaat 107-110) Hingga disyari'atkeun ka
ummat nabi Muhammad dina syari'at Dienul-Islam, anu kaunggel dina Al-Qur’an surat Al-Kautsar:

ِ ِ َ‫ ﻓ‬. ‫اِﻧﱠﺎٓ اَﻋﻄَﻴـﻨٰﻚ اﻟْ َﻜﻮﺛَـﺮ‬


َ َ‫ ا ﱠن َﺷﺎﻧِﺌ‬.‫ﻚ َواﻧْ َﺤْﺮ‬
‫ﻚ ُﻫ َﻮ ْاﻻَﺑْـﺘَـُﺮ‬ َ ِّ‫ﺼ ِّﻞ ﻟَﺮﺑ‬
َ َْ َ ْ ْ
“Saenyana kami geus mere nikmat ka anjeun anu loba. Maka kudu sholat pikeun pangeran anjeun
jeung kudu meuncit qurban pikeun ngadeukeutkeun ka Alloh. Saenyana jalma anu ngamusuh ka
anjeun bakal pegat kaalusanna. (al-Kausar: 1-3)

Nyaksian tragedi Ibrohim salaku Bapa, meuncit Ismail salaku anak, anu sakitu tragis na, Malaikat
nyakseni kataatan dua-an nana, tuluy ngucap "Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar". Nabi Ibrohim
nempas: "La ilaaha Illal-laah Allohu Akbar", disambung ku Ismail:"Allohu Akbar wa Lillaahil-hamdu”.
Tina riwayat hirup hurip Ibrohim, Siti Hajar sarta Ismail, dina zaman kiwari, eces jentre, nilai filosofi anu
tiasa dipetik ti keluarga Ibrohim, yen aranjeun-na teh kulawarga anu pantes sarta luyu katangguhan
imanna diconto ku urang sarerea ayeuna. Dina nalika manusa kapireupeunan sarta kapengpeongan ku
cinta kulawarga, cinta dunia, cinta harta, cinta wanita, cinta jabatan anu matak ngadorong kana korupsi
kolusi manipulasi, kana hasud atawa dendam, kana ngancam atawa maehan, kana sirik pidik jail
kaniaya. Dunya jeung sagala kasenanganana ngan ukur wasilah, estuning teu lila jeung moal lana, isuk
pageto dunya anu sakitu lobana bakal ditinggalkeun, diparebutkeun malah diteundeun jadi saksi di
penjara sabab beunang ku KPK. Dina nalika kadzoliman aya di mana-mana, pamimpin anu dzarolim,
Namrudz-namrudz. Ummat manusa anu dzarolim, sarta saha bae anu sarua ngadukung kadzoliman
pamimpin-na, maka kudu lahir Ibrohim-ibrohim, kudu lahir Siti Hajar-Siti Hajar, kudu lahir Ismail-ismail.
Sanajan kacida dipicintana, boh kulawarga, nyawa, harta, pangkat atawa jabatan, tapi dina waktuna

3
kudu dipasrahkeun ka Alloh, maka ulah diengkekeun, hayu urang pasrahkeun ka Alloh Anu Kagungan-
Na. Ridlo keun mun dipenta ku Alloh, serenkeun mun disuhunkeun ku Alloh. Pamimpin kudu miconto
Ibrahim, Ulama kudu miconto Siti Hajar, Rahayat kudu miconto Ismail. Kulawarga urang sabisa-bisa
kudu miconto kulawarga Ibrohim alaihis-salam. Sing sadar lamun jadi pamimpin, diangkatna jeung
dijadikeun na teh ku Alloh, mun sehat disehatkeun ku Alloh, mun beunghar dibeungharkeun ku Alloh.
Rek mulang ka mana, da asal na ge tina taneuh pasti bakal mulang kana teneuh. Rek balik kamana, da
asal na ge ti Alloh, maka pasti bakal balik ka Alloh. Alloh nyadiakeun pangbalikan ngan ukur 1x2 m
nyatana kuburan, tuluy dua tempat pangbalikan nyatana surga jeung naraka. Di aherat jalma taqwa
bakal asup ka surga, jalma doraka bakal meunang laknat, sabab loba make duit rahayat ditambah laku
maksiat, tuluy sakarat, roh dicabut ku Malaikat nyerina kaliwat-liwat.

Kiwari hayu urang sadar diri, nitenan awak anu lamokot ku dosa tuluy sadar bari istigfar, Yaa
Robbanaa!... abdi anu aya dina dampal Gusti, mangga nyanggakeun sadaya-daya kaGusti. Anak Adam
anjeun di dunya ngumbara, umur anjeun di dunya teh moal lila.

Anak Adam umur anjeun teh ngurangan, saban poe saban peuting dicontangan.
Anak Adam paeh anjeun teh nyorangan, cul anak cul salaki jeung babandaan.
Anak Adam paeh euweuh nu dibawa, ngan asiwung jeung boeh anu dibawa.
Anak Adam anjeun kaluar ti imah, digarotong dina pasaran tugenah.

Dunya, kulawarga, harta, tahta, wanita, moal bisa nulungan urang iwal ti amal soleh, amal soleh.

Mudah-mudahan amalan jalmi anu qurban, oge sadaya pangorbanan urang dina hirup kumbuh di alam
pawenangan jadi amal anu nganteurkeun urang kana kasalametan di dunya sareng di akherat.

ِ ‫ وﻧَـ َﻔﻌﻨِﻲ واِﻳﱠﺎ ُﻛﻢ ﺑِﻤﺎ ﻓِﻴ ِﻪ ِﻣﻦ اْﻷَﻳ‬,‫ﺎت‬


‫ﺎت‬ ِ ‫ﺑﺎرَك اﻟﻠﻪ ﻟِﻰ وﻟَ ُﻜﻢ وﻟِﺠ ِﻤﻴ ِﻊ اﻟْﻤﺴﻠِ ِﻤﻴﻦ واﻟْﻤﺴﻠِﻤ‬
َ َ ْ َ ْ َ ْ َ َ َ ْ ُ َ َْ ْ ُ ْ َ َ ْ َ ُ ََ
‫ َوﺗَـ َﻘﺒﱠ ْﻞ ِﻣﻨِّﻰ ﺗَِﻼ َوﺗَﻪُ اِﻧﱡﻪُ ُﻫ َﻮ اﻟ ﱠﺴ ِﻤْﻴ ُﻊ اﻟْ َﻌﻠِْﻴ ُﻢ‬,‫ﻟﺤﺎﻛِْﻴﻢ اِﻧﱠﻪُ ُﻫ َﻮ اﻟْﻐَ ُﻔ ْﻮُر اﻟﱠﺮِﺣْﻴ ُﻢ‬ ِ
َ ْ‫َواﻟ ّﺬ ْﻛ ِﺮا‬
= KHUTBAH KA II =

‫ﻟﻠﻪ َﻋﻠَﻰ إِ ْﺣ َﺴﺎﻧِِﻪ َواﻟ ﱡﺸ ْﻜُﺮ‬ ِ ‫ اَﻟْﺤﻤ ُﺪ‬. ‫اَﻟﻠﻪ اَ ْﻛﺒـﺮ و ﻟﻠﻪ اْﻟﺤﻤ ُﺪ‬, ‫ ﻻَاِﻟَﻪ اِﱠﻻاﻟﻠﻪ واﻟﻠﻪ اَ ْﻛﺒـﺮ‬.(V X) ‫اَﻟﻠﻪ أَ ْﻛﺒـﺮ‬
َْ َْ َ َُ ُ َْ ُ َ ُ َ َُ ُ
ِ ِ ِِ
‫ َوأَ ْﺷ َﻬ ُﺪ أ ﱠن َﺳﻴِّ َﺪﻧَﺎ ُﻣ َﺤ ﱠﻤ ًﺪا َﻋْﺒ ُﺪ ُﻩ‬. ُ‫ﻚ ﻟَﻪ‬ َ ْ‫ َوأَ ْﺷ َﻬ ُﺪ أَ ْن ﻻﱠ اﻟَﻪَ إِﻻﱠ اﻟﻠﻪُ َو ْﺣ َﺪﻩُ ﻻَ َﺷ ِﺮﻳ‬.‫ﻟَﻪُ َﻋﻠﻰ ﺗَـ ْﻮﻓْﻴﻘ ِﻪ َوا ْﻣﺘِﻨَﺎﻧِِﻪ‬
‫ﺻ َﺤﺎﺑِﻪ اِﻟَﻰ ﻳَ ِﻮم اﻟْ ِﻘﻴَ َﺎﻣ ِﺔ‬ ِِ ٍ ِ
ْ َ‫ﺻ ِّﻞ َو َﺳﻠّ ْﻢ َﻋﻠَﻰ َﺳﻴِّﺪﻧَﺎ ُﻣ َﺤ ﱠﻤﺪ ِو َﻋﻠَﻰ اَﻟﻪ َوا‬
ِ
َ ‫اﻟﻠﻬ ﱠﻢ‬
ُ .‫ﺿ َﻮاﻧﻪ‬
ِِ ْ ‫ﱠاﻋﻲ إﻟﻰ ِر‬
َ
ِ ‫ورﺳﻮﻟُﻪ اﻟﺪ‬
ُ ْ ُ ََ
‫ﺎت‬ِ َ‫ اَﻟﻠﻬ ﱠﻢ ا ْﻏ ِﻔﺮ ﻟِﻠْﻤ ْﺆِﻣﻨِﻴﻦ واﻟْﻤ ْﺆِﻣﻨ‬.‫ اِﺗﱠـ ُﻘﻮا اﻟﻠﻪ ﻓِﻴﻤﺎ أَﻣﺮ واﻧْـﺘَـﻬﻮا ﻋ ﱠﻤﺎ ﻧَـﻬﻰ‬,‫ ﻓَﻴﺎَ اَﻳـﱡﻬﺎ اﻟﻨﱠﺎس‬:‫ أَﱠﻣﺎ ﺑـﻌ ُﺪ‬.
ُ َ َْ ُ ْ ُ َ َ ْ ُ َ ََ َ ْ ُ َ َْ
ِ ِ ِ ِِ ِ ِ ِِ
َ‫ اَﻟﻠﱠ ُﻬ ﱠﻢ ْادﻓَ ْﻊ َﻋﻨﱠﺎ اْﻟﺒَﻼَءَ َواْ َﻟﻮﺑَﺎءَ َواﻟﱠﺰﻻَزَل َواْﻟﻤ َﺤ َﻦ َو ُﺳ ْﻮء‬.‫َواﻟْ ُﻤ ْﺴﻠﻤْﻴ َﻦ َواﻟْ ُﻤ ْﺴﻠ َﻤﺎت اَْﻻَ ْﺣﻴﺂء ﻣْﻨـ ُﻬ ْﻢ َواْﻻَْﻣ َﻮات‬
‫ﺻﺔً َو َﺳﺎﺋِِﺮ اْﻟﺒُـﻠْ َﺪ ِان اﻟْ ُﻤ ْﺴﻠِ ِﻤْﻴ َﻦ ﻋﺂ ﱠﻣﺔً ﻳَﺎ‬ ‫اْ ِﻟﻔْﺘـﻨَ ِﺔ َواْ ِﻟﻤ َﺤ َﻦ َﻣﺎ ﻇَ َﻬَﺮ ِﻣْﻨـ َﻬﺎ َوَﻣﺎ ﺑَﻄَ َﻦ َﻋ ْﻦ ﺑَـﻠَ ِﺪﻧَﺎ اِﻧْ ُﺪوﻧِْﻴ ِﺴﻴﱠﺎ ﺧﺂ ﱠ‬
ِ ِ ِ ِ
‫ﺖ‬ َ ْ‫رﺑـﱠﻨَﺎ اﻓْـﺘَ ْﺢ ﺑَـْﻴـﻨَـﻨَﺎ َوﺑَـْﻴ َﻦ ﻗَـ ْﻮﻣﻨَﺎ ﺑﺎﻟْ َﺤ ِّﻖ َوأَﻧ‬,
َ ‫ﺖ َﺧْﻴـُﺮ اﻟْ ُﻤْﻨ ِﺰﻟْﻴ َﻦ‬ َ ْ‫ َرﺑـﱠﻨَﺎ اَﻧْ ِﺰﻟْﻨَﺎ ُﻣْﻨـَﺰًﻻ ُﻣﺒَﺎََرًك ﱠواَﻧ‬.‫ب اْ َﻟﻌﺎﻟَﻤْﻴ َﻦ‬
‫َر ﱠ‬
‫ َرﺑـﱠﻨَﺎ آﺗِﻨﺎَ ﻓِﻰ اﻟ ﱡﺪﻧْـﻴَﺎ‬.‫ﻧﺼ ْﺮﻧَﺎ َﻋﻠَﻰ اْﻟ َﻘ ْﻮِم اْﻟ َﻜﺎﻓِ ِﺮﻳْ َﻦ‬ ُ ْ‫ﺖ اَﻗْ َﺪاََﻣﻨَﺎ َوا‬ ْ ِّ‫ﺻْﺒـًﺮا ﱠوﺛـَﺒ‬
ِِ
َ ‫ َرﺑـﱠﻨَﺎ اَﻓْ ِﺮ ْغ َﻋﻠَْﻴـﻨَﺎ‬,‫َﺧْﻴـُﺮ اْﻟ َﻔﺎﺗﺤْﻴ َﻦ‬
ِ ِ ِِ ِ ِ ِ
.‫ب اْ َﻟﻌﺎﻟَ ِﻤْﻴ َﻦ‬
ّ ‫ﻟﺤ ْﻤ ُﺪ ﻟﻠﻪ َر‬ َ ْ‫ﻚ ﻳَﺎأ َْر َﺣ َﻢ اﻟﱠﱠﺮاﺣﻤْﻴ َﻦ َوا‬ َ ِ‫ ﺑَِﺮ ْﺣ َﻤﺘ‬.‫اب اﻟﻨﱠﺎ ِر‬ َ ‫َﺣ َﺴﻨَﺔً َوﻓﻰ اْﻵﺧَﺮةِ َﺣ َﺴﻨَ ًﺔ َوﻗﻨَﺎ َﻋ َﺬ‬
Disusun ku: Drs. KH. Undang Munawar, M.Pd

You might also like