Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 8

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬
‫‪Versi Bahasa Indonesia‬‬

‫‪HARAM NGANTEP‬‬
‫‪PALÉSTINA KALAWAN TEU‬‬
‫‪DIBÉLAAN KU URANG‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫ح ْم َد لِل َّ ِه‪َ ,‬ن ْ‬


‫ح َم ُد ُه‪َ ,‬و َن ْس َت ِعي ُن ُه‪َ ,‬و َن ْس َتغْ ِف ُر ُه‪َ ,‬و َن ُعو ُذ بِالل َّ ِه‬ ‫إ َّن إ ْل َ‬
‫ل‬ ‫ام ْن َي ْه ِد ِه الل َّ ُه َفالَ ُم ِ‬
‫ض َّ‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫ات إ َ ْعمال ِ‬
‫ِ‬ ‫ئ‬
‫َ‬ ‫ي‬ ‫س‬ ‫و‬ ‫ا‪,‬‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫ِ‬
‫ُس‬‫ف‬‫ن‬‫ْ‬ ‫ِمن شُ رو ِر إ َ‬
‫َ َ‬ ‫َ َ ِّ‬ ‫ْ ُ‬
‫ي َل ُه‪,‬إ َ ْش َه ُد إ َ ْن الَ إ ِ َل َه إِال َّ الل ُه َو ْ‬
‫ح َد ُه‬ ‫ضلِ ْل َفالَ َه ِ‬
‫اد َ‬ ‫َل ُه‪َ ,‬و َم ْن ُي ْ‬

‫اما َوإ َ ْ‬
‫ح َس ُن َن ِديًّا‪.‬‬ ‫خ ْي ٌر َّمقَ ً‬ ‫َال َش ِر ْي َ‬
‫ك َل ُه‪َ ،‬ش َه َ‬
‫اد َة َم ْن ُه َو َ‬

‫ف‬
‫ص ُ‬ ‫َوإ َ ْش َه ُد إ َ َّن َس ِّي َد َنا م َ‬
‫ح َّم ًدإ َع ْب ُد ُه َو َر ُس ْولُ ُه إ ْل ُمتَّ ِ‬

‫ص ِب ًّيا‪.‬‬ ‫ِ‬ ‫بِا ْل َم َ‬


‫كا ِر ِم ك َب ً‬
‫ارإ َو َ‬
‫اد َق إ ْل َو ْع ِد‬
ِ ‫ص‬ َ ‫ح َّم ٍد ك‬
َ ‫َان‬ َ ‫ل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم‬ َ ‫إَللَّ ُه َّم َف‬
ِّ ‫ص‬
ِ ‫ح‬
‫س ُن ْو َن‬ ْ ‫ح ِب ِه إلَّ ِذ ْي َن ُي‬
ْ ‫ص‬ َ ‫ َو َع َلى إل ِ ِه َو‬،‫َان َر ُس ْوال ً َن ِب ًّيا‬ َ ‫َوك‬
‫ َف َيا إَيُّ َها‬،‫ إ َ َّما َب ْع ُد‬،‫إ ِ ْسال ََم ُه ْم َو َل ْم َي ْف َع ُل ْوإ َش ْي ًئا َف ِريًّا‬

‫س ْي َو إِيَّاك ُْم بِ َت ْق َوى‬ ِ ‫ص ْي ِني َن ْف‬


ِ ‫ إُ ْو‬،‫ك ُم الل ُه‬ ُ ‫اض ُر ْو َن َر ِح َم‬ ِ ‫ح‬ َ ْ‫إ‬
‫ل‬
ْ
َ ‫ فَقَ ْد َف‬،‫الل ِه‬
.‫از إ ْل ُم َّتقُ ْو َن‬

: ‫قَالَ الل ُه َت َعا َلى‬


ِ ۗ ‫ضر ْوك ُْم إ ِ َّال إَ ًذ‬
َ ۗ ‫ى َو إ ْن يُّقَ اتِ ُل ْوك ُْم ُي َولُّ ْوك ُُم ْإالَ ْد َب‬
‫ار ثُ َّم َال‬ ُّ ُ َّ‫َل ْن ي‬
‫ص ُر ْو َن‬
َ ‫يُ ْن‬
(QS Ali Imron [3]: 111)

Alhamdulillah, Mantena pisan Alloh Anu Ngawasa alam samesta. Anu maparin
kameunangan kasaha baé anu dikersakeun ku Mantena jeung ngancurkeun saha
baé anu dipihayang ku Mantena. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-
mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad
shollallohu alaihi wasallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in,
tabi’ut tabi'in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam
dugika akhir zaman.

Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh, kalawan sabener-benerna takwa.


Ku cara ngalaksanakeun paréntah-peréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten
cegahan-Na kalawan teu nunda-nunda deui. Ingetkeun, takwa téh nyaéta
karakter Muslim sajati anu engké bakal dibawa maot, sarta anu nangtukeun
darajat urang sadaya dipayuneun ilahi robbi.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Nalika urang calik ngadangukeun khutbah ieu, wargi-wargi urang di Paléstina


mah keur papuket ngalawan kakejeman kaom Yahudi. Maranéhna ngawurkeun
bom-bom, kaasup bom anu teu meunang digunakeun pikeun ngahancurkeun
pangeusi Paléstina anu aya di Gaza. Maranéhna ambek ku serangan Hamas anu
luar biasa, ngadadak, sarta ngancurkeun. Tentara Yahudi anu cenah pang kuatna
di Timur Tengah, kawalahan.

Amérika ogé milu ambek, manéhna ngirimkeun bantuan militer pikeun mantuan
kaom Yahudi penjajah dina raraga numpes perlawanan kaom Muslim Paléstina.

Tapi anéhna, teu aya sama sakali bantuan militer ti nagara-nagara Arab jeung
Islam pikeun mantuan kaom Muslim Paléstina dina ngalawan kaom Yahudi
penjajah. Para pangawasa Arab jeung Islam milih cicing siga hayam lisung, ipis
burih eweuh kawani. Maranéhna ngan wani ngomong tukangeun. Paling banter
maranéhna nyerukeun supaya kadua pihak ngeureunkeun serangan. Dina waktu
anu sarua, ratusan rébu nepika jutaan tentara maranéhna tetep ku maranéhna
diantep “ngaranggur” di barak-barak maranéhna.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun kusadayana, Paléstina téh nyaéta bagéan tina nagri Syam. Syam
teu bisa dipisahkeun tina ajaran Islam. Syam waktu ayeuna nyaéta Suriah,
Yordania, Libanon, jeung Paléstina, kaasup anu dicaplok ku kaom Yahudi.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maparin loba pisan pujian ka nagri
Syam. Di antarana nyaéta:

‫ك َيا َر ُسولَ الل َّ ِه قَالَ ِال َ َّن‬ َ ِ ‫ي َذل‬ ٍّ


َ ‫طوبى لِلشَّ ا ِم فَقُ ْلنا ِال‬
َ َ ُ
‫ح َت َها َع َل ْي َها‬ ْ َ ‫ط ٌة إ‬
َ ‫ج ِن‬ ِ ‫ح َم ِن َب‬
َ ‫اس‬ ْ ‫إلر‬
َّ َ
‫ة‬ َ
‫ك‬ ِ ‫َم َالئ‬

“Kauntungan pikeun pangeusi Syam,” Abdi sadaya naros, “Kusabab naon,


wahéy Rosululloh?” Mantena ngawaler, “Kusabab para malaikat mébérkeun
jangjang-jangjangna ka maranéhna (pangeusi Syam).” (HR at-Tirmidzi).

Syam ogé nyaéta nagri para nabi. Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam kantos
ngadawuh, “Para nabi cicingna di Syam. Teu aya sajeungkal oge Kota Baitul
Maqdis anging saurang nabi atawa malaikat pernah ngadu’a atawa ngadeg
didinya.” (HR at-Tirmidzi).
Di Paléstina sorangan, anu jadi bagéan tina nagri Syam, ogé ngadeg Masjid al-
Aqsho. Ieu téh kiblat anu munggaran kaom Muslim sarta tempat nyimpangna
Rosul nalika perjalanan Isro’ Mi’raj. Wilayah di sabudeureunana tempat anu
dibarokahan ku Alloh (Tingal: QS al-Isro [17]: 1). Singsaha baé anu sholat di
Masjidil Aqsho, bakal meunang ganjaran sarébu kali lipet ganjaran sholat di
tempat lian. Ieu téh tempat suci nalika jadi milik urang sadaya umat Islam, salian
ti Masjidil Harom jeung Masjid Nabawi.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun kusadayana, Paléstina téh nyaéta lemah caina kaom Muslim jeung
geus mang-abad-abad lilana jadi bagéan tina wilayah Islam. Kaom Muslim ogé
kabeungkeut jeung Paléstina sarta Yérusalem kusabab dua alesan:

Kahiji, wilayah Yérusalem geus jadi bagéan tina nagri-nagri Islam jeung statusna
tanah khoroj timimiti zaman Kakholifahan Umar bin al-Khoththob rodliyallohu
‘anhu dina taun 637 M. Saenggeus peperangan anu lumangsung salila
mangbulan-bulan, akhirna Uskup Yérusalem, Sophronius, masrahkeun konci
Kota Yérusalem ka Kholifah Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu kalawan
langsung.

Kadua, kaom Muslim kabeungkeut jeung kaom Nasrani Yérusalem pikeun méré
panyalindungan nagri éta ngaliwatan Perjanjian Umariyah. Dina éta perjanjian
Khilafah boga kawajiban méré jaminan ka kaom Nasrani naha anu aya patula-
patalina jeung harta, jiwa, sarta ibadah maranéhna. Khilafah ogé dipénta pikeun
ulah ngizinan urang Yahudi cicing babarengan kaom Nasrani jeung kaom
Muslim di Yérusalem. Kholifah Umar tuluy ngajamin teu aya saurang ogé urang
Yahudi anu liwat jeung meuting di éta wilayah. Perjanjian Kholifah Umar jeung
kaom Nasrani Yérusalem ieu ngabeungkeut kaum Muslim wanci kiwari nepika
akhir zaman.

Ku alesan ieu pisan, haram hukumna ngaku ayana nagara Yahudi penjajah di
Palestina. Haram ogé nyokot solusi dua nagara anu diusulkeun ku PBB jeung
nagara-nagara Barat. Sakabéhna ieu téh hakékatna sarua jeung ngaku ayana
kaom Yahudi penjajah dina tanah urang kaom Muslim.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Tuluy naon anu sakuduna dilakukeun ku umat Islam wanci kiwari? Inget, Yahudi
téh nyaéta penjajah, anu ngarampas, jeung anu ngarampog taneuh urang. Teu
aya anu pantes pikeun maranéhna anging diusir ti bumi Paléstina. Tangtu ieu
bisa dilakukeun lamun militer umat ieu gerak teu cicing. Lainna Alloh subhanahu
wa ta’ala ngadawuh:

ُ ‫ث إَخْ َر‬
‫ج ْوك ُْم‬ َ ‫ث َث ِق ْف ُت ُم ْو ُه ْم َوإَخْ ر ُِج ْو ُه ْم ِّم ْن‬
ُ ‫ح ْي‬ َ ‫َوإ ْق ُت ُل ْو ُه ْم‬
ُ ‫ح ْي‬
Prak perangan maranéhna di mana baé anjeun manggihan maranéhna jeung
prak usir marinéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun (TQS al-Baqoroh
[2]: 191).

Kukituna, geus sapantesna para pangawasa Arab jeung pangawasa Muslim


ngirimkeun tentara maranéhna pikeun jihad babarengan jeung para mujahidin
Palestina, ngusir kaom Yahudi penjajah ti wilayah Palestina. Saéstuna ieu téh
amal-amalan anu ganjaranana luar biasa gedéna. Mangka, teu pantes para
tentara Muslim cicing jeung nangkeup harigu.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Naon anu kajadian di Paléstina ieu kuduna nyadarkeun urang sadaya yén ieu
umat téh kudu ngahiji. Umat ieu kudu ngabogaan anu méré panyalindungan
jeung pamingpin anu hiji. Ngalakukeun perjoangan dina hiji komando. Wates-
wates nagara buatan penjajah, geus ngajadikeun umat ieu lemah sarta
paburencay.

Kusabab kitu, umat mémang ngabutuhkeun saurang kholifah, pamingpin kaom


Muslim sadunya. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngadawuh:

‫جنَُّ ٌة ُيقَ ا َت ُل ِم ْن َو َرإئ ِ ِه َويُتَّقَ ى بِ ِه‬ ِ ْ ‫إِنَّ َما‬


ُ ‫إال َما ُم‬
Imam (Kholifah) téh nyaéta taméng, di satukangeun manéhna kaom Muslim
perang jeung nyaindung (HR al-Bukhori Muslim).

Ngan Kholifah anu bakal ngumumkeun sakaligus mingpin langsung pasukan


kaom Muslim di sakuliah dunya pikeun ngabébaskeun tanah Paléstina jeung
nyalamatkeun kaum Muslim di mana baé.

‘Ala kulli hal, haram urang sadaya ngantep kaom Muslim Paléstina katalangsara
teu aya anu ngabélaan. Haram urang sadaya ngantepkeun Palestina tetep
dikawasa ku kaom Yahudi penjajah. Hayu urang sadaya hudang sarta ngahiji
dina hiji beungkeutan. []
‫لع ِظ ْي ِ‬
‫م‪َ ،‬و َنفَ َع ِني َو إِيَّاك ُْم‬ ‫َباركَ الله لِي و َل ُ ِ‬
‫ك ْم فى ْإلق ُْرإ ِن ْإ َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫م َو َتقَ َّب َل الل ُه ِم َّنا َو ِم ْن ُ‬
‫ك ْم‬ ‫ح ِ‬
‫كي ِ‬ ‫ك ِر إ ْل َ‬
‫إلذ ْ‬ ‫بِ َمافِ ْي ِه ِم َن ْإال َي ِ‬
‫ات َو ِّ‬

‫إلعلِ ْي ُم‪َ ،‬وإَقُ ْولُ َق ْو لِي َه َذإ َفا ْس َتغْ ِف ُر‬


‫َ‬ ‫ع‬‫ُ‬ ‫ي‬ ‫ِ‬
‫إلس ْ‬
‫م‬ ‫تِال ََو َت ُه َو إِنَّ ُه ُه َو َّ‬
‫إلر ِح ْيم‬ ‫الل َه َ ِ‬
‫إلعظ ْي َم إِنَّ ُه ُه َو إل َغفُ ْو ُر َّ‬

‫‪KHUTBAH II‬‬

‫لى َت ْوفِ ْي ِق ِه َو إ ِ ْم ِت َنانِ ِه‪.‬‬


‫َ‬ ‫ع‬
‫َ‬ ‫ه‬
‫ُ‬ ‫ل‬ ‫ح َسانِ ِه َوإلشُّ ْ‬
‫ك ُر َ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬
‫ح ْم ُد ِ‬
‫لله َعلى إ ِ‬ ‫َ‬ ‫إَ ْ‬
‫ل‬

‫ك َل ُه َوإ َ ْش َه ُد‬ ‫َوإ َ ْش َه ُد إ َ ْن الَ إ ِ َل َه إِال َّ الل ُه َوالل ُه َو ْ‬


‫ح َد ُه الَ َش ِر ْي َ‬

‫ض َوإنِ ِه‪.‬‬ ‫لى ِر ْ‬ ‫إ‬ ‫ى‬ ‫إع‬‫ح َّم ًدإ َعب ُد ُه ورسولُ ُه إل َّد ِ‬ ‫إ َّن َس ِّي َد َنا ُم َ‬
‫َ‬ ‫ْ َ َ ُ ْ‬
‫حابِ ِه َو َسلِّ ْم‬
‫ص َ‬ ‫ح َّم ٍد ِو َع َلى إَل ِ ِه َوإ َ ْ‬
‫ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ‬
‫ص ِّ‬ ‫إلله َّم َ‬
‫ُ‬
‫َتس ِلي ًما ِ‬
‫ك ْثي ًرإ‬ ‫ْ ْ‬

‫اس إِتَّقُ وإالل َه فِ ْي َما إ َ َم َر َوإنُْ َت ُه ْوإ َع َّما َن َهى‬


‫ُ‬ ‫ن‬
‫َّ‬ ‫إل‬ ‫ا‬ ‫ه‬
‫َ‬ ‫ُّ‬ ‫ي‬‫َ‬ ‫إ‬ ‫َ‬ ‫ا‬ ‫ي‬‫ف‬‫َ‬ ‫د‬
‫ُ‬ ‫ع‬
‫ْ‬ ‫ب‬
‫َ‬ ‫ا‬ ‫م‬
‫َّ‬ ‫إَ‬

‫ك ِت ِه‬ ‫إع َل ُم ْوإ إ َ َّن الل َه إ َ َمرك ُْم بِا َ ْم ٍر َب َدإ َ فِ ْي ِه بِ َن ْف ِ‬


‫س ِه َو َثـ َنى بِ َمال ئ ِ َ‬ ‫َو ْ‬
‫َ‬
‫صلُّ ْو َن‬ ‫ح ِة بِقُ ْد ِس ِه َوقَالَ َتعاَ َلى إ ِ َّن الل َه َو َمالئ ِ َ‬
‫ك َت ُه ُي َ‬ ‫إ ْل ُم َس ِّب َ‬
‫صلُّ ْوإ َع َل ْي ِه َو َسلِّ ُم ْوإ َت ْس ِل ْي ًما‪.‬‬
‫لى إلنَّ ِبى يا إَيُّ َها إلَّ ِذ ْي َن إ َم ُن ْوإ َ‬
‫َع َ‬
‫صلَّى الل ُه َع َل ْي ِه َو َسلِّ ْم َو َع َلى‬
‫ح َّم ٍد َ‬
‫ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ‬
‫ص ِّ‬
‫إلله َّم َ‬
‫ُ‬
‫ك ِة‬‫ك َو َمالئ ِ َ‬‫ك َو ُر ُس ِل َ‬ ‫ح َّم ٍد َو َع َلى إَ ْن ِبيائ ِ َ‬‫إ ِل َس ِّي ِدناَ ُم َ‬
‫إش ِد ْي َن إَبِى َب ْ‬
‫ك ٍر‬ ‫اء إلر ِ‬
‫َّ‬
‫لخ َلفَ ِ‬
‫ض إللّ ُه َّم َع ِن ْإ ُ‬ ‫لمقَ َّر بِ ْي َن َوإ ْر َ‬
‫ْإ ُ‬
‫حا َب ُِة َوإلتَّابِ ِع ْي َن َو َتابِ ِعي‬ ‫َو ُع َمر َو ُع ْث َمان َو َعلي َو َع ْن َب ِق َّي ِة َّ‬
‫إلص َ‬
‫ض َع َّنا َم َع ُه ْم‬ ‫ر‬
‫ْ‬ ‫إ‬ ‫و‬
‫َ‬ ‫ن‬
‫ِ‬ ‫ي‬
‫ْ‬ ‫د‬
‫ِّ‬ ‫إل‬ ‫م‬
‫ِ‬ ‫و‬
‫ْ‬ ‫ي‬
‫َ‬ ‫ى‬ ‫َ‬
‫ل‬ ‫ان إ ِ‬
‫ٍ‬ ‫س‬ ‫ح‬‫ْ‬ ‫إل َّتابِ ِع ْين َل ُه ْم بِ ِ‬
‫ا‬
‫َ‬ ‫َ‬ ‫َ‬
‫إح ِم ْي َن‬ ‫حم إلر ِ‬ ‫َ‬ ‫ك َيا إ َْ‬
‫ر‬ ‫ح َم ِت َ‬‫بِ َر ْ‬
‫َ َّ‬

‫لم ْسلِ ِم ْي َن‬ ‫ْ‬ ‫ِ‬ ‫إغ ِفر ل ِ ْلم ْؤ ِم ِنين و ْإلم ْؤ ِ‬
‫َ ُ‬ ‫إ‬ ‫و‬ ‫ات‬ ‫ن‬
‫َ‬ ‫م‬ ‫َ ُ‬ ‫ُ ْ َ‬ ‫ْ ْ‬ ‫إَ ُ‬
‫لله َّم‬

‫إلله َّم إ َ ِع َّز ْإ ِال ْسالَ َم‬


‫إت ُ‬ ‫حياء ِم ْن ُه ْم َو ْإال َ ْم َو ِ‬ ‫لم ْس ِل َم ِ‬
‫ات إَالَ ْ‬ ‫َو ْإ ُ‬
‫ْص ْر ِع َب َ‬
‫ادكَ‬ ‫ك ْي َن َوإن ُ‬ ‫لم ْش ِر ِ‬
‫إلش ْركَ َو ْإ ُ‬ ‫ِّ‬ ‫لم ْس ِل ِم ْي َن َوإ َ ِذ َّل‬‫َو ْإ ُ‬
‫خ َذلَ‬ ‫ص َر إل ِّد ْي َن َوإخْ ُذ ْل َم ْن َ‬ ‫ْص ْر َم ْن َن َ‬ ‫ح ِد ْي َن َوإن ُ‬ ‫ْإ ُ‬
‫لم َو ِّ‬
‫إع ِل ك َِل َماتِ َ‬
‫ك إ ِ َلى َي ْو ِم‬ ‫إء إل ِّد ْي ِن َو ْ‬ ‫د‬
‫َ‬ ‫ع‬
‫ْ‬ ‫ْإلمس ِل ِمين و َدمر إ َ‬
‫َ‬ ‫ُ ْ ْ َ َ ِّ ْ‬
‫إلزالَزِلَ َو ْإ ِ‬
‫ح َن‬ ‫لم َ‬ ‫اء َو َّ‬ ‫إد َف ْع َع َّنا ْإ َلبال ََء َو ْإ َ‬
‫لو َب َ‬ ‫إلله َّم ْ‬‫إل ِّد ْي ِن‪ُ .‬‬
‫ط َن َع ْن َب َل ِد َنا‬ ‫ظ َه َر ِم ْن َها َو َما َب َ‬‫ح َن َما َ‬ ‫لم َ‬ ‫لف ْتُ َن ُِة َو ْإ ِ‬
‫َوس ْوء ْإ ِ‬
‫ُ َ‬
‫ب‬ ‫ر‬‫َ‬ ‫ا‬ ‫ي‬
‫َ‬ ‫ً‬
‫ة‬ ‫م‬
‫َّ‬ ‫عا‬ ‫ن‬ ‫ي‬
‫ْ‬ ‫لمس ِل ِ‬
‫م‬ ‫ُ‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ِ‬
‫إن‬ ‫د‬
‫َ‬ ‫ْ‬
‫ل‬ ‫لب‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫ِ‬
‫ر‬ ‫ص ًة َوسائ ِ‬‫َّ‬ ‫خا‬ ‫ا‬ ‫ي‬ ‫إِن ُْدونِ ْي ِ‬
‫س‬
‫َّ‬ ‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ُ‬ ‫َ‬ ‫َّ‬
‫ح َس َنُ ًة‬‫ح َس َنُ ًة َوفِى ْإال ِخ َر ِة َ‬ ‫لعا َل ِم ْي َن‪َ .‬ربَُّ َنا إتِناَ فِى إل ُّدن َْيا َ‬
‫ْإ َ‬
‫ْفُس َنا َوإإ ْن َل ْم َتغْ ِف ْر َل َنا‬ ‫إب إل َّنا ِر‪َ .‬ربَُّ َنا َ‬ ‫ِ‬
‫ظ َل ْم َنا إَن َ‬ ‫َوق َنا َع َذ َ‬
‫خ ِ‬
‫اس ِر ْي َن‪.‬‬ ‫ك ْو َن َّن ِم َن ْإل َ‬
‫ح ْم َنا َل َن ُ‬
‫َو َت ْر َ‬

‫ان َو إ ِ ْيتا ِء ِذي‬‫ح َس ِ‬ ‫ِ‬


‫ال‬ ‫ْ‬
‫إ‬ ‫و‬ ‫ل‬‫ِ‬ ‫د‬‫ْ‬ ‫لع‬ ‫ْ‬ ‫ا‬‫ِ‬ ‫ب‬ ‫ر‬ ‫م‬‫ادالل ِه ! إ ِ َّن الله يا ْ‬
‫ِع َب َ‬
‫َ ْ‬ ‫َ َ ُُ َ‬
‫ك ْم‬ ‫ك ِر َو ْإ َلبغْ ي َي ِع ُ‬
‫ظ ُ‬ ‫حشا ِء َو ْإ ُ‬
‫لم ْن َ‬ ‫بى َو َيُ ْن َهى َع ِن ْإلفَ ْ‬‫َ‬ ‫ر‬
‫ْ‬ ‫لقُ‬ ‫ْ‬
‫إ‬

‫لع ِظ ْي َم َي ْذك ُْرك ُْم َو ْ‬


‫إش ُ‬
‫ك ُر ْو ُه‬ ‫إذك ُُروإ الل َه ْإ َ‬ ‫ك ْم َت َذك َُّر ْو َن َو ْ‬ ‫َل َعلَّ ُ‬

‫ك ُر الل ِه إ َ ْ‬
‫ك َب ْر‬ ‫َعلى نِ َع ِم ِه َيز ِْدك ُْم َو َل ِذ ْ‬
‫َ‬

You might also like