B.sunda - Sumatif Bab 2

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

SUMATIF BAHASA SUNDA BAB 2 KELAS 5

Nama : ___________________________ Kelas 5 ___ Tgl : _______________

I. Bére tanda cakra (x) dina aksara A, B, C, atawa D anu jawabana leres!

1. Kalimah anu ditungtungan ku kalimah pananya, nyaéta ….


A. antonim B. kalimah paréntah C. kalimah ondangan D. kalimah pananya

2. Kecap antonim, nyaéta ….


A. narasi B. pananya C. kecap saharti D. lalawanan harti

3. Antonim tina kecap badag, nyaéta ….


A. jangkung B. leutik C. gede D. ageung

4. Antonim tina kecap beurang, nyaeta ….


A. peuting B. isuk-isuk C. sontén D. sareupna

5. Antonim tina kecap bungah, nya éta ….


A. Bagja B. gumbira C. sedih D. atoh

6. Antonim tina kecap kasép, nyaéta ….


A. alus B. goreng C. ngora D. lalaki

7. Di handap ieu kecap pananya, iwal ….


A. di mana B. saha C. kumaha D. nanya

8. … imah Budi téh?


Kecap pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ….
A. saha B. di mana C. iraha D. kumaha

9. … anu jadi ketua kelas teh?


Kecap pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah pananya di luhur, nyaéta ….
A. saha B. di mana C. iraha D. kumaha

10. … anu dibawa ku Mang Udin teh?


Kecap pananya anu merenag pikeun ngalengkepan kalimah pananya di luhur, nyaéta ….
A. saha B. naon C. iraha D. kumaha

II. Pék baca téks narasi di handap pikeun ngajawab soal nomor 11 dugi ka 15!

Teu Tulus Nganjang ka Imah Nini

Poe Ahad basa libur sakola minggu kamari, indung kuring ngajakan nganjang ka imah nini.
Kuring ngarasa atoh sabab geus lila teu nganjang ka nini di lembur. Isuk kénéh gebrus mandi, tuluy
dibaju nu pangalusna. Sanggeus sarapan kuring jeung nu jadi indung indit ka sisi jalan gedé nu
maksudna rék megat mobil.

Teu kungsi lila kurunyung aya beus ngaliwat. Kalacat kuring jeung nu jadi indung naék kana
beus, atuh babawaan mah dipangjingjingkeun ku kenéktur diteundeun dina bahasi. Karék ogé sapuluh
menit ti harita, beus teh ujug-ujug reg eureun. Kenék turun tuluy leumpang ka hareupeun mobil.

Teu kungsi lila manehna balik deui, bari ngabejaan lalampahan moal bisa dituluykeun sabab
supir meunang SMS yen jalan kapegat urug. Kabéh panumpang ngarasa handeueul ngan teu bisa
kukumaha. Antukna mobil balik deui. Kuring balik ka imah bari ngalenghoy sabab kuciwa teu tulus
nganjang ka imah nini.

11. Poé naon rék nganjang ka imah nini?


12. Kana naon angkat ka imah nini?
13. Saha anu nendeun babawaan kana bahasi?
14. Naha teu tulus nganjang ka imah nini?
15. Saha nu meunang SMS yén jalan téh kapegat urug?

You might also like