Professional Documents
Culture Documents
Naskah Soal Us B. Sunda SMP Paket A 2023
Naskah Soal Us B. Sunda SMP Paket A 2023
SANGAT RAHASIA
LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
Hari, Tanggal :
Waktu : … Menit
Paket : A
SELAMAT BEKERJA
Pilih salah sahiji jawaban anu dianggap paling bener!
Randi : “Assalamualaikum.”
Bu Yanti : “Walaikumsalam.”
Randi : “Damang, Bu?”
Bu Yanti : “Alhamdulillah, …. Aya naon, Randi?”
Randi : “Abdi téh bade nyuhunkeun widi, Bu. Saatosna istirahat moal tiasa ngiring
pelajaran. Ku margi bade ngiringan pertandingan baskét antar SMP téa.”
Bu Yanti : “Euh, asup tim inti Randi téh? Di mana maénna?”
Randi : “Sumuhun, Bu. Di SMP 2. Mangga nyanggakeun ieu serat ti guru pikét.”
Bu Yanti : “Enya atuh, sok ka dieukeun.”
Randi : “ Hatur nuhun, Bu. Mangga atuh, dikantun heula.”
1. Dumasar kana téks paguneman di luhur, ungkara anu merenah pikeun ngeusian paguneman
anu kosong di luhur nya éta ….
A. saé pangésto
B. mangga wilujeng
C. muhun sami-sami
D. sumuhun, enya atuh
2. Maksudna Randi ka Bu Yanti téh nya éta ….
A. Rék ménta idin balik tiheula ka imah
B. Rék ménta idin teu asup lantaran gering
C. Rék ménta idin teu asup kelas lantaran aya tanding basket
D. Rék ménta idin teu asup kelas tur ménta du’a sangkan juara
Mios ti rorompok téh tabuh tujuh énjing-énjing. Gengepan sakulawargi, kalebet abdi.
Teu hilap ngabantun bebekelan kinging nyayogikeun pun biang. Sangu sareng deungeunna,
ditambih rupi-rupi lalawuh.
Di Situ Gedé tos seueur jalmi anu pariknik, umumna mah sakulawargi. Situ Gedé téh
kaétang ramé, upami dinten peré mah. Sok aya rupi-rupi hiburan sapertos harita. Ari anu
pariknikna, aya anu caralik baé handapeun tatangkalan anu ariuh, aya anu tumpak
sosoangan ngurilingan situ. Malih aya anu juprat-jeprét silih potrét.
6. Cutatan dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét” di luhur téh nepikeun amanat ka
urang sangkan ....
A. Urang kudu ngabobodo batur
B. Urang ulah méré haté ka batur
C. Urang ulah miboga sifat licik ka batur
D. Urang kudu miboga sifat sarakah tur licik
8. Di luhur mangrupa sempalan sajak Sunda “Aki jeung Balon” karya Ami Raksanagara. Sajak
diluhur téh jejerna ngeunaan ….
A. Sosial
B. Kaéndahan
C. Lingkungan
D. Kapahlawanan
9. Sempalan sajak di luhur téh eusina ngagambarkeun ….
A. Reueus kana pagawéan jualan
B. Pajoangan jeung nasib Aki anu jualan
C. Paripolah Aki anu ngéwa jualan kaulinan
D. Budak anu resep kana cocooan kaulinan
2 4 6
10. Dumasar kana tabel di luhur, anu kaasup kana aksara vokal A jeung I nyaeta nomor ….
A. 3, 1
B. 2, 4
C. 5, 6
D. 7, 1
Pasanggiri Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Sunda taun 2022, dilaksanakeun poé
Salasa tanggal 12 Séptémber di salah sahiji sakola di Cileungsi. Ieu kagiatan téh
dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Kabupatén Bogor, diiluan ku murid-murid SMP di
wilayah Kabupatén Bogor, anu jumlahna kurang leuwih 300 urang.
Munggah Puasa
Asana, ritual ibadah anu make kecap “munggah” téh ngan ukur aya dua, nya éta
munggah haji jeung munggah puasa (saum) Romadon. Dicokotna tina kecap “unggah”, anu
ceuk Kamus Danadibrata (2006) mah ceunah “kecap pagawéan nincak ti handap ka nu
leuwih luhur”. Upamana baé unggah kana golodog imah panggung. Sakapeung kecap
“munggah” sok dihartikeun ogé nepi kana hiji kaayaan. Upamana baé dina conto kalimah
anu nyampak dina Kamus LBSS (1987), “Bawaning ku atoh, Nyi Haji munggah ngalimba”.
Kumaha istiméwana bulan Romadon, kagambar tina sawatara tradisi munggahan
anu kungsi hirup di tatar Sunda. Saupama nincak poéan munggah puasa, aya anu disebut
tradisi kuramas, nya éta mandi di pancuran atawa mandi di walungan. Kolot budak teu
sirikna tingalabring. Sasatna bebersih awak téh enya-enya harita mah, teu sakadar mandi
padu lantis wungkul.
17. Salian ti kecap “haji”, kecap “munggah” sok dikantétkeun ogé’ kana kecap ….
A. Puasa
B. Lebaran
C. Tarawéh
D. Rayagung
18. Baheula mah ari munggah puasa téh aya tradisi kuramas, nya éta ….
A. Mersihan makam lembur
B. Mersihan imah jeung jajalaneun
C. Mandi di walungan atawa pancuran
D. Botram babarengan saméméh puasa
19. Di handap ieu mangrupa rupa-rupa pupuh, iwal ….
A. Durma, Mijil, Sinom, Kinanti
B. Kinanti, Balakbak, Sinom, Durma
C. Durma, Asmarandana, Mijil, Manggalasastra
D. Kinanti, Asmarandana, Balakbak, Juru Demung
1) Témpona oge kudu diatur, ulah gancang teuing, ulah ancad laer teuing deuih
2) Nyarita kudu poporongos bari nulak cangkéng
3) Sorana kudu bedas, ambeh kadenge ku salarea
4) ucapanana kudu bentes, ambeh heunteu salah harti nu ngadenge na
5) wirahmana kudu merenah, nyaho iraha kudu tarik sorana, jeung iraha halon
6) Nyarita bebas teu kudu saluyu jeung kanyataan
7) Sikepna kudu merenah, heunteu popoyongkodan, tapi heunteu katembong kaku deui
25. Anu kudu diperhatikeun dina nyarita laporan kajadian dihareupeun balarea nyaeta aya di
nomor ....
A. (2), (3), (1), (4), (5)
B. (7), (1), (3), (4), (6)
C. (3), (7), (1), (6), (2)
D. (1), (7), (3), (4), (5)
Langkung ti payun sim kuring badé neda dimaklum, bilih dina salebeting sasanggem
kirang merenah basana, mawur caritana, teu ninggang tata basana, teu puguh éntép
seureuhna, kumargi sanés ahlina. Katambih kasedek ku rupi-rupi rasa anu gumuruh minuhan
dada, aya bingah pacampur sareng sedih, rasa waas kagagas paselang sareng kahariwang
wiréh badé paanggang.
27. Kalimah-kalimah dina tabel di luhur anu mangrupa bagian tina bubuka biantara nya éta....
A. 2-3-5
B. 1-3-4
C. 2-1-3
D. 1-3-5
28. Dina biantara, aya métode atawa téhnik nalar, nya éta biantara anu ….
A. Dilaksanakeunna ngadadak
B. Macakeun téks nu geus disayagikeun
C. Henteu ngagunakeun teks nalika biantara
D. Nyatetkeun hal-hal penting anu rék ditepikeun
1 Pangersa Bapa Kapala Sakola miwah Ibu-Bapa Guru sadayana, sim kuring sadaya wangkid
ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu bade dihaturkeun.
2 Éta rupina piunjuk sim kuring sadaya ka Pangersa Ibu miwah Bapa sadaya. Sakitu baé anu
kapihatur, hapunten anu kasuhun.
3 Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh Swt., réhna
dina danget ieu urang sadayana tiasa ngempel ngariung di ieu patempatan.
4 Kahiji, unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadaya kebek ku karumaosan, tina kawit
boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo balilu teuing.
5 Solawat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjungan urang sadayana, Kangjeng Nabi
Muhammad Saw., ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka
mantenna.
29. Dumasar kana tabel di luhur, runtuyan kalimah anu bener sangkan jadi naskah biantara anu
merenah nya éta nomor ….
a. 3-5-1-2-4
b. 3-5-1-4-2
c. 1-3-5-4-2
d. 1-5-3-2-4
Baca téks wacana di handap sing gemet, tuluy jawab soal nomer 31-33 !
Kampung Naga
Kampung Naga téh mangrupa salah sahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna
di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Tempatna henteu jauh ti
jalan gedé antara Garut jeung Tasikmalaya. Disebut kampung adat lantaran kabiasaan
pendudukna anu masih kénéh pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Manéhna pantrang
ngarempak adat anu geus diguratkeun ku karuhunna.
Wewengkon Kampung Naga legana lima héktar. Ari anu dijadikeun pakampungan
aya 1,5 héktar ngawengku paimahan, pakarangan, balong, jeung pasawahan penduduk.
….
31. Bacaan di luhur téh ngagambarkeun kaayaan Kampung Naga salaku kampung adat di Jawa
Barat. Wacana samodél kitu kaasup karangan ….
A. Narasi
B. Pérsuasi
C. Éksposisi
D. Déskripsi
32. Kampung Naga téh perenahna di … Kabupatén Tasikmalaya
A. Kacamatan Cilawu
B. Kacamatan Salawu
C. Kacamatan Cileungsi
D. Kacamatan Singaparna
33. Kampung Naga disebut kampung adat lantaran ….
A. Jadi objék wisata adat
B. Imahna mangrupa panggung adat
C. Mindeng ngalaksakeun upacara adat
D. Wargana masih kénéh pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna
34. Kampung adat anu perenahna lain di wewengkon Kabupatén Bandung nya éta ....
A. Kampung Naga
B. Kampung Arjasari
C. Kampung Mahmud
D. Kampung Cikondang
35. Gambar di handap téh modél suhunan wangun ....
A. Jolopong
B. Badak Heuay
C. Tagog Anjing
D. Julang Ngapak
36. Novel munggaran anu terbit dina sastra basa Sunda nya éta ....
A. Kagoda ku nu Ngora
B. Gogoda ka nu Ngarora
C. Baruang ka nu Ngarora
D. Kabaruang ku nu Ngora
37. Anu henteu kaasup kana unsur intrinsik dina novel nya éta ....
A. Judul
B. Palaku
C. Amanat
D. Kasang tukang pangarang
Baca sempalan novel di handap sing gemet, tuluy jawab soal nomer 38-39!
Ayeuna mah jadi gagah Si Paser téh. Ku Éson, tandukna ngahaja sok diulasan ku
minyak kalapa, ngarah hérang. Salian ti éta, ayeuna mah geus teu sieuneun ku anjing deuih.
Lamun aya anjing nyampeurkeun bari ngagogog, Si Paser tara terus lumpat, tapi kalah terus
dangah bari sukuna kokoér. Tungtungna anjing ogé tara wani ngadeukeutan, ukur
tingjaregug ti kajauhan.
....
Dina hiji poé, Pa Yéyé kasémahan ku jurutulis désa. Maksudna taya lian rék
nanyakeun ngeunaan mencek kukutan Éson. Pédah cenah, geus sumebar béja yén di
Cikonéng aya nu ngukut mencek.
....
Éson asup ka enggonna. Manéhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadéngé
sora jangkrik mani ngikrik. Teu daékeun reup saré, sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogé.
Caritaan bapana masih kénéh jadi pikiran manéhna. Éson ngarasa beurat lamun tepi ka
papisah jeung Si Paser téh. Éson nyaaheun pisan ka mencek anu geus dikukut sakitu lilana.
Jeung deuih, katénjona Si Paser ogé geus bisa ngarasakeun kana kanyaah dununganana.
....
38. Anu jadi palaku utama dina sempalan novel di luhur nya éta ….
A. Éson
B. Si Paser
C. Pa Yéyé
D. Si Mencek
39. Sempalan novel di luhur téh nyaritakeun ngeunaan ….
A. Nyaritakeun hiji budak anu getén miara sato leuweung.
B. Nyaritakeun hiji budak anu ngurungan sato nu dilarang ku pamaréntah.
C. Nyaritakeun hiji lembur di suku gunung anu mindeng kadatangan ku sato leuweung.
D. Nyaritakeun hiji budak anu ngukut mencek nu mangrupa sato leuweung nu
ditangtayungan ku pamaréntah.
40. Anu ngabedakeun antara novel jeung carpon, iwal ….
A. Novel mah tempat jeung waktuna leuwih jembar
B. Novel mah ngagunakeun basa nu basajan, lamun carpon basana henteu basajan
C. Novel mah palakuna loba, carpon mah palakuna saeutik ukur saurang atawa dua urang
D. Novel mah ngabogaan rangkay carita anu panjang loba bagéan, carpon mah alurna
pondok
41. Dumasar kana tabél di luhur, anu mangrupa jenis-jenis pakeman basa nya éta nomor .…
A. 1, 4, 5
B. 1, 3, 5
C. 1, 2, 6
D. 1, 3, 6
Sim kuring nangtung di dieu, ampun paralun sanés bade culangung. Sanés bade
mapatahan ngojay ka meri. Nanging hoyong ngadugikeun hiji perkawis anu tiasa janten
henteu sabaraha, nanging kalintang pentingna. Nya éta ngawangun negri raharja.
42. Paribasa anu aya dina cutatan biantara di luhur nya éta ....
A. Ampun paralun
B. Sanés culangung
C. Mapatahan ngojay ka meri
D. Nanging kalintang pentingna
43. “Ulah sok ngaliarkeun …. ateul.”
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nya éta ….
A. Cau
B. Hui
C. Taleus
D. Sampeu
44. “Sukapura ngadaun ngora”. Éta ungkara kaasup kana pakeman basa …
A. Uga
B. Cacandran
C. Caturangga
D. Rakitan lantip
NO PARIBASA
1 Mapatahan ngojay ka meri
2 Katempuhan buntut maung
3 Kudu sareundeuk saigel sabot sapihanean
4 Ulah pagir-giri calik pagirang-girang tampian
45. Paribasa dina bagan di luhur nu eusina pangjurung lampah hadé aya dina nomer ....
A.1
B.2
C.3
D.4
Baca sempalan drama di handap, tuluy jawab soal nomer 46-48 !
Di patengahan, Kartiwa keur maca buku. Ambu Kasem keur ngaputan calana
saragam SMA. Ari Bapa Dasta diuk nyarandé bari gegeber.
AMBU KASEM : (Satengah ngomong sorangan) “Iwa… Iwa… Na kumaha bisa soéh kieu.
Mangkaning calana hiji-hijina. Emh…”
KARTIWA : (Bari maca buku) “Har ari Ema, pan ceuk uing gé labuh, basa keur
méngbal. Kumaha atuh, da lain dihaja.”
AMBU KASEM : “Heueuh, na kumaha atuh calana sakola bet dipaké méngbal sagala?
Kawas bolon baé kalakuan téh. (Ngangkut calana.) Deuleu tuh, nepi
ngangkarawak kieu. Éra siah makéna ogé, tapak ngaputna katingali.”
KARTIWA : “Lah, keun baé. Dipaké éra teuing. Da sakola mah lain rék pamér
calana ieuh.”
AMBU KASEM : (Satengah nyentak.) “Sia mah némbal-némbal baé diomongan téh!”
BAPA DASTA : “Meunggeus atuh, ambuna. Ulah riweuh ku urusan calana hiji. Meuli
deui wé.”
KARTIWA : “Ulah, Pa. Moal kapaké lila. Da sakolana ogé sakeudeung deui. Geus
téréh ujian.”
AMBU KASEM : “Iraha kitu sia ujian téh? Kadé ulah caliweura, bisi teu lulus!”
KARTIWA : “Nya moal atuh, Ma.”
BAPA DASTA : ”Lamun geus lulus, sia téh rék tuluy kumaha, Iwa?”
KARTIWA : “Nya meureun mantuan Abah wé di sawah.”
BAPA DASTA : “Bisi wé sia hayang kuliah. Ongkoh deuih kamari téh ka dieu aya Pa
Guru Dadang. Mani omat-omatan ka aing, sangkan sia nuluykeun deui
sakola. Ulah ukur tamat SMA wungkul cenah, lebar. Da sia mah pinter.”
KARTIWA : “Wuah…, ti mana modalna, Pa. Da moal cukup duit sajuta dua juta
kuliah téh. Maenya wé ngajual sawah mah.”
BAPA DASTA : “Heueuh, asa moal mampuh, Iwa. Lain teu hayang. Tapi apan sia ogé
apal sorangan, urang mah teu boga nanaon. Ukur boga sawah satalapok
peucang, anu salila ieu dipaké andelan hirup urang.”
KARTIWA : “Enya, nu matak mending ulah wé. Bisi gagal di tengah jalan.
Percumah.”
No Strukur Drama
1 Kasang Tukang
2 Prolog
3 Dialog
4 Épilog