Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

Assalamualaikum wr.

Wb
Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat.
Rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta.
Mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka
hadirat Allah SWT. Nu mana dina waktos ieu urang sadaya
tiasa kempel dina kaayaan sehat wal’afiat. Oge shalawat
sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjungan urang
sadaya Nabi Muhammad SAW.
Bapa / ibu guru anu ku simkuring dipikahormat sareng
rerencangan anu ku simkuring dipikacinta, simkuring
nyuhunkeun waktosna wirehna dina waktos ieu simkuring
ngawakilan rerencangan kanggo ngadugikeun amanat dina
raraga acara perpisahan kelas genep.
Urang henteu karaos parantos genep taun sakola didieu.
Urang henteu karaos wirehna ayeuna teh minangki puncak
waktos urang sadaya kelas genep bakal papisah ti sakola
ieu. Dina waktos anu sae ieu, henteu hilaf simkuring
ngawakilan rerencangan sadayana ngahaturkeun rewu
nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngaping
simkuring sadayana salami genep taun.
Mugi-mugi sagalarupi anu parantos diajarkeun ku bapa guru
sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa mangpaat boh kanggo
urang sadayana boh kanggo nusa, bangsa sareng agama.
Mugi-mugi sadaya amal kasaean manah bapa miwah ibu
guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin YRA.
Rupina dicekapkeun sakitu ti simkuring anu ngawakilan
rerencangan sadayana. Kirang langkungna sareng bilih aya
cariosan anu kirang merenah simkuring nyuhunkeun
dihapunten.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

You might also like