Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 120

Serie No. 1038 f 0.

60

BENTANG ATJEH
WADAL KAPANASARAN
KARANGAN

H. M . ZAINOE'DDIN
DITJARITAKEUN DINA BASA SOENDA KOE

MOH. A M B R I
(Bak Poestaka)

BALE POESTAKA
S
A?* BATAVIA-CENTRUM
ïrie No. 1038

BENTANG ATJEH
WA DAL KAPANASARAN
KARANGAN

H. M . Z A I N O E ' D D I N
DITJARITAKEUN DINA BASA SOENDA KOE

MOH. A M B R I
(Bale Poestaka)

ing-eling mangka eling,


:mingkang di boemi alam,
ttna wawajangan bae,
ja taja pangawasa,
aoen kasasar Jampah,
paoe noe matak kadoehoeng,
3an anoe katëmpoehan,
(R. A. BRATADIWIDJAJA

BALE POESTAKA — 1932 — BATAVIA-CENTRUM


Hak noe ngarang disëngker noetoetkeun artikel 11
tina wet, noe kaoeni dina Staatsblad 1912 No. 600
I MIMITI TËPOENG
Aja rame beda ti sasari di station Sigli waktoe harita. Anoe ia-
roeroen tina kareta api mani kawas taja beakna, anoe oenggah
pagëlëk-gëlëk, pasëdëk-sëdëk djeung anoe rek toeroen, mending
moen teu raridoe mah. Kabeh raroesoeh kaboeroe-boeroe, noe toe-
roen hajang geura rineh, noe oenggah hajang geura mërënah,
sieun beakeun tëmpat. Sora djëlëma geus teu poegoeh dengekeu-
neunana. Tingkëm, tjarangka tingkerekek kapëntjet-pëntjet, sora
kopër seng darderdor tidadalagor. Gembolan, boentëlan goegoe-
rajotan, goelajoen ka dieu-goelajoen ka ditoe kadoepak-doepak. D i
peron djëlëma pabalioet. Pang djadi heurin pagëlëk-gëlëk teh ka-
tambah koe noe mapagkeun djeung noe ngadjadjapkeun. Tapi koeli
mah da koeli, djeung ënggeus toeman bae ongkoh, di noe sakitoe
riboetna pabalioetna djëlëma loeloempatan, bari gogorowokan, pa-
tjowong-tjowong djeung pagawe kareta api. A r i teu njorowok,
meureun sieun teu kadengeeun koe batoerna. Noe matak harita
katjida ramena, lantaran waktoena kareta api datang mokprok
satiloe-tiloe, toeloej ngarendeng' djadi tiloe djadjar.
A r i noe gararinding mah hënteu miloe riboet pagaliwota, ting-
lalioed bae di peron, da njaho di waktoe; dina djam station tem-
bong poekoel satoe koerang sapoeloeh mënit, aja keneh tempo keur
ngawadoel. Tamba kësël tajohna, aja anoe ladjag-ledjeg, ret ka
dieu-ret ka ditoe teu poegoeh anoe dideuleuna. Anoe poelang an-
ting djalan bari ngagandong leungeun aja. Istri2 mah teu loba pa-
2

ningkah, anoe rek njaba tjat kana kareta api, toeloej mërënahkeun
andjeun, anoe di kamar tëmpat ngantos tjaralik bae, anoe di pe-
ron ngaradëg, teu rea paningkah, ngadëg dengdek, rada mengpe-
lehek soteh sanes tjëtaan, nambahan manis, da bakatna. Anoe
sëdëp tjarios nja galetjok sarëng batoerna, anoe ngabëtëm bae
tjambëroet kawas keur njëri hoentoe aja. Lah, atoeh da djëlëma
sakitoe lobana, boedina oge roepa-roepa, pendekna noe manis,
noe haseum bakëtoet, anoe sëdëng, wah, sagala aja waeh.
Neng — neng lotjeng doea kali.
.,Tah, geus lotjeng doea, hajoe atoeh sarerea !" tjek nonoman
Faoerang ka batoer-batoerna anoe keur ngarioeng, narangtoeng
4

hareupeun kamar tëmpat ngadagoan. Geus ngomong kitoe, këk


tatabean djeung sakoer noe ngadjadjapkeun, pada djadjaka deui.
Djeung anoe mëdok mah leumpang ge teu lesot patjëkël leungeun
Wantoe nonoman djaman kiwari boedi basa reudjeung pëta niron
panata Eropa, geus poegoeh papakean mah. Boedak ngora hade
roepa, make tjakëp sing sarwa rapat, tjek saha lain menak. Moen
teu dikopeah matak pahili djeung sinjoh. Ieu oge menak tea mah
menak, ngan lain poetra ratoe, menak kabawa koe pangkat djeung
pangartina, da lain wëdalan sakola handap-handap.
Tjat noe kasep oenggah kana kareta, batoer-batoerna noe na-
loetoerkeun ngarandëg, toeloej narangtoeng teu aja noe miloe
oenggah, da kaboeroe neng'-neng-neng lotjeng tiloe. Geus mërë-
sen koeli djeung mariksa babawaan, toeloej nonghol tina djandela:
„Didoakeun noe di dieu sing saralamët," omongna.
„Pileuleujan," tembal noe ngadjaradjapkeun.
Gëlësër sinaltren ka Kotaradja madjoe.
„Hajoe!" tjek noe nëmpo tina djandela.
„Pileuleujan !" walon noe tinggaleun.
Kareta geus bidjil ti station madjoena beuki tarik. Anoe silih
goepajan koe tjaretjet, satoengtoeng tembong keneh mah tjelak-
tjelak, atjan eureun. Barang anoe goegoepaj ti station geus teu tem-
bong, kakara noe kasep teh ngëlok tina djandela, gek dioek bari
roeroet-reret. Da poegoeh di këlas II, nja sënang nja gararënah.
T i barang' djol kana kareta teu njaho aja noe nilik. Moen kë-
dal mah tjek noe nilik: „Tah euj, aja batoer keueung. Parangina
mah manis, pikarësëpeun. Nganggona beres pantës, boekaan po-
tongan model baroe mani rapat. Dasi soetra rereng aja soeroep
kana kamedja saloer. Panitih dasi ëmas rerentjongan mani mën-
tjënit. Lah, koe sagala soeroep. Batoer oge loembrah make kope-
ah boeloedroe, tapi na ari ieu, ëmh Saha ieuh? Asa-
na di Kotaradja mah tatjan papanggih. Handjakal moen oerang
Sigli teh, moal papanggih deui."
Barang nonoman moendoer oge tina djandela, noe nilik teh
tangginas pisan ngabalieurna, api teu malire. Batoer dioek, ieu
2

njangheuj kana djandela. Euh ati nakër ngareret koe djoeroe


2

panon.
Nonoman tea mani ngarandjoeg angënna dioek saroang kadoea
istri. Koe gëde katineungi ka sobat-sobat, nëpi ka teu kanjahoan
5

di dinja aja djëlëma. D i njahona oge teu kapalire, soegan teh lain
noe , teu disëboetkeun ngan tëg-tëg-tëg bae angënna, gë-
tihna naek. Tjek pikirna: „Saha ieu, rek ka mana, oerang mana?
Kawas-kawas oerang Priangan, da oerang Atjeh mah tara make
badjoe paris, potongan kabaja pondok, toeroeg disamping këbat
2

lereng daoen peuteuj, disëlop boeloedroe djengke, di ajana ge di


Atjeh mah arang langka. Dëdëganana ge beda, lëndjang, beuneur
sëmoe ngarareusi, pangawak kakara djadi, lain deui djeung poto-
ngan oerang Atjeh." Ret koe djoeroe panon, rëj gëtih naek ka
loehoer djeungi hatena soemeredet. Tamba hënteu poegoeh polah
minangka njamahan maneh, njoesoet panon koe indoeng leungeun
diëloekkeun, ngeureutjeum ningal noe lëndjang, manan lëlër ka-
lah njongsrong, bët hajang tembong lambëjna. Sapoetangan di-
dianggo njoesoetan raraj, teu noeloengan mawa paler, soep deui
kana sakoe tjalana. Toeloej api toengkoel, ngoesap beungeut
2

djeung istigpar, pokna: „Gogoda ieuh, tapi ari sakalieun nanja bae
mah, matak naon, da teu goreng nanja mah." A r i rek pok teu wa-
ni.
Sabotna ieu noe doea silih serangkeun koe ati, kareta api mah
ngadoedoed anggër loempatna, teu nolih lëmboer kaliwat, djol an-
djog ka Padangtidji, rëg eureun saheulaanan, watara sapoeloeh
mënit, arek ngaganti hawoena, sabab ti dinja rek nandjak, bari
toenggoe kareta noe ti Kotaradja.
Tamba kësël anoe taroempak kareta di klas II, klas I taroeroen,
ngalëmpëngkeun tjangkeng. Batoer taroeroen anoe doeaan tea
2

mah teu kabawakeun, tjaritjing bae, ngan oekoer nëmpo ka loe-


ar tina djandela. Nëpi kana waktoena djoeng deui kareta indit.
Nonoman moeka koper koelit leutik, njokot boekoe, angkeuhanana
rek matja, tapi teu daekeun ladjoe, teu ari balas ngahoelëng, boe-
koe teh meusmeus dilingkoepkeun, dilahoen, diboeka dibatja-batja
saeutik, heunggeu deui, toeloej tanggah moerêlëng ka loehoer,
maling ret ka noe deukeut sakilat koe djoeroe panon.
2

Teu kanjahoan deui kareta nëpi ka goenoeng, lëbah noe pang-


loehoerna. Paralak hoedjan, rada badag djeung kërëp. Broekbrëk
2

sora djandela ditoetoepkeun. Nji parawan mani mërëngoet adoe


rëgëng noetoepkeun djandela tjara batoer, tapi lapoer teu daekeun
pageuh, golosor deui njorosod, angsrodkeun deui mani tibëbërë-
geg, toengtoengna goebrag bae dilesotkeun. Sëwoer tjihoedjan një-
6

brot ka djëro, noe geulis ngëdjat bari rada ngagëro: „Jej, aja 2

wae hoed jan teh."


A r i ki agoes nonoman teh bët lain noeloengan, kalah rësëp mo-
ho nendjo, ret ka handap, mikaloetjoe ka noe geulis eukeur nga-
bidjilkeun tanaga. Barang tjihoedjan njëbrot ka djëro, noe geulis
ngagëro, toeloej beberes rek pindah, kakara eling sigana, tjoel
boekoe, geuwat nangtoeng, pok ngomong: „Tjobi koe ëngkang 1

oerang toetoepkeun!"
„Mangga," walon noe manis bari imoet.
Ngan sakoteap, sorolok srëk, djandela geus noetoep.
„Noehoen," tjek noe geulis.
Ditembalan: ,,Sawangsoelna, ëngkang noehoen deui." Rada
ngëlëpër ngomongna.
Njaritana kitoe pada imoet paadoe panon, saroea pada seukeut-
na, itoe teurak ieu teurak,. da doeanana pada ngarenghap, pada
toengkoel, pada beureum, pada era, sieun katëgoeh pikir, bisi di-
sëboet: ,,Eleh, make aja manah. Djeung naha ngomong make rada
ngëlëpër."
Sadjlëroningi dioek deui teh noe anom teu poegoeh pikir, teu
poegoeh rasa, bieu keur pada nangtoeng noe geulis kaangseu seu-
ngitna. ,,Ëngh," tjënah, rëp njaksrak ka saloear badan, njërëp
kana baloeng, kana soengsoem. „Naha saha ieu teh, oerang ma-
na? Lamoen imahna di Kotaradja, tangtoe ëngke papanggih deui.
Lamoen seug lah! koemaha teuing' Lah, hajang
teh njaho ngaranna. Tapi, wah gogoda woengkoel ieuh. Naon
make hajang wawoeh, hajang njaho ngaranna sagala? Koemaha
lamoen ëmh heug Mending lamoen ...
2

koemaha lamoen hënteu." Bari ngalamoen kitoe leu-


ngeunna teu tjitjing, nimang boekoe, teu poegoeh hajoh dipoeih-
2

keun disanggapan.
„La illaha illëlloh, astagfiroellah," omongna. Sot boekoe, diteun-
deun di gigireun, tjoepoe-tjapa kana sakoe. „Aeh ieu," pokna. Ra-
rasaanana tjëpoek sigaretna atjan diasoepkeun kana sakoe badjoe-
na. Tjëpoek diboeka, eusina pinoeh, beunang ngahadja ngeusian
tadi memeh indit. Toeloej njokot sigaret hidji, toengtoeng kënjo-
teun dikëtroek-këtroek kana tjëpoek, moeragkeun boeboek bakona.
Roko dikana-biwirkeun, tjëpoek disakoean deui, koesiwël kajoe a-
7

pina, toeloej sigaret diseungeut. Njot oedoed siga ni'mat mani pë-
Ier. Haseup ngëboel dimonjongkeun, ditioepan.
Tjarekna njëboet noehoen teh tadi, ngan sanoehoen-noehoenna,
teu ngomong deui. Djadi doeaan teh pahënëng-hënëngi, pada teu
wani ngomong ngadjak njarita, padahal dina, hatena saroea rame-
na. Tapi pantës pangkitoena teh, sabab doeanana daroesoen ke-
neh dina përkara eta mah, doeanana kakara ngangkat birahi, gë-
de kasieun, wanina wantërna ngan dina lamoen.
Hoedjan masih ngagëbret keneh, di djëro kareta ngëlëkëb panas.
Nonoman maksa mërangan pikir, moeka boekoe maksa matja, ha-
jang paler di ditoena mah. Tjape sigana meunang sakatja teh,
teu poegoeh kahartina, tjampoer beubeunangan matja djeung la-
lamoenanana. Eta matjana teu antëng, panonna meusmeus ret ka
eta noe deukeut. A r i itoe, nja kitoe deui, ari noe matja siga keur
djongdjon, diserangkeun koe djoeroe panon. Parëng noe nje-
rangkeun pageuh mani nantjëb, noe matja katëroesan rasa tjëng-
kat bari ngareret ka noe sasari, gok njeh doeanana.
Itoe era, ieu era, asa kapërëgo.
Noe istri toeloej dongko narik boelëng hoë ti handapeun bang-
koe, njokot loemoer doea djeung limoen sabotol. Loemoer dibë-
rësihan koe sërëbet. Beunang ngabërêsihan tjoer dieusian limoen
Noe saloemoer ditjëkël koe katoehoe, pok ngomong ka noe keur
matja. „Jeu manawi ngërsakeun ngaleueut."
„Euleuh, teu kintën noehoenna, mangga," djawabna bari nam-
panan. Rëgot diinoem nëpi ka beak pisan. Loemoer kosong dia-
songkeun ka noe mere, basana: „Lah noehoen nakër, keur hana-
ang dipaparin pamepesna." Gek deui dioek noeloejkeun matja.
Dina hatena keukeuh hajang wawoeh, komo barang kanjahoan
keur matja boekoe deui tjara manehna.
„Tah, nja noe kieu dilamoen teh," tjek pikirna. ,.Koe hajang
neuleu awewe bangsa Atjeh kabeh meunang pangadjaran, sara-
kola, oelah tjara ajeuna, boro bisa matja, bisa noelis, teu njaho
2

di aksara-aksara atjan. Kamadjoean teh moal kaoedag, lamoen a-


wewena tinggaleun, nadjan lalakina geus madjoe, geus palalintër.
Ëmh, lamoen seug manehna bangsa Atjeh, meureun daekeun djadi
batoer dina ngoedagi noe dipiangën-angën, nja eta kamadjoean
bangsa. Daekeun kitoe diadjak wawoeh? Pantësna mah daekeun,
da teu doesoen sigana, boeboehan wëdalan sakola, djeung deui
8

tadi kapan make nawaran limoen nanaon. Anoe doesoen mah moal
ënja teuing wanieun njieun pëta kitoe ka lalaki noe teu wawoeh.
Keun rek diwawoehan, ah."
A r i tjéngkat beh ningal raraj gamoelëng, rada neros, keur ma-
nis ngëmpoer tjahjana, hëk napasna sakëdapan ngarandëg, rahoeh
tër ngagëtër, piomongeun leungit, tikoro asa kasëlëk. Renghap-
renghap, njot oedoed, kop deui kana boekoe, toeloej toengkoel.
„Astagfiroellah," tjek pikirna, „naon ieu teh, atjan wawoeh 2

atjan geus kagëndam." Tjëngkat deui tanggah, ngëboel haseup.


2

Keur kitoe gëtjrik, goeloetoek-goeloetoek botol oeroet limoen


tea. Mani kawas djaroem kasërot koe poerasani, ngan sakitjeup
nonoman ngarongkong, newak botol.
„Soebhanallah, hilap hënteu dilëbëtkeun kana boelëng," tjek
noe boga. „Noehoen, Djoeragan." Botol ditampanan, toeloej di-
asoepkeun kana boelëng bari omongna: „Mani parantos doea kali
abdi kahoetangan koe Djoeragan."
„Ah, sanes ngahoetangkeun eta mah, djamak bae. Sarëng eta
ëntong njëbat djoeragan deui, bët ararisin."
„Kah, na këdah koemaha atoeh?"
„Ah, ëntong eta wae."
1

,,Këdah koemaha, da teu tërang."


„Lah, Énden mah, ëngkang bae kitoeh." Lëbah ngëdalkeun
ëngkang mani tingsariak, tingseredet, teu poegoeh rarasaan.
Noe dibawa ngomong teu ngawalon, ngan imoet toeloej toeng-
koel njokot deui boekoe arek matja.
„Ënden!" tjek noe hajang diëngkangkeun.
,,Kah," walonna.
„Ëngkang bade toemaros."
„Mangga, bade mariksakeun naon?"
„Lërësna mah këdah tadi ëngkang naros teh."
„Teu sawios ajeuna oge."
„Sanes, Ënden teh bade angkat ka mana sarëng moelih ti
mana?"
„Bade ka Kotaradja, wangsoel ti Sigli."
„Atoeh noehoen, da ëngkang oge bade ka ditoe deuih. Doepi
boemi di mana?"
„Soemoehoen, di Kotaradja."
„Di lërësan mana di Kotaradjana teh?"
9

„Di Meureudoeati, tjakët Buitenweg."


„Parantos lami tjalik di Kotaradja teh?"
„Har, abdi mah ti boeboedak keneh, atoeh da oerang dinja."
„Doepi tadi, moelih ti Sigli, aja damël naon?"
„Wangsoel ngandjang' bae ti poen lantjeuk."
Ngan nëpi ka dinja nanjana, djëp repeh teu bisa ladjoe, kaboe-
roe kaweur koe ni'mat ngadenge pangwalon djeung hate tjoestjos,
loba tjaritana.
„Koe salah tina panjangka," tjek pikirna, „panjana teh para-
wan tëdak Priangan, manahorengi „Bentang Atjeh"
Atoeh leuwih noehoenna, soegan bae diparëng
2
Ëmh,
pisakoemahaeun teuing, lamoen bisa babarëngan ngamadjoekeun
bangsa Atjeh." Arek antëng, lëlëb ngalamoenna, kapëgat koe noe
ngadjak ngomong.
„Doepi ëëë ëng djoeragan ?" Teu tëroes
ngomongna, kaboeroe ratoeg angënna, sorana rada ngëlëpër. So-
nagarna kaleumpeuh koe kapëngkoehan. Panasaran diroeang di
djëro kalboe.
„Koelan," walon noe ditanja.
Maksoed arek malik nanja, leok mengkol, noedoehkeun anoe
katembong, pokna: „Itoe soemoen, Seulimeum parantos tembong'."
„Euleuh, jaktos. Asa tjikeneh teh di Padangtidji, ajeuna paran-
tos tjlok di Seulimeum."
Anoe rek taroeroen geus beberes. Teu lila kareta soep ka sta-
tion, rëg eureun meudjeuhna pisan. Këlas II mani kosong, noe
taroempak toeroen kabeh, aja noe ngadon meuli kadaharan ka
boepet, noe ngadon nginoem, aja noe toeroen tamba kësël bae.
Anoe toempakna ngan nëpi ka dinja mah tëroes ka loear ti sta-
tion. Noe doeaan tea oge, noe wawoeh anjar, toeroen babarëngan
ngadon barangbeuli ka boepet.
Neng — neng lotjeng doea, anoe arek njaba tëroes tjoettjat
axoenggah kana kareta. Teu lila lotjeng' tiloe, gëlësër deui kareta
madjoe, beuki djaoeh beuki tarik.
Tadi oge waktoe kareta nëpi ka Seulimeum, hoedjan geus raat,
langit lenglang deui.
Lëbah Lambaro, geus deukeut ka Kotaradja, sakabeh anoe ta-
roempak kareta beberes, ngoempoelkeun babawaan, kanektoer
moepoel kartjis.
10

„Ja Allah tjilaka," tjek noe lëndjang Bentang Atjeh sëmoe reu-
was, bari ngöreh loket, tas mikeun kartjis ka kanektoer.
2

„Naon, Ënden?" tjek nonoman.


„Ali abdi teu aja." Katjiri pisan rioekna dina nembalan.
„Leiepen naon?"
„Ali bërlian."
,,Ke, bilih ragrag." Ngomong bari alak-ilik, tëroes kolong bang-
koe ditëmpoan, pëti, kopër djeung saaja-aja noe di handap, di-
tarik disoeroengkeun deui, bisi kasëlap-sëlap di dinja, dikotektak
nëpi ka kolong batoer, wëleh teu kapanggih.
„Sanes, jaktos ragragna di dieu dina kareta?"
,,Doeka atoeh, di mana. Waktos bade mios teh, soep ka dieu
kana loket."
,,Sanes di dieu manawi ragragna. Oepami ragrag di dieu mah,
moal ka mana losna."
„Bilih kapëndak koe koeli atanapi toekang ërim, boedjang ka-
reta, margi tadi apan dikantoen toeroen, waktos di Seulimeum."
„Soemoehoen deui, sësah oepami kitoe mah njoesoelna. Hawa-
tos. Ieu wae ëngkang deui asa tjileureun, miloe katjingtjirihi, toeng-
goe toetoeng."
„Ah, ieu mah parantos tjilaka abdi. Nanging bade wae ari nja-
rios mah ka sep station. Soesoeganan aja keneh milik abdi."
„Koemaha kenging, ëngkang njarëngan?"
„Kantënan, woewoeh reugreugi abdi njanggëmna, margi aja sak-
si."
Sabot keur njararita kitoe soep kareta asoep ka station, rëg
eureun. Doea nonoman taroeroen, tëroes moeroe ka sep, ari baba-
waanana dioeroes koe koeli. Hënteu lila njaritana ka sep, da ngan
ngabedjakeun leungiteun ali tea, nërangkeun maneh djeung nëda pi-
toeloeng. Rek patoeraj, nonoman teh di boeroean station silih mangi-
gakeun. Noe saoerang losna ka Meureudoeati, ari noe saoerang
deui ngadjoegdjoeg ka Kampoengbaroe.
Ieu noe ka Kampoengbaroe sadjadjalan ingët bae ka noe tadi,
tambah ngait,, lantaran geus njaho ngaranna, njaho kampoengna,
njaho imahna, gampang mapajna. A r i ras koe leuleungiteunana,
bët djadi njaah djeungi karoenjaeun hatena.
Nëpi ka imah, Siti Saniah, istri noe tadi tea, ngahëroek bae
bingoeng. A r i teu bebedja ka kolot, jen leuleungiteun, koemaha.
11

A r i rek njarita sabalakana, teu wani, sieun diambëk, da kolotna


barangasan, teu kaopan. Sapeupeuting njileuk bae, teu daek sare,
ras kana ali, ras ka noe tadi, batoer babarëngan dina kareta. Tjek
pikirna, moega bae tereh kapanggih deui. Satëngah lima soeboeh
2

kakara bisa peureum, reup sare tibra, satëngah toedjoeh isoek ta-
2

tjan hoedang.
,,Aeh , wajah kieu Saniah tatjan hoedang! Saniah! Saniah! geus
2

beurang ieuh!"
Anoe nembalan lain noe digeuingkeun, tapi sora lalaki ti toekang
horeng ramana Saniah, ari noe ngageuingkeun iboena.
„Keun bae sina tibra, karoenja tjapeeun. Kamari tas tina kareta
api, di Siglina koerang sare meureun, ma'loem di pangandjangan
djeung sono ka doeloerna deui ongkoh."
„Har, na koemaha, kapan oerang bade njaba, ari Mamana?"
,,Alah, rek ninggalan balandja mah atoeh sok bae bikeun ka
noe aja."
„Halimah, tah doeit keur ka pasar. Keun bae noe hees mah ën-
tong digeuingkeun, nja."
„Mangga," walon Halimah, lantjeuk Siti Saniah.
Iboe-ramana taroeroen ti boemi, arek njaraba tea.
Toenda eta, oerang malikan deui tjarita, oerang noetoerkeun no-
noman anoe dina kahar ka Kampoengbaroe. Barang nëpi ka noe
didjoegdjoeg, rëg kaharna eureun lëbah lawang ka pakarangan
pangandjrëkan, imahna gëde ngarendeng sapasang, koe oerang
dinja disëboetna „Poeseur Atjeh". Dina wangkilas imah noe ken-
tja aja merëk, oenina basa Walanda „Vereeniging Atjeh". Imah
eta tëmpat para nonoman Atjeh soekan , aramëngan, koempoelan
2

djeung salian ti eta. Harita oge, waktoe kahar eureun di lawang,


di emperna rea nonoman anoe keur aroelin.
Anoe toeroen tina kahar ngadjoegdjoeg imah noe beulah katoe-
hoe. Tah ieu tëmpat noe noempang, hotel meureun moen aloes
ngaranna mah. A r i noe kagoenganana menak bangsa Ajeh keneh.
Imah noe dimerëkan tea oge ngahidji keneh eta noe njewakeunana.
Tje ka golodog, djol noe mapagkeun ti djëro, ngabageakeun:
„Sanes djoeragan Rachmat ieu teh?"
„Soemoehoen," djawab noe ditanja bari njolongkrong ngadjak
sasalaman.
,,Koemaha wiloedjëng, damang?"
12

„Pangestoe, teu kirang sawios-wios."


„Noehoen, mangga tjalik. Mana barang kagoengan?"
2

„Itoe dibantoenan koe boedjang."


„Soekoer, noehoen. Kamar nomër lima kagoengan teh."
„Noehoen."
„Mangga tjalik. Lah, djoeragan, rame salamina di dieu mah.
Atoeh di dieu rame koe tatamoe, eta dinja rame koe noe aramë-
ngan, para nonoman."
„Soemoehoen, bëtah abdi mah di noe rame teh."
„Meudjeuhna ari noe anom mah, balik-balikanan teu kitoe,
bade naon. Noe mawi mamang ngawajahnakeun maneh oge, sa-
king naon, panoedjoe ka noe aranom, anoe pogot ngoedag kama-
djëngan."
„Soemoehoen, kantënan."
„Mamang mah bentën deui sarëng sasama noe pada parantos
aja oemoer. Oerang hiroep teh koedoe miloe djeung djaman "
Kakara nëpi ka dinja njaritana priboemi, goeroedoeg mobil asoep
ka boeroean, rëg eureun deukeut golodogi pisan. D i hareupna ma-
ke keiebet leutik, lamak beureum, di tëngahna make aksara bodas
V . A . Priboemi përmisi ka djoeragan Rachmat, mapagkeun noe
kakara djol. Leos mobil eta, djol deui-djol deui, sababaraha hidji
teu poegoeh bilanganana, teu aja noe panganggoeran milang, ngan
katjiri kabeh make keiebet beureum diaksaraan V . A . Mobil noe
pangheulana ditoempakan koe Hoofdbestuur (hoepbistir) V . A . ,
mobil noe sedjen oetoesan ti tjabang-tjabangna, sabab malëm Ahad
djeung poë Ahadna rek aja kongres, tëmpatna nja di imah noe beu-
lah kentja tea. A r i harita malëm Saptoe. Tatamoe hënteu ka ho-
tel kabeh, lolobana mah ka pamitran, pitëmpateun kongres.
Sore keneh tatamoe boedal ka pamandian di Oeloeëlheuë. Djoe-
ragan Rachmat teu kabawakeun, tjararape tjënah, djeung teu rë-
sëp ongkoh ari euweuh kawawoeh mah.

II DJADI W A W O E H
Geus mandi dioek di kamar sorangan, bét teu bararëtah. Rek
matja teu hajang, gegelehean teu hajang, batoer ngomong teu aja,
arek dahar atjan sono.
„Ah, dek oelin anggoersi, tamba tjararangkeul", saoer djoeragan
13

Rachmat. Këroet krek krek sora kopër, braj


moeka. Sok-sok anoe rek dianggo, digolerkeun dina randjang, ngan
dasi, kërah djeung kamedja disampajkeun kana korsi. Gantjangna
rap dangdan. N a ari soep sapatoe: ,,Eeh, naon ieuh," tjënah. Teu
foeloes sapatoe teh dipakena, heug dikodok, sarta ditjokot. „Alham-
doelillah," tjënah. „Ieu moal salah ali Ëngh, karoenja
teuing. Tapi naha aja ali mana ngadorakakeun teuing, make djor-
djor kana djëro sapatoe. Bangkawarah sia, sapatoe, ngareureu-
was " Saban rek njëboet ngaranna bëp, gëlënjoe imoet. A l i
2

dialak-ilik, dibawa ka deukeut lampoe. Sidik ali bërlian ëmes, tjang-


kok panon toerih wadjit, panonna aja salapan. Mëntjrong ali, noe
kapëlëng noe kagoengan, ngadëg bari ngadjak imoet, ngadëg mën-
tjrong di noe tjaang, lain tjaang sorot lampoe, lain tjahaja ti beu-
rang, tjaangna tjiptaning galih. Noe geulis katingal sidik, taarna
tedja mëntrangan, pangamboeng koewoeng-koewoengan, damis
ngeusi sëmoe mëndjoel, rambëng oerat lantjah mëntrang, lambëj
beureum rada ipis, ngawangoen tjangkëm kareueut, angkeut lonjod
bondjor ëndog, koelit ënaj matak oeroej, Kolenjaj pananganana,
aloes kawas beunang njitak, koelitna hedjo tjaroelang, rema man-
tjrit njalalëpret.
„Adoeh, geulis ieu lelepen kagoengan, ajeuna aja di ëngkang."
Tjeot ali ditjoetjoep kawas noe geugeut, soep dikana-loketkeun.
Lëbah dada ditëpakan. „Astagfiroellah," tjënah, „naha bët "
Getret njieun soerat roesoeh bawaning koe atoh. Tjëpoek erlo-
dji tina kopër dibidjilkeun. A l i tina loket dibidjilkeun deui, sok kana
tjëpoek, tjëplek ditoetoepkeun, toeloej diboengkoes koe kërëtas.
Soerat beunang ngamplokan, geus diadresan sagala, djeung boeng-
koes tjëpoek tea, boes kana kopër djëpret disosi. Beres eta kakara
ngarongkong kana sapatoe. Sapatoe ditëpakan kawas noe asih,
„Leuh siah, moen tadi teu tjitjing di loear, handapeun pangdioekan,
meureun moal njantok ali." Serengeh seuri sorangan. Bidjil ti ka-
mar, marahmaj boedi noe hegar, djoet ka boeroean, tëroes mapaj
sisi djalan gëde, bari oedoed sigaret mëlënghir seungit.

Katjaritakeun isoekna, indit ka kantor, ngadeuheusan ka doe-


noengan sakalian nampa pagawean. Geus salse, geus diwawoeh-
keun djeung babatoeran di dinja sakantor bagianana, toeloej nja-
oer oepas:
14

„Pas, tjing toeloeng, pangnganteurkeun ieu nja."


,,Mangga," wangsoel oepas.
„Kade nja, koedoe dibikeun ka djinisna Tah keur meuli bako,"
„Mangga," tjek oepas sarta tëroes ngagidig indit.
Wantoe lain oepas anjar , geus tabah nadah parentah, watara
2

satëngah djam geus ngadehem di galodog noe didjoegdjoeg.


T i djëro aja noe nanja: „Saha?" Nanjana bari nëmpo ti panto.
A r i gok oepas, atoeh reuwaseun, pok deui nanja: „Ti mana, aja
naon?"
„Poentën bae, Ënden, abdi teh bade ka Ënden Siti Saniah."
„Rek ka koering? Aja naon, rareuwas teuing?"
„Ieu dipiwarangi njanggakeun sërat sarëng kikintoen koe djoe-
ragan kornis ti kantor Goepërnoer."
„Tjiikan." Sadjëroning nampanan ratoeg, da teu boga kawa-
woeh di kantor eta tjënah, Toeloej nanja ka oepas: „Koemaha
badaratna?"
„Saoerna mah, njoehoenkeun wartos, oepami parantos katampi."
,,Ke atoeh, dagoan nja." Hate dëgdëgan, leungeun ngëlëpër,
tjoelang-tjileung sëmoe sieun, kerewek disoëhkeun amplokna, braj
soeratna:
Djëng rai Ënden Siti Saniah.
Waktos ëngkang bade disapatoe, mëndak ali ,ti djëro sapa-
toe noe sabeulah. A r i ditingalan, bët ali intën sae nakër. Alah
ëngkang bingah sakalangkoeng, tjek emoetan, moal lëpat, ieu
teh lelepen kagoengan. Paingan dikotektak dina kareta dina
saniskantën teu kapëndak, da njoempoet dina sapatoe, anoe
teu dikintën saeutik-eutik atjan. Sarëng' sërat ieu kasangga-
keun lelepenna.
Saparantos katampi, moegi ëngkang dipaparin wartos, soe-
pados oelah andël-andëleun.
Salam hormat
Ëngkang djëlëma anjar.
Tamat matja soerat geuwat noe diboengkoes teh diboeka, ana
beh teh ali ti djëro tjëpoek, tetela alina. Euleuh mani adjroeg-
adjroegan, bari seuri, soep ditërapkeun kana djaridjina.
Geus kitoe los ka pangkeng neangan kërëtas, kerewek njoëhkeun
tina boekoe toelisan, oeroet tjatëtan keurna sakola. Arek tiet noe-
15

lis ngahoelëng lila, pisan: „Saha djënënganana eta teh? Kadoe-


hoeng teu naros kamari basa rek papisah. Aeh, naha bët teu pa-
rarantës teuing nanja ngaran ka lalaki saliwat. A h , keun bae teu
njaho djënënganana oge, deuh."
Tret noelis, kakara sapotong soerat teh, dirërëdjet deui. Kërëtas
geus beak sababaraha lambar. Njieun soerat araringgis, wantoe
kakara, bingoeng pipokeun, katambah sieun kaboeroe aja djëlë-
ma, oepas ngadagoan deui di panjaweran, atoeh beuki kaweur, asa
digeuwat-geuwat. Beunang" loeoet-leet kesang, geugeumeueun teh
soeratna teu pandjang. Oenina:

Kasanggakeun ka pajoenan
djëng raka djr. Commies
Sarëngi hormat .
Sërat sarëng ali dina tjëpoek parantos katampi. Noehoen,
noehoen sareboe kali. Moegi Goesti Allah malës sagala ka-
2

saean ëngkang ka diri abdi noe laip. Ma'loem bae, abdi teu
tiasa njarios pandjang, anging Allah anoe oeninga kana ka-
ajaan hate abdi.
Djabi ti eta moegi oelah bëndoe njang'gakeun sërat hënteu
oetami, sanes hënteu hormat, koe ëngkang oge pangintën ka-
manah.
Baktos abdi poen
Siti Saniah

Soerat anggeus, gantjang ditilëp, toeloej dilipët-lipët goeriwël2

sina ngalipët meulit pasagi rantjoeng, djadi sagëde kontja. Dag-


degdog dibikeun ka oepas. A r i oepas geus indit, digëroan deui:
„Pas! mangi oepas! ka dieu heula!"
Oepas njampeurkeun deui, sok dipërësen gënëp baroe, keur
meuli bako tjënah. Oepas nganoehoenkeun bari seuri, nendjo
tëngahan weuteuh dina leungeunna. Tjek pikirna: „Moestari ieuh
poë ieu; moen oenggal poë koelir kieu, sënang meureun."
Nëpi ka kantor, oepas imoet bae njampeurkeun djoeragan kornis,
song soerat, noe dipintël-pintël tea, omongna: „Ieu djoeragan, së-
rat walonan."
16

Soerat ditampan, soep kana sakoe, pok mariksa: „Koe saha tadi
katampana?"
Oepas: „Soemoehoen koe andjeunna, da di boemina noedjoe sa-
rëpi, teu aja deui sasaha geuning."
Djoeragan kornis: „Hëëh, geus wae, pas."
A r i oepas geus euweuh mah, pipintëlan tina sakoe dikodok deui,
koesiwël diboeka, toeloej dibeberkeun sarta diilo bari imoet nga-
gëlënjoe.
„Alhamdoelillah," tjënah, „weuteuh keneh sigana, tjan aja noe
boga. Iraha papanggih deui." Soerat dipintël-pintël deui boes kana
sakoe djëroi.
Di Atjeh aja doea tëmpat noe kadjodjo paranti pëlësiran soe-
kan di basisir, nja eta di Oeloeëlheuë djeung di Mataië, lantaran
2

kaajaan tëmpatna pikarësëpeun, pikawaaseun, katambah-tambah


aja pamandian. Tapi ari noe katjida kadjoegdjoegna mah Oeloeël-
heuë, koe sabab eta dina moesim panas saban sore nëpi ka peuting
di dinja rame, komo dina poë Saptoe pasosore djeung poë Ahad
isoek mah, da loba bangsa Walanda deuih, noe ngadon marandi
2

di laoet, sawareh noe ngadon pasiar bae, sënang darioek dina


2

bangkoe, rësëp ningal ka laoet. Lamoen pasosore wantji sareupna


matak këlar dioek di basisir, ningal ka laoet. Tjaina mojeg siga
taja katjapena, warna tjai siga hedjo, tingsoeroengkoej lambak leu-
tik, tingborelak tjai moentjrat. Rada djaoeh tëngah laoet tingrëng-
gënëk poelo W e h djeung poelo Bëras, kitjeup lantera dina moe-
2

nara. Waktoe tjaang boelan mah ramena geus lain tjaritakeuneun,


koe loba-lobana djëlëma hese neangan batoe keur dioek, korsi
bangkoe mah geus poegoeh deui.
Tonggoheun pamandian — da pamandian teh ajana doeanana ge
di toetoegan pasir sarta teu sakoemaha djaoehna antarana — aja
goeha, mëlëwong poëk, tapi teu boeroengi kagiridig koe noe aroelin,
dibelaan dadamaran arasoep ka igoeha teh.
Anoe njaba ka Kotaradja hënteu tëroes ngalanto ka pamandian,
sasat ninggalkeun sarat kasampoernaan, tjara ka Mëkah teu ka
Madinah.
Dina hidji mang'sa malëm Ahad di pamandian Oeloeëlheuë aja
raramean. Pasanggrahan, balandongan, saoeng kabeh dipapaesan
2

koe dangdaoenan djeung këkëmbangan, lampoe siang rapangi, da-


17

mar koeroeng pirang bangoenna djeung roepana, rantoej dina


2

tali kawat. Tatabeuhanana moesik, djesben djeung sëtrekorkes.


Djëlëma sa-Kotaradja beunang disëboetkeun tamplok ka di-
nja, D i pasir oge disadiakeun pangdioekan, lëbah noe negla garë-
nah, damar raangi ka pasir , nja kitoe deui damar koeroengna. Dja-
2

di lain pesta lalawora harita teh.


Di balandongan aja nonoman sababaraha oerang keur ngarioeng,
noe opatan keur oewis, noe sedjen mah biasa tea bae ngaronom,
laladjo. Noe keur oewis saoerang ngalieuk ka lëbah boepet, toe-
loej ngagëro: „Mat! Mënir Rachmat! ka dieu!"
Anoe digëroan njampeurkeun bari nanja: „Hajang naon?"
„Tjing beh dieu geura, halabhab lah, hajang nginoem djeung
saha toeh? Wawoeh hënteu?"
„Mana?"
„Alah, make api . Itoe toeh, deukeut moesik. Toeh ngalieuk ka
2

dieu, es ngalieus euj." Njarita make ditoengtoengan koe ngaba-


doeg.
„Ah, sok noedoeh-noedoeh teu poegoeh. Sing djongdjon bae
ngadoe mah kainjah. Aeh, hajang naon nginoem teh?"
Lamoen lain ti peuting, djeung njaritana hënteu haharewosan,
tangtoe kanjarahoan koe noe sedjen, djoeragan Rachmat njëb-
lak djeung beureum rarajna sasiak. Indit teu ngadagóan djawab.
Teu lila srog deui, mawa aer Walanda saloemoer, beunang niis-
keun dina es.
„Tah Doel aer Walanda."
„Sok. Noehoen silah. Ke Mat, oelah waka indit," Kabënëran
maen toetoep saparte. Kartoe dikotjok koe noe sedjen, noe saoe-
rang deui ngabagikeun kartoe noe sedjen noe geus noempoek ti
tadi. Noe njarita ngaharewos deui: „Naha tadi make ngaleos?"
„Ah, rek naon, loba gawe?"
„Lain, ënjana bae, wawoeh hënteu?"
„Hënteu, wawoeh di mana?"
„Ah, moal ënja teu wawoeh mah itoe mëlongi bae ka mandor
boepet. Djeung geuning tadi, jeh ngërëdjëp kawas
listrik koe gëlap."
„Hënteu, hënteu wawoeh. Sot ieu, itoe loba oeroeseun."
„Mangga wae Gan, ngan oelah lali, soegoehan nja!"
„Lah, loba omong, ngadoe mah ngadoe bae kainjah."
Bentang Atjeh 2
18

Leos djoeragan Rachmat rek ngoeroeskeun deui soesoegoeh.


Teu woedoe ripoeh damëlna teh, dipapantjenan ngadjaga soesoe-
goeh, mëtakeun djongos djeung ngawaskeun bisi aja tatamoe ka-
liwat, teu kasoegoehan. Loba ari baladna tea mah, tapi orokaja
tanggoenganana beurat.
Kira poekoel dalapan djoeragan Rachmat ngiringkeun djongos
doeaan noe mawa baki, noe saoerang mawa sate, noe saoerang
deui leupeut. Sok sate tiloe piring, sok leupeutna tiloe piring kana
medja.
„Mangga, njanggakeun sate teu raos," saoer djoeragan kornis.
„Mangga, noehoen," walon tatamoe, ramana Siti Saniah.
„Mangga atoeh sarëng Agan sakalian ngarioeng," bari narik kor-
si hidji.
„Noehoen, moegi oelah bëndoe bae, ieu abdi mah seueur lërës-
keuneun, margi djadi mandor djongos."
„Eum, teu oemoem, mangga tjalik."
„Teu sawios abdi mah, mangga wae, margi sanes tatamoe."
„Ah, teu oemoem, mangga oerang sarëng. Moal ditëda, teu di-
sarëngan mah."
Eleh deet, dasar djëlëma bageur, disingsieunan koe sakitoe ge
noeroet, maroekankeun ënjaan meureun.
Sabot rama sasaoeran djeung noe ngirimkeun ali, malengos bae
api , ngan ngareret sakali koe djoeroe panon, tapi katjiri tjëpilna
2

eutjeuj djeung leungeun teu daek tjitjing, kawas noe ngahadja


nembongkeun ali, gap kana medja, top kana sanggoel, baranjaj
ngoesap djabing. Lamoen pok mah meureun: „Tah ëngkang, le-
lepen teh ieu, koe abdi dipake. T i barang pël ali kana djaridji, ma-
lah ti memehna ketah, emoet ka ëngkang taja këndatna." Ajeuna
mah abdi tërang' djënëngan ëngkang, tadi ngoeping noe njaoer ka
ëngkang."
Djoeragan kornis teh pok deui-pok deui ngamanggakeun,
sate meungpeung haneut, tapi tatamoe tiloeanana ngan teu sawios-
teu sawios bae, da hajang barëng, ngadago adjang priboemi mi
nangkana. Sabot teu atjan djol djongos, njararios hal eta pesta,
tatamoe moedji kana sagala-galana, rongkah, rame, beres, tjënah.
Lila-lila teu katahan hajang noendjoek, djoeragan kornis naros:
„Doepi ieu teh poetra?" Narosna adab nakër bari noendjoek noe
geulis.
19

„Soemoehoen, poen anak."


Broeng moesik, raos nakër noe keur barangtoeang ditabeuhan
koe sëtrekorkes. Noe disëboet „poen anak" tea mah sigana moesik , 2

tjeuli-tjeuli, papahare bae. Kana sate ngan oekoer sapanggang tak-


siran. Dinanaha, dimangga-mangga koe noe njoegoehan, ngawa-
lonna toengkoel bari imoet, madjar teh sarësëk keneh, padahal lain
kitoe meureun. Ma'loem bae noe ngangkat birahi tëpoeng djeung
pangëunteupan pikir aja di sandingeun sëpoeh, sieun koemaonam,
sieun katjiri. Djeung itoe deui ti rombongan nonoman noe oewis
tea, rea noe tinglalieuk ngawaskeun, ngan ngoepatna teu ka-
roengoe.
„Toeh Amat njanggoet, euj," tjek noe bangor.
Laladjoaneun keur meudjeuhna rame, kira poekoel salapan leu-
2

wih Siti Saniah geus teu aja di dinja, dina mobil sewa kadajeuh-
keun, tapi teu panasaran, da djadi wawoeh djeung djëlëma anjar
tea.

III RËBO W Ë K A S A N

Tjek riwajat, Goesti Allah noeroenkeunana balai ka alam doenja


pikeun sataoeneun anggër dina poë Rëbo panoetoep boelan Sa-
2

par. Koe sabab eta loba djëlëma poë eta mëtakeun tarekah, moen-
tang ka Goesti Allah, soepaja didjaoehkeun tina balai. Anoe bia-
sa sok didjaralankeun isoek marandi, noe apal bari mapatkeun
2

doana, noe teu apal mah nja hënteu, ngan sok ngeueuman isim noe
ditoelis dina kërëtas, dina daoen, ti sorena keneh, isoek dipake
2

ngoetjoer noetoepkeun mandi. Baroedak awewe mërëloekeun neuk-


teuk tjongo boeoekna saeutik. Hadjatna aja saeutik, bangsa kada-
haran isoek . Loeloegoe keur sarat: koepat, leupeut, tangtang-angin;
2

djaba ti eta mah saniatna , teu toekoeh, aja soerabi, bandros, pa-
2

pais, loganda, sangoe këtan, sangoe woedoek djst. Minangka deu-


ngeunna teu pira, oekoer saroepa doea roepa, kitoe bae bangsa
angeun, sambël godog, sambël goreng, saroendeng, koeroepoek
koelit, koeroepoek atji djst. Djadi saoerang-oerangna noe hadjat
tara ngaja-ngajakeun sapëpëkna.
A r i di Atjeh aneh dina Rëbo wëkasan teh. Kolot-boedak, awe-
we-lalaki pada mërëloekeun mandi, goejoeb djeung babatoeran.
1

Ieu teh lain oerang priboemi bae, dalah semah, boeniaga oge, sa-
20

përti: oerang Djawa, oerang Malajoe, oerang Këling, oerang Arab,


pendekna kabeh bae sakoer noe ngangkën Islam mah, mërëloe-
keun miloe. Sok soemawonna noe njaho maksoedna, noe teu njaho
di ata-oetoena oge miloe, kabawakeun koe kagoejoeban, gëgëde-
na rësëp, rame. Ditingal boektina saliwat, komo koe djëlëma noe
teu njaho kana hal Rëbo wëkasan, teu siga djëlëma rioek, ibadah
2

moentang ka Allah, hajang didjaoehkeun tina balaï, tapi anoe keur


matjangkrama, reuah soekan-soekan. T i imah boedal sapiri-oem-
2

pi, taja menak taja koering boedal ka Mataië atawa ka basisir.


T i lëbah Oeloeëlheuë nëpi ka Pantetjërmin djeung Moeara Atjeh,
deukeut makam Sjech Abdoerraoef, noe baheula ngislamkeun
oerang Atjeh, sapandjang basisir pinoeh koe djëlëma. D i laoet
mangreboe-reboe noe marandi, nëpi ka sisi laoet siga deet, loba
karang, loba batoe, koe sirah. D i darat nëba anoe keur barangasa-
kan dahareun. Haseup tingkarëboel tina toengkoe, bleg bae sisi
kawah noe seuneuan basisir teh. Djëlëma pagaliwota matak l i -
eur. Lamoen ditingal ti kadjaoehan, taksiran moal beda djeung si-
reum njëngka pabalioet, lantaran roegroeg hoenjoerna, atoeh da
djëlëma riab ka pasir-pasir. Pesta bae, lamoen aja karasmenan
mah.
Mindëng aja bedjana dina waktoe boedal baralik, aja noe leu-
ngit atawa aja noe balik ngagotong majit, noe paeh titeuleum. A r i
noe kapaehan koe tjape teuing, katoerëlëngan koe panas, noe ma-
bok, noe toeloej gëring, teu koedoe ditjaritakeun.
Koemaha noe ngarora waktoe eta? Eueuh, atoeh poeasa mang-
gih lëbaran, moho kana kasoekaan.
Kira poekoel sapoeloeh beurang djol mobil, eureun di hareupeun
2

saoeng pamandian Oeloeëlheuë. Djoet noe taroempakna opatan


taroeroen, toeloej laleumpang mapaj basisir, mobilna sina noeng-
goe di dinja. Geus rada lila meueusan, geus djëboel deui noe opa-
tan daratang, bareureum koe panas djeung kesang' loeoet-leet, tjat
ka emper saoeng pamandian, toeloej darioek dina korsi bari njoe-
soetan kesang koe tjaretjet. Geus aso djeung pepes kesang, tjat
deui aroenggah kana mobil. Arek djoeng pisan, sora mobil nga-
gëdër, kerekek djëtroek sër mobil madjoe lala-
oenan, brrr brrr haseup ngëboel mani moelek
djëkloek srrh dioes bae ngëboet rek ka Mataië.
A r i rëg mobil eureun di Mataië, ngong ti tëpas saoeng aja noe
21

ngomong: „Tah geuning, radja oewis datang! Naha gantjang


teuing, Mat? Asa atjan lila inditna mobil mapagkeun teh".
Noe taroempak mobil taroeroen, tatjan ngadjawab, geus pok
deui noe ngomong teh: „Eh, geuning eta mah mobil sedjen, lain
noe oerang, nja? N a teu papanggih di djalan djeung noe mapag-
keun?"
„Hënteu," djawab noe ditanja. „Meureun mobil mah tëroes bae
ka imah."
„Lain, na ka mana djalan, make teu papanggih?"
„Ka dieu ka Oeloeëlheuë, njimpang heula sakeudeung ka Peu-
kanbaroe, njampeur ieu, A l i djeung Abidin."
„Paingan, loslos ka dinja heula mah."
Tidinja djoeldjol batoer-batoerna noe geus ti hareula njalam-
peurkeun, ngabageakeun ka noe anjar datang,
„Koemaha rame di ditoe?" tjek noe saoerang.
„Tangtoe bae di ditoe oge rame, nja Mat? Ngan euweuh
taeun nja?" tjek noe sedjen.
„Naon, ieu teh?" walon noe digondjak.
„Lain, ke heulaanan, rek nanja," tjek Doel, Abdoellah ari ënja-
na mah, Doel soteh disëboet koe babatoeran sasamana.
„Rek nanjakeun naon?" walon noe dibawa tjarita.
„Eta, noe matak los ka Oeloeëlheuë teh ngala naon?"
„Geus lah, ëntong diwaro, Mat!" tjek noe dioek rada anggang.
„Laan tah badjoe anggoersi, hareudang. Kaitkeun toeh dina pa-
koe."
„Ëngh, loetjoe lah, bela," tjarek noe sedjen.
Djoeragan Rachmat: „Ah, hajang njaho bae."
Pok deui noe sedjen: „Asa tiiseun meureun, nja?"
Abdoellah ngadeukeutan, pok ngaharewos: „Moal kapanggih di
ditoe mah, da aja di dieu, noe matak tadi nitahan mapagkeun."
„Ah, naon ieu teh teu pararoegoeh!"
Gër batoer-batoerna sareuri: „Edas, ka oerang' mah ëmboeng
ngawaro, nja."
,,Teu ngalalarti ah, make sindir sampir kitoe mah."
„Ênja, teu tjara toeang' sate ngarioeng, mani teu nolih ka so-
bat."
Agoes Hasan keur dioek njanghareupan medja boender nem-
22

brong miloe njarita: „Oelah sok sirik, pamali. Keun sala saoerang,
oerang ngalamot, Amat njanggoet, hahahah-hahah."
„Oelah sok njangka teu poegoeh ka batoer, teu hade," djawab
djoeragan kornis bari ngalaan djas, rek digantoengkeun.
„Bagi wae kartoena?" tjek Hasan.
„Maen?" walon noe diadjak. „Poë ieu mah lain waktoe maen,
koedoe mandi atawa oelin oedar-idër, mangkaning ngan sataoen
sakali aja kieu teh. Djeung taoen hareup mah biheung bisa, b i -
heung moal, miloe soekan tjara ajeuna.'
2

Abdoellah: „Djig bae Mat, didoakeun!"


Rachmat: „Hajoe ah, Din, oerang ka pasir, ngaronda noe ma-
sak." Abidin geus djoet ka taneuh.
Hasan: „Naha geus lapar?"
Rachmat: „Hënteu lapar mah, atoeh rëaëp bae nendjo noe keur
paropolah."
Hasan: „Heueuh djig ka ditoeh. Kamari ieu njate, ajeuna rek
ngoeah meureun, nja? Heug Mat, didoakeun."
Noe njarita teu diwaro, toeloej bae indit djeung Abidin, ditopi
hënteu make djas, leungeun kamedja digelengkeun.
„Miloe, miloe," tjeuk noe sedjen bari ngaralaan badjoe noe-
roetan noe doeaan, Abidin djeung Rachmat. Noe tinggaleun H a -
san djeung Abdoellah.
Brëng gënëpan laleumpang, ngadjadjah saidër-idër di dinja,
ngadjodjoan noe rea kabajana. Sadjalan-djalan galetjok tjarita.
Keur leumpang, keur ngarandëg panonna noe gënëpan teu tji-
tjingeun. Manggih noe aneh tjek pikirna, silih toedoehkeun djeung
batoerna, moen teu kitoe ditjaritakeun. Geus seubeuh ngoebëk di
lëbak, nandjak ka pasir. Lëbah batoe gëde rada ioeh koe kakaian,
rëg areureun, toeloej darioek ngaso bari ngawaskeun ka lëbak,
djëlëma nojek di darat, di tjai. D i sawah-sawah toehoer geus roem-
pak djami — nëba noe keur masak, sagoendoek . T i pangëureunan
2

tëroesi deui para nonoman teh madjoe. Barang ngaliwat ka lëba-


keun tjaringin gëde, djoeragan Rachmat ngarandëg,' ngalieuk ka
tonggoh.
„Naha eureun di dieu, panas?" tjek noe saoerang. „Hajoh të-
roes," tjek noe sedjen.
„Lain kitoe, oerang ka goeha, hajoe."
„Hajoe," tjek sarerea.
23

.Waktoe ngarandëg sakeudeung teh, handapeun tjaringin aja noe


ngolepat, njalingkër. T i keur anggang keneh pamëgët noe ngabroel
teh diawaskeun. Barang geus rada deukeut mah, teu samar deui
tetela ka sora-sorana, geuwat njalingkër, era sieun, kawantoe lan-
djang gëde kaera, heug sorangan di dinjana.
„Astaga, tjek pikirna, „naha los ka mana-mana teh, gok deui-
gok deui papanggih djeung eta."
Angën ratoeg, dërëgdëg ngabigbrig ka lëbak, njampeurkeun ka
noe keur masak. W a n i soteh balik, noe ngaraliwat geus teu tem-
bong. „Hadena areureunna tadi lëbah batoe gëde," tjek pikir noe
balik. Teu lila noe masak rengse.
„Tas ti mana, Ijah, bieu teh, haroehah-harehoh?"
„Itoe ti ditoe, iboe, ti handapeun tjaringin.
„Oelah sok loeloempatan tjara boedak leutik, era geus gëde."
„Tjalik bae di dieu mah, panas, iboe. Oerang ka goeha anggoer."
„Hajoe," saoer iboena.
„Soemoehoen, mangga ah, abdi oge ngiring," tjek noe sedjen
sababaraha oerang.
Prak dangdan obor, ti dinja bring saaleutan, Ënden Siti Saniah
djeung para istri tatanggana, ngadjoegdjoegi goeha. D i lawang
goeha obor disareungeut, boes arasoep ka djëro.
„Kade Ijah, sing ati-ati, tah di hareupeun aja noe djëro djeung
rada laleueur," saoer iboena.
„Moal, iboe," walonna.
Kakara ge balëm, tas ngadjawab, geus koetjoeprak oborna moe-
rag, tjeos kana tjai. Bis bae noe geulis geubis, moen teu aja noe
njëkël bahoena.
„Atos-atos Ënden, laleueur," saoer pamëgët noe ngadjewang.
Da teu samar kana sora djeung dëdëgan, nadjan teu tetela ra-
rajna oge, noe geulis ngëlëpër nganoehoenkeun, pokna: „Oepami
teu koe ëngkang abdi tjilaka." Lëbah njëboet ëngkangna mah ma-
ni ngaharewos.
Iboena Siti Saniah mani ngadjerewet, barang obor ngoetjoeprak
teh: „Lailaha illëloh, Ijah!" barëng ngagërona djeung Ënden H a -
limah.
„Noehoen Agan! Lailaha illëloh, hadena aja Agan!" saoerna ka
noe noeloengan.
„Kalërësan bae, heheh," walon djoeragan Rachmat.
24

Abidin njenggol bari ngaharewos: „Na aja parëng mani siga


beunang badami." Djoeragan Rachmat malës ngabadoeg.
T i djëro goeha noengtoet noe baridjil. Djadjaka noe gënëpan
tea ti goeha tëroes maroedoen, moeroe ka pamandian. Bada nga-
rëbak ngarioeng di tëpas saoeng pamandian. Medja doea didem-
petkeun, da medjana laleutik. Arek brak pisan taroeang, djol noe
nganteuran goeie korma ) djeung kari tiloe piring, meh laleber,
1

sëdëng keur gënëpan noe paronjo. A r i noe nganteurkeunana, anoe


ditoeloengan di goeha.
„Hatoeran djoeragan sadaja, kaemoetan ti poen biang. Hënteu
ari raos mah, moeng hajang katoeangi, saoerna."
Ngadjawab gënëpanana meh barëng: „Noehoen Ënden, oen-
djoekkeun ka iboe." Njarita dibarëngan koe oenggeuk.
Leos noe nganteurkeun angeun, hiliwir ninggalkeun seungit.
Saoer djoeragan Saleh, opzichter B. O. W . : „Na aja kasinoe-
grahaan kieu, noehoen ka Rabboel'alamin, meunang leleberan ti
doeloer oerang, Rachmat teh ënjaan, ngaran tëroes djeung boek-
tina."
„Bënër Leh, oerang kaparaban kabeh, beuteung seubeuh, iroeng
ngambeu, tjeuli ngareungeu, panon neuleu," tjek noe saoerang.
Geus dimimitian koe doeaan mah, gër rame sëmpal goejon, po-
kona ngagondjak noe djadi lalakon. Ieu mah noe digondjakna seu-
ri-seuri bae, djongdjon ngahemo toeang, ponjo nakër. Noe sedjen
oge ponjona mah teu eleh koe batoer.
„Bënër tjek Hasan, tadi ënggeus sate, ngoeah goeie ha, ha, ha,
ha!"
„Oerang noe mikat ti heula, beunangna koe noe pandeuri."
„Ënja, Mat, oentoeng didinja mah oentoeng. Loba noe ngan-
djing-tjai eta teh, tapi lapoer euweuh noe bisa wawoeh, euweuh noe
kapilih. Kolotna loehoer, pangpangna indoengna, tapi ajeuna bet
njantel sigana. Tah noe matak disëboet g'ëde bagdja."
„Saënjana." tjek A l i bari dangong ngareret ka sarerea, „deudeu-
leuan teh Siti Saniah djeung Rachmat tëgësing sababad, noeroeb-
tjoepoe tjek kolot mah. Moega bae di ahir sing kadjodokeun. L a -
2

moen kadjadian, arek boga panadaran, mere soepënir."


„Ih, ëngke heula, oelah waka ngabantah, dengekeun heula, tjan
anggeus ngomong teh," tjek A l i waktoe rek didjawab. „Eta para-
') Goeie masak Arab, boengboena ditjampoeran korma saeutik.
25

wan teh bangsa Atjeh, bangsa oerang toelen. Istri noe pangheula-
na di oerang meunang' pangadjaran sakola, bisa basa Walanda,
pendekna istri modren. A r i Rachmat djëlëma noe modren pikira-
nana. Djadi pada kaoem moeda. Lamoen ngahidji katalian koe djo-
2

dona, asa sageuj teu dek pada soson djadi pamingpin pikeun ka-
2

madjoean bangsa oerang awewe-lalaki. Lain kitoe maksoedna pa-


koempoelan oerang teh? Ieu mah lain ngomong heuheureujan ata-
wa pangoloan, noe saënjana."
,,Ali, euweuh goenana eta omongan teh, lalawora. N a geus nga-
denge dewek ngalamar? Koemaha lamoen itoe malik teu soeka,
didjangdjaroehkeun ka dewek, noe lain babadna, lain era? Beu,
moal ënja teuing, euj, ëmas dipasangkeun djeung koeningan.
Djeungi dalah teu kitoe oge, teu hade bae oerang njarita-njarita-
keun istri pantar eta palëbah dieu. Koe sabab eta, tjaboet deui
omongan noe tadi teh."
Këdalna bae kitoe soteh, da dina hatena mah pangharëpanana
gëde alah batan goenoeng.
„Horseh! horseh!" Babatoeranana soerak. „Bënër euj, tjapetang.
Hajo A l i ! djawab!"
„Ih, oelah salah tampa Mat, sabab tadi ge geus ditërangkeun,
lain omong pangoloan, ieu mah njaritakeun pangharëpan. Kapan
didinja djadi panoengtoen dina pakoempoelan, dina waktoe kong-
res geus biantara boga tjita hajang ng'amadjoekeun kaom istri.
2

Lamoen hënteu dibarëngan koe istri deui, moal laksana pakarëpan


oerang. Saajeuna teu boga deudeuleuan noe sedjen, lain ti M a -
lati Meureudoeati, noe kaërong pantës pibisaeun babarëngan
djeung didinja. Pek timbang koe sarerea."
„Hëëh bënër," tjek Abidin, „tapi ieu geus poekoel opat meu-
djeuhna balik. Njao, ari rek ngarendong mah di dieu."
„Lailaha illëloh, ënja bae, teu kanjahoan deui geus poekoel opat.
Hajoe ah!" tjek noe teu pati loba omong.
Gantjangna baleberes, djongos dipërësen, rekening dibajar, toe-
loej boedal.

IV P I N D A H PANGANDJRËKAN
Dina sadjëro lima boelan teh ajana di Kotaradja, geus loba ka-
wawoeh, loba sobat. Boes ka dieu-boes ka dieu logor, djëlëmana
pikarësëpeun, bisa tjampoer, bisa mawa awak. Koemaha teu rek
26

pada mikarësëp, da hade boedi, hade basa, moerah tangan, tara


koret koe rëdjëki saeutik, djeung sok daekan kërna Allah. Kana
roepa pakoempoelan asoep, djadi ëlid, tapi ari gëgëdena mah ha-
2

tena kana Pagoejoeban Atjeh. Tjëngëngi karëpna hajang ngabantoe


sabeaseun sabeunjeureun kana ngamadjoekeun bangsa Atjeh sa-
koemna. Ënja anjar keneh tea mah di Kotaradjana, tapi djadi ëlid
V . A . geus heubeul, keur di Sigli keneh, djeung koe sarerea kanja-
hoan soson ngamadjoekeun pakoempoelanana, koe sabab eta dina
2

waktoe aja pilihan bistir di Tjabang Atjeh, kapilih kana komisaris.


Pangpangna noe djadi pikiran tina perkara pangadjaran djeung
paoesahaan oerang priboemi. Tina hal pangadjaran mindëng nga-
doe bëbënëran djeung goeroe . Tina hal paoesahaan tjaritana
2

djeung ahli tani, ahli dagang.


Tapi nadjan loba angkoh, loba tjabak, loba gawe kana njënang-
keun hate, njënangkeun badan hënteu poho. Dipëlëtër teuing kana
gawe, badan djeung pikir tereh roeksak tjënah, noe matak mërëloe-
keun pëlësir. Pasosore sok djalan ngoeriling atawa toempak ka-
2

reta mësin djeung batoer-batoerna.


Dina boelan kagënëpna noe diandjrëkan ngalih. Djadi aja lan-
taran keur ngalih ti dinja, toeloej madjik di djoeragan Soelaeman,
oerang Padang.
Saban sore di boemina djoeragan Soelaeman rea baroedak lan-
djang anoe dialadjar karadjinan istri, sapërti: ngapoet, ngarenda,
njoelam djeung rea-rea deui. A r i goeroena istrina djoeragan Soe-
laeman, istri pintër rapekan dina përkara damël istri djeung' boe-
men-boemen. Andjeunna kaloearan sakola karadjinan istri di Kota
Gëdang, katambah di Boekit Tinggi goegoeroe deui ka njonja.
Sanggeusna aja di djoeragan Soelaeman djoeragan Rachmat teh
biasa sabareto bae, pasosore pasiar djeung noe kagoengan boemi
atawa djeung noe lian. Peuting, nja eta saboebarna noe dialadjar
tea, sok rea tatamoe oerang Atjeh, oeroet rentjang sakola djoe-
ragan Soelaeman di Boekit Tinggi (Fort de Koek). Ieu oge nam-
bahan pangabëtah ka noe manoempang'. Ana tjararios anoe djadi
djëdjërna babakoena hal kamadjoean. D i dinja katembong karëpna
djoeragan Soelaeman istri-pamëgët ënjaan hajang ngadjoengdjoeng
martabat istri, soepaja di ahir istri bisa tarawëkal tjara bangsa
2

deungeun.
Dina hidji poë pasosore djoeragan Rachmat moelih ti sobatna
27

geus reupreupan boerit, di djalan damar geus raang, komo di wa-


roeng-waroeng djeung di toko mah. Panganggoeran njimpang ka
2

toko noe kadjodjo koe oerang dinja. A r i boes, gok djeung djoe-
ragan Soelaeman istri-pamëgët.
„Aeh, geuning ëngkang sarëng atjeuk?"
„Ëngkang mah nganteur atjeukna, rek meuli bola, tjënah."
„Geuningi siga njandak balad katingalna."
„Soemoehoen A j i , balad atjeuk," saoer istri djoeragan Soe-
laeman.
A r i ngalieuk ka baroedak parawan noe keur marilih soetra, pita,
bënang, ti ditoe aja noe ngareret ngadjak imoet.
„Aeh, Ënden Ijah deui aja di dieu," saoer djoeragan Rachmat.
„Soemoehoen," wangsoelna bari imoet sarta toeloej api teu rek
2

malire deui, padahal mitjeun kaera, sieun kanjahoan koe noe se-
djen, robah pameunteu djeung tjëpil.
Djoeragan Rachmatna ngagaleuh soklat sadoes, toeloej dibagi-
bagi ka baroedak parawan, atoeh teu katjiri ngadeukeutan boeah
ati. Galajar-goeloejoer di djëro toko teu aja noe njisikoedi malah
pada mikarësëp, da moerah koe amis . Rerendengan djeung Malati
2

Meureudoeati taja noe njangka kitoe djeung kieu, da eta hadena


ka kabeh. Tapi aja noe tëlik saoerang, awas, nja eta istrina djoe-
ragan Soelaeman.
T i toko bring ka boemina maroelih noe ëntas baranggaleuh teh.
Disëboet ngahadja pantës, disëboet kabënëran beunang, djoeragan
Rachmat angkatna ngarendeng djeung noe lëndjang. Sapandjang
djalan istri djoeragan Soelaeman sadjëroning pipiloeeun tjarios teh,
manahna mah njolok bae ka noe doeaan. Dina lalamoenanana:
„Na aja noeroeb-tjoepoe eta baroedak. Tada teuing loetjoena,
moen seug diparëngkeun ngadjodo. Roepana, boedina, adatna,
pangartina, lah, beak bae matak panoedjoe, estoening ngalajan
ieu mah babadna pisan. Teu panasaran bebeakan ngawarah teh,
tapi sabalikna matak handeueul, lamoen meunangkeun noe sedjen.
Keun siah, rek diihtiaran, soepaja bisa tëpoeng, moal kapalang
njaah, hajang oelah gaplah beunang tjape, kahesean koe doeanana.
Siti Saniah! koedoe djadi pamadjikan Rachmat, lalaki noe hade
hate, gëde karëp kana ngamadjoekeun bangsa. Maneh noe koedoe
djadi rabina, anoe baris ngabanding ngabantoe kana karëpna noe
moelja ngadjoengdjoeng bangsa djeung lëmah tjai. Maraneh doea-
28

an sing djadi tjonto, djadi obor bangsa maneh. Ëngke di ahir ha-
jang ngadenge, ngaran maraneh disëboet-sëboet, djadi panineungan
bangsa maneh."
A r i saroemping ka boemi, njampak toeangeun geus sadia, atoeh
toeloej bae ngarioeng toeang. Priboemi tjaralikna sadjadjar ngaren-
deng', disamboeng moerid nëpi ka pinoehna medja pandjang ka-
2

poetër. Djoeragan Rachmat tjalikna papajoen-pajoen djeung ben-


tangna di dinja. Brak taroeang.
Bada taroeang, piring djeung sagala bae noe aja dina medja
geus dirorod, ngong djoeragan Soelaeman sasaoeran, loeloe-
goena ngadjak tjarios mah ka batoer saboemi, saoerna: „Ëngkang
teh sarëng atjeukna ngalamoen bae koe hajang ngadëgkeun pa-
koempoelan istri. Ieu mah noe gareulis noe aja di dieu parantos
rëmpageun nakër. Doeka pedah eleh padoe manawi koe atjeukna."
Ënden Ijah gantjang njëlang tjarios, ngadjawab: „Sanes kitoe,
abdi mah rëmpagi soteh pedah sae wae, sanes kawon padoe."
„Soemoehoen, soemoehoen," tjek noe rea paheula-heula.
Djoeragan Soelaeman: „Ëngke atoeh, oelah waka ngarentog. A r i
geus moepakat mah soekoer. Ajeuna oerang toeloejkeun deui tja-
rita. Pakoempoelan istri tea sina ngadëgkeun sakola, tëmpat istri
anoe bakal keneh njiar pangartos, diadjar roepi sakoer noe pantës
2

djadi kawëroeh istri. }aktos atjeukna di dieu ngadjar loeloemajanan,


nanging tang<eh kana tjëkap. Tëmpatna kirang, bahan kirang, wak-
tosna samporet, ah, saniskantën toena waeh, hënteu laloeasa sa-
përtos sakola. Atjeukna oge sanes teu maksoed ngadëgkeun sakola
sorangan, ngan emoetan ëngkang tjoemah, da ngan oekoer djadi
milik saoerang, sarëngna atjeuk di dieuna teu atjan kantënan lana,
ma'loem djëlëma noetoerkeun noe tjëkël gawe. Eta matak salëm-
pang bantoet ka noe dialadjar, lëbar sarëng karoenja. Geura oepa-
mi ngadëgkeun sakola koe pakoempoelan mah, emoetan ëngkang
asa langkoeng reugreug, da sakola milik sarerea, anoe oerang' dieu
pitoein.
Ieu lalamoenan teh tiasa boekti, asal pada ngarodjong, nanging
ari ngarodjong koe moepakat saoer woengkoel mah teu matak djadi
kakiatan, da kedah aja boektina, tah doeitna, dek gawena, nëmbe
ëngke aja arëp-arëpeunana.
Nanging koe ëngkang teh teu atjan dipikir-pikir, koemaha-koe-
mahana ngatoer sakolana mah, komo hal pangadjaranana sarëng
29

ieu mah ongkoh bagian istri, ëngkang mah teu tërang. Përkawis
ngaranna sakola, bade disëbat „Industrie-Cursus" bae sae, atanapi
naon bae ngaranna mah, përkawis gampil ieuh. Noe pangpërëloe-
përëloena mah artos keur ngajakeun bahan.
Tjing, koemaha manah aji?"
Walon anoe dipariksa: „Lah, parantos teu aja pikëtjapeunana
deui lintang ti seep panoedjoe. T i kapoengkoer gadoeh maksad
hajang ngadëgkeun sakola noe saroepi kitoe teh, nanging teu atjan
mëndak batoer anoe pok sarëng pekna. Kalërësan ajeuna aja atjeuk
sarëng ëngkang anoe sapikir sarëng abdi, toer atjeuk sarëng ëng-
kang sanes bibit boeit oerang Atjeh. Pohara abdi noehoenna, atjeuk
sarëng ëngkang kërsa hese tjape goena oemoem. Tah, ieu tawisna
abdi panoedjoe, ngahatoerkeun panjoembang loemajan." Song oe-
ang kërëtas opat lambar noe salawean.
„Djabi ti eta abdi bade ihtiar satiasa-tiasa, soepados eta sakola
seueur moeridna, sarëng pada ngarodjong ti ditoe ti dieu. Ëngke
dina këmpëlan Pagoejoeban Atjeh ieu maksoed teh bade ditjarios-
keun, soepados Pagoejoeban daek njoembang koe doeit, daek nga-
bantoe koe tanaga."
Djoeragan Soelaeman bingah katjida, komo istrina mah, koe
kasaoeran djoeragan Rachmat djeungi boektina bro panjoembang
sakitoe gëdena matak reugreug hate noe rek prak ngamimitian.
Weuh, nganoehoenkeunana oge mani ngoenggoet.
Poekoel salapan djol noe marapagkeun baroedak awewe, toeloej
boedal, noe tinggal kari priboemi tiloean, nëroeskeun lalamoena-
nana.
Isoekna geus gër bedja mëntjar sadajeuh Kotaradja, da omong
haroes alah batan goong tea, bedja gampang nërëkabna. D i mana-
mana pada njararitakeun, jen djoeragan Soelaeman istri-pamëgët
kagoengan alpoekah rek ngadëgkeun sakola istri, dibantoe koe
djoeragan Rachmat dina ihtiarna.
Tina ënjaan karëp noeloengna djeung gëde hadiahna barang
mimiti djoeragan Rachmat pada nabeuh, dina rioeng noe njarita
2

koedoe bae kasabit-sabit djënënganana djeung kamoerahanana, ha-


diahna noe saratoes roepia tea, Pantës rek djadi sabiwir hidji teh
di sa-Kotaradja, da poegoeh djëlëma ngora, kasep, rea kadaek, moe-
rah tangan, handap asor, hade boedi, gëde gadjih, pintër bënër,
saoer djoeragan Ardiwinata tea mah sarat-sorot koempoel kabeh.
30

Tjek baroedak awewe, di Kotaradja mah teu aja deui lalaki noe
sampoerna ngan djoeragan kornis.
Dina hidji peuting' istri djoeragan Soelaeman, waktoe djoeragan
Rachmat keur teu aja, njarios ka tjarogena. Boeboekana moedji ka
noe teu aja, koe tjarogena dihaminan. Toeloejna naros ka tjaroge:
„Ëngkang, kamanah maksadna Aji Kornis hadiah f 100,—?"
„Har, ari njai, na teu kadenge tjaritana?"
„Kantënan kakoeping mah, nanging abdi gadoeh timboeroe, aja
maksadna kadoea leutik."
„Na koemaha kitoe?"
„Ah, moal waka ditjarioskeun, hajang) tërang heula, koemaha
karaosna koe ëngkang. A r i srëkna kana hate abdi mah sanes, teu
sabongbrong eta merena doeit f 100 teh. Karasana koe abdi mah
sanes tjlik poetih tjlak herang, woengkoel keur kapërloean sakola,
nanging aja maksoedna noe njëlap. Tjing koemaha?"
„Njao teuing, asana ëngkang mah teu boga timboeroe naon ."2

,,Hih, abong lalaki sok lolong."


2

„Lolong koemaha?"
„Soemoehoen sok sabongbrong."
„Heueuh pek atoeh tjaritakeun kainjah."
„Kieu panjangka abdi mah: kahidji nembongkeun kabeungha-
ranana, loba doeit, ka oerang; kadoea keur ng'eupanan, mikat moe-
rid oerang salah saoerang, saha noe njaho manehna neundeun hate
ka boedak parawan. Doeka sae, doeka awon niatna mah."
„Toeh, da awewe mah kitoe, ka ieu-ieu teh ngan njangka goreng
bae."
„Eta -ëngkang mah gantjangi nakër noeding goreng ka awewe
teh."
„Heueuh ari kitoe naon ngaranna. Sapërti aji kornis ti saprak
aja di oerang, naon tjing noe geus kanjahoan gorengna? Ënja, nga-
djina ëngkang teu njaho, tapi atjina djëlëma aji kornis teh tjek
ëngkang mah. K a oerang sakitoe hadena, mani tjara ka doeloer,
geus teu asa djeung djiga, ka batoer pon kitoe keneh. Kolot dihor-
mat, ka baroedak njaah. Euweuh pisan gorengna deudeuleuan teh."
„Soemoehoen lërës, kitoe sapamëndak abdi oge, nanging doeka
atoeh, da rasa mah teu beunang dipaling."
„Na koemaha ari njai? Kapan manehna sok mindëng djeung
oerang njaritakeun përkara kamadjoean. Pamilihna tjotjog djeung
31

noe palalintèr, jen kamadjoean bangsa teh moal kahontal koe hajoh
bae madjoekeun lalaki sina moetjoek, ari kamadjoean awewe diloe-
li-loeli, da nja eta madjoe teh koedoe bar eng', awewe djeung lalaki
rampak, oelah tali gantja. Dina koempoelan V . A . poë kahidji ma-
nehna biantara tina përkara pangadjaran keur istri, loeloegoena
keur istri bangsa Atjeh. Dina poë kadoea mëdar angën-angënna
hajang ngaloesan kalëmësan boedi oerang dieu. Noe matak ëng-
kang mah bërësih, beak përtjaja. Djadi mere doeit saratoes, kata-
rimana koe ëngkang hënteu dipasang goreng timboeroe."
„Soemoehoen, tjek pikir abdi oge moelja hatena. Nanging beung-
har eta teh?"
„Ari beunghar mah hënteu, ngan adatna djebrol djeung doeit sa-
kitoe moal djadi pikir keur manehna mah."
„Euh, koetan "
„Leungit ajeuna njangka goreng teh?"
„Parantos.''
„Pek naon deui kapanasaran teh?"
„Soemoehoen, pitjaritaeun mah seueur keneh, margi moal wë-
leh panasaran, oepami teu atjan dikëdalkeun."
„Tjing pok, meungpeung aja keneh waktoe, moal lila oge djëlë-
mana datang'."
„Mangga, ieu oge bade, ngan mana noe lëpat koe ëngkang tja-
wad, mana noe lërës sarëng mangpa'at koe ëngkang bantoean."
„Heug!"
„Kieu maksad abdi teh. Parantos lami koe abdi kaintip aji K o -
rnis sarëng Ënden Ijah siga pada neundeun pikir, rarasaanana mah
boeni pangintën. Katjirina pisan basa papanggih di toko tea, tëras
rerentetan doegi ka dieu, nëda pahareup-hareup. Titingalan abdi
eta boedak ngora teh estoe noeroeb-tjoepoe, boh roepana, boh ka-
pintëranana. Srangenge sarëng boelan noe njaangan boemi alam,
Rachmat sarëng Siti Saniah, pantës djadi obor keur bangsana."
„Euh kaharti ajeuna mah, tadi njëboetkeun ngeupa-
nan, mikat teh. Ënja, satëmënna ëngkang oge boga deudeuleuan
tea mah, tapi rek njarita ka njai teu wani pok, lantaran sieun salah
sangka, da tjek noe ngarora djaman kiwari mah kikitoean teh
wënang tjënah, „vrije omgang" disarëboetna, noe matak ëngkang
teu ngomong'. Tapi ari awas mah djeung ngadjaga pibalaieun wa-
djib di noe djadi kolot. Sapangdeuleu ëngkang Rachmat mah teu
32

njieun pëta teu patoet, ka baroedak awewe noe sedjen hënteu, ka


Siti Saniah hënteu, ngan ka Saniah beda boedina. Euweuh ngarah
sasenggol sagepok, ngarah saoles-oleseun teh, beda deui djeung noe
tjaroenihin, „vrije omgang" dipake djalan njabak karana, lamoen
bisa maling tjioem. A r i tjampoer mah ti djaman koena di oenggal
bangsa, awewe djeung lalaki taja halangan, ngan tjampoerna tjam-
poer koemaha. Rachmat mah wawoehna, tjampoerna djeung ba-
roedak awewe euweuh matak sareukseukna. Hëëh, lamoen Rach-
mat djeung Saniah ngadjodo moal teu lajeut, moal todjaiah pikiran
dina sagala lakoena pantësna."
„Koemaha pidjalaneunana, sangkan eta noe doeaan ngadjodo?"
„Ih, badami bae ka dinja djeung djinisna."
„Mangga, iraha pisaeeunana oerang njarios sarëng aji kornis?
Ah, ëngke bae bari taroeang bade ditaros."
„Arek pok bae njaritakeun përkara eta ëngke teh?"
„Ah, moal, bade njanggëm aja pitjarioseun bae anoe përloe sa-
eutik,"
„Ënja, kitoe bae saeutik diboeboekaan."
Poekoel dalapan noe dioepat djol dina kareta mësin. Teu lila
antarana geus ngarioeng taroeang bari salasaoeran.
Reres taroeang istri djoeragan Soelaeman pok naros: „Wëngi
endjing aji bade angkat ka mana?"
„Naha tjeuk, mariksa kitoe?"
„Hënteu, ngan atjeuk gadoeh pitjarioseun saeutik, nanging moen-
dël, tjariosna saeutik përkawisna agëng."
„Mangga, ajeuna bae atoeh tjarioskeun, teu aja pambënganana
di abdi mah."
„Moal ditjarioskeun ajeuna, hajang rineh barëmpagna."
„Wengi endjing moal tiasa, margi abdi parantos djangdji ka ba-
batoeran."
„Iraha salsena?"
„Wëngi pageto manawi."
„Sae wëngi pageto oge, satowongna atjeuk mah, oelah djadi
pambëngan kanoe sanes."
Geus kitoe djoeragan Kornis boes ka kamarna rek didamël
tjënah.
33

V. PAPATJANGAN
Dina waktoena noe geus ditangtoekeun tea tiloean tjaralik di em-
per bari niis. Dina medjana sajagi leueuteun tjiteh, didjagragkeun
djeung potjina, ari lalawoehna dadamëlan noe kagoengan boemi
bae, lain koeeh aneh. Pok istrina djoeragan Soelaeman ngamimi-
2

tian sasaoeran, moedji kabalabahanana, kasaenana ihtiar keur ka-


om istri koe ngabantoe ngadëgkeunana sakola karadjinan tea, koe
biantara dina koempoelan V . A . Sadjabana ti dipoedji teh dinoe-
hoenkeun katjida, disamboeng koe pamoega-moega angën-ngënna
noe disëbarkeun di tanah Atjeh sing djadi bibitna kamadjoean.
Ëngke di ahir sing kaala boeahna koe oerang Atjeh.
„Ah, atjeuk mah matak isin moedji teh, padahal noe dilampah-
keun koe abdi teu aja poedjieunana, abdi mah moeng darma nga-
lampahkeun kawadjiban manoesa këdah silih toeloengan."
„Kantënan koe atjeuk oge kahartos, nanging kapan oerang teh
wadjib boga panarima, koedoe nganoehoenkeun kana kahadean ba-
toer. Pantës katjida mangnëpikeun panarima hate para istri oerang 1

Atjeh kana djasa aji."


„Ah, nanging sanes pipërnaheunana ka abdi mah."
„Poegoeh wae aji, meudjeuhna para istri nganoehoenkeun teh,"
saoer djoeragan Soelaeman nembrong tjarios.
Dihoeroep koe doeaan mah noe anom teu bisa djawab, imoet bae
bari ngalehek sëmoe ngadajagdag dina korsi.
„Tjing pek toeloejkeun njarita teh," saoer djoeragan Soelaeman
ka istrina.
Sakëdapan ngahoelëng djoeragan istri teh, pok deui: „Koemaha
maksadna sarëngi angën aji, tjindëkna noe dipëdar dina këmpëlan
2

V . A.?"
Djoeragan Rachmat tjëngkat, ngawalon: „Teu aja sanes kadjabi
ti hajang ngamadjëngkeun kaom istri, margi oerang dieu oepami
dibandingkeun sarëng oerang Soematra Pasisirkoelon, oerang T a -
nah Djawa sarëng djabi ti eta, teu kintën tinggaleunana. Koe
atjeuk oge tangtos kaoeninga, sanes? Oepami lalakina oerang dieu
noe parantos kenging pangadjaran daraek ngabantoe kana karëp
abdi, tangtos ieu panëdja laksana, sanes ngadadak, nanging mak-
sad abdi oesaha oerang tangtos aja boeahna. Anoe parantos aroe-
ninga këdahna oelah boslën maparin pitoeah, pitoetoer ka para
2

Bentang Atjeh 3
34

istri. Kapan anoe pangheulana ngatik pidjëlëmaeun teh iboe, noev-


mawi iboe noe këdah tatas kaoeningana tina sagala përkawis pi-
keun kasalamëtan djëlëma. Abdi teu kintën tjotjogna ka noe kara-
goengan manah, jen indoeng noe këdah mëlak sagala roepi bibitna
sipat kasampoernaanana manoesa di baroedak. Nanging lah, nja
eta atoeh di Atjeh mah sësah, tjeuk."
„Sësah koemaha aji?"
„Soemoehoen, tadi oge parantos disanggëmkeun oerang dieu të-
bih tinggaleunana koe noe sanes, koeno keneh pisan oerang dieu
teh, teu njaah ka anak."
„Wah, aji mah pirakoe. D i oenggal bangsa oge njaah ka anak
teh aja. Geuning oerang dieu anakna teu meunang leupas tina pa-
nonna. Sanes saking koe njaah kitoena teh?"
„Tah eta sanggëm abdi „teu njaah ka anak." Njaah kitoe pëta
sanes njaah, nanging ngaroeksak anak, ngahalangan kana kama-
djëngan. Njaah doelang seueur matakna, seueur awonna manan
saena.
Ieu noe ditjarioskeun teh parantos karandapan koe abdi pribados.
Waktos abdi bade mios noeloejkeun sakola, poen bapa sarëng poen
biang rame parëboet. Kahajang ama abdi këdah tëras sakola, poen
biang keukeuh oelah, pageuh mëgatan. Ama maksa ngadjoeroeng
abdi mios, iboe teu iasa madjar koemaha. Saparantos abdi mios
iboe ngoejoeng, djadi aloem.
Waktos pakantji rada lami abdi wangsoel, dongkap ka rorom-
pok njampak iboe parantos salin roepi, djadi langsip sarëng më-
soem. Barang djol abdi dongkap, ngarontok bari ngagëro nangis,
abdi dirangkoelan digoegoeloeng, kawas ka noe dinjanaan moal
dongkap deui. Salami abdi teu aja, tjariosna teu aja noe dipitjang-
tjam lian ti abdi, doegi ka goendam-goendam abdi noe disambat,
dipisaoer.
Bade seep pakantji abdi wangsoel deui ka sakola. Tjariosna poen
biang tëras ngalanglajoeng kaedanan koe abdi, pedah patëbih.
Heuleut opat sasih nampi sërat kawat, iboe doegi ka hanteuna.
T i sakola abdi përmios wangsoel ka lëmboer, kenging sasasih.
T i barang dongkap doegi ka mios deui, salami aja di rorompok teu
aja towongna ngoeping noe mëntog, wah roepi atoeh, anoe njeuk-
2

seukan, noe ngananaha, noe moepoeas bae aja; pokna warna , anoe
2

poksang tjëplak pahang matak peurih kana ati, madjar teu njaah
35

ka indoeng, tega ka indoeng sarëng djabi ti eta; anoe teu patos


wantoen roepina, koe sindir sampir. Oepami ama kirang mah na-
2

han kasabaran, doeka teuing, abdi oge manawi djadi djëlëma ka-
mandjon, Aja koedoea ngalilipoer, ngalëlëmoe ka noe kapapatenan,
ieu mah ngan sirikna teu noendjoek moepoeas. Baraja ti iboe loe-
2

loegoena noe kararitoe teh. Anoe moekproek koe piwoeroek teu aja
kadjabi ti ama, ngagëdean hate abdi. Sabot aja di lëmboer siang-
wëngi ëlah-ëlih teh emoet ka iboe anoe sakitoe tjoemantelna ka
abdi, kawoewoeh ngënës asa diraheutan hate koe baraja.
Lah, atjeuk, oepami ras emoet ka dinja, mani beh bae poen
biang, poen bapa dina beungeut.
Tah, atjeuk, ëngkang, abdi banting toelang ngabelaan bangsa
sorangan teh, etang sasieur sabeunjeur moelang tamba ka iboe ka
2

ama, anoe wëlas, anoe heman ka diri abdi, moal aja babandinga-
nana. Ajeuna karasa, kaharti saparantos teu araja di kieuna."
Djoeragan Rachmat dina noengtoengkeun sasaoeran tjisotjana
tjarindakdak, manahna kagagas.
Djëp lami meueusan pada ngalangeu ngadjiwa mënëng.
Noe pangheulana sasaoeran deui istrina djoeragan Soelaeman,
kieu saoerna: „Aji, sagala kaajaan noe awon, anoe mëgatan kana
kamadjengan, koe oerang kenging dikeureujeuh ditoengtoet saeu-
tik-saeutik koe atikan sarëng pangadjaran, asal oerang oelah bo-
sënan. Koemaha pidjalaneunana anoe parantos diilëng-ilëng koe
aji, sangkan panëdja oerang tiasa enggal laksana?"
„Doeka Atjeuk, lëbëng abdi mah poëkeun. Nanging pikeun sadi-
rieun abdi mah, taja sawios oesaha oerang ajeuna teu kaalaman
boeahna, asal ëngke di ahir bangsa oerang bisa moelja."
„Tadi saoer aji, istri sarëng pamëgët këdah paheujeuk-heujeuk
leungeun, nja eta istri sarëngi pamëgët këdah saoejoenan, sami pa-
2

da ihtiar. Sapërtos aji ajeuna njëlëngtjëng njalira, tjek emoetan


atjeuk mah sësah pilaksanaeunana anoe dipikarëp teh."
,,Euh soemoehoen, gadoeh abdi oge lalamoenan tea mah, nanging
teu atjan wantoen ngëdalkeun. Ajeuna abdi malik naros, koemaha
emoetan atjeuk sarëng ëngkang. Abdi paparin bongbolongan."
„Tah nja eta noe mawi diadjak barëmpag oge," saoer djoeragan
Soelaeman, rëgot ngaleueut. Arek ngong sasaoeran deui kapëgat
koe istrina.
„Kieu aji, sagala pagawean koedoe make akal dilampahkeunana.
36

Ari akal tea pëpëk, sapërtos oerang njiar artos pangëmatna artos
deui, ngala titiran dipikatna koe titiran deui, ngala laoek noe ngoe-
seup sok make eupan, sanes?"
„Aeh2, ari atjeuk bade angkat ka mana?" saoer djoeragan Rach-
mat bari imoet.
„Bade ngadjoegdjoeg anoe dimaksoed," walonna.
,',Lah edas, atjeuk mah sasaoeran teh djarëro nakër, matak teu
Itcihox tos
„Sasaoeran hënteu sae nëgël këras, noe sae malapah-gëdang.
Geura dangoekeun."
„Mangga, roemaos bëlët abdi mah, kirang loeang ongkoh.
^Aji parantos pangintën ngadangoe atanapi maos riwajatna
Kangdjëng Nabi s. a. w. Andjeunna ngaliarkeunana agama Islam
ka para istri koe geureuhana sarëng para sahabatna.
„Lërës, panëda abdi oge, moegi para istri anoe barinangkit anoe
2

aja komarana, kërsa ngarodjong ieu pamaksadan oerang."


„Kantënan ari ngarëp-ngarëp mah teu aja lëpatna, ngan aja
sësahna satoengtoeng oerang goemantoeng kana sahajoena batoer.
moal tjara boga batoer anoe sagoeloeng-sagalang, anoe sakarëp
sarëng saoedagan."
„Soemoehoen kitoe saena mah."
„Djadi oerang teh parantos sapagodos, sanes?"
„Soemoehoen.'
„Noehoen ari kitoe mah. Nangingi sësah kadjadianana kenging
batoer anoe soson ngabantoe kana sapamaksoedan oerang, oepami
2

teu katalian. Kadoeana ari aji lalagasan bae mah, djëlëma moal
wëleh neundeun tjoeriga."
„Soemoehoen këdah koemaha atoeh?"
„Na teu kahartos aji, maksad atjeukna?" saoer djoeragan Soe-
laeman.
„Noe mawi poëkeun."
„Ari kirang tërang mah, mangga koe atjeuk bade ditërangkeun.
Singgëtna maksad atjeuk sarëng ëngkangna, soepados kang rai
enggal kagoengan geureuha."
Djoeragan Rachmat goemoedjëng: „Abdi teh këdah enggal
kawin?"
„Soemoehoen," walonna noe doeaan.
„Soemoehoen, përkawis kawin atanapi gadoeh bodjo teh kawa-
37

djiban lalaki, teu disëbat wadjib oge atoeh galibna, nanging iraha-
irahana koe oerang teu kenging dipaksa. Koe margi eta moegi hën-
teu bëndoe, sadangët ieu teu atjan gadoeh emoetan kana gadoeh
bodjo. Djadi moal tiasa ngiringan kana kërsa atjeuk sarëng ëng-
kang."
„Teu oemoem aji, këdah enggal nikah."
„Atjeuk, moegi oelah bëndoe, tina përkawis rarabi abdi parantos
gilïg pikir moal noeroet koe diadoe-adoe, soemawontën dipaksa
mah. Kawin teh këdah soeka pada soeka, oelah koe paksa-piroesa.
Adat sëpoeh papaksa nikahkeun poetra koe oerang wadjib dipëra-
ngan. Adat awon këdah digëmpoer doegi ka teempoer ka akar-
akarna.
„Oelah lëpat paham aji, atjeuk sarëng ëngkangna teu pisan bade
maksa, tadi oge kapan parantos disëbatkeun nërangkeun maksad,
nja aji diadjak barëmpag, hajang ngoeping koemaha mamanahan
aji."
„Noehoen ari kitoe mah. Abdi teh moal waka gadoeh bodjo,
samemeh mëndak anoe tjotjog sarëng lëlëmboetan. Noe mawi moal
roesoeh gadoeh bodjo, koe atjeuk oge tangtos kamanah, margi ëng-
ke saparantos abdi bodjoan teu moestahil lalamoenan noe ajeuna teh
leungit samasakali atanapi woewoeh tarik. Djadi pilampaheun abdi
goemantoeng ka pibodjoëun tea. Oepami kalërësan kenging noe
sahate, bagdja tiasa loeloes, saoejoenan ngalampahkeun anoe dipi-
angën-angën koe oerang'. Kasieun teh kenging noe sabalikna eta,
pangintën abdi tikëlëbëk deui."
„Tah, nja eta pangna atjeuk doeaan sarëng ëngkangna ngiring
ngadoedoe'a, ngiring ihtiar, hajang ngadjoengdjoeng maksad aji."
„Bade doegi ka mana atjeuk ngabantoe teh?"
„Doegi ka sampoernana noe disëdja, lantaran atjeuk gadoeh ti-
tingalan. Tjek rarasaan atjeuk mah sageuj teu kamanah teh koe
aji."
„Saha tea, tjeuk?" saoer djoeragan Rachmat bari njerengeh.
„Boedak atjeuk, djaba ti wawarahan atjeuk, teh bëkas sakola
deui, moal matak era ngasongkeun ka hareup."
„Saha, tjeuk? D i mana? Aja di dieu?"
„Oerang dieu, sok ka dieu, ka aji parantos tërangeun."
„Saha, tara ningal boedak awewe ka dieu. Teu atjan ningal aja
semah parawan ka dieu."
38

„Toeh, nampik ari nëpi ka emprona mah."


„Ha-ha-hah," djoeragan Soelaeman goemoedjëng. „Mana oge
ka istri mah këdah atos aji. Koemaha eta atjeukna ngadalak?"
2

„Ah, teu poegoeh atjeuk mah ngalilieur. W a r g i atjeuk atanapi


wargi ëngkang eta teh?"
„Disëbat baraja kenging, disëbat sanes baraja kenging."
„His, djamakna adat awewe etah, aji," saoer djoeragan Soe-
laeman.
„Sëbatkeun bae ngaranna?" saoer istrina djoeragan Soelaeman.
„Bade disëbatkeun mangga, bade moal mangga."
. „Lërës aji, teu njana iasa meupeuh," saoer djoeragan Soelaeman.
„Atoeh atjeuk bade ngeledan. Koemaha aji, aja tjop manah ka
Sëbatkeun bae, kang, ngaranna?" saoerna bari ngareret
ka tjaroge.
„Ënja, pok wae kainjah."
„Siti Saniah, aji ngaranna mah."
Siak raraj djoeragan Rachmat, toeloej olohok sakëdapan, angën-
na dagdigdoeg, pok ngawalon sëmoe noe hese: „Siti
Saniah ?"
Anoe pada imoet, ngartos kana pëtana noe anom barobah sa-
këdep netra koe ngadangoe djënëngan anoe lëndjang didjëplak-
keun.
„Jaktos eta, aji."
„Aja halangan roepina ka dinja mah."
„Naon halanganana?"
„Sajaktosna — soemoehoen bade waktja wae, da parantos ka-
oeninga ieuh — abdi teh ti barang tëpang dina kareta api, waktos
pindah ka dieu, dongkap ka ajeuna hate ngait ka manehna. N a -
nging teu aja pangintën kasorang, margi ngoeping tjarios ti baba-
toeran, wah matak hoream "
„Koemaha tjariosna noe kadangoe ti rerentjangan?"
„Sëpoehna angkoeh, loehoer, sanes karajapaneun abdi. Parantos
seueur noe dongkap, sadajana ditampik sapadjodogan, këtjapna,
pëtana teu aja pisan ngaragapna angën batoer."
„Na koemaha loehoerna teh?"
„Oepami aja noe dongkap sëdja ngalamar, oeninga pokna? Moal
dikawinkeun ka djëlëma sambarangan Saniah mah, hajang ka noe
39

loehoer pangkatna, menak djeung beunghar. Keur naon bareto di-


sakolakeun, teu meunangkeun noe kitoe-kitoe atjan mah."
„Pangintën noe dongkapna tea bae hënteu nalipak maneh."
„Har, noe mawi atjeuk mah, abdi ge tërang djëlëmana, bëkas
sakola, sarëng teu aja tjatjadna: djëlëma lëmpëng bënër, bërësih ati,
handap asor. Djinisna jaktos soekana pribados, sanes diadoe-aüoe
koe sëpoeh. Tjek emoetan abdi mah pantës djadi salakina Siti
Saniah.",
„Ih aji, oelah ningali sareatna bae, oerang teh këdah emoet kana
kadar deuih. Saha noe oeninga, djeung itoe taja kadarna, soegan
djodona ka aji," saoer djoeragan Soelaeman.
„Doeka, teu tiasa njëbatkeun. Moeng aja pangharëpan abdi sa-
eutik, nja eta hajang ngadjoegdjoegan djinisna, saparantosna ha-
jang tërang, koemaha manah sëpoehna."
„Lah, sok tada teuing soekana, oepami kadjadian salalamoenan
atjeuk sarëng ëngkangna. Boedak gëtol, seukeut, gëde karëp, rë-
sëp kana kamadjoean, boga bakat kaloeloetan. Tjoekoep wae sa-
gala-galana pibatoereun aji, ngoedag kasënangan, kamoeljaan.
Moal ënja hënteu bela ka tjaroge."
„Oelah waka ka dinja, tjeuk, lalamoenan teh."
„Tjing koemaha poetoesanana ieuh?" saoer djoeragan Soelaeman.
„Sanes, abdi toemaros saeutik. Parantos diotjal-otjal ka djinisna
ieu përkawis teh?"
„Teu atjan, ngan atjeuk mah ningal boedi bae, noe panoedjoe
sarëng noe hënteu bentën."
„Awas atjeuk mah, rarasaan teh boeni, hi hi hih."
Djoeragan Soelaeman og'e goemoedjëng, silih reret djeung istrina.
„Njoehoenkeun sarantos, moal tiasa ngadjawab ajeuna. Abdi
njoehoenkeun tempo 7 dintën. Sarëng itoe djinisna këdah dipaparin
tempo, geusan mikir, geusan milih pisalakieunana. Oepami teu poe-
roeneun ka abdi, abdi moal maksa, masing bogoh oge, moal njieun
pikasoesaheun di ahir."
„Sae, keun koe atjeuk djinisna mah rek ditanja."
„Mangga sarëng noehoen kana karidoan atjeuk, moeng njariosa-
nana oelah diolo, pedah abdi aja di atjeuk."
„Wah, tjaritana mah ëntong ngaborongkeun atjeuk. Iraha oerang
badami deui?"
„Ëngke bae manawi wëngi Djoemaah pajoen."
40

„Mangga iraha oge atjeuk mah ngiringan."


2

„Tamat ieu teh?" saoer djoeragan Soelaeman,


„Parantos," walon istrina.
„Hajoe atoeh aji, oerang toeang. Lapar ëngkang mah ngoeping-
keun atjeuk tjarita, mani hajang geura am am bae, ha, ha, hah."
Istrina nindjoel bari ngadëlekan, tapi teu tinggal ti imoet. Noe
digondjak hënteu ngarti, noetoerkeun angkat pandeuri, goemoe-
djjëngna mah goemoedjëng.

T i saëntas badami djoeragan Rachmat tambah njongsrong ka noe


djadi boeah ati. T i barang amprok oge geus ngantëng, koe baba-
toeran didjangdjaroehkeun ka dinja, ajeuna koe noe dipikolot nja
eta noe diandjrëkan, dihoetjoehkeun pisan, atoeh beuki angot. Tapi
ari risina mah teu leungit. Karisina teu aja deui ngan sieun ditam-
pik, djinisna sieun teu soekaeun; sëpoehna sieun nampik tjara ka
noe ënggeus .
2

Ana pikir geus katarik koe hawa napsoe, asal tjaang djadi soe-
rëm, tjara djoeragan Rachmat akalna teu madjoe, damëlna ngan
ngalamoen. Keur kadatangan lamoen aloes, bëger, heheotan, hahari-
ringan, boedina marahmaj. Ana kadatangan lamoen goreng, mësoem
ngadjëlëngoet, boro soeka seuri, kërsa imoet, teu palaj sasaoeran-
2

sasaoeran atjan. A r i pangharëpan mah teu pëgat, noe matak beu-


rang-peuting sok ngadoa, moega ihtiarna djoeragan Soelaeman
2

istri-pamëgët sing hasil.


Tapi tina bëdasna napsoe, teu koeat sabar, ngadago bedja ti noe
diarëp-arëp. Panasaran hajang jakin sorangan, soekaeun hënteuna
djinisna, toeloej njërat.
Heuleut tiloe poë ti ëntas badami tea istri djoeragan Soelaeman
dina hidji sore ngadjak sasaoeran ka Ënden Ijah, bisa njalësërna
teh, teu katara rek andjog ka noe dimaksoed teh. Panoengtoengan
djawabna teu pandjang, kawantoe tatjan bisa tjarita përkara kitoe.
Tjeuli eutjeuj, beungeut beureum, dioekna teu ngeunah tjitjing, ba-
waning era meureun, pokna: „Koemaha sëpoeh bae abdi mah, pa-
rantos doegi ka kadar mah boro ka dinja
2
"
Teu samar ajeuna mah noe sok dipikaingët teh asiheun sarta arek
ënjaan lain ngarah saoelineun. Tjek dina manahna: „Soekoer uoe
nanjaan ti hareula koe iboe koe ama hënteu ditampa, sihoreng rek
datang ieu noe model. Ja Allah, moegi iboe ama njaah ka abdi teh
2
41

sing asih ka itoe. Doeh iboe ama, moegi sing rido nitipkeun abdi
ka dinja, da abdi seep nja soeka doenja-aherat."
Isoekna keur ngalong dina djandela, asa aja noe didagoan, ari
2

dipikir deui, saha ti mana, asa euweuh noe koedoe didago-dago,


tapi tjek rasana keukeuh aja. Teu sabar ti djëro bidjil ka tépas,
tëroes toeroen ka boeroean, nëmpo ka djalan. Sihoreng geus tëroes
rasa. „Toeh geuning, oepas kantor piwarangan ëngkang," tjënah,
teu karasa njëblak dibarëngan ngoetjap. Tjoelang-tjileung tjara boe-
dak boga dosa sieun aja noe ngawaskeun, toeloej ngitjiprit mapag-
keun piwarangan. A r i gok, oepas ditanja: „Rek ka koering', mang?"
„Soemoehoen, Ënden. Ieu bade njanggakeun sërat."
„Tjiik. Hënteu sasaoeran nanaon deui?"
„Teu aja, da saoerna sok leos."
„Noehoen atoeh, tah ieu keur meuli bako."
Oepas nampanan, dongko bari nganoehoenkeun, tjek pikirna:
„Beuki wawoeh teh beuki loetjoe. N a keur geulis teh manis, someah
berehan. Ënja ieu mah bentangna teh."
Soerat tea koe noe nampa dilipëtkeun, sëlësëp kana parantina
para istri njimpën soerat ti djoengdjoenan. Langg'eor moelih ka
boemi, angkat ngalëlëmpër manah, inggis katangen pasëmon, ka-
latjat ka boemi oenggah, braj panto soep ka kamar, narik soerat
bari imoet, diboeka toeloej dibatja. 4
Kahatoer
Ënden Siti Saniah
hing
Meureudoeati.
Sarëng' hormat.
Moegi hënteu djadi rëngat galih Ënden, sarëng disoehoen-
keun loentoering sih kërsa ngahapoentën wireh ëngkang koe-
malantjang wantoen njanggakeun ieu pihatoer.
T i kapoengkoer ti ngawitan pisan tëpang dongkap ka oe-
rang ngarioeng toeang sarëng' djoeragan Soelaeman, raraosan
ëngkang boeni neundeun sëmoe dina pikir, mitjinta ka salira
Ënden, manahoreng saboedi-boedi ëngkang kadjoedi koe
atjeuk Soelaeman. Ladjëngna arandjeunna istri-pamëgët pipi-
loeeun kana përkara ëngkang. A r i koe kitoe tea pantës da di
dieu teu aja deui noe heman mianak ka ëngkang salian ti aran-
djeunna, koe njaah pang sakitoe teh.
42

Pangna ëngkang teu enggal waleh ka Ënden, margina doea


2

përkawis: kahidji, inggis kataradjang wirang, hanas waktja,


padahal ëngkang noe ambon sorangan; kadoeana, teu aja kë-
rëtëg ngarah saliwat, pitëtëbiheun kana ngarah saoelineun,
inggis bilih parantos aja noe kagoengan.
Doepi ajeuna ëngkang' parantos teu kiat ngakandoeng ka-
gioeng salëbëting kalboe, parantos seep kasabaran, sadaja-
daja njanggakeun di kalaipan, nanging ari moentang ka Jang
Agoeng ëngkang teh taja këndatna moegi Ënden mihawatos
2

sarëng ngahapoentën ka diri ëngkang, anoe tjoemënos marok-


marokkeun maneh.
Salam baktosna
noe ngantos-ngantos
Rachmat.

Tamat dibatjana, soerat disoehoen, diamboeng, dikeukeupan,


boes deui diasoepkeun kana panjoempoetanana.
Sok njadiakeun kërëtas djeung amplok, hoelëng heula lila pisan,
mikiran koemaha pipokeun. Beunang mikir oelëng nakër teh kieu
oenina dina soerat:
Kahatoer
hingpangërsa djëng raka
Djoeragan Rachmat
Sarëng hormat.
Sërat ti ëngkang koe abdi parantos katampi, oengëlna ka-
hartos pisan. A r i mëng'gah abdi mah, da poegoeh awewe tea,
nampi tetesan kitoe ti ëngkang, moeng moedji reboe noehoen.
2

Plong bae boemi alam asa lëga, asa tjaang; gadoeh pigeusa-
neun titip diri, sangsang badan. Kitoe soteh, oepami ëngkang
sajaktosna mitjinta ka diri abdi.
Siang-wëngi teu aja noe diadjëng-adjëng salian ti saoer
ëngkang noe pasti kalawan aja boektina. Teu atjan kitoe mah
abdi moal wëleh paoer, ngolembar nja pipikiran.
Sawangsoelna abdi nëda sih hapoentën.
Sëmbah soeng'këm përtawis
noe tansah honëng.
Siti Saniah.
43

Geus anggeus soeratna, amplokna diadresan, boes soeratna beu-


nang nilëp ati pisan. Geus beres, geus diparangkoan nanaon hè-
2

lang diiangkeun ka pos.


Poë eta keneh pasosorena soerat walonan teh katampa koe noe
ngarëps. Biang manah djoeragan Rachmat djadi lëga, hënteu sak
deui, anoe sok diilëng dideuleu maling teh ka andjeunna ngadjëng . 2

Karisi sieun ditampik leungit, kasalëmpang sieun aja noe mapa-


langan leungit. Tjek pamilihna djoeragan Rachmat nadjan geulis
sapoeloeh geulis, bogoh sapoeloeh bogoh, ari geus aja noe ngakoe
mah, moal rek ganggoe, moal njieun pikangewaëun, pikanjëriëun
batoer.
Noeloejkeunana lalakon diserenkeun ka noe ditjitjingan, sapër-
kara teu aja deui noe dipisëpoeh ngan eta-etana, kadoeana aran-
djeunna noe ngotjal koedoe rarabi, katiloe ka dinja kadoana, djadi
2

sanggoep teu sanggoep, bisa teu bisa, dibeungbeuratan. Tapi da


tadi oge djoeragan Soelaeman istri-pamëgët, ngan ngantos poe-
roenna djinis pada djinis, djadi ajeuna diserenan damël teh ngan
boengah noe aja, asa rek minantoean koe andjeun bae, ngoeroes-
keunana bari rësëp.
Dina djëro doea poeloeh poë meunang tiloe kali arangkatna nga-
hadja ka sëpoehna Ënden Ijah. Teu woedoe iboe djeung rama
rame pabën, lantaran todjaiah mamanahanana. A r i noe djadi rama
hajang geura ningali nji boengsoe aja noe ngadjatnikakeun, inggis
bisi djadi sawan geureuh. A r i iboena ngangkrang hajang meunang,
bënër aing teu deungeun. Ngalamoenna di loehoer. Salah teuing2

hënteu, noe djadi iboe teh, pang sakitoe teh, tahan harga, njaah ka
poetra meureun. Tahan harga pantës, da mamantoe arek noetoep-
keun, ari boedakna geulis, geulis ka adat-adatna, nja bëkas sakola,
pintër, bënër, radjin, rapekan rea kabisa, teu salah disarëboet „Ben-
tang Kotaradja" teh, lain heureuj, lain bohong. Aja kasakitna iboe
Ënden teh njoso kana kamenakan. Ieu oge përkara djoeragan Rach-
mat, lamoen djoeragan Soelaeman istri djëlëma kitoe wae mah,
2

wah lapoer njoledat. Djadi iboe Ënden dihoeroep koe tiloean, anoe
ngahantëm ngagëlëndoet, nja tjarogena. Kalah koe hantëm dikeu-
reujeuh, leeh, toeloej leah toemoet kana timbangan tjaroge. Iboe
Ënden geus leah mah, teu aja noe djadi halangan, panglamar di-
tampi, tanda panjangtjangna madalion djeungi doeit.
Teu mangkoek sabaraha poë ngoengngeng bedja, toeltël tata-
44

lepa, gër wae sa-Kotaradja pada njaho, jen „Bentang" ënggeus


dikalang koe djoeragan Rachmat.
Para nonoman pamëgët roepa-roepa tjaritana; aja noe mitoeahan
ka babatoeranana: „Oelah loentang-lantoeng teu poegoeh ka Meu-
reudoeati euj, ajeuna mah, bisi kapanggih koe Rachmat."
Tjek noe sedjen: „Miloe soekoer bae dewek mah, beunangna koe
djago oerang."
Walon batoerna: „Ënja euj, tjatjak moen eta malati dipëtik koe
noe sedjen, dewek ge miloe panas. Koe Rachmat mah roemasa eleh
sisit, kop bae."
Tjek sawareh deui: „Meudjeuhna, saroea meunangna, moal ma-
tak sereukseuk deudeuleuan."
Pendekna awewe-lalaki, boh baraja boh lain, noe wawoeh noe
teu wawoeh, kabeh euweuh noe teu doa, „Bentang Kotaradja'
papatjangan djeung „Soeryana" Pagoejoeban Atjeh, ngan aja sa-
oerang anoe soelit, awal ahir hajang nembongkeun kagagahanana,
jen eta noe soerak ajeuna teh salah; leah soteh kapeped tjarita, teu
aja keur ngeumbing. Aja tempona mah, moal boeroeng tjëngkat
deui, iraha bae; sok soemawonna kakara papatjangan, dalah geus
djadi laki rabi ge, moal inggis mëgatkeun. Kitoe tjek dina manah
iboe Ënden.
Batoer pada soeka boengah, iboe Ënden mah gëmës, djengkel
garetek dina manah, tapi di loearna siga noe miloe boengah tja-
ra batoer.
Minangka ngarëntjeng-rëntjeng bari njalamëtkeun papatjanga-
nana djoeragan Rachmat djeung Ënden Siti Saniah, djoeragan Soe-
laeman kagoengan damël, tëmpatna ngadon di pamandian Mataië,
ngarah laloeasa saoerna, tëmpatna lalëga, tatamoe moal kararagok,
moal aja noe teu katjalikkeun.
A r i ondanganana, lain saeutik-eutik ondangan, koelawargi ti istri
imeut diondang, ngadjaga toehmah; tambah baroedak awewe so-
bat-sobat Ënden, djol sobat ki kabeureuh: oerang kantoran meh
2 2

tamplok kabeh, ti golongan sedjen anoe lorna dina „Pagoejoebana-


na" rea deui bae; aleutan sobat djoeragan Soelaeman istri-pamëgët
2

loba deui bae; lamoen diitoeng eta ondanganana, taksiran leuwih


gënëp ratoes oge.
Masing teu aja naon oge, djëlëma ngagimboeng sakitoe lobana
2

teu meunang hënteu, koedoe rame. Komo deui ieu beunang ngaha-
45

dia ngondangan kana kariaan, masing teu rea gangginggoengna


oge, tapi parab panon, parab tjeuli teu kakoerangan, katoeangan
djeung leueuteun, asal kiat patoeanganana.
Asal arek hadjat leuleutikan kadjadianana hadjat pohara. 1 ak-
siran bae, doemeh noe mangkoe karia kaloeloetan koe djëlëma, noe
disalamëtkeunana bene-beureuh matak tara seubeuh neuleu matak
panasaran sarerea, nëpi ka noe teu diondang oge loba noe datang.
Anoe teu aja di dinja ngan iboe-rama nji kabene, sabab noeroet-
keun adat oerang Atjeh, teu hade kolot roeang-rioeng djeung pimi-
nantoeëun.
Da make panata kaajeunakeun, noeroetan oerang koeion meureun
niatna mah, Ënden Siti Saniah diwawoehkeun koe pitjarogeeun ka
sobat-sobatna ieu.

"'istri djoeragan Soelaeman nambahanana pangarti ka nji kabene
mani totomplokan, dikëtroekkeun sakanjaho sapangabisa tina hal
boemen . Djaba piwoeroekna noe përloe moenggoeh di istri, ba-
2

waeun oemadëp ka tjaroge. Saaja-aja, satimoe-timoe, sakoer anoe


katimbang baris mangpa'at, dipoeragkeun, boh mangpa'at keur laki-
rabi sangkan loeloes, atawa soepaja gënah imah , boh mangpa at
2

keur hiroep koemboeh.


A r i bene-beureuh tambah poë tambah silih asih, beuki ënja beuki
pageuh silih tjangtjang dina ati. Lamoen radjeun aja noe ngagon-
djak, djawabna saroea, madjar teh lain bogoh, karoenja.
Dimana tëpoeng siga noe euweuh kabosënan njaritakeun lala-
konna noe geus kasorang. moen teu kitoe padoengdëngan rëboet
bënër baris pikahareupeun. Sakapeung sok silih oedji, bisi aja te-
kadna noe salah, tapi tara aja kabeunangan, da saroea pada soerti,
pada bërësih tina paniatan goreng, sagala roepa hajang pada broek-
brak, teu aja noe hajang salingkoeh.
Lamoen proek teh ditikahkeun, koe ieu-ieu pada njëboet mcaï
gagal pilajeuteun, da sapikir, sakarësëp, sakanjaah. Halangan noe
matak ngalila-lila papatjangan teu aja. Koe doeanana teu aja deui
noe didago-dago ngan dihajoekeun koe sëpoeh istri.
46

VI RIRIWA
D i kampoengan Walanda lëbah djalan Kedah aja menak anom
bangsa Atjeh boemen-boemen njalira. Njalira soteh lalagasan, ren-
tjang mah teu koerang.
Saha tea eta teh?
Teukoe Banta Raman, poetra Rëgen Pasisir-Kaler (tanah Atjeh).
Ajana di Kotaradja tatjan lila, kakara meunang saboelan, didamëlna
di kantor Goepërnoer. Didamëlkeun di dinja teh minangkana mah
dihoekoem, sabab di nagarana koe ramana dibëndoean, lantaran
nirtja kalakoeanana, nja disanggakeun ka Goepërnoer koe Assis-
tent-Resident Lho Seumawe.
T i sadjigna Teukoe Banta Raman oerang Pasisir-Kaler sirikna
teu soerak bawaning koe aratoh, sarerea pada asa timbrëng, tala-
libra pikir, teu aja toekang ngagoedjroedkeun. Atoeh da tjek noe
bohong mah teu ngalaroeng noe boeroeng, teu njesakeun anoe
edan.
A r i di Kotaradja mah teu aja noe tërangeun, kasëboetna ngan
menak loehoer wae, poetra Rëgen. Boemina agreng, kawantoe gë-
dong mahal sewaanana, parabotna singsarwa hoeroeng-herang.
Ana loengsoer ti boemi tara teu ginding. Sakërsana kaanteur, da
oeang teu koerang, digojor koe iboe, djaba gadjih ti nagara.
Saban sore damëlna pasiar ngoerilingan dajeuh, sakapeung sok
nëpi ka ,,Këbon Radja," taman tëmpat noe pëlësir, tëmpat padjë-
moehan nonoman bangsa Eropa. Rada mindëngi oge Teukoe teh
soempingna. Sadjaba ti rësëp ngadangoekeun moesik, kawasna rë-
sëp ningali noe dangsa djeung eta deui gëgëdena mah aja manah
ka ënon. Ana geus warëg' ningali di dinja, ladjoe deui ka lapang
tëmpat maen bal, ngoerilingan sisina, da lapang teh lëga, oeroet
aloen-aloen baheula djaman karadjaan Atjeh nandjoeng keneh, sa-
koerilingna djalan gëde. D i hareupeun Gëdong Atjeh, gëdong' moe-
sioem, deukeut pisan ka sisi djalan aja lotjeng sagëde nanahaon,
ngaranna si Tjakraboeana. Ieu teh lotjeng poesaka karadjaan Atjeh
djaman koena. Bareto mah digantoengkeunana lain lëbah dinja, di
hareupeun kantor Goepërnoer dina kai gëde. Teu djaoeh ti lëbah
lotjeng tea, manggih djalan ngoletjer, noe ka kentja tëroes ka beos-
kop bras ka kapoetran (pangandjrëkan baroedak sakola); ari noe
ka katoehoe rada nandjak djalan noe tëroes ka pamandian Oeleël-
47

hoeë,. Beak tandjakan djalan rata deui. Tah ti lëbah dinja plong
titingalan ploengplong ka mana-mana matak waas.
T i dinja menak anom moetër ka Neusoe, patilasan tamansari di
kapoetren djaman baheula. Balong' pangëbakan poetri aja keneh,
malah ajeuna oge diome dihade-hade, tjaina tjanembrang herang.
Sisi balong aja goegoenoengan batoe, boeatan noe baheula keneh,
jasana Soeltan Atjeh, doeka Soeltan noe mana, ngan tjek tjarita, eta
goegoenoengan teh didjieunna timbalan Soeltan. A r i saënjana eta
goegoenoengan teh gëdong pangëbakan, pangkengna sababaraha
hidji njanghareup ka balong, aja tëmpat nji poetri salin panganggo,
aja tëmpat lëlëson, aja tëmpat dikoedjamas djeung djaba ti eta.
Deukeut soekoena beulah ti ditoe aja lisoeng batoe, baheula mah
bedjana paranti noetoe djëlëma, anoe dihoekoem pati. Teu sabaraha
djaoehna ti goenoeng batoe aja gapoera, batoe deui bae ieu ge; koe
oerang dinja disarëboetna ,,Pintoe Khob." Tjek tjarita, ieu panto la-
wang ka tamansari. Dina poë Ahad loba noe ngahadja ngadon pë-
lësir ka dinja, lolobana bangsa istri, ngöwawaas andjeun meureun,
njipta djaman taman dilingkoeng koe koeta loehoer djeung tohaga,
djol nji poetri ti lawang gapoera tea, diiring koe para ëmban, para
tjëti pirang saha poetrina? Eta noe njipta.
2

Menak anom tëroes deui ngadjoegdjoeg ka taman kampoengan


para koemëndang, sabab eta taman teh përnahna di tëngah , di- 2

poetër koe djalan gëde, sisi djalan ngaberes gëdong para opsir,
2

noe panggëdena boemi kornel djeung boemi loeloehoer kareta api


Atjeh. D i Kotaradja pangramena maen tenis nja di taman eta, baba-
koena njonja djeung toean-toean opsir.
2

T i toengtoeng Neusoe mengkol ngentja mapaj djalan noe ka gë-


dong toean Goepërnoer. D i gigireun gëdong' ngadjëgir kantor ka-
goepërnoeran. Hareupeun kantor makam para Soeltan Atjeh dja-
man baheula, nëpi ka ajeuna ieu makam teh dioeroes koe nagara.
Tah lëbah gëdong Goepërnoer teh, tjënah baheula karaton Soeltan.
Tadi lëbah goenoeng batoe tea patilasan kapoetren, ajeuna lëbah
kantor patilasan „Koeta dalem," karaton tea.
Anoe anjar datang' ka Kotaradja sok rea noe panasaran, hajang
mapaj patilasan noe baheula. Ieu oge menak anom pëlësir ngoe-
2 2

riling ka dinja teh njoemponan sarat, kabawakeun koe kagaliban,


diembohan koe pangharëpan, soegan manggih noe herang-herang,
noe beunang' diandjing-tjai.
48

Damël anoe dipërëloekeun koe Teukoe Banta Raman pangpang-


na ngaladjoer napsoe, kadoea ngaginding pasiar. A r i damël kantor,
wah, diteundeun di toekang oge pangtoekangna pisan. Nambahan
pangartos tjara batoer, diadjar basa Walanda tea, diadjar basa
Inggris tea, teu aja manah. Saoerna: „Teu poegoeh njiar pikapoe-
2

singeun, mënding pëlësir." A r i di djëro manahna mah: „Keur naon


make njatjapeanan maneh. Bapa djadi Rëgen, doeit teu koerang;
rek naon deui? Pintër bodo saroea bae, ama liren djadi ganti, ama
poepoes nampa waris. Djënëng bakal, beunghar bakal, teu soesah
ngakal. A r i batoer mah noe teu njaho piëngkeeun, pantës bae ma-
sing doeg hoeloe pët njawa oge, neangan pangarti keur njiar rë-
djëki. Sanghareupaneun aing mah njiar naon ngan
kasoekaan."
Aja tabeatna noe pikarësëpeun batoer, nja eta bear boedi, hade
basa, akoean djeung aloes rëngkoeh, noe matak loba djëlëma noe
kadjirët.
Kabënëran dina malëm Ahad di beoskop rame, aja gambar
anjar, programana oge pidoea-poëeun deui geus disëbarkeun di
sadajeuh. Anoe meuli kartjis mani ngagimboeng keneh bae sakitoe
geus deukeut kana waktoena maen. Awewe mah geus teu bisa
asoep, bawaning koe sësëk. Anoe mareuli kartjis rea noe ngengken,
kadjeun roegi koe saeutik, moeroehan noe daek pagëlëk-gëlëk.
Torodjol lalaki saoerang, njampeurkeun noe keur ngadëg han-
dapeun lampoe, disarëngan koe istri doeaan.
„Ieu njanggakeun," tjek lalaki teh, „kartjisna tiloe klas II sarëng
ieu angsoelanana, sakëtip."
„Noehoen," djawab noe nampan kartjis, „kop bae pamoelanga-
nana mah."
Toeloej noe tiloean teh aboes, kabënëran di kl. II aja keneh tëm-
pat di hareup-hareup oge. Poekoel 7 tjamplëng geus pinoeh oenggal
këlas, komo klas III djeung këlas goeroeboeg mah, mani mëtët, loba
djëlëma noe radjëg di gigir teu kabagean keur dioek. Roep lawang
loear ditoetoep, reup lampoe kabeh pareum, braj gambar dina lajar.
Djëlëma rame képrok, kamedi mimiti maen.
Dina waktoe paoeseu braj deui damar tjaang ngëbrak. T i loge,
kl. I djeung kl. II riab noe kalaloear, ngadon njenghap. T i kl. II ka
loehoer noe aja di djëro teu sabaraha lobana, djadi noe wawoeh
noe teu wawoeh oge tetela kanjahoan.
49

,,Masa Allah, itoe saha? Ëmh, ënoengi teu njana teuing, dioebëk-
oebëk geus sababaraha lilana, kakara kapanggih ajeuna. Noehoen
toean A . R„ koering dipindahkeun ka Kotaradja teh geuning rek
meunang milik gëde." Sakitoe saoerna noe keur ngadëg' deukeut
panto këlas I. Heug noël ka sobatna bari mariksa: „Ieuh, hih bët
mëlong bae toekang piano, itoe naon?"
„Mana Aom?"
„Itoe, toeh di këlas doea, di hareup, deukeut noe badjoe hedjo.
Toetoetoeh ngalieuk ka dieu. Adoeh, tobat Goesti, tamat ieu mah,
poetri toeroen ti langit bae soegan."
„Parantos aja noe boga eta mah, Aom, batoer oerangi di ditoe
di kantor."
„Saha?"
„Rachmat, kornis di Afdeeling C . "
„Geus kawin?"
„Teu atjan, nëmbe papatjangan."
„Euh, handjakal teuing, panjana teh lengoh keneh."
„Ari eta saha noe babarëngan?"
„Djoeragan Soelaeman, goeroe H . I. S."
Noe ngawangkong teu këbat, kaboeroe kiriling-kiriling kame-
1

di rek maen deui.


Samoelihna ti bioskop menak anom gagalapakan, toeloej soempah
sorangan: „Lamoen tatjan beunang, moal wëleh njiar tarekah, ka-
djeun beak naon-beak naon."
Anom keneh soteh joeswana, ari djadi babangkak ka istri mah
di Lo Seumawe kapan geus katjëloek teu aja bangsana, tabah kana
djalan sëlëpat-sëlëpit pikeun ngaroeboehkeun batoer.
Seukeut neangan akalna, tjëpët ngalampahkeunana, teu sabaraha
lilana antarana ti saëntas nongton bioskop tea, menak anom geus
papajoen-pajoen sarëng ramana anoe keur ditjileuk. Boedi basa ka-
toet rëngkoehna keur bakat dianggit pisan, dadas pikaloetjoeeun
woengkoel. Sakitoe nja poetra Rëgen, tapi jej teu aja kalangkang-
kalangkangna atjan angkoehna teh. K i sëpoeh dioegoeng-oegoeng
koe aom teh raos wae noe aja, nëpi ka wani tjoemonggah mariksa-
keun damël, toeroenan, asal ti mana. Paralak atoeh ditjaritakeun
bari ngalaipkeun andjeun. Menak leutik memenakeun dihormat-
hormat koe poetra Rëgen, beu mani asa djadi nanahaon mah. Ka
noe anom beuki rësëp, amprok kakara harita, tapi manahna geus
Bentang Atjeh 4
50

katadji. K a ramana ngangkën wawoeh, madjar teh baheula keur


pada anom. Sanggeus disoegoeh toeang' leueut, kakara tatamoe kai-
dinan amitan.
Menak anom samoelih ti pangandjangan manahna bingah ka-
tjida, noe katjipta malati bakal kapëtik. Noe disiar kari djëlëma noe
deukeut ka dinja, maksoedna hajang) ningkër koe tatanggana.
Pël mang' leutik (mang boengsoe) ditempel, teu hese, da doeit
gëde pangaroehna. Geus katintjak golodogna saoerang mah, gam-
pang noeloejkeunana.
Ajeuna kari neangan djalan, arek naratas ti hareup, pagër ti
gigir ti toekang katimbang geus tjoekoep. Para nonoman kawa-
woehanana, malah noe diakoe sobatna pisan, sakoer noe dipentaan
toeloeng, ngadjalanan kana nanjaan ka Meureudoeati, ngabigeug
kabeh. T i batan aja noe daek, kalah ngahatoeranan wawadi, oelah
wani ngarëboet papatjangan batoer.
2

Masing pada ng'ahoelag, pada njingsieunan oge, nogtrog bae, bi-


djil adatna moeroegoel, beuki loba noe ngahalangan, beuki nga-
hadjakeun. Adatna ëmboeng" kaoengkoelan, ëmboeng noeroet kana
pitoeah batoer, beuki ngagëdoer; kadoeana anoe dipikahajangna
matak gioeng.
Kalah koe hantëm diteangan, toeroeg teu kakoerangan koe sarat
2

baris eupanna, nja manggih kolot, oerang kampoeng Keudah ma


Limah ngaranna, katëlahna nini Kabajan, pedah sok daekan dihiras
nalengteng landjang, ngoenggahan boedjang, tabah mangnëpikeun
neundeun omong, njerenkeun panjangtjang. Kana djadi oetoesan
dina sësërahan kapilih, tatag', beres përlente tjaritana. Teukoe
Banta Raman prakprakanana rintih katjida. M a Limah dililindeuk,
sina mindëng poelang anting ka boemina, dipentaan toeloeng bang-
sa boeboek leutik anoe teu aja hartina. Geus tjonggah ma Limah
ditjandak sasaoeran, njarioskeun lalakon salirana ngarah dipika-
wëlas, njarioskeun toeroenanana nëpi ka iboe-ramana, ngarah dipi-
kaserab. Njaritana bisa, teu katjiri-tjiri ieu aing.
M a Limah >g'eus mindëng ka boemina menak anom, tapi loepoet
teu papanggih sakali-kali atjan djeung djoeragan istri. Lantaran
panasaran sakali mah naros: „Ari djoeragan istri, Aom, angkat ka
mana?"
„Naha ëma make nanja kitoe?"
„Eeeh soemoehoen, oenggal ka dieu djoeragan istri teu aja."
51

„Moal aja, da euweuh, ëma."


„Naha teu ditjandak ngalih ka dieu atoeh."
„Saha noe rek dibawa, da teu boga."
„Heuheuj deuh, ari Aom koe iasa loeloetjon."
„Lailaha illëlloh, teu përtjaja, kadjeun."
„Pigarwaeun mah parantos aja manawi?"
„Noe matak loepoet pisan, ma."
„Wah, Aom mah sok sageuj. Moal ënja pirëgeneun teu atjan
kagoengan papatjangan-papatjangan atjan."
„Kadjeun teu përtjaja mah, ma. Ënggeus ketah bareto koe sëpoeh
rek direremokeun, tapi koeringna teu daek. T i harita plëng wae,
nëpi ka ajeuna lalagasan keneh."
„Kitoe da noe aranom djaman kiwari mah tara noeroet ka së-
poeh."
„Teu sing, ma, teu kitoe. Koering mah teu noeroet soteh dire-
remokeun. N a maroekan teh bogoh kolot saroea kitoe djeung bogoh
noe ngora?" A

„Doeka Aom, da ëma mah sanes toekang padoe."


„Itih, kakara koe sakitoe ma Limah geus pehem."
„Hih, Aom ari sëpoeh mah asak djeudjeuhan, samemeh moe-
loeng mantoe teh ditjoektjroek heula toeroenanana, tëras dietang
sae-awonna djodona. Tjek emoetan ëma mah sëpoeh langkoeng
asak sasar."
„Bënër ma, ari mapaj toeroenanana mah, ngan eta përkara
itoengan , tjek koering mah oetang-itoeng tai loetoeng. Moen ënja
2

oge balënër ngitoengna, moal ënja rea panganten anjar patoeraj."


„Lah, nja eta Aom, baroedak djaman kiwari bentën sarëng boe-
dak baheula. Noe arajeuna mah kawinna teh asal ka noe tjotjog bae
djeung hatena sorangan, parantos, teu ngoeroes toeroenan, teu
ngoeroes adat watëkna, tampolana djeung djëlëma saliwat oge, noe
kapanggih di djalan gëde, asal bogoh proek bae kawin, kawin ngan-
teur hawa napsoe woengkoel."
„Ke ma, oelah roesoeh ngagogoreng kitoe."
„Na bade koemaha deui?"
„Kieu kahajang koering mah: Oepama sëpoeh rek ngarëpokkeun
poetrana, kahajang teh djinisna ditanja heula, dibawa badami.
Tjënah poeroeneun, toeloeskeun kawinkeun. Teu poeroeneun, oelah
dipaksa."
52

„Edas, koe pintër nempas ka kolot teh."


,,Heug atoeh ma, ari ëmboeng dipadoean mah, moal. Pek eta
ëma, tjikopi bisi kaboeroe tiis."
„Mangga, Aom." Rëgot ma Limah ngopi, sëmoe ngeunaheun pi-
san. Tjikopi lëkoh, mëlënghir seungit, digoelaan. Deungeunna
koeëh noe haripoe, beunang ngahadja moepoedjoehkeun. A r i tjang-
2

kir geus saat, ma Limah hatoeran ka priboemi: „Da ngopi parantos,


përmios bade wangsoel, ieu parantos boerit."
„Naha ëma ari ka dieu teh kawas noe teu rëslëp ka koering,
mani poerat-perot pisan. Kakara oge gek tjikeneh, ajeuna geus
amitan rek moelang, kawas noe boga anak."
„Heuheuj deuh, ari Aom ka nini teh sok kirang ma'loem. Orok
2

mah teu gadoeh, ngan kawantos pangawak sabeulah, teu aja noe
makajakeun, seueur pangaboetoeh. Oepami teu balangsiar sorangan,
ngongkrongi"
„Heug atoeh ëma, tah ieu loemajan keur meuli seupaheun."
M a Limah dikeupeulan saringgit. Atoheun nakër, noehoen deui-
noehoen deui sababaraha kali. Djoet toeroen, leos indit, djagdjag
leumpangna, da boga keur meuli beas, saminggoe bae mah geus teu
koedoe mikiran beas. Sasarina tara dikeupeulan sakitoe, paling gëde
oge ngan oekoer gënëp baroe.
Heuleut sawatara poë ma Limah djëboel deui datang, ngahadja
diala. Geus dioek, geus diakoe, wah bisa ngakoena teh.
Saoer menak anom dina manahna: „Pirakoe soegan ma Limah
leupas deui, sakieu geus meudjitna." Pok mariksa siga noe pa-
nganggoeran pisan: „Ari ëma sok radjeun njaba ka Meureudoeati?"
„Sanes radjeun deui, sëring, kawantos noe balangsiar ngidër bae
ka mana-mana. Sadajeuh Kotaradja mah ëma teh tërang ka soek-
lak-sikloekna."
„Soekoer."
„Nangingi ke, naha Aom mariksakeun ka dinja?"
„Ah, teu, soekoer bae ari apal mah, koering rek nëda toeloeng."
„Euh, djadi njaoer teh bade moendoet toeloeng?"
„Ènja ëma, nëda toeloeng përkara gëde teu kira-kira."
„Amboe , përkawis naon, matak sararieun.'
2

„Koering teh ingët bae kana omong ëma kamari ieu, tjënah geu-
ning, moal ënja pirëgeneun teu boga papatjangan-papatjangan
atjan,"
53

„Oooh soemoehoen, nanging moegi oelah didamël teu raos ma-


nah."
,,Ih, teu pisan , malah disoehoen dina ëmboen-ëmboenan omong
2

ëma teh, koe tina bënër-bënërna katarima pisan."


,,Noehoen ari katoeang mah." M a Limah hatoeranana sëmoe
boengah. Koe menak geus kasoerti, ma Limah geus kadjirët, moal
bisa ngëdjat deui, tangtoe bakal noeroet kana sagala parentahna.
„Eukeur mah eukeur ti bareto oge geus aja niat, hajang boga
pamadjikan, tapi tatjan manggih noe tjotjog djeung hate. Barang
ngadenge omong ëma tea, bët asa kasoeat, toeloej koering di dieu
di Kotaradja pasang mata, pasang tjeuli. Meunang' bedja di Meu-
reudoeati aja poetri ti Mantili. Dewi Sinta teh moal teu kitoe ëma,
barang koe koering dilingling dideuleu maling, hoejoengkoeng bae
ëma koeringi gëring. Ëma tah noe boga dosa teh."
„Iiih naha bët noeding ka nini asa teu mais teu meuleum."
2

„Tah, rek nampik, ari noe mapanas, ngangsonan koering koedoe


boga toenangan, lain ëma?"
„Ari parantos kieu koemaha?"
„Koedoe beunang bae itoe koe ëma. Moal tjageur koering teh,
lamoen hënteu ditambaan koe eta mah."
„Ëngke heulaan, Aom, oelah sok leumpeuh joeni. Saha tea, ëma
mah poëkeun."
„Alah make mamandaloeanan, api , padahal ngakoe njaho ka
2

soeklakna ka sikloekna di sadjëro Kotaradja. Disëboet gënteng


kadek, lëgok tapak ge moal, teu soerti kitoe atjan mah. Moal ënja
2

ëma teh aja kasëboetna pangengkenan nëpoengkeun rëpok, lamoen


tatjan aja tapakna, euweuh këtakna."
„Da kitoe ari noe anom mah, ana aja kapalaj teh, koedoe pok
beh, hajang kop."
„Laaah ëma, teu beunang eta mah, koeringi ka laoet ngoentjloeng-
keun maneh, kadjeun djadi tjadoek laoek."
„Sanes, Aom teh palaj ka saha tea?"
„Alah, tatanja keneh bae, pirakoe teu katëgoeh."
„Hih, Aom, teu batan naros, da ëma mah sanes sangkalabolong."
„Naha di Meureudoeati teh aja malati doea? Naha di Kotaradja
teh doea bentangna?"
„Adoeh-adoeh, ari menak koe tëlik, iasa milih."
54

„Ari tjotjogna mah, Aom parantos beh ditoeeun ti tjotjog, na-


nging naha kintën-kintënna iboe-rama moal ngawagël?"
„Moal, geus aja saoerna, ka saha bae rek kawin mah, asal oelah
ka djëlëma teu poegoeh."
„Nanging handjakal Aom, malati sanes pëtik-pëtikeun, bentang
sanes ala-alaeun."
„Naha ëma?"
„Sësah aja pambënganana."
„Naon halanganana teh?"
„Alah, sëpoehna tampikan, ti kapoengkoer parantos aja sababa-
raha oerang noe ditampik, moeng ajeuna, teu atjan lami, tjek tja-
rios parantos papatjangan ka oerang kantor. Oepami kapoengkoer
kagoengan manah teh, moal teu kenging, tërang ëma teh ka së-
poehna Siti Saniah, pohara ngalamoenna hajang mantoean ka me-
nak agoeng teh. Ajeuna mah doeka."
„Oelah doeka kitoe ëma, sing karoenja ka koering."
2

Sapandjang goentrëng teh, Aom ngadjëlëpëng dina korsi pan-


djang, disëlangi tjëngkat sakeudeung-keudeungeun. A r i ma Limah
tjampëgo dina bangkoe, diamparan koe alkëtip hipoe.
„Sësah Aom."
„Babari mah ëma, koering oge moal ënja nëda toeloeng ka ëma.
Koe koering ënggeus ditjoektjroek sarta meunang katërangan ti noe
pantës diandël."
„Koemaha katëranganana?"
„Kakara nampa panjangtjang bae tjënah, tatjan naon , djadi2

gampang dibëdokeunana. Moen geus kawin, doeka kawin tjang-


tjang doeka kawin naon, geus kasëboet kawin mah, nja hese nga-
bëdokeunana. Ieu mah kakara neundeun omong, ari eta panjang-
tjangna poelangkeun bae. Naon hesena."
„Soemoehoen, nanging teu sae kitoe pëpëtaan teh, sanes?"
„Naon gorengna, ari biasa mah dilampahkeun koe batoer?"
„Ah, teu sae Aom, sarëng hawatos bae atoeh ka itoe. Siti Saniah-
na tjariosna soekaeun deuih."
„ W a h , ëma mah sok teu poegoeh. Itoe noe teu kieu dipikaroenja,
2

ari koering noe gëring lantaran ëma, bët teu dipikaroenja. Koering
teh rek dinjënjëri koe ëma?"
„Tobat teuing Aom, teu pisan ."2
55

„ N a h a atoeh k a koering geuning teu njaah? M o e n njaah ge,


ngabelaan."
„ E t a , ka dinja mah ë m a ngarogo teh koedoe n g a b ë n g k a h k e u n
noe soeka pada soeka. S a r ë n g A o m teu atjan k a n t ë n a n ditampi.
Koemaha oepami hënteu, meureun A o m wirang. M ë n d i n g oerang
ngilari deui bae noe sanes."
„ L a h ëma, neangan deui tatjan poegoeh manggih, noe geus aja
rek dileupaskeun, njah? P ë r k a r a Siti Saniah mah koemaha sëpoeh-
na. Sëpoehna geus rëmpoeg, manehna tangtoe noeroet. K o e s ë p o e h -
na koeringi teu sieun ditampik, da geus lorna. Djeung paman Siti
Saniah koering geus njobat. M o e n ënja njaah k a koering, boekti-
keun kanjaah teh, nja eta koering toeloengan. S ë p o e h n a rodjokan,
pangpangna iboena. Hatoerkeun koe ëma, jen koering katjida mak-
soedna ka Siti Saniah, doemeh bëkas sakola, pintër kana basa, bisa
ngoeroes roemah tangga. Ë n g k e moen koering geus djadi R ë g e n ,
tangtoe koedoe nampa tamoe bangsa Eropa, njonja djeung toean ,2 2

djadi koering përëloe boga pamadjikan anoe pintër, bisa nampa ta-
tamoe djst. M o e n teu kitoe, koering era. A n o e pibisaeun noetoepan
wiwirang koering, teu aja deui ngan Siti Saniah. Toeloej dina nata-
moe deui k a njonja djeungi toean-toean bangsa E r o p a tea. T o e -
2

roen mobil, oenggah mobil, lëbar ë m a , moen lain Siti Saniah. A h ,


ngatoer tjaritana mah, rek diraeh kieu, diraeh kitoe teu borong
ëma," i
„ A d o e h - a d o e h A o m , sanes moedji maneh, dina p ë r k a r a kitoe teh
ëma paranti, nanging ieu mah, lah, s ë s a h . "
„ Ë m a , koering mah lain ngitoeng kasoesah, kabingoeng, k a r ë p
hajang tereh laksana, noe matak merita toeloengt Koemaha-koema-
hana mangsa bodo ëma, asal panjangtjangna tea bae nëpi k a d i -
poelangkeun ka noe merena. P ë r k a r a hade-gorengna, dosana sa-
gala roepa, teumbleuhkeun k a koering. Karoegian, ëntong salëm-
pang, koering noe ngagantian. Oelah w ë g a h koe ongkos ëma, asal
njarita, disadiakeun satjoekoepna. Soegan bae ëma, ë n g k e geus
hasil ëma miloe senang. N a ëma teu ngalamoen djadi sësëpoeh
Rëgen?"
„Kieu bae manawi atoeh, A o m . "
„ T a t a t a h , koemaha ë m a ? "
„Ajeuna oerang milari djëlëma noe paham kana p ë r k a w i s kitoe.
56

Keun eta sina ngalësoe manah sëpoeh pamëgëtna, ëma ngotjal-


ngotjal ngadjalanan ka iboena."
„Aloes ëma, aloes eta ihtiar teh. Tjotjog pisan, ënja koedoe k i -
toe. Ngan saha pidjëlëmaeunana, koering teu boga kawawoeh."
„Aja di ditoe di Keudah, anoe kenging dipoentangan."
„Saha, ëma? Koemaha kira-kirana poeroeneun ka dieu, soepaja
oerang bisa badami heula sing asak di dieu?"
„Roepina mah moal doegi ka teu poeroeneun."
„Iraha, ëma, pibisaeunana ka dieu?"
„Oepami Aom salse mah, ëngke oge sontën taboeh toedjoeh tiasa.
Ajeuna bade dipapadonan koe ëma."
„Alah, noehoen, soekoer ëma. Rek ajeuna?"
„Soemoehoen, meungpeung siang keneh."
„Heug atoeh ëma, koe koering didagoan. Heh ieu ëma, keur
njewa kaharna."
M a Limah nampanan doeit sapoeloeh perak mani ratoeg angën-
na, omongna: „Amboe, Aom, naha seueur teuing?"
2

„Lah, ëma mah, keur meuli bako, seupaheun atoeh leuwihna


mah."
Tjamplëng nakër poekoel 7, ari neng-neng lotjeng disada, kere-
tek-keretek kahar asoep ka lawang. Noe kagoengan boemi mapag-
keun, ngalahir bari goemoedjëng: „Tah geuning, panganten tjoen-
doek."
„Jej, ari Aom, ka nini ngaheureujan. Heuheuj deuh."
2

K i lëbe Leman lalaki bawa ma Limah, teu ngadjawab, ngan


seuri bae: „Heheh-heheh."
Gantjangna semah geus diakoe, dibawa ka djëro, sabab rek di-
bawa badami rasiah. Soesoegoehna tjikopi, deungeunna mëdah-
mëdoeh. Bari ngaropi proeng badami, pada ngabidjilkeun hodjah.
T i poekoel 7 goentrëng tiloean nëpi ka poekoel 9. Poetoesanana rek
papahare ihtiar, ki Leman ka pamëgët ngasoepanana, ma Limah
ka istri. Ëngke beubeunanganana rek pada lapor ka Aom.
Waktoe maroelang dikeupeulan sapoeloeh perak sewang. Beu,
ma Limah sadjadjalan bari balik teu repeh ngagorah bae, moedji
Aom, moedji kabageuranana, moedji kamenakanana djeung sa-
djaba ti eta. K i lëbe ngahaminan, sakapeung-kapeungeun ngago-
ongan. Karasaeun gërëwëlna sapoeloeh perak, tatjan naon , amprok
2
57

oge kakara, geus moetjëkil. Karëpna rek soson , soepaja tambah


2

hasil.
Isoekna lëbe Leman geus këntjling indit ti imahna, ngadjoeg-
djoeg ka Meureudoeati. Kabënëran noe disëdja njampak aja di
boemina. Semah diakoe di tëpas, atoeh djongdjon goentrëng doea-
an. Mimitina mah biasa bae tjarita teu poegoeh, toeloejna ki lëbe
njaritakeun kasoesahna dipoentangan koe menak loehoer. Ongkoh
njarita, ari ditanja dirasiahkeun, madjar teh sieun koemaonam, ka-
wantoe dibeungbeuratan koe menak lain lalaworakeuneun. Rama
Siti Saniah beuki panasaran, ki lëbe — ma'loem oerat koeda —
awas ka noe panasaran, bidjilna rasiah seuseut, nëpi ka koedoe di-
pidjit. Sod merean saeutik-saeutik, lila brak bae balaka pisan. Noe
2

kagoengan boemi toemamprak. Goesrëk ragadji inggris ki lëbe kana


manah noe keur bingbang. Beuki tjarang kitjeupna priboemi, min-
dëng' ngahoelëng, beuki ngangsëg ki Leman. Toengtoengna saoer
rama Siti Saniah: „Ajeuna mah kieu ki lëbe, koering menta tem-
po toedjoeh poë, rek mikir heula djeung rek badami djeung in-
doeng baroedak. Tapi peupeudjeuh oelah waka tjoeroeta-tjarita ka
Aom, nja. Noe didjaga teh, bisi njoledat. Ëngke geus toedjoeh
poë, ki lëbe ka dieu, nja."
„Mangga," walon ki Leman, „mënggah abdi mah ngiringan ka-
kërsa, moeng oepami Aom teu dirawoe koe djoeragan teh, leuh
lëbar."
„Nja eta noe matak rek dipikir-pikir, ditimbang-timbang oge."
„Aeh soemoehoen. Euh, pidaradjateun parantos njantong, djoe-
ragan. Moegi bae oelah koe batoer, hawatos ka iboe Ënden."
2

„Ënja, ki lëbe, nja kitoe bae, ëngke geus toedjoeh poë ka dieu
deui. Samemeh meunang deui tjarita ti koering, poma nja, oelah
waka bëtoes ka Aom. Bisi koemaonam, ki lëbe, koering teh wawoeh
ka ramana, lorna ka andjeunna."
„Beuki angot, djoeragan, sing paos ngagalih. Nanging ajeuna
parantos siang teuing, abdi amit wangsoel."
„Heug atoeh, oelah poho nja kana amanat noe tadi."
„Heheheh, diemoetkeun pisan."
Sanggeus sasalaman, djoet toeroen, tëroes moelang' ka Keudah.
Datang ka imah toeloej tjoetjoel , golepak lalangkarakan, ngada-
2

goan boerit rek ngadeuheusan ka Aom, hajang geura njaritakeun


58

lalampahanana ka Meureudoeati. Nëpi kana waktosna gantjang in-


dit, hajang lapor oelah kapiheulaan koe ma Limah.
Heuleut tiloe poë ti saëntas ki Leman ngandjang, djol ma Limah
ka iboe Ënden, diakoena di emper toekang. Sangigeus meunang
sadjongdjongan tjaroeta-tjarita teu poegoeh bae, semah amitan, rek
toetoeloejan njaba.
Tjek priboemi: „Na roeroesoehan teuing', ma Limah, kawas teh
mindëng ngandjang ka dieu?"
M a Limah: „Aeh, soemoehoen, iraha bade kagoengan damël teh?
Tjariosna parantos hangkeut."
Priboemi: „Poegoeh bae geus tereh mah, malah geus sasadiaan
sakadarna."
M a Limah: „Soemoehoen, bade ngantosan naon deui? Poetra pa-
rantos sëdëng<na, diantoskeun langkoeng ti sakitoe mah hina."
Priboemi: „Poegoeh ëma, bënër pisan, tapi saënjana koering teh
bingoeng. Arek saproek-proekeun si njai dikawinkeun, djol noe
mawa tjarita, rëg deui, djadi mandog-majong hate teh."
Semah: „Naha aja tjarios koemaha?"
Priboemi: „Noe matak tjarita pikabingoengeun, tapi rasiah keneh
ieu teh, ma, poma oelah waka oetjah-atjeh ka noe sedjen. Kamari
ieu aja noe datang, menta si njai."
M a Limah: „Saha, iboe Ënden? Bët asa loeloedeunganan etah."
Iboe Ënden: „Poetra Rëgen ti Lho Seumawe."
M a Limah: „Paingan ari menak mah. Tah kitoena, ari kagoengan
këmbang seungit seueur sarina teh, sok ditapoek koe njiroean,
sapërtos kana dagangan model seueur noe oeroej."
Iboe Ënden: „Wah, ma Limah mah ana geus moedji teh."
M a Limah: „Ih, sanes moedji, ieu mah sajaktosna. Sanes kitoe,
anoe palaj ka poetra teh, saha tea?"
Iboe Ënden: „Teukoe Banta Raman tjënah djënënganana, ajeuna
aja di dieu di Kotaradja."
M a Limah: „Euh, atoeh eta mah ëma oge tërang. Menak anom
bageur nakër, tjariosna."
Iboe Ënden: „Geuning ëma tërang, wawoeh?"
M a Limah. „Hënteu ari wawoeh mah, moeng tërang bae, da
sëring kapëndak di djalan. Menak tëgëp nakër, salamina ginding,
ah poetra noe soegih kitoe."
Iboe Ënden: „Tëgëp mana djeung piminantoeeun noe ajeuna?"
59

M a Limah: „Hihihih ari iboe Ënden, bët ngadoekeun katëgëpan.


Kasep oge teu aja gegeleunana mah, bade diarah naonana? Tjek
emoetan ëma, Aom teh poetra Rëgen pirëgeneun, nja menak nja
beunghar. Oepami ëma bangsa menak tjara iboe Ënden gadoeh
anak geulis, dipoendoet koe pirëgeneun bade dianggo padmi, moal
aja përkawis tempo heula, mikir heula sagala roepi, mangga waeh."
Iboe Ënden: „Poegoeh bae ma, moen taja halangan mah, koering
ge moal teu kitoe.''
M a Limah: „Soemoehoen na naon pambënganana?"
Iboe Ënden: „Har, kapan si njai teh geus boga papatjangan.
Ënja ki Rachmat teh lain toeroenan loehoer tea mah, tapi boedak-
na tëgëp, bageur, gadjihna gëde. A r i si njai oedjoeg masket bae
2

ka dinja teh."
M a Limah: „Aeh, soemoehoen, doeka ari kitoe mah."
Iboe Ënden: „Tah, tjing ëma, koering nëda bongbolongan."
M a Limahh: „Soemoehoen, emoetan ëma mah pondok: ka saha
panoedjoe, tah eta tjandak. Parantos bae sakitoe."
Iboe Ënden: ~„Hih, ari ma Limah, njëboet bingoeng oge moal, ari
geus gilig kapanoedjoe mah. Tjing ajeuna koemaha? Soegan wae,
da ëma mah geus rea loeang."
M a Limah: „Lah, iboe Ënden, ëma teh alim ari ditjatjandak ka-
na përkawis djëro-djërona mah. Leuheung' basa oepami katoeang,
koemaha oepami hënteu, heug wae iboe Ënden ka ëma djadi awon,
ëngke di balakangkalih neumbleuhkeun ka ëma."
Iboe Ënden: „ W a h , ëma mah, manasina koering teh boedak,
djeungna deui poetoesanana mah kapan meureun rërëmpoegan
heula djeung Amana baroedak."
M a Limah: „Aeh soemoehoen."
Iboe Ënden: „Tjing koemaha pamilih ëma?"
M a Limah: „Kieu emoetan ëma mah, nanging pangapoentën,
katoeang bae noehoen, tjënah hënteu bae, teu djadi sawios. Teukoe
Banta Raman teh pirëgeneun, nja menak nja beunghar, gadjihna
langkoeng ti batan Agoes Rachmat, boemina ageung, sawahna kë-
bonna lëga, sapi moending' rëndang, djëlëma piwarangeun rajap.
Ëngke parantos djënëngi rëgen mah, ngagaleuh mobil pangintën.
Pisakoemahaeun teuing raosna, ningali poetra kasinoegrahaan koe
daradjat. Lah, asa naon teuing' djadi mërtoea rëgen. Sanes oerang
ngiring naek harkat. Koe djëlëma tambah diadjenan. Ëngke mah
60

ëma oge moal wantoen loehar-lehor sapërtos ajeuna, ngabasakeun


oge moal wantoen oema-ëma."
Ikoe Ënden: „Wah, ëma mah kawas noe heueuh, heuheuj deuh.
Koemaha deui, ma?"
M a Limah: „Hi, hi, hih, ari iboe Ënden, atoeh da daradjat pa-
rantos njantong di panto, Oepami heug diparëngi poetraan Ënden
Ijah, poetrana djaga djadi rëgen. N a teu palaj kagoengan poetoe
djadi rëgen?"
Ikoe Ënden: „Ënja, ënja bënër ëma. Tapi koemaha ieu ki Rach-
mat?"
M a Limah: „Alah, eta përkawis leutik, bëdokeun bae parantos
poetoes, panjangtjangna poelangkeun. Teu atjan nikah, sanes?
Satoengtoeng teu atjan nikah mah, teu aja tatali noe pageuh. Roegi
saeutik koe moelangkeun panjangtjang, nanging bakal kenging oen-
toeng ageung. Agoes Rachmat teu aja kaawonanana, malah ëma oge
moedji, nanging sing emoet ka poetra pikapajoeneunana. Ajeuna
pada nonoman keneh Aom parantos saloehoereunana pangasilana-
na, geura tingali boemen-boemenna, ditingal ti djalan oge parantos
haroeroeng-harerang, ëngke mah komo parantos djadi rëgen."
Iboe Ënden: „Bënër ëma, bënër, ënja pikir koering oge kitoe.
Noehoen ëma, timbangan ëma tjotjog djeung pamilih koering. Keun
ëngke peuting Amana baroedak rek diadjak badami deui."
M a Limah: „Noehoen ari sapagodos mah. Eta koe iasa iboe Ën-
den mah, kagoengan emoetan sae teh dioedji heula ka nini ." 2

Iboe Ënden: „Ih, hajang njaho timbangan kolot, ëma."


M a Limah: „Nja eta atoeh teu kapalang, keur menak teh bër-
boedi, ari kagoengan poetra, daradjat saoedoeg-oedoeg. Lah, estoe-
ningi matak pikabitaeun teh."
Iboe Ënden: „Oelah loba teuing moedji, ëma, pamali, hi, hi, hih."
M a Limah: „Weuh, pamali mah loba di ëma. Lailaha illëlloh,
ieu geuning parantos siang nakër. Toeh, bade sakëdap teh mani
doegi ka wajah kieu. Poentën bae, seueur keneh boedjëngeun."
Iboe Ënden: „Ke ma, dagoan sakeudeung." Kodjengkang lëbët
ka boemi, ari djol deui ngadjingdjing sindjang. Gek tjalik emok
tjabok, deukeut pisan ka ma Limah, saoerna: „Tah ieu ëma, loema-
jan keur bëbëtëk, samping oeroet koering, kakara dipake njaba
doea kali, djeung ieu keur njewa kahar, doemeh di dieu diandëg
lila."
61

M a Limah: „Aeh iboe Ënden nganggo maparin sindjang saga-


2

la. Atoeh noehoen, pidjimateun, sarëng ieu artos mani saperak."


Iboe Ënden: „Doakeun bae ëma, koering sing bisa mere leuwih
ti kitoe."
M a Limah: „Mangga, didoakeun pisan."
Geus kitoe toeloej amitan, koe priboemi geus kaidinan, da dian-
dëg nëpi ka oesoem dahar mah ma Limah teu daekeun. T i dinja teu
toetoeloejan ka mana-mana, tjlak kana kahar tëroes ngadjoegdjoeg
ka boemi Aom, nempo noe moelih ti kantor. M a Limah datang,
noe kagoengan kakara ngoedar panganggo. Hënteu tëroes toeang,
ngadangoekeun heula tjarita ma Limah. Salampah-lampahna, sa-
omong-omongna gëmët ditjaritakeun. Geus seep kapanasaran, teu
aja noe dipariksakeun deui, ma Limah kaidinan moelang, dikeupeu-
lan biasa bae sapoeloeh perak.

VII RËBOET BËNËR


Sagala tjarita ma Limah njërëp kana manah iboe Ënden. Tjoel ka
djoeragan Rachmat, tjop ka noe pandeuri, tëroes pageuh kawas
moal beunang dipoekah deui. Geus katingali bae poetra djadi padmi
rëgen, geugeuleujeuran dina mobil. Ngalamoen ti baheula hajang
kagoengan mantoe menak gëde sarta soegih, ajeuna baris kasorang'.
Sabot ngantosan tjaroge keur ka Oeloeëlheuë, teu raos tjitjing, ha-
jang geura djol, hajang geura pok sasaoeran.
Kira poekoel sapoeloeh peuting kakara soemping. Poetrana noe
2

istri doeanana pakëpoek rek njadiakeun toeangeun, tapi dihoelag


koe ramana, saoerna: „Keun bae ëntong njadiakeun naon , ëng-2

geus dahar ënggeus ngopi tadi di Oeloeëlheuë. Tjig bae geura sa-
rare, geus peuting." A r i poetrana geus ka pangkeng, andjeunna
geus tjoetjoel-tjoetjoel, kakara gek tjalik papajoen-pajoen djeung
geureuha, Proeng tjarios.
„Pondokna bae koemaha, tjek oerang Oeloeëlheuë?" saoer istri-
na.
„Ari njokona mah ka oerang keneh bae. Kahajangna sabisa-bisa
2

anak oerang ka noe ti heula oelah dibëdokeun. Ieu noe datang


pandeuri teh tatjan moenggoehan. Tjënah lamoen oerang keukeuh
rek ngabëdokeun ka ditoe, rek nampa ieu noe pandeuri, teu naon , 2

moal nganaha-naha. Tapi samemeh oerang nampa teh sing asak


62

sasar, tjënah, papaj heula sidikkeun, saha Teukoe Banta Raman


teh saënjana. Noe matak koedoe ditjoektjroek tea kaharti, sabab
eta teh djëlëma ngoembara, teu batan oerang iatna ti awalna, bisi
ëngke kadoehoeng di ahir, oelah haripeut koe teuteureujeun."
„Kapan saoer Andjeunna, madjar oeninga ka sëpoehna Teukoe
Banta Raman."
„Ënja, lamoen bënër saomongna, tapi tatjan poegoeh beunang
ditjëkël, sabab kakara katërangan ti manehna pribadi, teu matak
naon manehna ngabohong, rek nipoe ka oerang."
„Ëmoetan abdi, lërës, sanes bohong, sanes panipoean."
„Geuning njaho?"
„Atoeh da abdi oge gadoeh nabi, gadoeh tjeuli. Teu tërang so-
rangan, tatanja ka batoer."
„Ka saha nanjakeun?"
„Ka ma Limah. Përtela pisan nërangkeunana. Pirakoe soegan
ma Limah ngiloengan itoe, pipiloeeun rek nipoe ka oerang'."
„Hmh, saajeuna oerang anggap bënër wae katërangan ti ma L i -
mah teh. Nadjan kitoe, oerang teh oelah këdjot borosot, koedoe di-
pikir pandjang përkarana anoe ënggeus ditampa ti heula."
„Ari andjeunna, naha make pandjang dipikir, poelangkeun bae
2

panjangtjangna, parantos poetoes. Hanas roegi saeutik djamak,


ëngke oge kagantian deui."
„Ari taeun teh koe sok digampang. Poegoeh wae sakalieun moe-
langkeun mah naon hesena, masingi isoekan oge bisa, ngan koedoe
dipikir teh pitëmaheunana."
„Wah, manasina kakara oerang bae rek njieun pëta kitoe teh.
Geuning deung'eun oge teu kieu-kieu. Andjeunna geus lali kana
2

lalakonna poetra Teukoe Daoed? Geuning teu madjar koemaha."


„Ih, itoe mah sedjen deui djalanna."
„Sedjen koemaha? Teukoe Daoed nanjaan, panjangtjangna di-
tampa, ahir dipoelangkeun deui, toeloej ngadawa, padoena eleh.
2

Oepami oerang kitoe teu sami?"


„Hih, lain ngan ngingëtkeun kitoe bae. Oerang teh koedoe ingët
kana kahadeanana djoeragan Soelaeman istri-pamëgët ka anak
oerang, sakitoe geuning totomplokan njaahna. Toeroeg baroedak-
2

na geus sakitoe silih asihna. Sigana lamoen toeloes teh pilajeuteun


nakër."
„Wah, boedak mah koemaha kolot bae. Tjek kolot hade, hade;
63

boedak mah tatjan boga pamilih. Përkara kahadean batoer, koe


abdi ge hënteu ditampik, teu dileungitkeun. Naha saha noe poho
kana kahadean batoer. Tapi nadjan ingët kana kahadeanana oge,
teu përëloe miloe tjampoer kana përkara oerang. Rek naon deu-
r geun-deungieun diadjak pipiloeeun? Anak, anak oerang, oeroeseun
oerang, tanggoengan oerang. Omong batoer mah daek goegoe,
hënteu ëntong. Oentoeng roegi oerang noe ngalakonan. Eta njaa-
heun ka ki Rachmat, pantës, balik-balikanan teu kitoe goreng ka-
sëboetna, da poegoeh batoer saimah.
Djeungna deui sageuj soegan si Saniah teu hajangeun djadi pad-
mi rëgen. Moen parëng boga anak, meureun intjoe oerang djaga
djadi rëgen. Peupeuriheun koe oerang teu kasorang, atoeh soegan
koe anak, koe intjoe kapanggih. Ajeuna anak rek aja milikna, naha
koe oerang dihalang-halang, dosa meureun. N a teu palaj kagoengan
poetoe djadi rëgen. Noe matak ajeuna mah parantos bae pondok,
Teukoe Banta Raman tampa, ka ki Rachmat bëdokeun."
„Ha, ha, hah, koetan geus nëpi kana djadi ejang rëgen, ha, ha,
hah.
„Ënja, hajoh rek naon?"
„Ha, ha, hah, alon napsoe, alon."
„Hngh, ari geus datang rehena teh, soeroep. Tjarita teu asoep,
toeloej wae njiar pikatjoeaeun. Diadjak tjarita sadinës-dinës hajoh
njieun pikareheeun."
„Ke, Djoebed, oelah waka njërëng. Bieu mah teu katahan hajang
seuri. Ongkoh meureun djaga teh nja, ëngkang djadi ejang rëgen.
2

Iteukna make pëpëntol ëmas, nja? Ha, ha, hah-hi, hi, hih."
„Meugeus ah, rehe, soegan teh rek njarita bënër."
„Ieu përkara anak oerang koedoe dibeuweung dioetahkeun, tim-
bang sing asak, bisi goreng baloekarna, oerang kadoehoeng ahirna.
Tjek timbangan ëngkang mah meudjeuhna anak oerang meunang-
keun Rachmat teh. Boga kahajang teh oelah sok kaleuwihan, koe-
doe nalipak maneh. Maroekankeun teh ngeunah bebesanan djeung
pangagoeng. Kawas teu neuleu tjonto bae. Intjoe oerang aja milikna
mah djadi rëgen, masing lain intjoe rëgen oge, moal boeroeng djadi.
Naha hënteu njaho, rea poetra rëgen, poetoe rëgen hënteu djaradi
rëgen. Sakali deui pamenta ëngkang, pikir sing asak, oelah moro
djoelang ngaleupaskeun peusing."
„ W a h , " saoer iboe Ënden rada njërëng djeung ngalieus, „naon
64

noe koedoe dipikir teh? Naon araheunana Rachmat teh, djëlëma


koeli, hiroep koe gadjih. Gadjih mah leutik tara mahi, gëde tara nje-
sa. Tjing tingali bangsa oerang noe galëde gadjihna, baroga naon
tjing? Lagana wae kawas noe kaja, saban poë beregegeh, kërah
dasi tara tinggal, ari sakoe hepe. Abis boelan, abis oeang; kadang-
kala hoetangi raweuj teu kabajar. Boro njesakeun tea, teundeun tiis,
2

gorowong sakoeriling' boengking. Ana paeh naon ninggalanana ka


anak? Hngh, sapatoe boetoet lëbokeun rinjoeh, kërah boetoet, dasi
radjet. Djadi dangdanan noe kitoe teh? Mikir-mikir wae ka batoer,
di dinja noe teu boga pikir tea mah."
,,Sok gagabah ari ngomong teh, djangdji heuaj bae, abong bi-2

wir teu diwëngkoe. Koemaha lamoen aja noe ngadenge."


„Wah, padoeli teuing aja noe ngadenge oge da ënja."
„Lain tagënaneun geus ngatjo kitoe mah. Rek hees ah, toen-
doeh."
„Ëngke heulaanan, hajang poetoes ajeuna."
„Ih naha, bët kawas euweuh deui poë bae. Toendoeh ajeuna mah
djeung tjararape. Pek wae di dinja badami sorangan."
Geus sasaoeran kitoe, toeloej ka padjoearanana, ningali bekër di-
na kënap geus satëngah doea. Golojoh ka pangkoelëman, doeg reup
bae koelëm. Isoek goegah njampak istrina keur meresan, leueuteun
2

geus ngadjagrag. Moelih ti djamban gek tjalik dina parantina, toe-


loej ngaleueut. Istrina njampeurkeun. Ieu mah sapeuting djëpoet teu
koelëm.
„Koemaha tea andjeunna, badami oerang teh poetoesanana?" sa-
oer istrina.
„Ari kahajang njai koemaha?"
„Kahajangi abdi mah, Teukoe Banta Raman tampi, ka ki Rach-
mat bëdokeun. Malah saena mah ajeuna bae ki lëbe Leman oerang
ala, oerang bedjaan."
Kamanah kahojong geureuha kitoe, geus moal beunang diban-
tah, dipadoean tangtoena oge njeuneu deui. Dina manah teu pa-
noedjoe, tjarios teu aja noe asoep, toengtoengna noeroet ka geu-
reuha, saoerna: „Oelah sok roesoeh, bisi kawiwirangan."
„Soemoehoen këdah koemaha atoeh?"
„Soegan ëngke bae sore, ngahatoeranan para sëpoeh, oerang
naros, koedoe koemaha piloeloeseunana."
„Kitoe mangga ngiringan abdi mah, bari sakalian njalamëtkeun
65

saeutik ongkoh. Baroedak parantos didjoeroeng ka pasar balandja


tadi, moal lami oge darongkap."
Sorena bada magrib geus ngarioengi sëpoeh . Tamat noe ngadoa,
2

brak tararoeang. Salse taroeang sok soesoegoeh, deungeun ngaleu-


eut, tjaina tjikopi. Tatamoe keur ngaraleueut, ngong iboe Ënden
sasaoeran, nërangkeun maksadna rek moendoet timbangan.
Tidinja ngoengngong pada ngaloearkeun timbangan, kabeh hën-
teu roedjoek kana ngabëdokeun. Tapi iboe Ënden nerewelang bae 2

ngabantah, djadi teu aja noe asoep tjaritana. Tjarogena hënteu


këtjet , ngabëtëm bae. Djadi iboe Ënden teu aja noe bisa ngaroe-
2

boehkeun. Pok mariksa: „Koemaha hal ngabëdokeun, moelangkeun


panjangtjang teh ngarëmpak adat sarëng hoekoem agama?"
Walon Ama Kiai: „Hënteu salah tjek hoekoem sare'at mah, lan-
taran Agoes Rachmat teu atjan nikah ka Ënden Siti Saniah."
„Koemaha dina adat?" saoer iboe Ënden.
Ama Kiai: „Taja halanganana dipoelangkeun deui oge, ngan dina
moelangkeunana këdah noeroetkeun adat deui."
„Këdah koemaha?" tjek saoerang di antara noe aja di dinja.
„Barang panjangtjang tea koedoe ditaksir hargana. Oepamina
ditaksir f 100, ëngke dina moelangkeun teh ditambah koe f 100."
„Naha bët kitoe?" tjek noe nanja.
„Hih kapan ieu teh përkara adat, tjek adat kitoe koedoena. L a -
moen oerang ngarëmpak adat, matak tjektjok, djadi paomongan
djëlëma. Eta panambah saharga panjangtjang teh minangka dëng-
daan, lantaran noe ngabëdokeun tea ngoedar djangdji."
„Ana kitoe, atoeh ngabëdokeun teh sami sarëng njieun kalë-
patan."
„Atoeh poegoeh, tetela pisan kapan tjidra, kadoeana ngawiwi-
rang, katiloena dihënteu-hënteu oge njieun pikanjërieun hate batoer,
geura."
Iboe Ënden ngodjengkang ka pangkeng, ari djol deui ngagoler-
keun madalion, saoerna: „Tjing mangga taksir, sabaraha eta pi-
pangaoseunana?"
Madalion pada ngilikan, pada naksir. Rata-rata naksirna teu aja
noe leuwih ti f 75. Harita keneh iboe Ënden njandak artos tina
lomari f 75, sok digolerkeun, saoerna: „Tah barangna, tah artosna,
mangga geura poelangkeun."
Bentang Atjeh 5
66

Anoe ti tadi ngabëtëm bae teh ajeuna mah ngiring sasaoeran, nja
eta noe kagoengan hadas: „Oelah kadjoeroeng koe napsoe, teu ha-
de. Ajeuna mah lain oesoem, lain wajah. Keun isoek deui atawa
pageto. A r i kalakoean garadag^goeroedoeg garidoes teh, biasana
sok goreng tëmahna. Samemeh oerang ngabëdokeun teh, koedoe
meunang katërangan heula noe pasti ti Teukoe Banta Raman, oe-
lah tjoel itoe, ieu lapoer."
„Lërës-lërës," tjek sarerea.
Ngong aja sora awewe: „Naha teu langkoeng sae, ditanja dji-
nisna, Siti Saniah, manawi aja kahajangna boedak oge."
Ah teu përëloe," saoer Ama Kiai. „Boedak awewe mah këdah
noeroet ka sëpoeh, teu këdah ditjandak badami. Kitoe saoer së-
poeh, parantos bae kitoe, këdah ditoeroet."
Iboe Ënden rek bëndoe ka noe wawanianan njëlapkeun tjarita,
teu toeloes kap&gat koe saoer Kiai sëpoeh, tapi baeudna mah ba-
Toeroep badami, toeloej boedal. Barang saderekna asoep ka
pangkeng, di panto gok djeung Ënden Ijah: „Aeh Ijah, atjan
2

sare?"
„Teu atjan."
„Oentoengi Ijah mah."
„Oentoeng koemaha, tjeuk?"
„Nam geura sare anggoersi, teu koedoe nanjakeun, ëngke ge
njaho sorangan."
„Ti tadi njaho, rek didjoeal."
„Ssst, nam kaitoeh geura sare, Iboe di dinja keneh," saoer sade-
rekna haharewosan.
Satadina panjangkana raboel sëpoeh teh rek ngabadamikeun ha-
djat, nikahkeun andjeunna, manahoreng badami rek ngabëdokeun.
T i sore keneh nogel bae di balik panto. Manah tingseredet, napas
tarik, bidjil kesang badag kesang leutik. Tjisotja geus teu katadah
koe tjaretjet, njoeoeh kana bantal, saroeng bantal tjiproek. Sapeu-
ting eta biang nëpi ka beurang, teu sare sakërëdjëp, goelang-goe-
ling nangisna kanjënjërian.
Sëdih koe doea koe tiloe,
noe matak dianggo nangis,
hidji emoet ka toenangan,
67

watir bakal manggih njëri,


kadoea ras ka salira,
didjieun dagangan badis.

Sagala koemaha sëpoeh,


teu meunang boga pamilih,
teu ditanja-tanja atjan,
dina pasal laki-rabi,
padahal noe boga badan,
anoe nandangan di ahir.

Katiloe para sësëpoeh,


madjarkeun djalma bërboedi,
gëde elmoe gëde loeang,
boektina bët matak sëdil,
taja noe boga rasrasan,
eleh koe awewe hidji.

Dina manahna geus gilig, sëdjana Ënden Saniah, kadjeun paeh


manan daek ditikahkeun ka noe lian, hënteu arek kapalang, ka
djoengdjoenan rek soemoedjoed, djangdjina geus moal poekah.
Isoek di golodog ngalangeu ngabangbang areuj. Raraj mësoem,
2

soerëm hënteu tjahajaan, sotja tjindoel oeroet nangis, ramboetna


koesoet tjawigwigi. Nanggeuj gado kawas djaoeh panineungan.
Keur kitoe djol iboena, saoerna: ,,Aeh , Ijah, keur naon eta teh?
2

Lain geura ka dapoer, apan Ama rek angkat."


Teu ngawalon, teu ngareret-reret atjan, djoeng ti golodog ngoe-
sap imbit, kolojong angkat teu nangan, boes ka dapoer, njampak
saderekna keur njangoe, prak bae babantoe.
Teu sabaraha lilana toeangeun geus diambëngkeun, brak taroe-
ang. Salse toeang, rama Ënden Ijah angkat aja noe përëloe dilè-
rëskeun. Iboe Ënden njëbroet ka Keudah, rek nëpoengan ma
Limah. Kabënëran noe didjoegdjoeg aja. Teu make boeboeka, teu
malapah gëdang, djol pok bae: „Ma Limah, gieus poetoes ajeuna,
ka Rachmat baris dibëdokeun, tapi hajang nampa heula tandana ti
Teukoe Banta Raman. Lamoen eta geus katampa, noe ti Rachmat
dipoelangkeun. Ajeuna geuwat tëpoengan ki lëbe Leman. Ëngke
pasosore, pokoel opat koe koering didago di imah."
M a Limah: „Aeh soemoehoen, iboe Ënden, jaktos këdah kitoe.
68

Pada mëgatkeun itoe teh, këdah kantënan noe ieu. Teu kintën ëma
2

panoedjoena kana pangërsa iboe Ënden. Soemoehoen, nja kitoe ari


njaah ka poetra. Pitjontoëun noe sanes. Ajeuna ëma bade nëpangan
ki Lëbe, ëngke taboeh doea baris ngadeuheus ka Aom. Koemaha
ka ditoe teh?"
„Lah, tjaritana mah teu borong ëma, ëma mah minangka oetoe-
san ti koering bae, ngangkëran, moegoehkeun ka Aom."
M a Limah: „Aeh soemoehoen. Kawasna mah djadi, kagoengan
mantoe ka poetra rëgen teh."
Iboe Ënden: „Moega bae ënja."
2

Gantjangna ma Limah dangdan, sanggeus moelih tatamoe, tëroes


nëpoengan ki lëbe, baris ngadeuheus ka Aom.
Euleuh soeka galihna Aom geus lain tjaritakeuneun. Soemping ti
kantor njampak noe doeaan mawa bedja ngeunah. Mani tjara boe-
dak leutik adjrag-adjragan emprak, harita keneh porosot lelepenna
noe dianggo dilaan, ali intën aloes nakër, moal salah mahal har-
gana. A l i dipasrahkeun ka doeaan, soepaja dianteurkeun ka Meu-
reudoeati. Bëkëlna sapoeloeh perak sewang, djaba keur njewa ka-
har.
Kira poekoel opat pasosore, noeroetkeun pasini tadi isoek-isoek,
2

oetoesan Aom geus djogo di boemi noe ngadjangdjian. Teu pan-


djang tjarita, sanggeusna diakoe koe priboemi, pok ki lëbe Leman
hatoeran, jen dioetoes koe Teukoe Banta Raman, neundeun saoer
sëdja migarwa ka Ënden Siti Saniah sakalian njanggakeun tanda-
na panjangtjang, roepa ali ëmas panon intën. Song ma Limah nga-
songkeun tjëpoek leutik, diboeka, eusina ali tea. Ditampanan koe
iboe Ënden sarta saoerna: „Noehoen, tanda panjangtjang geus ka-
tarima. Hatoerkeun ka Aom, reboe kasoehoen kërsa mileuleu-
2

heungkeun ka nji Saniah, njanggakeun di kaawonanana sarëng ka-


bodoanana, kitoeh."
i „Noehoen, eta parantos katampi sarëng aja wiat kitoe, mangga
bade dioendjoekkeun ka Aom," walon lëbe Leman.
„Tapi ieuh, oelah waka gëroeh kitoe ka Aom, nja. Wajahna
sabar saheulaanan, noenggoe koemaha karëpna itoe, anoe dibëdo-
keun. Tapi oelah salëmpang, përkara Saniah tangtoe baris kapimilik
koe Aom."
„Soemoehoen, noehoen, eta përëloena mah," walon ki lëbe sarta
69

sakalian toeloej amitan moelang, arek tëroes ngadeuheus ka noe


miwarang, meureun diarëp-arëp tjënah, palajeun geura tingali, koe-
maha bedjana,
VIII PËGAT D J E U N G N O E TI H E U L A
Katiloe poëna ti waktoe nampa panjangtjang ti Teukoe Banta
Raman, iboe-rama Ënden Siti Saniah ngala sëpoeh-sëpoehna.
Sanggeus ngarioeng, sok dipasrahkeun madalion noe ti djoeragan
Rachmat tea djeung doeit f 75, soepaja dianteurkeun deui ka noe
mere. Panoedjoe teu panoedjoe oge, da darma dihiras, nja djoeng
bae sëpoeh-sëpoeh teh ka boemina djoeragan Soelaeman.
Oetoesan ditjalikkeun, diakoe koe djoeragan Soelaeman istri-pa-
mëgët. Lantaran harita djoeragan Rachmat keur teu aja, keur kana
këmpëlan, madalion djeung doeit noe f 75 tea dipasrahkeun ka djoe-
ragan Soelaeman. Djeung deui dalah djoeragan Rachmat teu aja di
boemi oge, teu djadi halangan, pikeun njerenkeun eta, da bareto
oge anoe nganteurkeun ka Meureudoeati kapan arandjeunna istri-
pamëgët.
,,Ke, ke heula, koemaha ieu teh? Asa teu goegoer, teu angin, oe-
djoeg-oedjoeg goeroetak moelangkeun ieu. N a koe naon, aja
naon?" saoer djoeragan Soelaeman.
A r i istrina olohok bae bengong, teu lemek teu njarek.
„Kieu djoeragan," walon sësëpoeh oetoesan, ,,naon-naonana mah
doeka, margi ëmang mah sarëng ieu sabatoer-batoer, soekoe sam-
boeng lengkah, biwir samboeng lemek, dërëma kahirasaja, nga-
wangsoelkeun eta tjandak djoeragan kapoengkoer ka ditoe, di-
woewoehan koe roepi artos f 75. Ditoempangan koe saoer sakieu:
Siti Saniah teu dikadarkeun djodona ka Agoes Rachmat. Moegi
oelah djadi manah, oelah pëgat kasaean, asal sae tëtëp sae."
Koerang mah kasabaran djoeragan Soelaeman, ngadangoe noe
2

ngabëdokeun, ningali tjandakna dipoelangkeun deui, matak moe-


digdig tjat bima. Ngëntab manahna asa dihina, raraj beureum, na-
pasna ngarënghos, tapi mindël bae teu ngalahir. Istrina mah bë-
dah, mimitina rëmpah-rëmpih, tjoeroetjoed tjisotja, toengkoel nangis
ditahan sakiat-kiat. Djoeragan Soelaeman anoe ngagoegoedoeg
napsoe, ningali geureuha ti saproek ka andjeunna kakara harita
nangis, njeredet manahna, timboel wëlas asih, napsoena pepes. K a -
tjipta sakilat lalamoenanana anoe sok disaoerkeun ka andjeunna,
70

moesna sapisan lir kapal kaléboeh di téngah laoet, teu aja oeroet-
oeroetna. Pok andjeunna sasaoeran ka geureuha, soantënna rada
ngëlëpër: „Meudjeuh njai, oelah waka dipake tjeurik, tatjan ka-
roehan ieu teh." Toeloej malik ka semah: „Sanes, poetra teh teu
kintën hareugeueunana. Njoehoenkeun dipasihan tërang, koema-
ha margina doegi ka kieu?"
Walon tatamoe: „Tadi koe ëmang parantos dipisanggëm, jen teu
tiasa nërangkeun margi-margina mah. Koe margi dërëma kahi-
rasan tea, moeng sakitoe-kitoena, sakoemaha noe parantos kapi-
hatoer tadi, moegi ditëpikeun ka djoeragan Rachmat, jen sëpoehna
Siti Saniah ngabëdokeun ka andjeunna."
Saoer djoeragan Soelaeman: „Da ëmang noe kawakilan, hatoer-
keun ka iboe-ramana Siti Saniah, jen poetra nampi teu nampi kana
ieu atoeran teh. Nampina, roemaos katitipan ieu barang katoet artos
f75. Kantënan bade diserenkeun ka djëlëmana. Teu nampina, sareh-
na ajeuna kaoeninga djëlëmana hënteu aja, teu mananggël tarima-
eun koe kieu, bilih aja maksadna njoehoenkeun pangadilan hoe-
koem."
Tatamoe amitan, tëroes ka noe ngoetoes, nëpikeun sasaoer-saoer-
na djoeragan Soelaeman. Ana djerewet teh iboe Ënden bari edje-
geler: „Djor, rek padoe ka mana! Laaah, moal boeroeng dilawan,
nëpi ka beak soegan banda, teu panasaran. Rek ngalalakianan tjë-
nah? Hajoh kitoeh, kami lawanna."
„Aeh ieuh," saoer tjarogena, „naon teu poegoeh ngawakwak,
2 2

era atoeh koe deungeun . Sagala teh ngan rek ngadjak roesoeh
2

bae. Tjing kahajang teh sing rintih, soepaja oerang oelah wirang,
itoe oelah njërieun."
Poentjërëng teh ka toeang tjaroge, saoetjing njanggereng wae:
„Naon, naon, mangmeunangkeun keneh bae ka si Rachmat teh?
Gandong! bawa ka dieu, hajang digëboegan koe toelak mah! A r i
njaah, pangnjiarkeun pipamadjikaneunana! Anak kami mah moal
dikawinkeun ka noe kitoe patoet!"
„Soengoet setan, lain lawaneun," saoer tjarogena lalaoenan sarta
toeloej nganoehoenkeun ka sakoer noe dioetoes tea. Oetoesan ta-
roeroen, andjeunna ngaleos, teu nolih noe koetoek-gëndëng.
Dëmi djoeragan Soelaeman sanggeusna tatamoe teu aja, damël-
na ngan loehlah djeung meusmeus: „Masa Allah, teu njana, katjida
teuing," saoerna. Istrina mah ngagoekgoek nangis di padjoearan,
71

njambat Siti Saniah, oeninga andjeunna mah beuratna Siti Saniah


2

ka kakasihna.
T i sëmët poë eta Ënden Ijah tara loemanto deui ka djoeragan
Soelaeman, ngarasa isin koe goeroe, anoe sakitoe hadena, sakitoe
mikanjaahna, nëpi ka rek dirëpokkeun ka kapanoedjoe hatena, kari 2

koe sëpoehna djëproet dipëgatkeun. Njoengkëlit bae dina ati. W a -


leh, ngoemaha ka sëpoeh, teu wani. Menta toeloeng ka saderekna,
teu aja noe poeroeneun, tjeuk ieu-tjeuk ieu teu hade ngalawan ka
sëpoeh. Sakapeung nekad, dagdagan rek hatoeran ka iboe-rama-
na. A r i gok, lës wawanenna leungit, bahamna tjara noe disosi,
ngantjing teu bisa ëngang. Kantoen prihatin noe aja.
Toenda noe geulis keur sëdih prihatin, oerang malikan deui tja-
rita anoe moelih tas koempoelan.
A r i tje ka golodog, ningali djoeragan Soelaeman keur tjalik nga-
djëlëngoet, oedjoeg pok bae: „Handjakal, ëngkang teu angkat kana
2

këmpëlan, euleuh rame teu kintën."


,,Koetan rame? Seueur noe sasaoeran?"
„Teu kintën bae, asa këmpëlan kitoe mah, pada wani njarita,
rëboet bënër A r i atjeuk angkat ka mana?"
„Aja di djëro."
„Naha sada nangis?" sasaoeranana bari nëmpo ka djëro. „Na aja
naon, sabot abdi teu aja? Hënteu, teu damang mah?"
„Mangga wae ka itoe, gëntos panganggo, geura toeang. Ke koe
ëngkang ditjaritakeun."
Ieu teh teu baha, toeloej ka djëro, ka kamarna, tjoetjoel pangang-
2

go. Bidjil ti kamar tëroes kana medja toeang, geus njampak djoera-
gan Soelaeman djeung istrina, tjisotjana rambisak keneh.
Sanggeus salse toeang leueut, dërëkdëk koe djoeragan Soelaeman
ditjarioskeun përkara noe tadi tea. Djoeragan Rachmat reup geu-
neuk, raj pias, mëlong kana wadah sëkar teu ngitjeup . Noe njarios
2

geus repeh, ieu djongdjong keneh bae kawas noe kaboer panga-
tjian. Djëmpe tiloean ngarioeng teu aja noe sasaoeran. Geus meu-
nang sadjongdjongan pahënëng-hënëng, djoeragan Rachmat nga-
lënggak bari matja istigpar, tjalikna ngadajagdag ngalelehek, pok
sasaoeran: „Atjeuk nangis teh koe përkawis eta? Teu këdah diang-
go nangis sakitoe-kitoe bae mah."
„Geuraheun aji," saoer istri djoeragan Soelaeman, „karasana koe
atjeuk mah, njëri peurih, era mani asa teu beungeutan, era koe aji,
72

era koe deungeun , asa katjida teuing. Djaba ti kitoe ëngkangna


2

djeungi atjeuk mangnjërikeun bae ka doeaan. Teungteuingeun


iboe-ramana. Noe matak koe atjeuk djeung ëngkangna dipake njëri
teh, lantaran roemasa tadi ngadjalanan, kari bët kieu djadina. Ra~
2

rasaan mah oerang teh koedoe koemaha, teu njieun salah ka ditoe.
Atjeuk teh asa noe haat dipoelang moha. Beunang atjeuk hese tja-
pe, ajeuna teu poegoeh diroeksak."
2

„Moal ënja atjeuk, teu aja margina, moestail kikitoean teu poe-
goeh-poegoeh. Pangintën ajeuna kamanah koe sëpoehna, abdi sanes
lajakna djadi mantoe andjeunna."
„Eta, noe koe atjeuk dipake era, dipake njëri teh."
„Ah, parantos bae tjeuk, teu aja milik abdi."
„Njëri aji, atjeuk mah noe mawi moal oedjoeg toemarima diki-
2

toekeun koe deungeun."


„Adoeh atjeuk, komo abdi mah noe ngabadanan."
„Tjing atoeh hajoe oerang ka sëpoeh, ka Ama Manan."
„Bade naon ka dinja?"
„Oerang njoehoenkeun toeloeng' bae, pedah andjeunna teh dipi-
sëpoeh koe sarerea, soegan kersaeun maparin tëmah wadi ka së-
poehna Siti Saniah."
„Oelah waka roesoeh atjeuk, oerang gajëm heula koemaha pd-
saeëunana. Oepami noeroetkeun napsoe mah, mani hajang ajeuna
ka ditoe ngadjorag ka imahna. Moeng amarah mah sanes goe-
goeeun."
„Lërës aji," saoer djoeragan Soelaeman, „oerang teh përëloe
ngadjaga bisi, poegoeh oerang hajang meunang, kari tambah 2

wirang."
„Soemoehoen, boh kieu-boh kieu djalanna mah, ngan hajang
dioeroeskeun," saoer istrina.
„Soemoehoen, nanging' ajeuna mah teu tiasa mikir abdi teh. Ieu
emoetan teu kantënan. Përmios bae bade ngëdëng."
„Mangga aji, soemoehoen sae diebogkeun."
Boes ka kamarna, goebrag' meubeutkeun andjeun kana randjang,
teu katahan bërëbëj tjisotja bidjil, lëng paroëk titingalian. Braj deui
emoet, ngaraos peurih manah asa digërihan. Waos tikëkërëkët, na-
han hajang oelah nangis sowaraan. Sër deui napsoena moedigdig;
ngëntab panas, salira moenggah ngagidir, tjalik dina sisi padjoearan
bari ngaroembajkeun sampean. Djoeng ngadëg ; rëgot ngaleueut
1
73

tjiatah tina loemoer. Gek deui tjalik, doeg ebog, teu poegoeh noe
digalih, teu poegoeh noe diraoskeun. Gëdëbag-gëdëboeg nëpi ka
isoek. Noe kasawang salëbëting tjipta warna-warna, kabeh njoeat
kana manah. Geus deukeut ka beurang, njah goegah sëmoe teu na-
ngan, sasambatna: „Kaniaja teuing sëpoeh ënoeng! Tjatjak moen
ënoeng noe moendoer, ëngkang moal panasaran, geus moal madjar
koemaha. Adoeh ënoeng, koemaha ëngkang'?" Bërëbëj tjisotjana,
heug disoesoet koe toengtoeng andoek, toeloej angkat ka djamban
rek siram. Mastaka hantëm dikopjok, dibandjoeran, ngarah tiis,
oelah lalëndëng teuing saoerna. Beda ti sasari harita mah di djam-
ban tjara noe ngojok.
Sabada siram toeloej nganggo sabiasana rek angkat ka kantor.
2

Ditawaran barangtoeang teu kërësa, teu kërësa ngaleueut-leueut


atjan.
Arek djoeng pisan angkat, djol noe mawa soerat, song disangga-
keun soeratna, basana: ,,Ieu sërat ti rai, Ënden Ijah." Djoeragan
Rachmat nampanan soerat teh manahna njëblak, panangan ngëlë-
për, eta koe disëboetkeun ti rai, mani djlëg wae noe njëratan ka-
tingali di pajoeneun. Sabot soerat ditingalian diboelak-balik, diaos
adresna, ari direret noe mawana geus teu aja. Andjeunna gek tjalik,
kerewek amplokna disoëhkeun, braj soeratna diaos:

Kahatoer pilënggah ëngkang


di boemi.
Waktos abdi njieun sërat ieu, tjipanon njoeroetjoed teu kën-
dat bidjil, ati sëdih nalangsa taja bangsana. Ëmh ëngkang,
koetan teh kieu raosna, ari djadi djalma hina, teu meunang
boga kasoeka. Arek soeka arek boengah, sasarëngan sarëng
ëngkang, bët keuna koe gogoda.
Pangintën ëngkang parantos oeninga kana karëp sëpoeh
abdi, oerang bade di Adoeh ëngkang, ka-
wasna sataloeng dikeureut koe hinis, karaosna soemereset peu-
rih. Teungteuingeun sëpoeh abdi. Laah ëngkang, njëri taja ba-
bandinganana, sihoreng ari djadi awak awewe, koedoe toemoet
ka sëpoeh. Abdi mah teu dibabantoen, teu ditanja-tanja atjan,
rek moetoes përkara abdi. Tjik ëngkang, sing' aja hodjah, abdi
djait. Teu gadoeh geusan njalindoeng, salian ti salira ëngkang.
74

Lahir-batin abdi sëdja manoetan ka ëngkang. Abdi soem-


pah, saksi Allah, saksi Rasoeloellah, kasaksi koe boemi la-
ngit, abdi moal gadoeh salaki, oepami sanes ka ëngkang, ka-
djeun paeh djadi siit.
Koe margi eta sangët panoehoen abdi, ëngkang oelah nampi
panjangtjang dipoelangkeun. Lawan pabën koe ëngkang ka
mana këdahna, abdi sëdja ngabelaan ëngkang.
Djabi ti eta abdi ngahatoerkeun salam baktos sarëng njoe-
hoenkeun sih hapoentënna djoeragan Soelaeman istri-pamëgët.
Sëmbah soengkëm noe tansah
honëng noedjoe prihatos
poen
Siti Saniah.

Tamat maos soerat pasëmonna beuki mësoem, tjisotja tjarindak-


dak. Kodjengkang ka djëro, njampeurkeun djoeragan Soelaeman
istri-pamëgët keur ngaraleueut. Saoerna bari ngasongkeun soerat:
„Ieu aja sërat ti ditoe." Soerat ditampanan koe djoeragan Soelaeman
sarta tëroes dibatja dibëdaskeun, soepaja kadangoeeun koe istrina.
Ma'loem istri sok toeroen tangis, soerat teu atjan tamat diaosna koe
tjaroge, ieu geus ngagoekgoek, disëlang-sëlang koe sasaoeran:
„Ëngh, deudeuh teuing, Saniah."
„Koemaha ari geus kieu?" saoer djoeragan Soelaeman.
„Sadaja-daja, teu langkoeng ëngkang sarëng atjeuk, abdi mah
poëk teu tiasa mikir," walon djoeragan Rachmat.
„Koemaha lamoen ëngkang djeung atjeukna — meungpeung ëng-
kang përe — ka ditoe njidikkeun. Oepama geus tetela, keukeuh
karëpna, oerang nëda bongbolongan ka sëpoeh koedoe koemaha
2

nja pipëtaeun oerang."


„Mangga, abdi mah ngiringan bae."
Djoeragan Rachmat angkat ka kantor, noe kantoen di boemi toe-
loej dangdos roesoeh, teu lami geus bral arangkat.
Soemping ka Meureudoeati, pamëgët dipajoenan koe pamëgët,
istri djeung istri deui di djëro. Proeng padoengdëngan ngabën tja-
rios, ahirna rama Ënden Ijah rioek manahna, ngaroemaoskeun ka-
lëpatanana sarta lamoen rëmpoeg djeung geureuhana mah, moal
toeloes ngabëdokeun teh. Saoerna: „Ti kapoengkoer oge salërësn i
75

akang mah teu gadoeh niat ngabëdokeun, ngan orokaja indoeng


baroedak teu kenging digeuing. Pisanggëm akang teu aja noe asoep.
Oepami keukeuh dipagak paniatanana, tangtos akang bëngkah sa-
rëng pamadjikan. Tah meureun koe kangi rai kamanah, sakoemaha
piawoneunana. Keun pikeun sadirieun akang mah teu naon , na- 2

nging koemaha baroedak, anak intjoe, ningal kolot patoeraj. La-


djëngna tangtos papandjangan djadi patjogregan antawis baraja ti
akang sarëng ti indoeng baroedak. Oepami tjios tea mah gadoeh
gawe, saha noe pingoeroeseun. Oepami tëroes dipaksakeun, moal
aja kaberesanana. Djadi akang nadjan panoedjoe, njaah, karoenja
ka Rachmat, teu bisa kitoe-kieu, da kapaksa noeroet ka pamadjikan.
Tjing ajeuna soegan koe kang rai teurak. Akang mah soekoer oge 2

teu tjios bëdo. Mangga atoeh oerang sampeurkeun itoe anoe keur
goenëm tjatoer sarëng rai."
Istri djoeragan Soelaeman mah lapoer, saoerna kabeh nalapoeng
tjara noe mawa tjarita ka toenggoel. Ditjaritaan kieu-kieu teh iboe
Ënden gebeg bae. Papatoetanana geus teu hajang ngadenge tjarita
anoe soelaja djeung kërsana. Kasaoeran djoeragan Soelaeman, di-
rodjongi koe istrina, digoongan koe priboemi pamëgët, manan teurak
kalah nambahan bëdangna ati wangkëlang, bëdëgongna beuki
moentjoegoeg. Lamoen tatamoe teu kaboeroe amitan, wah lëboer
meureun priboemi pamëgët koe geureuha. Eta wae sakalieun nga-
goongan saoer, geus disegag, dikërëngan.
Waktoe soemping ka dinja tatamoe teh dipapagkeun koe Ënden
Siti Saniah, dipisono, djeung diarëp-arëp soegan aja boeahna sa-
roempingna ka dinja teh. Dina waktoe tatamoe maroelih, anoe tadi
mapagkeun, goembira soeka seuri teh, noempi di kamarna, nangis
balilihan, lantaran beak pangharëpan.
Sabada toeang beurang, barabat koe djoeragan Soelaeman di-
tjarioskeun hal moegoehkeun tea ka djoeragan Rachmat, jen geus
tetela karëp sëpoehna Siti Saniah teu beunang diongget-ongget.
„Ari parantos kitoe mah," saoer djoeragan Rachmat, „parantos
wae. Kadar abdi pangintën këdah kieu."
„Ih, tjing oerang përkarakeun bae atoeh," saoer istri djoeragan
Soelaeman, „panasaran atjeuk mah."
„Lah atjeuk, tjoemah bae dipërkawiskeun oge, kenging moal,
katambah-tambah era."
Saoer djoeragan Soelaeman: „Oerang njatjapkeun kapanasaran,
76

oerang naros ka noe aroeninga, koemaha pamëndak arandjeunna.


Kitoe kapan tadi isoek oerang badami teh."
„Emoetan abdi mah tjoemah bae, nanging teu aja lëpatna ari
tataros mah."
Sanggeus rëmpoeg rek ngadjalankeun ihtiar, djoeragan Soelae-
man angkat ka Ama Manan, djoeragan Rachmat angkat ka Lam-
bho rek tataros, soegan aja noe bisa mere pidjalaneun.
Sorena kira wantji poekoel 8 geus ngarioeng deui. Tjek oerang
Lambho teu aja djalan kana pibariseun meunang, oepama eta për-
kara dika-tëngahkeun. Kari ngadago ti Ama Manan, koemaha boe-
boekanana. Isoekna djol bedja, jen ihtiarna Ama Manan teu hasil.

Nëpi kana tempona toedjoeh poë, djol pasosore kira poekoel


2

opat oetoesan ti sëpoehna Siti Saniah. Koe djoeragan Soelaeman


djeung djoeragan Rachmat, diakoe ditjalikkeun, sor soesoegoehna
sësëpeun.
Kokolot oetoesan: „Pangapoentën djoeragan, bade diboedjëng pë-
rëloena bae, pang dongkap ka dieu teh kawakilan koe ramana N j i -
raden Siti Saniah, njoesoel saoer noe kapoengkoer, wireh aja ka-
saoeran ieu djoeragan Soelaeman, moendoet tempo toedjoeh din-
tën, Ajeuna parantos dongkap kana waktosna, koemaha tea pikër-
saeun teh?"
Djoeragan Soelaeman ngareret ka djoeragan Rachmat. Pok djoe-
ragan Rachmat ngawalon: „Soemoehoen, përkawis kërsana sëpoeh
Siti Saniah parantos tërang, katampi. Asal tadi neundeun omong,
ajeuna diwangsoelkeun deui, kasoehoen. Nanging aja pihatoer sa-
eutik. Përkawis ieu barangi sarëng artos moal ditampi. Kapoengkoer
oge sëdja mere ka Siti Saniah, moegi kapasihkeun ka dinja, poetra
mere moetlak, estoe poetih bërësih, moal aja gantar kakaitanana.
Moegi kasaksian koe sadaja, poetra soempah ngangkën doeloer ka
Siti Saniah. Koe margi eta iboe-ramana oelah kagoengan manah
salëmpang, oelah aja tjoeriga. Tah njanggakeun, moegi kërsa
njandak deui ka ditoe."
„Teu sae kitoe djoeragan, noemoetkeun adat biasa këdah ditampi
ieu teh," walon oetoesan.
„Oelah lëpat galih, eta mah mere moetlak, noe mawi këdah di-
tjandak deui. Oelah aja manah salëmpang, bilih dipërkawiskeun
77

ëngke di ahir. Moal, moal, beu, teu aja pangintën teuing kana kiki-
toean," saoer djoeragan Rachmat.
Da geus taja ladjoena, oetoesan amitan, toeloej maroelang. Sadja-
djalan ngaroepat, moedji ka djoeragan Rachmat. „Moen oerang nja,
boga piminantoeeun tjara eta, beu ambeu, meureun dipoesti-poesti,
dibeuli-beuli, soepaja njaaheun ka anak oerang," tjek noe pangt-
kolotna. Tjek noe saoerang: ,,Jaktos, ieu mah kalah ditoker. Djë-
lëma kamanigan, pipilih njiar noe leuwih, kotjeplak meunang noe
petjak, geura ëngke." Ditembal deui koe noe kolot: ,,Poko-pokona
noe ngabëroeng teh, ieu indoeng awewe, sarerea kabaoed."
„Jaktos kitoe tea mah, nanging eta djadi lalaki teh Teukoe Dje-
nal mah keujeup apoe, dikokop koe awewe teh. Koemaha disëntak
sakali oge, peot. Moen simkoeringi dikitoe koe awewe, jih
oeninga aja bedjana waeh," tjek noe saoerang deui.
Gantjangna geus nëpi ka Meureudoeati oetoesan teh, tjat aroeng-
gah ka boemina Teukoe Djenal. Kakara gek pisan oetoesan, geus
pok iboe Ënden mariksa: „Koemaha beres?"
„Tjarios mah beres, ngan ieu barang sarëng artos kabantoen
deui, da teu ditampi, kop bae mere keur Saniah, basana."
Ana tjeuleuweung teh iboe Ënden: „Ambeuing-ambeuing, tjoe-
tjoengah teuing, rarasaanana teh djadi naon, ngahina teuing, nga-
hampas teuing. Teu dibere koe noe kitoe patoet oge, anak aingi teh
moal boeroeng bisa make noe kitoe. Ëmang deui dikolotkeun teh
tjara boedak, make kërësa njandak deui, moen aloengkeun wae ka-
na beungieutna."
Tatjan këbat morobotna, kaboeroe tjarogena njëntak, geus teu
katahan tajohna, sieun geureuhana tëroes ngatjambleng, saoerna:
„Djoebaedah! sing ingët, ngomong teh oelah djangdji heuaj!"
„Ngewa kami mah, keun soegan dakwa ka Toean Bësar."
Isoekna rama Siti Saniah disarëngan koe oetoesan noe tiloean
tea, ngadeuheus ka oeleëbalang (rëgen), ngoendjoekkeun kitoe 2

përkarana, njoehoenkeun pitandangna moelangkeun panjangtjang-


na ka djoeragan Rachmat. Boeboehan rëgen noe djadi menak, për-
karana dioeroeskeun. Moelih ti paseban djoeragan Rachmat rëm-
bës tjisotjana.
Soemping ka boemi, sasaoeran doemareuda ka djoeragan Soelae-
man, jen përkarana parantos dipoetoes di paseban. Boes ka kamar,
toeloej njërat.
78

Ari istri teu oeninga, jen geus ganti beubeureuh. Saban poë nga-
rëp-ngarëp panjaoer ti paseban atawa ti kaoem, hajang dilawoeng-
keun, da kitoe kapan pamentana ka djoeragan Rachmat. Keur aja
noe diarëp-arëp, djol noe nganteurkeun soerat. Tetela soerat ti
djoengdjoenanana, teu samar kana aksarana. Soerat ditjandak ka
kamar, ngarah rineh matjana. Braj diboeka, kieu oenina:

Ënoeng, boeah ati ëngkang,


Soerat koe ëngkang katampi, oengëlna kaharti pisan. Nja
saakal-akal didjalankeun koe ëngkang djeung djoeragan Soe-
laeman istri-pamëgët, tapi lapoer sagala ihtiar teu hasil. Malah
kamarina ëngkang disaoer ka paseban, adoe hareupan djeung
Ama, rama ënoeng. D i pajoeneun oeloeëbalang tali papa-
tjangan oerang dipëgatkeun. A r i madalion ëngkang hënteu di-
tampi, da ti bareto oge keur ënoeng, ëngkang teh sanes ngin-
djeumkeun, sanes mihape. Eta mah etang tawis kagëgëlan ti
2

noe goreng sisit.


Dalah oerang teu dikadarkeun bisa ngadjodo, moega 2

ënoeng oelah rek mitjeun ka ëngkang; oepami ditampi mah,


ëngkang ti sëmët ajeuna ka hareup ka ënoeng rek ngangkën
doeloer lahir-batin, nja eta soepaja ëngke ka hareup oerang
bisa digawe babarëngan.
Ënoeng oelah leutik manah. wireh kitoe kërsa sëpoeh,
anggoersi toemoetkeun, ambeh rahajoe. Didoakeun koe ëng-
kang ti kaanggangan, moegi Goesti Jang Mahasoetji maparin
2

rahmat salamët ka ënoeng sapapaosna.


Ëngkang mah ëntong dianggo kaemoet, ënoeng, djëlëma sial
goreng milik.
Salam miwah doe'a ëngkang
Rachmat.

Barang matjana nëpi kana „papatjangan oerang dipëgatkeun,"


sëblak Ënden Ijah ngalënjap, leng kapoëkan, lës teu emoet sakeu-
deung. A r i njah deui, nëroeskeun deui maos soerat nëpi ka tamatna.
Gëro bae nangis bari sasambat: „Adoeh ëngkang! sëpoeh
abdi anoe lëpat ëngkang teu toeah teu dosa
Kaniaja teuing Iboe Ama Abdi moal wëleh
79

tjoemantel ka ëngkang " Toeloej nangis ngabangingik,


sëmoe njëri-njëri teuing.
Djol saderekna ka kamar arek disalin, moelih ti pasar. Njam-
pak anoe ngabangingik, geuwat disampeurkeun, dipariksa: ,,Ijah,
koe naon tjeurik?" Noe mariksa teu diwaro, djongdjon bae inghak-
inghakan. Pok deui saderekna: ,,Ijah, Ijah, ieuh koe naon? Jej,
Ijah, koe naon tjeurik teh?" Tapi djongdjon bae teu diwaro. T i
kamar bidjil ngagëntraan iboena.
Anoe nangis disampeurkeun koe doeaan. Iboena mariksa: „Sani-
ah! koe naon tjeurik?" Noe dipariksa lain ngawalon kalah ngagë-
ro, broek kana sampean iboe. Iboena bëndoe, njëntak tarik: „Sa-
niah! sia teh teu elmg? Ngomong! koe naon siah, hah? Hajoh ngo-
mong ! Teu poegoeh leweh mah, teu kaharti."
1

„Adoeh Iboe! abdi teh djeung dikieu-kieu mah


paehan bae parantos."
„Hah! naon?" saoer iboena bari ngëdjatkeun sampean. Angkoh-
na rek njeuseul deui, tapi barang ningali poetra ngagëlëdoeg, di-
goejahkeun ngagolepak, nangisna repeh, waos kekep, panangan
tipëpërëkët, sotja peureum, reuwaseun. Poetra dirontok ditangisan.
Ënden Halimah riwih-rawah, loeloempatan njandak këndi. A r i
ditonggengkeun kosong. Bërëbët deui loempat, njaoer rentjangna
sina mawa tjai. Gëro-<giëro ka tatangga nëda toeloeng. Rob awewe-
lalaki di boemina geus ngagimboeng. Noe kalënggër dipangkoe,
diebogkeun kana padjoearanana. Riboet noe dangdan paroepoejan,
noe njiar ermawar, neangan mënjan. Prak dipëtakeun sabisa-bisa-
na. Aja deui noe hidëng loempat ngala doekoen. Datang dëk doe-
2

koen mëtakeun tarekahna. Noe ngaromong tinggërëndëng, patë-


ngah djeung noe babatjaan mapatkeun doe'a panjinglar; sawareh
aja noe matja jasin deui. Omong djëlëma roepa , tapi lolobana mah
2

njangka keuna pamake.


Sanggeus Ënden Ijah emoet deui, sakoer noe ngalajad boedal,
nee tinggal kari noe kagoengan boemi djeung doekoen. Pok Ënden
Ijah sasaoeran ka iboena, nërangkeun seueul njëdëk kana angën,
bawaning koe sëdih djeung nalangsa, lantaran dibëdokeun ka djoe-
ragan Rachmat. Asa disapirakeun koe iboe-rama, teu ditjandak
badami. Manahna keukeuh beurat ka dinja.
Didjawab koe iboena, ditërangkeun sabab-sababna noe matak
ngabëdokeun ka djoeragan Rachmat, nampa pangdamar Teukoe
80

Banta Raman. Tapi nadjan koe iboena dilaipkeun, anoe anjar,


dialoeskeun, didongengkeun pisènangeunana, pikabitaeunana, pika-
rësëpeunana ka hareup, da katjotjog hate iboe djeung poetra teu
saroea, poetra mah keukeuh bae beurat ka noe ti heula. Ngalawan
teu wani, padoe teu bisa, sagala teu aja meunangna, kantoen ngoe-
woeng dina manah.
Doekoen ngaharewosan ka iboena, jen oelah dikerasan, oelah
njarios përkara beubeureuhna, sabab tjënah matak ngahoedang
3

teu hade. Eta oge kapioehanana teh madjar keun bënër saomong
noe loba, keuna koe pamake djoeragan Rachmat. Ngarah paler,
oelah disëboet-sëboet deui. Pitoeah doekoen katjida dianggapna
koe iboe Ëndn.
Memeh moelang, doekoen ngalëlëmoe Ënden Ijah, soepaja lëlër.
Tjaritana teu njabit-njabit përkara toenangan, tjarita sedjen deui
bae, noe matak ngeunah kana hate. Sanggeus ngadjiad deui djeung
ninggalan tjai beunang ngadoaan, doekoen amitan moelang.
Isoekna djoeldjol margi-wargina noe anggang lëmboerna ngala-
jad. Pabeubeurang daratang sobat-sobatna baroedak awewe, da
meunang bedja, Ënden Ijah teu damang ngadadak. Koe kareuah-
reuah koe semah, rada tjenghar meueusan. Iboena anoe sasarina
sok sëntak sëngor, ajeuna aneh, anoe bakëtoet pait salin djadi ma-
rahmaj manis.
Katjaritakeun përkara bëdona djoeragan Rachmat ka Ënden Siti
Saniah geus mawoer kabedjakeun ka sakoeliah Kotaradja. Lamoen
aja para nonoman ngarioeng, koedoe bae njaritakeun hal eta.
Teu aja saoerang noe hënteu manghandjakalkeun. Kabeh pada
njalahkeun ka sëpoehna istri.
„Adat noe kitoe, noe goreng, noe koe oerang koedoe dipérangan
teh,"tjek sarerea. „Teu hade soteh noe ngora ditoeroet, teu koe-
doe dirëmpoegan, ari salah. Përkara Rachmat mah lain ngoeroes-
keun hade-gorengna, kolot nembongkeun kakawasaan," tjek noe
sawareh deui.
Djoeragan Rachmat nandangan soengkawa manah, di loear siga
mokaha; ngahadja tara tinggaleun tjatjampoeran djeung sobat-
sobatna, ngan tara gërah tjara ka toekang-toekang. Maksoedna
sok pipiloeeun aja naon teh rek ngabangbrangkeun, tapi sok ra-
2

djeun kasoeat-soeat.
81

IX KAPANGGIH RASIAHNA
A r i djoeragan Rachmat mah da poegoeh pamëgët, rek kieu rek
kitoe oge ngabangbrangkeun manah, teu aja halanganana, nara-
djang di istri teu laloeasa tjara pamëgët. Keur ngoeloewoet diba-
wa ngoeloekoetëk bae di boemi, tampolana ngoempëd di kamar,
atoeh lain matak tambah tjageur, tapi matak tambah ngoejoeng.
Beurang-peuting euweuh deui noe digalih, ngan hajang tëpoeng
djeung anoe kapiraraj, hajang namplokkeun noe dikandoeng dina
manah, tapi teu kapanggih pidjalaneunana. Sakapeung rek njieun
soerat, tapi ras deui ingët kana soeratna, dina toengtoengna aja
„ëngkang mah ëntong dianggo kaemoet, djëlëma sial goreng mi-
lik," rëg deui teu toeloes. Noe dipake salëmpang teh, sieun ënja
geus isklaseun, mana njarek dipikaingët oge. Hanas njoeratan, pek
teu diwaro, koemaha deui.
Oentoeng aja ejangna noe poerah ngalilipoer, poerah ngoepa-
han. Naon noe dikëmoe ka batoer, ka dinja mah diboedalkeun.
Satimoe-timoe sëpoeh, hajoh Ënden Ijah digëlëndoet, nja aja lë-
lërna, rada tiis. Tapi ana panglipoer geus leeh, mindëng këdal
aralna: „Lah, Baing, djeung kieu mah mënding paeh. Keur naon
hiroep ge teu goena." Geuwat ditjombo koe ejang: „Ih, njai geulis,
oelah sok aral soebaha, pamali, anggoersi nënëda ka Goesti Allah
oelah pëgat. Lëbar, njaah, ngora keneh. Keun Baing noe ti heula
mah, da geus kolot, geus seubeuh hiroep."
„Atoeh Baing ninggalkeun mah, teu aja noe njaah ka abdi."
Poetoe dirontok dirangkoel koe ejang, dioesapan: „Deudeuh
teuing, eulis, intjoe aing " Hënteu tëroes sasaoeranana,
kaboeroe doemareuda, toeloej nangis paoengkoe-oengkoe doeaan.
Sanggeus pada lëlër, pok ejangna sasaoeran deui: „Eulis, oelah
pëgat pangharëpan, soegan bae aja sih piwëlasna Rabboelalamin,
kërsaeun ngagilirkeun hatena nji Djoebed. Baing rek njëlang heula
ka Meurasa, watara doea tiloe poë mah. D i ditoe rek ihtiar, menta
toeloeng ka noe bisa. Soegan bae Allah marëngkeun, panëda oe-
rang tinëkanan. Tapi poma Eulis, oelah njarita ka noe lian, rasiah
ieu teh, saoerangeun bae, nja. Sabot Baing euweuh sing sabar,
sing djanglar, oelah ngabaroebahkeun batoer."
„Mangga Baing, sapiwoeroek diestokeun. Sarëng ke, ieu bisi aja
kapërloean leuleutikan, tah loemajan bae saeutik." Tjengtjelenga-
Bentang Atjeh 6
82

nana dikorowek, eusina ditjitjikeun, dihatoerkeun ka ejangna ka-


beh. ' „
Sabot ejangna ka Meurasa, aja baroedak awewe noe narepoe-
nqan sapërkara neang, kadoeana barebedja, jen maranehna miloe
samen keur ka Sakola Normaal Istri di Padangpandjang. Enden
Ijah boengah diandjangan koe baroedak awewe teh sarta diang-
dji isoekna poekoel lima sore rek nëpoengan noe mariloe samen,
hajang njaho saha noe meunang. Baroedak awewe noe miloe sa-
mën teh ngoempoelna di Gang Aerwangi wajah kitoe teh. Geus
disoegoehan, semah boedal.
Dina waktoena djol Ënden Ijah dina kahar ka Gang Aerwangi.
Sakoer noe papanggih di djalan pada kaget, rehna geus doea boe-
lan tara aja noe manggihan loenta ti boemina, ari ajeuna kersa
roemingkang. Salirana djadi langsip, rarajna siga beuki bodas, koe
sabab pias, tambah ngoeroeng andjeun sakitoe lilana.
2

Barang kahar eureun, baroedak awewe tea maroeroe ka djalan,


mapagkeun. Broei ka boemi noe dialandjrëkan. D i antara eta ba-
roedak awewe aja oerang Lho Seumawe tiloean, anoe miloe sa-
mën. Eta baroedak awewe kabeh nëpi ka poë eta samënna tatjan
poetoes, kabeli tatjan aja noe dilëpas. Euleuh galetjokna noe tjara-
rita geus teu poegoeh dengekeuneunana, kasëlang-sëlang koe tjeu-
tjeuleukeuteukan noe sareuri. Sor soesoegoehna tjai teh djeung
koeëh-koeëh. Ënden Ijah saharita mah kabawakeun goembira, mi-
loe tjarita miloe seuri.
Oerang Lho Seumawe tea koe Ënden Ijah dipariksa: „Ari
Ëneng tiloean di mana ngandjrëk?"
„Di pasanggrahan Atjeh," djawabna.
„Koemaha bëtah?"
„Noe mawi, sagala kararagok, eta seueur lalaki, Oepami pa-
rantos boes ka pangkeng, brëg noetoep maneh. D i pangkeng nja
samak opat heulaj, teu aja korsi hidji-hidji atjan, seepeun koe la-
laki. Sagala sësah noe mawi ge."
„Karoenja. Koemaha moen di atjeuk bae atoeh?"
„Mangga, oepami ditampi mah."
„Kantënan bae, mana koe atjeuk disambat oge, lalëga geura di
atjeuk mah."
„Mangga, iraha bae ditjandakna, abdi mah ngiring."
„Mangga atoeh ajeuna bae, meungpeung tjaang keneh."
83

Ënden Ijah amitan, nja kitoe deui oerang Lho Seumawe. Broei
opatan ka djalan mëgat kahar. T i dinja giritik ka pasanggrahan.
Datang pakpikpoek beberes. Anggeus eta, bebedja ka noe ngan-
2

teur djeung ka mandor pasanggrahan. Sadjoengeun pisan, noe sa-


oerang hajang ka tjai heula, leos indit, teu lila djol deui datang.
Ana braj teh panto aja noe moekakeun, hol pamëgët anom nëmpo
ka kamar, saoerna: „Rek kamarana ieu teh, rek laladjo?"
Baroedak awewe teu aja noe ngadjawab saoerang ge. Pamëgët
teh asoep ka kamar njampeurkeun boedak awewe, noe pang'-
gëdena. Ieu moendoer sëmoe sieun djeung ngewa dideukeutan pa-
mëgët teh. Da eta noe dimaksoed ngëdjat, malik, rek ngadeukeu-
tan noe saoerang deui, ari beh bebenena aja di dinja, teu tembong
teh tadi mah kahalangan koe panto. Gëbëg reuwas, raj pias siga
teu gëtihan, era kapërëgo koe pigeureuhaeun ngaheureujan awe-
we. Tapi reuwasna ngan saliwat pisan, pok mariksa: „Koemaha
samën teh?"
Diwalon koe saoerang: „Doeka, teu atjan kantënan." Lagoena
teugeug, dioetjapkeun bari ngalieus djeung tjambëroet.
„Heug, didoakeun sing salamët, sing mareunang, nja. Oelah
ngerakeun Lho Seumawe." Geus sasaoeran kitoe bidjil ti kamar,
teu bëndoe koe dibaeudan.
Koe baroedak teu diwalon deui, ngan noe panggëdena ngoe-
troek: „Noeroestoendjoeng noe boeroeng', geus diboeang ka dieu
teh, atjan tjageur keneh bae."
Ënden Siti Saniah imoet, api teu oeninga ka noe ditjarekan toe-
2

kangeunana teh. „Hajoe atoeh, eta tjatjandakan oerang kana ka-


harkeun."
„Ke, antosan djoerigna sina njingkah heula," walon noe tadi
ngoetroek, toeloej tënga-tëngo ti panto. „Mangga ajeuna mah, pa-
rantos kaboer geuning djoerig teh."
Keur di djalan dina kahar, lar deui papanggih djeung Teukoe
Banta Raman toenggang kareta mësin, tapi baroedak awewe ka-
beh mitjeun beungeut. Tjek noe panggëdena: „Ij, papanggih deui
bae oerang tah djeung mangkëloek teh."
Ënden Siti Saniah: „Naha Ëneng, idjid teuing ka dinja teh?"
2

„Ngewa abdi mah, lalaki tjologog kitoe. Tjobi, aboes ka kamar


awewe, teu tata pasini deui, goeroedjag bae."
„Sanes sobat Ëneng eta teh? N a teu kenging, kitoe, ari sobat?"
84

„Hi, hi, hih, atjeuk mah, moal ënja aja awewe sosobatan sarëng
lalaki."
„Atoeh soegan pedah wawoeh bae, da batoer salëmboer."
„Soemoen atjeuk, masing wawoeh, masing batoer salëmboer
oge, teu sae kitoe. Taradjal-torodjol poeroenjoes. Sëbël abdi mah
ningalna oge, ej, rehe, teu kajoengjoen."
„Keun ëngke deui oerang toeloejkeun njarita. Ajeuna oerang
geus nëpi, tah eta imah atjeuk teh." Rëg kahar, djoet taroeroen.
Ënden njaoer rentjangna ngakoetan kopër, miwarang dikakamar-
tamoekeun. A r i tatamoena ditjandak ka iboena, ditëpangkeun
djeung saderekna, nji randa, Ënden Halimah tea. Priboemi katjida
ngakoena ka baroedak awewe, teu asa , matak sonagar ka semah.
2

Gëgëdena mah priboemi teh boengah ningali Ënden Ijah rada be-
rag. Saoer iboe Ënden: „Pek njai, noe gareulis djeung atjeuk Ijah,
oelah arasa-asa, nja. Bisi aja kahajang, atawa naon bae, njarita
ka iboe,"
„Mangga," walon baroedak.
„Pek Ijah, pëtakeun, akoe, karoenja heug ti noe djaoeh."
„Mangga," walon Ënden Ijah.
Geus salse bëbënah, geus marandi, geus salin, ngarioeng di em-
per hareup opatan. Ënden Ijah njamboeng deui tjarita tadi, basa
keur dina kahar: „Saha lalaki noe tadi teh? Saënjana mah atjeuk
oge rada teu ngeunah, miloe mangïdjidkeun."
„Lah, pandjang tjariosna, teu matak rësëp."
„Tjik tjarioskeun bae pondokna. Moen ka atjeuk mah tadi wa-
nieun kitoe, harita keneh wae meureun ditjarekan hareupeunana."
„Hih, atjeuk mah teu oeninga, eta mah djëlëma gëdjoel, ari di-
tjarekan koe awewe teh sanes ngambëk, seuri alangah-elengeh,
koemaha wae noe gelo."
„Na saha atoeh eta teh?"
„Poetra Rëgen Lho Seumawe, Teukoe Banta Raman ngaranna."
„Koetan poetra Rëgen. Paingan ari Aom mah palaj ka noe dem-
plon, mohmoj."
„Jej, bararaid teuing. Djeung daek ka dinja mah kadjeun teuing
djadi landjang babet. Ij, garila," tembal noe diheureujan bari djë-
beng djeung ngadilak baeud.
„Kapan Aom eta teh, pirëgeneun."
85

„Wah, masing Aom oge, naon, djëlëma teu oeroes, moal ënja
djadi rëgen.
„Na koemaha?"
„Har, ari atjeuk, apan di ditoe mah," tjek noe saoerang deui,
„parantos gër bae djadi omong, djëlëma teu poegoeh, sarerea pada
ngewa. Ganti pamadjikan oenggal oesik."
„Ënja, nja tjek mang Doelah mah randana ge geus balatak di
oenggal lëmboer."
„Ënja, tjënah, anak ge aja dalapan rodaeun mah."
„Wah, ieu mah sok katjida teuing," saoer Ënden Ijah.
„Hih jaktos atjeuk, tjek noe njarios wae."
„Ari eta aja di dieu geuning, koemaha?"
„Apan diboeang koe toean assistent, da eta sok ngagoedjroed-
keun bae di oenggal lëmboer."
„Panjana atjeuk keur goegoeroe ka toean Goepërnoer, ambeh
ëngke bisa, ari djënëng rëgen."
„Wah, moal ënja teuing djadi, koe ramana oge dibëndoean. Tja-
riosna noe bade didjënëngkeun mah saderekna, da sarae saderek-
na mah teu sapërtos Banta Raman."
„Lamoen saderekna poepoes, meureun eta ëngke noe djadi."
„Apan aja tiloe saderekna teh." ,
„Lamoen poepoes tiloeanana?"
„Pirakoe atjeuk, soegan poepoes tiloeanana onaman. Masing
teu aja saderekna oge, tjariosna eta mah aom joenhe, moal tiasa
djadi rëgen. Apan diboeangna ka dieu oge, lantaran seueur abdi 2

noe teu soeka, këlak ka toean assistent."


„Ssst, parantos oelah njarioskeun eta, itoe aja doeloer atjeuk ka
dieu."
Ënden Halimah ka dinjana ngadjak toeang, kira poekoel dala-
2

pan harita teh. Sasalsena tararoeang tjaralik di boeroean, da ngëb-


rak tjaang boelan, pikarësëpeun nakër, tiis djeung hiliwir-hiliwir
seungit këmbangi doepa. Waktoe eta mah Ënden Ijah teu berag
tjara tadi, keur ngarioeng pada baroedak. Kagok meureun koe
iboena djeung saderekna, katambah emoet kana tjarita noe tadi,
pitjarogeeunana geureuhaan tjara hajam, poetrana rëndëj, adatna
poeroenjoes, kasar, geus boga papatjangan, wani ngaheureujan ba-
roedak awewe, Njël napsoe, asa disapirakeun, beunang hese nga-
rëboet, kari rek dipake loemajan. Tjek dina manahna, moen ënja
2
86

oge arek mitoehoe, moal ënja ngoedag boedak awewe. Moen teu
2

rek niat goreng, rek naon loslos ka pasanggrahan, da eta mah


tëmpat semah. D i djalan make mëgat deui, kawas noe ngahadja,
ari geus euweuh noe .dipikaera, arek toeloej meureun ngaheureujan
baroedak awewe. Beuki emoet, beuki idjid, beuki beurat ka djoe-
ragan Rachmat. Beuki tembong kaawonan Aom, beuki ngëmpoer
kasaean djoeragan Rachmat.
Poekoel salapan mimiti rea reungit, noe ti boeroean aroenggah
ka boemi, kira poekoel sapoeloeh di boemi geus djëmpe, anoe nji-
2

leuk bae nëpi ka djanari, ngan Ënden Ijah, ngemoet kadar salira-
2

na pikahareupeun.
T i harita tjeutjeubna ka pitjarogeeun raj poë-raj poë teh beuki
angot. Tapi salilana aja keneh semahna bisa njoempoetkeun, teu
katjiri-tjiri ngoeloewoet, ngandoeng ati. N g a r ë p ejangna teu aja
2

bae.
Baroedak awewe ngandjrëkna di dinja meunang opat peuting,
saban peuting ririoengan tjarita di boeroean. Loeloegoena anoe
ditjaritakeun përkara samën, përkara pangadjaran di sakola. Dina
padoekdëkan papadoean Ënden Ijah mindëng ngahoelëng kabeh-
dieunakeun mah, nëpi ka katangen koe semahna. Tjek noe sa-
oerang: „Atjeuk teh koe naon, siga teu damang?" Diwalonna pon-
dok pisan, madjarkeun teh bawaning katjida handjakalna teu bisa
miloe samën, teu meunang noeloejkeun sakola ka sakola sedjen.
Padahal saënjana mah ingët kana kawaasan, ngawangkong djeung
djoeragan Rachmat, noe maksoedna rek ihtiar ngamadjoekeun
pangadjaran keur awewe, soepaja awewe bisa lesot tina adat boe-
hoen anoe teu hade. Kari ajeuna pangharëpanana leungit, da an-
2

djeunna geus katalian koe sëpoeh, dipaksa koedoe nikah ka noe


dipikatjeutjeub, djadi koedoe hiroep di naraka doenja, tjek M a -
lajoe tea mah „makan ati beroelam djantoeng."
Kabënëran oerang Lho Seumawe noe miloe samën, tiloeanana
mareunang. Minangka nembongkeun kasoekaanana tjara noe nga-
loebarkeun tjatjarekan, ngadjak pëlësir ka Ënden Ijah toempak ka-
har moetër dajeuh, ka Mataië, Oeloeëlheuë djeung ka basisir. Noe
2

keur mësoem oge djadi miloe goembira, da ieu noe tiloean keur
katjida soeka boengahna, sadjadjalan alagër-agëran. Awewe soe-
mëdëng baleg tampele, manggih kaboengah, aja batoerna, moal sa-
87

lah ramena, kapan noe loeng'goeh ge djadi djëte beuki ngomong


beuki seuri, saoetak-saeutik njikikik.
Sapoë eta noe pëlësir opatan teh djadi tjarita baroedak boe-
djang. Noe katjida ditjararitakeunana euweuh deui ngan „bentang
Kotaradja." Dadak-dadakan ajeuna kaparanggih aja batoerna tiloe
tarëgëp kabeh, teu njarahoëun noe tiloe ti Lho Seumawe, isoekna
baris maroelang.
Noe ëntas pëlësir datang njampak ejang Ënden Ijah ti Meurasa.
Ejang bingah ningali poetoe tjenghar deui. Sorena bada tararoe-
ang ngarioeng deui di boeroean, boelan geus tjaang. Ënden Ijah
rek ngarodjok semahna, soepaja njaritakeun deui Teukoe Banta
Raman di pajoeneun ejangna, tapi teu kaboeroe pok, da djol man-
ten saderekna djeung iboena njampeurkeun. Toeloejna ngawang-
kong teu poegoeh bae.
Isoekna isoek baroedak semah teh dianteurkeun ka station koe
2

Ënden Ijah djeung Ënden Halimah. Soemping deui ka boemi


Ënden Ijah mah moeroe ka ejangna, saoerna: „Koemaha Baing,
kenging?"
„Meunang, eulis, tapi hese njiarna, noe matak lila oge," saoer
ejangna.
„Soekoer kenging mah, ngan handjakal Baing soemping teh sa-
nes kamarina."
„Naha, geulis?"
„Oepami soemping kamarina mah, pangintën Baing iasa nga-
dangoe koe andjeun, katërangan Teukoe oerang Lho Seumawe."
„Soekoer ari geus njaho mah, jen eta djëlëma hade."
„Hih Baing, poegoeh sawangsoelna. Soemoehoen ari menak tea
mah, nanging menak djahat, menak boeajana."
„Tjing tjaritakeun, sing poegoeh leundjeuranana."
„Lantaran goreng kalakoeanana, di ditoe mah di lëmboerna geus
teu diadjenan. A r i ka dieuna lain rek ngadon diadjar, sapërti tjek
manehna, tapi diboeang, da gawena sok ngagoedjroedkeun, poe-
rah ngoedag-ngoedag awewe."
„Ih anaking, adatna ari nonoman sok loba noe kitoe, tapi ari
geus kagoengan geureuha mah sok toeloej bageur.
„ W a h Baing mah, parantos boga pamadjikan dalapan kali, k i -
toe adatna, iraha bade bageurna? Kenging sëpoehna doea kali tja-
riosna, karëpna sorangan gënëp kali."
88

„Amboe , ti mana njai meunang bedja?"


2

„Ti baroedak noe kamari tea. Atoeh da di ditoe mah kolot-boe-


dak pada tarérangeun tah ka mangkëloek teh. Kapan basa di pa-
sanggrahan abdi teu ngindjeum panon, eta djoerig teh teu tata pa-
éini oedjoegP boes bae asoep ka kamar baroedak awewe, noe tadi
warangsoel, toeloej ngadeukeutan ka noe pangtëgëpna, noe rada
gëde, tjara oetjing rek newak beurit matana bontjeret, teu dihiding
aja batoerna. Geus poëk bae meureun bawaning koe bogoh. Awe-
wena ngëdjat sarëng sëmoe ambëk, katingal dina beungeutna. Ba-
rang bade ngarah noe saoerang deui, ret ningal ka abdi, raj pias,
tëras moendoer, omongna pikatjoeaeun. A r i abdi keur kadieukeun
lar deui di djalan papaliwat, mani hajang ngareuhakan koe idjid-
idjidna. Itoe baroedak parantos aridjideun, lah Baing, abdi mah
komo noe ditjadangkeun pimadjikaneunana. Ëmh, na tega teuing
indoeng-bapa, maksa anak rek dikawinkeun ka djoerig." Tjoeroe-
tjoed tjisotjana.
„Oelah leutik hate, njai geulis, kapan Baing ieu mawa tamba."
„Landong naon, Baing?"
„Doea roepa: ieu koedoe ditjampoerkeun kana kadaharan soe-
paja katoeangi koe ama djeung indoeng njai; ieu noe saroepa deui
koedoe diroeang handapeun ënggonna, tjënah."
„Matih kitoe eta teh, Baing?"
„Ih, sing përtjaja eulis, dagoan nëpi ka salikoer poë. Soegan bae
nji Djoebed ngagilir hatena. Djeung keun koe Baing rek ditjarita-
keun ka nji Djoebed, anoe tadi teh. Handjakal hënteu sore tadi,
basa keur ngarioeng, koe itoe baroedak awewe sina ditjaritakeun
di hareupeun sarerea."
„Lah Baing mah, kawas teu oeninga bae di adat iboe."
„Bade disanggëmkeun koe abdi, itoe baroedakna njarek, sieu-
neun kanjahoan koe djoerigna, heugi ngarah ka maranehna."
„Ajeuna mah sing sabar bae eulis, dagoan teurakna toembal
tea."
„Lah Baing, teu hajang abdi teh djadi nomër salapanna." Bloek
njoeoeh kana pangkon ejang bari nangis. Koe ejangna dioesapan
bari ditangisan.
Keur kitoe djol iboe Ënden ka dinja, teu tempo tjangangang bae:
„Toeh ari aja iboe di dieu teh si Saniah gawena ngan leweh. Da
eta boedak teh diogo teuing koe nini. Geuning sabot teu aja poe-
89

rah ngogo mah, teu kieu , berag, tjenghar. Mana teu noeroet ka
2

kolot oge, diogo teuing. Poegoeh oge ari nini geus pikoen mah,
2

pikirna geus malik deui ka boedak, teu njaho di bëbënëran."


„Aeh asana teh
2
A r i geus teu soedi katjitjingan, sieun
tombok maraban soengoet indoengi, rek indit kami mah ka Meu-
rasa. Noe pintër njaho di bënër ngan di dinja sorangan."
„Kantënan, iboe noe langkoeng oeninga, margi iboe mah paran-
tos sëpoeh seueur loeang, seueur kawawoeh, lorna sarëng noe bër-
boedi, sahanteuna bae Roemaos abdi mah mata-pëda."
„Meudjeuhna, ënja mata pëda kabeh ge.Geuning geus ngakoe
sorangan. Kilang kitoe ka kolot teh euweuh pisan ngoepamana.
Dideuleu-deuleukeunana teh njaho aing, pintër aing, mani teu nga-
gehan batoer. A r i anak dipaksa rek diparabkeun ka boeaja, teu
njaho, da atah sasar."
„Saha iboe boeaja?"
„Tah, pimantoeeun teh boeaja, djëlëma djahat."
„Astagfiroellah, iboe, iboe! sing emoet sasaoeran teh. Tobat
teuing Pangeran, ka Aom, pirëgeneun wantoen njëbat boeaja, një-
bat djëlëma djahat. Koemaha moen aja noe nëpikeun, tjilaka ëng-
ke oerang."
„Dengekeun Djoebed, da kami teh lain noe boeroeng. K a si njai
teh njaah, njao ari leuwih mah manan indoeng bapana, ngan teu
bisa bro-broan, da teu boga. Peupeuriheun mere hënteu, atoeh ha-
jang neuleu-neuleu djeung ngadenge anak intjoe sararënang." T i -
dinja dërëkdëk ditjaritakeun sakoer noe ka dangoe ti poetoena.
„ W a h , iboe mah sok sadangoe-dangoena, tjarita ti mana eta
teh?"
„Ari djëlëma bënër mah, boektikeun papaj, sidikkeun ka Lho
Seumawe, sabaraha djaoehna ti dieu. Nitahan kolot anoe beunang
dipërtjaja. Oetamana pisan deuheusan iboe-ramana, masing menak
oge, da djëlëma, moal ënja neureuj dideuheusan."
„Lah! parantos iboe! Keur naon make koedoe diboektikeun tja-
rita djidjieunan. Katjape-tjape, kalëbar-lëbar ongkos."
„Nja padoeli ari geus teu rek ngadenge omong batoer mah,
koema dinja. Kami mah teu rek pipiloeeun."
Iboe Ënden ningali iboena bëndoe, anoe tara tea nëpi ka kitoe,
moendoer, bidjil ti kamar djeung kawasna sieun kadangoe koe
tjarogena, da teu meunang patjental-tjental djeung iboena teh.
90

Ma'loem adat sëpoeh sok bëlik, poetra geus teu aja teh, djoeng
deui harita keneh rek moelih deui ka boemina di Meurasa. Ngan
teu bisa djoeng, sampeanana dipoentangan koe poetoe bari nangis:
„Bade ngagantoeng maneh, abdi dikantoen koe Baing mah." Eleh
koe poetoena mah, bëndoena leungit, rek moelih teu toeloes.
Sapitoedoeh doekoen ti Meurasa tea dipëtakeun samistina, tapi
teu aja tapakna, iboe Ënden manan aja euih-euihna, kalah nam-
bahan, beuki tjerewed, oenggal poë ngomel ka sarerea. K a tjaroge
ngadoe , madjar Ënden Ijah djadi basangkal, teu noeroet teh di-
2

ogo, dihatean koe ejangna. Ditoedoehkeun sabot teu aja ejangna


mah, Ënden Ijah tjenghar, berag, daek bëbërësih, njarita, seuri
nanaon, daek oedar-idër, lain tjara keur aja ejangna ngoempëd bae
di kamar. Toeloejna ka oenggal sëmah tjarita ejang djeung poe-
toe dipake soesoegoeh, moen ngandjang dipake ngirim. Papanggih
djeung kawawoehan di mana bae, moen aja waktoe, dipake nga-
bageakeun.
Lamoen hënteu pageuh dipoentangan koe poetoena, -geus saba-
baraha kali rek moelih ka Meurasa. Tapi koe sabab njaah ka poe-
toe, sanadjan pohara teu bëtahna oge, ngawajahnakeun andjeun
bae. Teu ngeunah toeang', teu ngeunah koelëm, hënteu dianggo
aral, tapi salirana beuki repot, toengtoengna brëk teu damang.
Barang teu damangna walës, dina hidji poë ngaharewos ka poe-
toena: „Njai, tjing eulis, toeroet bae kahajang kolot, soepaja oe-
rang oelah kieu. Lila oge ka noe itoe meureun paler."
2

„Lah Baing, sarëng daek dipaksa kawin ka lalaki kitoe mah,


kadjeun paeh. Oepami teu emoet ka Baing mah, kapoengkoer oge
abdi parantos ngagantoeng maneh."
„Baing mah lain rek maksa, ngan soepaja njai bisa sënang, oe-
lah nëpi ka kitoe, eta awak mani roeksak." Djëp teu sasaoeran
deui, ngan tjisotjana rëmbës. Poetoena deui nja kitoe.
Dina hidji poë Ënden Halimah miwarang rentjangna njapoean
kolong. Tajohna dikoreh hajam, anoe diroeang koe Ënden Ijah
djeung ejangna, toembal ti doekoen di Meurasa tea, goelar-goler
di loear, kasapoekeun, atoeh kapanggih koe noe sasapoe. Hari-
weusweus boedjang teh bebedja ka Ënden Halimah: „Djoeragan
Anom! ieu di kolong aja boeboengkoesan, siga teundeun djëlëma."
„Mana? Tjik ka dieuh. Ilih, ënja." Bërëbët loempat, ditembong-
keun ka iboe-ramana.
91

Atoeh dër djadi tjarita, geus teu nanjakeun saha deui noe boga
gawe, kabeh noedingna ka djoeragan Rachmat, sapedah kakeureut
koe sieup, katindih koe kari . Harita keneh, lantaran ngaraos risi,
2

iboe-rama Ënden Ijah ngaboedjëng ka Oedo Sjam, doekoen pa-


moentangan andjeunna. Tjek ki doekoen, ënja panggawe djoera-
gan Rachmat, tjotjog djeung sangkaan.
Anoe kagoengan teundeun teu wani ngangkën, djeung sanadjan
diakoe oge, moal aja anoe ngandël, ngan bati karoenja ka noe teu
boga dosa, ditoeding, ditjarekan, digogoreng, toekangeun tapi.
Ënden Ijah beak pangharëpanana, tarekah doekoen teu teurak,
malah teurakna bët sabalikna, matak nambahan njëri ati. Brëk
atoeh teu damang. Ejangna beuki walës, geus teu asoep tjai atjan
2

sadjëro toedjoeh poë. Dina kadalapan peutingna malëm Djoemaah,


wantji djanari, noe teu damangi nëpi kana dawoehna, moelih ka
kalanggëngan. Anoe kapati-pati nangisna, ditilar poepoes, ngan
Ënden Ijah nëpi ka lëslësan teu emoet. Djadi anoe pada ngagoe-
goeloeng teh lain noe poepoes, anoe kanjënjërian katilar poepoes.
Nëpi ka isoek teu aja noe sare.
Barang geus braj beurang, moeroeboel noe ngalajad, anoe ba-
bantoe haridëng satjabakna , hënteu ngadagoan dipëtakeun. W a k -
2

toe lajon dikëbakkeun, Ënden Ijah pipiloeeun, lantaran aja wasiat


ejangna, dina disiraman hajang dikoedjamasan koe andjeunna.
Bada salat Djoemaah lajon geus tarapti dina pasaran, toeloej
disalatkeun, djoeng digotongi. D i boemi raong noe nangis. Ënden
Ijah geus teu nangis tjara noe sedjen, ngan tjisotjana bae rambi-
sak. Barang pasaran ngagalojor ka boeroean, andjeunna moen-
tang kana tihangi, saoerna ngagërënjëm: „Nam Baing ti pajoen,
moal lami ge abdi noetoerkeun."
Bët aneh, ari geus gilig manahna rek noetoerkeun ejangna ka
kalanggëngan, anoe tadina limpeu pisan teh djadi djagdjag, sok
pipiloeeun sasapoe, entep djeung naon bae sadamël-damël di boe-
2

mi, bangsa noe enteng. Pada ngahoelag teu aja noe digoegoe.

X KIEU LOEPOET-KIEU LOEPOET


Sëpoehna rada tjopong manahna, ningali poetra rada djagdjag,
teu oeninga kasawat noe ngabëjoan, kasawat katoerëlëngan, ne-
kad rek nëlasan andjeun.
Isoekna pasosore loentang-lantoeng di boeroean, los ka pipir,
92

tëroes ka këbon. A r i di këbon kabënëran aja tangkal rada gëde,


rea dahanna, dirambatan koe seureuh. Taradjena oeroet noe ngala
seureuh nanggeuh keneh.
„Tah, manggih noe aloes ieuh, meudjeuhna keur ngagantoeng
maneh, kari neangan tambangna bae. Keun ëngke ti peuting rek
neangan," saoerna. Arek ngoekoer sakoemaha pitambangeunana,
2

tjat naek kana taradje.


Teu kanjahoan di toekangeun aja noe noetoerkeun, pok ngagë-
roan: „Ijah! Ijah! rek ngala naon?"
„Ieu ëmbi, seureuh mani karoneng, lëbar teu aja noe ngala."
„Keun bae, ëntong koe sorangan, ngala seureuh mah loba tita-
heun. Kapan tatjan tjageur pisan, bisi karoegrag."
T i këbon barëng djeung kapiiboeanana moelih ka boemi, toe-
loej tjaralik di emper toekang, tamba kësël panganggoeran nga-
bantoean ngaboengkoesan katoeangan, keur njoegoeh noe tahlil.
Reup peuting' bada isa, brëng noe tahlil, teu woedoe loba noe
kërna Allah, tëngah boemi sakitoe lëgana pinoeh. Istri di emper
2

toekang djeung di dapoer, ngoeroeskeun sisihan. Ka Ënden Ijah


teu aja noe malire, kalajar-koeloejoer oge di dinja, samaroekna
kabeh tjara batoer bae pipiloeëun barangdamël. Ieu mah ka dinja
soteh, milari tambang, geus meunang mah ngoeliwëd ka pipir, të-
roes ngintjid ka këbon, moeroe taradje nanggeuh noe tadi ti beu-
rang ditaekan tea. Kalatjat naek, sëmoe hararampang pisan. Goe-
riwël-goeriwël njangreudkeun tambang kana dahan, toengtoengna
noe sabeulah deui koerawëd kana tënggëkna, ngan sakeudeung
geus salse, kari ngagoerawil. Kaboeroe ras emoet: „Aeh, aing
paeh teh rek sakieu bae?"
Didjawab koe sorangan keneh. „Ih, koedoe ninggalan soerat
wasiat, pangeling-ngeling ka noe ditinggalkeun. A h , djeung ka
oerang Atjeh bae kabeh. Rek njoehoenkeun dihampoera deui ka
ëngkang. Ëmh ëngkang, ëngke bae di aherat abdi nëpangan."
Koesiwël tambang noe ngongkorong teh diporosotkeun, lëp di-
sëlapkeun kana areuj seureuh. Rëket sora taradje dianggo loeng-
2

soer. T i këbon ngadigdig ka boemi, saloempad-salimpëd boes ka


kamarna. Tret noelis. Soerat anggeus, djol piiboeanana nëmpo:
„Aeh Ijah geulis, naha tjindëloek sorangan bae? K a dieu ang-
2

goer, oerang miloe matja salawat, hiap."


93

Patlot digolerkeun, kërëtas disësëpkeun, ngalieuk bari imoet:


„Poegoeh ieu teu ngarareunah awak sarëng rada rieut, ëmbi."
„Keun bae ëntong pipiloeeun njai mah, rek dioek, dioek, arek
ngëdëng, ngëdëngi, asal di ditoe bae, hajoe. Lalaki keur ngaradji,
da tahlil mah ënggeusan, awewe maratja salawat, soepaja Baing
meunang rahmat koeboer. Teu poegoeh njorangan mah kitoeh.
Hajoe njai, oerang ka itoe."
Koeliat, djoeng Ënden Ijah tina korsina, toeloej ngiring ka noe
ngadjak. Tjek dina manahna: „Ënja wae, koedoe hadiah ka Baing.
Moegi Baing singi meunang rahmat koeboer."
2

D i tëmpat istri geus rëmpëg noe rek matja salawat, disësë-


poehan koe hadji istri. Mimiti matja salsilah Nabi s. a. w. nëpi
kana lalakon mi'radj, ditjokot ringkësna bae, disamboeng koe nja-
ritakeun kiamat, njaritakeun naraka, bab sakarat. Dina njarita-
keun hal maot, katjatoerkeun djëlëma noe maehan maneh. Disë-
boetkeun dina kitab noe kitoe paeh kasarad, nanggoeng dosa noe
panggëde-gëdena, di aheratna ditëmpatkeun di dasar naraka dja-
hanam. Brëng ajeuna hadiah ka arwah, koe babatjaan, ditoeng-
toengan koe doa.
Ënden Ijah moerëngkëd manahna rek ngagantoeng andjeun
teh, lantaran përtjaja kana tjarita noe tadi, jen katjida gorengna
djëlëma maehan maneh. Tëngah peuting waktoe boedal noe nga-
radji, andjeunna mah ngageuwat ka këbon, njandak tambang, si-
eun aja noe nganjahoankeun. Tambangna dialoengkeun ka kolong
emper toekang.
Toedjoehna ejangna hadjat gëde. T i ëntas toedjoehna kakara
simpe, hënteu abrëg^abrëgan teuing djëlëma. Manggih deui hadjat
gëde dina ka-44-na, ari dina ka-10-na, ka-20-na, ka-30-na djeung
ka-40-na hadjat loemajan bae, hënteu rongkah. Oerang Atjeh mah
beda deui ngahadjatanana noe maot teh, teu saroea djeung oerang
dieu.
Dina saban hadjat Ënden Ijah sok ngoeat andjeun babantoe,
2 2

madjar teh hajang katarima koe Baing.


Sasalsena hadjat ka-44-na rea noe ngahatoeranan ka iboe-rama
Ënden, soepaja noe teu damang ngalanglajoeng, koeroe aking nga-
djangdjawing, oelah diantëp. Tjek sawareh koedoe didoekoenkeun
sing ënja, tjek noe sawareh deui koedoe ditambakeun ka doktor,
oelah ngandëlkeun papatah noe neangi Tapi ari noe teu damangna
5*4

gebeg bae, rek ditambaan teh. Oebar pangirim mah geus ti mana-
mana. Bangsa papak-poepoek, boelar-baloer bro kana tampolong,
bangsa landong anoe koedoe dileueut, tjoer deui kana tampolong.
Djadi tampolong bae noe seubeuh koe oebar tea mah. A r i rek di-
bawa ka doekoen atawa ka doktor, manan poeroen kalah noempi,
brëg noelakan andjeun. A r i peuting ngabangingik, noe disambat
ngan doeaan, Baing djeung ëngkang. Sëpoehna beuki sësah.
Toengtoengna noeroet kana pitoeah batoer, nja eta neang doktor.
Ënden Ijah dipariksa koe doktor, tapi sakitoe talitina mariksa,
kasawatna teu kapëndak dina salirana. Saoer doktor koedoe ka
roemah sakit, soepaja mariksana bisa leuwih gëmët, sabab parabot
paranti mariksa noe gëring sadia, sagala aja. Noe teu poeroen
dibawa ka doktor teh ajeuna mah dipaksa. D i roemah sakit dipa-
riksa deui nëpi ka beak panasaran doktor, tapi panjakit wëleh teu
kapanggih. Saoer doktor ka Teukoe Djenal: „Toeang poetra pa-
rantos diparios, salirana bërësih, teu aja panjawatan. Roepina ieu
mah kasawat sanes deui. Parantos tjarogean poetra teh?"
„Teu atjan, Toean, ari gadoeh salaki mah, nëmbe papatjangan."
„Pangintën eta noe djadi kasawat teh, sanes landonganeun dok-
tor, nanging këdah koe ramana, toeroetkeun kahajangna, paparin-
keun anoe dipikarësëpna."
Saoer doktor kapahamna koe rama Ënden Ijah beda ti maksoed
doktor. Saoer doktor „kasawat sanes deui djeung sanes landonga-
neun doktor" dihartianana kasakit panggawe deungeun, djadi
doktor teu bisaeun ngoebaran, koedoe moentang ka doekoen. A r i
koedoe ditoeroet kahajangna, koedoe dipaparin noe dipikarësëp-
na, maroekankeunana koedoe diogo tjara boedak leutik. Doktor
sasaoeranana koerang tërang, noe nampa koerang paham, djadi
nasehat teh salah ngalarapkeunana. Lamoen didjëplakkeun mah
koe doktor, jen oebarna noe matih taja deui ngan Ënden Ijah koe-
doe ditikahkeun ka noe dipisoekana, meureun gantjang kahartina.
Soemping ka boemi Teukoe Djenal, njarios ka geureuhana, geus
teu sak deui, jen poetrana keuna koe wisaja, doktor waktja teu
bisa ngoebaran, djadi koedoe menta toeloeng ka doekoen.
Gantjangna nitahan ngala doekoen. Bada magrib koeroetak
Oedo Sjam, doekoen noe diteang datang, toeloej dibawa ka kamar
Ënden Ijah. K i doekoen mapatkeun djampe bari njabak taar noe
teu damang, tapi dikepeskeun koe noe ditjabak teh sarta saoerna:
95

„Nadjis, teu hajang ditjabak, teu hajangi dioebaran,, hajang soteh


tereh paeh."
Doekoen bidjil ti kamar, heug ngaharewos ka priboemi, jen di
dinja mah moal bisa laloeasa badami, bisi nëpi ka noe teu damang.
Poetoesna rek badami di imah sedjen. Tiloean taroeroen ngadjoeg-
djoeg ka boemina rai iboe Ënden.
Priboemi pakëpoek ngamparkeun alkëtip sarta naros këdah sa-
jagi naon noe përloe. Doekoen hënteu rea pamentana ngan pa-
roepoejan djeung mënjanna, pinggan bodas beunang ngeusian tjai
herang noe bërësih. Pëlëdoeg mënjan dibeuleum. Tina sakoena
doekoen ngabidjilkeun djëroek mipis tiloe, prak dibeuleum, diri-
oengkeun deukeut paroepoejan. Pinggan ditjëkël loehoereun pa-
roepoejan. Djampe mah ti barang soet mënjan oge narostos teu
këndat. Sok pinggan dietjagkeun, pok Oedo Sjam njarita: „Beu,
parantos lëlëb ieu kasawat poetra teh. Anoe nërapkeunana sanes
bantrak-bantrakeun. Masangna parantos doea kali ieuh."
„Doea kali koemaha?" saoer iboe Ënden.
„Soemoehoen, ngawitan poetra teh ditërapan pelet, geuning ka-
poengkoer boeboengkoesanana kapëndak ti kolong. Ajeuna di-
gëndam. Ieu langkoeng bangët manan noe parantos, noe mawi sa-
lira poetra rësak, doegi ka keeng, emoetanana parantos teu kan-
tënan."
„Koemaha ajeuna, soepaja tjageur deui?"
„Alah, teu kintën abotna ieu teh, djoeragan. Oepami kapoeng-
koer mah barang ngawitan katërap, aja wae sakintën."
„Tjing atoeh, soegan beunang' keneh ditambaan."
„Sanggëm abdi oge, sanes moal kenging diihtiaran, nanging
abot."
„Ari kitoe mah atoeh Oedo, oelah kapalang karoenja, toeloe-
ngan anak koering. N a aja djëlëma kabina-bina teuing, ngaja 2

anak deungeun."
„Mangga, mënggah abdi mah koemambang kana kërsa djoera-
gan, nanging nja eta tadi oge parantos dipisanggëm, anoe masang-
na teh sanes lawaneun loemajan. Oepami hënteu disarëngan koe
pitoeloeng noe gaib, bangsa lëlëmboet, teu katoong tiasa hasil ih-
tiar oerang. Dina 7 wëngi pangintën koe abdi bade diihtiaran,
siangna moal tiasa oedar-idër, këdah njëpi. Anggoëun saratna:
beas, hajam, lawon, mënjan sarëng djëroek mipis 7 ranggeuj, kë-
96

dah kenging ngala abdi, margi mëtikna hënteu djangdji, hënteu


kenging sagawajah. Tah, anggoëun saratna këdah sajagi. Djabi ti
eta ma'loem abdi teh djëlëma teu gadoeh, paoesahaan teu aja deui
djabi ti kieu, ajeuna sasatna dipakoeng koe djoeragan 7 dintën 7
wëngi, kantënan moal tiasa balangsiar. T i mana poen anak sarëng
biangna nëdana? Eta mah sadaja-daja njanggakeun kana sih piwë-
las djoeragan istri-pamëgët. Oepami dipentaan toeloeng koe noe
sanes mah, sapërtos diala ka Pidië atanapi ka Padangtidji, salë-
bët 7 dintën 7 wëngi make aja saratoes lima poeloeh roepiana pa-
narimana teh. A r i ka djoeragan mah teu ngalalangkoengan, tim-
bangi taradjoe aja di djoeragan, kawoewoehan sanes kënal anjar-
anjar."
„Oerang boeroe ringkësna bae, Oedo. Sabaraha pimahieunana
keur njadiakeun sarat-saratna tea? Mahi f 15 1"
„Tjëkap manawi sakitoe oge."
.„Ajeuna tanda panarima koering lima poeloeh. Ëngke lamoen
tjageur pisan, koering boga panadaran rek mere saratoes ka Oedo.
„Beu, pirang noehoen djoeragan, nanging ari abdi mah moeng
2

darma ngadjalankeun ihtiar, mënggah tjageurna mah kërsana


Goesti Allah noe wëlas asih ka abdina.
„His. poegoeh bae Oedo koe kitoe tea mah. Iraha rek mimiti
prak?"
„Salamina ngawitanana këdah dintën Rëbo."
„Atoeh peuting isoekan oge bisa ngamimitian, nja?
„Oepami parantos tjëkap saratna mah, kantënan."
„Tah, atoeh keur ngajakeun saratna lima wëlas. Isoekan Oedo
ka itoe, tjokot doeit salawe, ëngke geus tiloe poë tjokot salawe
deui."
„Koemaha, abdi mah kapan teu kenging bidjil ti rorompok."
„Alah, gampang ieuh, nji Tidjah bae, pamadjikan Oedo sina ka
koering."
„Soemoehoen, mangga."
Geus poetoes badami, iboe-rama Ënden Ijah moelih ka boemi-
na, ki doekoen indit rek tëroes balangsiar, neangan keur sarat tea.

Parëng bae ki doekoen nambaan, djol aja soerat ti Lho Seuma-


we, ti baroedak awewe noe bareto tea. Dina soeratna njaritakeun
rek arindit ka Padangpandjang, noempang kana kapal ti Kotaradja.
97

Sakalian bari ngoeroeskeun kapërloean di Kotaradja, ngadagoan


kapal noe rek ka Padang . Pamentana oepama ditampa, rek ngan-
1

djrëk di Ënden Ijah. Soerat gantjang diwalonan. Dina waktoena


semah daratang. Priboemi katjida boengahna tëpoeng deui djeung
sobat anjar, djeung miloe atoh aja boedak awewe rek tarawëkal
koe sëpoehna diidinan. Barang gok mani silih rontok bawaning 1

sono. Semah tiloeanana pada nanja: „Koe naon atjeuk teh, eta sa-
lira mani langsit?"
Didjawabna: „Ëntas gëring, ajeuna eukeur mamajoe."
Doemadakan kapal ëlat doea poë, djadi noe ngandjrëk teh liwat
tina adjaman, tapi keur noe diandjrëkan djadi kaboengahan. Ën-
den Ijah kabangbrangkeun, sëpoehna bingah, panjangkana pitoe-
loeng Oedo Sjam teurak.
Kabënëran waktoe harita di Kotaradja aja kamedi gëde, kamedi
koeda kasohor. Pasosore piisoekaneun balajar baroedak awewe teh
njarita ka Ënden Ijah: „Endjing atjeuk, oerang patoeraj. Ëngke
wëngi hajang ningal kamedi sarëng atjeuk. Kërsa?"
„Mangga atjeuk mah, tapi oerang oendjoekan heula ka ama.
bisi teu kaidinan." Njëboet manggana teh ngan ngajoenkeun se-
mah bae, da teu aja roj.
Peutingna poekoel dalapan geus ngaberes noe opatan teh, ka-
lima Ënden Halimah, dina korsi klas I di djëro kamedi. Pangiring-
na rentjang lalaki, laladjona di këlas moerah, njeungtjleu dina pa-
pan deukeut lawang, dioekna di sisi pisan. Maksoedna ngarah ba-
bari toeroen, soepaja oelah leungiteun doenoengan.
Teu lila lar pamëgët limaan, ngdringkeun istri saoerang. Mani
ngagëbëg Ënden Ijah, anoe keur satëngah malaweung, oedjoeg 2

pok aja noe mariksa: „Aeh , djeung saha?" saoer istri teh.
2

Kakara ngarenghap rek ngadjawab, noe mariksa toeloej manten.


gok djeung pamëgëtna, ngadjak goemoedjêng; ari ret djeung noe
sapandeurieunana papapag panon, lënjap, dër wae ratoeg, teu poe-
goeh mamanahan, teu poegoeh titingalian. Tjek dina manahna:
„„Ëmh, lamoen aing tatjan pëgat, komo moen geus kawin mah,
meureun babarëngan djeung arandjeunna, moal tjara ajeuna. Istri
djoeragan Soelaeman ngan oekoer mariksa „djeung saha," pamë-
gëtna ngan oekoer ngadjak goemoedjêng, ari noe dipake kabeu-
rat kawas noe teu wawoeh atjan, teu nanja, teu nga-
2

djak seuri." Tóeloejna teu poegoeh deui, kalindih koe nalangsa


Bentang Atjeh 7
98

noe taja papapadana. Roesras emoet ka noe lain , meusmeus pok


2

ngadoa ka Goesti Allah, njoehoenkeun geura ditjaboet njawa.


Ngalangeu ningali ka loehoer, nahan tjisotja oelah bidjil.
Djoeragan Rachmat anoe teu ngintën baris patëpang di dinfa
djeung boeah kalboe, ngërik manah ngemoetkeun kana takdir, ka-
•gagas ningali noe geulis geus salin roepi, rarajna mentjos sareu-
keut, salirana koeroe aking ngadjangdjawing. Djadi sadjëroning
tjalik, manahna mah nangis mëlas-mëlis. Tanggah api njësëp,
2

padahal ngëmbëng tjisotja.


Sora djëlëma ngagoeroeh gandeng, sora moesik taratat-teretet,
bratbretbrot djeung ngadoerdoeran, koe noe kalëm dina katrësna-
an mah teu kadangoe.
Poekoel salapan tjamplëng keleneng-keleneng lotjeng tiloe kali,
tangara kamedi rek ngamimitian maen; roep lawang hareup ditoe-
toepkeun gardengna. Ër sora këprok.
Ënden Ijah damëlna ngan lëlënjapan, rerendjagan, saban rame
2

këprok koedoe bae ngagëtër, reuwas. Noe laladjo raraosanana


marëlong ka andjeunna, noe tinggërëndëng, tingkaroewës madjar-
keun ngoepat andjeunna. Panjangkana djëlëma noe araja di dinja
2

njarahoëun kana lalakon andjeunna djeung oeroet papatjangana-


na, anoe teu njahoëun dibedjaan koe batoerna. Dadangoeanana
rame noe mojok, noe ngagorengkeun pitjarogeeunana. Birigidig
sëmoe gila, ginggiapeun sieun koe pitjarogeëun. Djadi ajana di
panglaladjoan beuki teu bëtah, kana pamaenan kamedi mah teu
oeninga-oeninga ganti sababaraha kali. Tina geus teu koeat na-
han, toeloej sasaoeran ka saderekna: „Atjeuk, oerang moelih bae,
ieu abdi lalieur, teu poegoeh rarasaan."
„Har, ari Ijah, keur rësëp teh," saoer rakana. „Koemaha itoe
2

semah?"
„Mangga rësëp keneh mah, rek wangsoel djeung itoe bae si Sa-
mir."
Geus sasaoeran kitoe djoeng tina korsina ngadëg, pok ka noe
tiloean, semahna tea: „Ëneng, atjeuk mah rada teu raraos, lalieur,
rek wangsoel ti heula. Sing djongdjon bae di dieu sarëng atjeuk
Halimah."
Walon noe saoerang: „Ah, alim. Mangga bade moelih mah oe-
rang sarëng."
Bring limaan ngaleut, nëpi ka lawang si Samir geus mëgat. Ke-
99

leneng-keleneng lotjeng kamedi, ngabedjaan ka noe laladjo, pa-


oeseu heula.
Barang keleneng lotjeng, djoeragan Rachmat pangheulana nga-
dëg, ningali ka lëbah , korsina geus parongpong. W a k -
toe proeng deui kamedi maen, korsi noe lima tëroes kosongna, da
noe njalikanana geus maroelih.
Sasoempingna ka boemi Ënden Ijah, geus salin panganggo toe-
loej ebog, dikampoeh. Saoerna ka baroedak awewe: „Mangga
Ëneng ka itoe maroelih deui, tah sarëng atjeuk Halimah. Lébar
Ëneng, lami keneh."
„Ah, teu sawios, mangga atjeuk geura koelëm sing raos, ambeh
kaloear karingët. Abdi oge bade mondok."
A r i di kamar kari njalira, noe teu damang ngoredjat goegah,
kampoeh dikepeskeun. Gek tjalik dina korsi, lampoe digëdean. Sa-
dia kërëtas, tjlom kalam kana mangsi. Daweung bari nanggeuj
angkeut, plëng ka mana mah emoetanana. Geus meunang sadjong-
djongan, aja saoerna noe ngaleundjeur: „Kërsaeun kitoe njandak
minggat? Masing api teu wawoeh oge tadi, katjiri emoeteun ke-
2

neh, masing teu mitrësna oge, soegan karoenjaeun atoeh. Tjik ha-
jang njaho rek disoeratan, hajang papanggih padoedoeaan. Tininr-
bang kieu mah, lah hajang teh kërsaeun Soeka
ati dibawa minggat, tinimbang daek dikawinkeun ka hiiij
djëlëma joeni iij."
Tret njërat, tapi meusmeus rëg, disëlang ngahoelëngi L i l a nja
2

anggeus soerat teh, soep kana amplokna noe beunang ngadresan,


toeloej dirapët. Soerat disësëpkeun kana handapeun tilam medja,
lampoe dileutikan, tjat deui andjeunna ka padjoearan, doeg ebog,
dikampoeh ngarimboenan andjeun.
„Hadena geus beres," saoerna, barang rëket aja noe njampeur-
2

keun.
Tas ti tjai baroedak awewe teh memeh ka kamarna nëmpo heu-
la noe teu damang. Heug tingharewos: „Geuning dikarimboen?"
„Geus koelëm meureun."
„Ënja, keun sina kaloear karingëtna, hampang geura."
„Hajoe ah, oelah dibaribinan."
„Hajangi teh isoekan mah damang nja."
„Ënja, kahajang mah. Hajoe ah, oerang sare oerang oge."
Isoekna poëk keneh baroedak teh geus njararing, ma'loem noe
2
100

rek njaba djaoeh sok hariwang. Barang braj beurang noe rek
nganteurkeun nëpi ka Padangpandjang geus djogo di dinja. A r i
kapalna rek indit poekoel salapan pandjëg. Sanggeus taraptt
djoeng ti Meureudoeati arindit dina mobil, doea pairingHring.
djalanna ngaliwat ka pasar baroe, moeroe ka Oeleëlheuë. Ënden
Ijah djeung saderekna ngadjadjapkeun. Lëbah waroeng babah Tek
San, mobil noe ditoenggangan koe Ënden Ijah eureun sakeudeungf.
Ënden Ijah loengsoer, rek aja noe digaleuh saoerna. Teu lila tjat
deui oenggah, goeroedoeg deui ladjoe, toeloej ngadioes njoesoel
noe ti heula.
A r i di lengkong Oeleëlheuë kapal teh balaboehna djaoeh di të-
ngah. Noe rek naroempang tina santoio taroeroen kana sampan.
Arek toeroen tina santoio baroedak teh sasalaman heula djeung
noe ngadjadjapkeun. Barang sampan njolojong, baroedak tingga^
tëro: „Mangga atjeuk sadajana!"
„Pileuleujan!" walon noe di darat. „Didoakeun sing salalamëtT
„Atjeuk sadaja nja kitoe deui!" tembal noe dina sampan.
Satoengtoengi sampan memeh nëpi ka kapal mah tingaroelang
silih goepajan koe sapoetangan. Tina sampan geus aroenggah ka-
na kapal, hioeng sada hatong. Gëliëjër kapalna indit.
Anoe kantoen bati ngoengoen, leungiteun noe ngabangbrangt-
keun. Mësoem aloem angkat toengkoel, ti santoio njampeurkeun
mobil, tëroes moelih deui ka dajeuh. Soemping ka boemi, teu ngoe-
roes panganggo, doeg ebog, djëmpe ngalëmpreh, sotja peureum,
ngan emoetanana ngëlëtëk taja rëureuhna.
Katjaritakeun poekoel satëngah tiloe poë eta keneh djoeragan
Rachmat moelih ti kantor, salira lësoe teu nangan, mamanahan
asa banggreung, djeung sësëblakan kawas reuwas, noe katjipta
salira noe ngadjangdjawing, noe katingali dina kamedi. Dina me-
dja aja soerat ngagoler keur ka andjeunna. Dialak-ilik aksarana
kawas tapak noe lilinieun. Tapi rasa teu beunang dipaling, geus
moal ti saha deui. Bari moeka soerat tjisotjana njoeroetjoed watir,
ningali toelisan nëpi ka kitoe. Braj diboeka, beh tandana tetela
pisan.
„Deudeuh teuing ënoeng, boeah ati ëngkang», koetan teh nëpi
ka kieu."
Bawaning ngalëkëtëj manah, salira tambah loengsena. Soep ka
101

kamar teu bidjil deui. Geus tjoetjoel panganggo, doeg ebog, soe-
2 1

ratna ditjandak deui, diaos deui, Oenina soerat teu pandjang:

Ëngkang,
Sadalah ëngkang parantos teu emoet ka abdi, abdi mah
moal wëleh montel, kapan ka ëngkangi parantos soempah.
Koe margi eta koemawantoen ieu njanggakeun sërat.
Adoeh ëngkang, abdi parantos teu kiat nandangan ka-
toenggaraan. Samemeh abdi dimangtsa, panasaran hajang të-
pang heula sarëng ëngkang padoedoeaan, aja noe bade dipi-
hatoer, hajang kadangoe koe ëngkangi koe andjeun tina lisan
abdi.
Moegi ëngkang mërëloekeun soemping, ëngke wëngi koe
2

abdi diantos di pipir ëlos B. O. W . taboeh 10. Saena soem-


ping teh njandak mobil.
Moegi oelah hënteu soemping, koe abdi diantos.
Baktosna poen
Saniah.
Tamat maos soerat sababaraha djalan, toeloej sasaoeran njalira,
sasaoeran pëgat : „Toeh, da teu salah ti panjangka
2

Ënoeng meureun ka ëngkang teh bëndoe Ti


wëngi keneh ëngkang emoet bae. Sanes eulis, sanes ëngkang teu
emoet, sanes teu sono patëpang, sanes teu watir, teu mëlang, da
ati mah lah, moen ënoeng bisa ningali kana kaajaan
hate ëngkang meureun Doeh, ënoeng, api soteh, ëng-
2

kang ngaraksa diri oerang doeaan, soepaja oelah djadi omong


djëlëma Ëngkang teh soeka lillah sanadjan nëpi ka oe-
moer mërangan hawa napsoe pribadi, tinimbang ënoeng djadi go-
reng kasëboetna, lantaran pamolah ëngkang. Asa hënteu koedoe
bibilasan, hënteu koedoe njëboet „samemeh dimangsa," kawas
2

noe geus darareukeut. Heug, koe ëngkang ditëpangan."


Geus lëmpër manahna goegah, toeloej ka djamban ditamas, ka-
kara toeang saeutik, da sagala teu miraos. Bada toeang ebog deui,
tapi hënteu reup koelëm, njileuk bae ngamanahan, koemaha ëngke
ari patëpang, naon nja pisaoereun.
Paboeboerit karalang-koeriling, ngabangbrangkeun andjeun
djeung soegan meunang ilham, pisaoereun pamëpër Ënden.
102

Beurangi kaganti koe peuting. Geus deukeut ka poekoel 10 aja


mobil mengkol ka djalan Lampaseh. „Alon soepir, damar ganti
deuih!" saoer noe toenggang.
„Euleuh, poëk G a n , " tjek soepir.
„ H e u e u h , mana koedoe k ë n d o r oge. Njaho ëlos B . O . W . ? "
„ E t a soemoehoen, lëbah dinja asanah."
„ L ë b a h dinja eureun, nja."
„Mangga."
Barang nëpi ka deukeut ëlos, braj lampoe gëde, kolebat noe
ngaringkang dikimono. P ë s lampoe, rëg mobil eureun, noe toeng-
gangna loengsoer, toeloej angkat lalaoenan, kawantoe poëk.
„Hojah! ë n g k a n g ! " saoer Ë n d e n Ijah bari njëpëng kana pana-
ngan noe keur oetag-atog'.
„His! eum na, ë n o e n g sok ngareureuwas," saoer djoeragan
Rachmat rada ngarendjag, reuwas pabaoer djeung atoh.
„ O e l a h tarik teuing sasaoeran teh, ë n g k a n g , " saoer Ë n d e n nga-
harewos. Sasaoeran ditompokeun kana tjëpilna. N o e n g a d ë g pa-
pajoen-pajoen, sasaoeran nompo kana tjëpil, lain karaos r ë n g h o s -
na, toengtoeng ramboet kana palipisan, keur poëk padoedoeaan.
Lat lali kana pamali, Ë n d e n dirontok, dikaleng ditjandak kana
mobil.
„ K a mana, G a n ? " tjek soepir.
„ K a mana ?" saoer djoeragan Rachmat deui.
„ K a M a t a i ë , " saoer Ë n d e n ngaharewos ka djoeragan Rachmat.
„ K a itoe ka lah na ka M a t a i ë ! "
Doeroegdoeg mobil indit deui, lampoena n g a g ë b r a j njobrot.
A n o e tjaralik dina mobil teu aja noe sasaoeran. P a m ë g ë t n a rem-
bës bae tjisotjana, tina b a n g ë t watir, anoe bareto ngarareusi, ajeu-
na sakitoe roeksakna, ngok deui-ngok deui diamboeng. A r i istri
nangisna bawaning boengah, anoe dipikameumeut tjoemantel ke-
neh. Ageung manah tjalik di sandingeun anoe dianggo kabeurat.
Karaos nimat, soemërëp ka saliring salira diamboeng djoeng-
djoenan kalboe. T a p i a n g ë n n a teu reureuh ratoeg, ma'loem noe
kakara ngaraos dirangkoel diroengroem.
Raraosan noe dina mobil mani ngan sakolepat geus djol nëpi
ka boeroean saoeng pamandian. Djoeragan Rachmat loengsoer ti
heula, ngadëg gigireun mobil njandak panangan noe arek loeng-
1

soer. T i dinja angkat pakaleng-kaleng, ngilari bangkoe keur tjalik.


103

Geus mëndak gek tjaralik ngarendeng. Tapi teu aja antarana


deui, gabroeg Ënden Ijah ngarontok, moentang kana tënggëk
djoeragan Rachmat, mastakana njoeoeh kana dada, pok sasam-
bat:
„Adoeh ëngkang!" toeloej nangis noe njëri kapati-pati. Djoe-
ragan Rachmat ngarakatjak mamanahan, karaosna peurih alah
batan digërihan, sëlang emoet-sëlang hënteu, ngadajagdag njanda
kana panjarandean bangkoe.
„Ëngkang mah ka abdi kawas noe iklas Tingali awak
abdi doegi ka siga kieu Pang sakieu teh sëdja
ngabelaan ëngkang, ari ëngkang Adoeh Goesti! geura
tjaboet njawa abdi, meungpeung dipajoenan
1
Lillah pisan
pëgat njawa, abdi keur dina pananganana Hiroep ge ta-
ja goenana, di doenja taja noe njaah, hënteu gadoeh
poentanganeun. Noe wëlas kieu boektina. Adoeh, tobat Goesti!
abdi teu kiat nandangan kasëdih noe pantar kieu."
Barang ngadangoe anoe sasambat kawas noe lali kana salirana,
njëblak manah djoeragan Rachmat, enggal mastaka noe nangis di-
tjëpëng koe doea panangan, ditjëngkatkeun, saoerna bari doema-
reuda: „Ënoeng, ënoengi, ieu ënoeng! sing emoet, ieu ëngkang."
„Ah, ëngkang oge ajeuna geus teu njaah."
„Masja Allah, tobat teuing, ënoeng, ieu hate ëngkang adjoer ..."
Toeloej silih rangkoel doeaan paoengkoe-oengkoe hoedjan tjiso-
tja. Lamoen soepir harita deukeut, njeueung noe kitoe pëtana.
kataradjang toenggara katrësnaan, meureun moal ngahenen bae,
imoet sënang ngalamoen, pëlëdoeg' oedoedna sigaret tjap gadjah.
2

Noe kailëng ngan bakal nampa doeit rada beukah. „Moen min-
dëng kieu teh, rësëp," omongna, „bensin saeutik, doeitna gëde.
Pek wae Gan sing djarongdjon, abdi mah asal lima perak bae sa-
djam."
Geus rada lëlër noe pada nangis, pok deui djoeragan Rachmat
sasaoeran: „Ënggeus ënoeng, ëntong njoeat-njoeat deui. Lamoen
ëngkang teu ingët kana kawadjiban ngabelaan bangsa djeung lë-
mah tjai oerang, bareto ogie basa panjangtjang dipoelangkeun.
ëngkang nekad, meureun ieu djoengdjoenan, poepoedjaning njawa
ëngkang, disambër dibawa — maap nja — dibawa ka-
boer. Ënoeng, Siti Saniah, pikeun lalaki teu aja wiwirang di ko-
long langit, kasakit noe leuwih njëri, kadjaba ti kabogoh dirëboet
104

batoer. Noehoen ëngkang ditangtajoengan keneh koe Jang Maha-


1

kawasa, lahirna koe djoeragan Soelaeman istri-pamëgët. Lamoen


teu kitoe, walahoe alam koemaha. Ëngkang kaboeroe eling. Komo
barang nampa soerat ti ënoeng mah, beuki tetela, jen oerang di-
paksa dipëgat sina patoeraj. Ënoeng teu aja noe mere njaho. Beuki
gëde hate ëngkang, hajang mërangan adat noe ngaroeksak rasa
manoesa. Indoeng-bapa hënteu koedoe ngaroeksak rasa anakna
koe maksa miroesa, doemeh dikawasakeun tjek hoekoem. Tah
Ënoeng "
Noe sasaoeran teu iasa këbat, kaboeroe ti djëro njëlëk, ngaga-
rëndok.
„Nanging ," saoer Ënden Ijah.
„Ëngke, ënoeng naon maksoed teh pang hajang të-
poeng djeung ëngkang ?"
1

„Ëngkang, abdi ge tërang, ëngkang diwiwirang', ëngkang dira-


heutan manah, dipapanas, pantës bade bëndoe, bade njëri oge,
nanging dibandingkeun sarëng abdi sanes babandinganana. Koe
ëngkang tangtos kagalih, sakoemaha pirasaeunana diri abdi."
„Ëmh, ënoeng "
„Ke, oelah waka sasaoeran. Oepami ëngkang ngaraoskeun ata-
napi oeninga kana kaprihatinan sarëng kawëgahan abdi dipaksa
bade dikawinkeun ka — iiij, koemaha raosna tjing —-
moal ënja ëngkang mariksakeun, naon maksad abdi hajang tëpang
ajeuna."
Gëbëg djoeragan Rachmat reuwas, njaoer salëbëting manahs
„Beu, beu, tjilaka, iblis ngagoda ieuh. Aoedoe billahi minasaiton
nirodjim, lailaha illëlloh."
„Adoeh ënoeng," saoerna ka rai, „pikeun oerang saajeuna eu-
weuh djalan anoe lian ti koedoe sabar, pasrah kana kërsana Pa-
ngeran. Ëngkang geus tataros ka ditoe-ka dieu, tapi loepoet, eu-
weuh noe mere bongbolongan kana hasil sarta loeloes. Sanggeus
beak dengkak, nja ëngkang tawëkal ka Goesti Allah."
„Ajeuna abdi njanggakeun badan sakoedjoer. Mangga geura
tjandak ka mana kërsa. Abdi teh teu soedi dipaksa ka noe tea
soeka."
„Kasatiaan, katrësnaan ënoeng ka ëngkang katarima lahir-ba-
tin. Ëngkang ngoetjap soekoer ka Rabboelalamin, ënoeng mitoe-
hoe ka ëngkang. Goenoeng gëde, gëde keneh kaboengah ëngkang.
105

Batoer mah mobok ngorowek, ari ënoeng geus sadrah masrahkeun


1

maneh, koedoena koe ëngkang gantjang dirawoe. Bisa ëngkang


mawa minggat, ka nagara sedjen oepamana, tapi ënoeng sing ka-
harti, eta teh maling ngaranna, tëtëp salah, tëtëp goreng. Naha
kira-kirana angën oerang bakal katëpi koe djalan kitoe? Saha noe
2

rek përtjaja ka djëlëma noe njontoan goreng', ngakoë bela bang-


2

sa, bela ka lëmah tjaina? Geura pikir koe ënoeng sing lëlëb.
Djeungna deui sing njaah ka sëpoeh."
„ W a h , itoe ge teu njaaheun ka abdi, moen njaaheun oge "
„Iih, ënoeng, sing ingët, saloehoereun iboe-rama aja noe leuwih
kawasa, Goesti Allah kapan. Lamoen oerang ajeuna salah tintjak,
gorengna meubeut meulit mamawa ka sarerea. Djëlëma noe lëm-
pëng bënër, koe oerang kababawa goreng. Lain oerang bae noe
moal dipërtjaja teh, tapi batoer oerang deui, anoe ajeuna keur so-
son-soson ngamadjoekeun awewe bangsa oerang."
„Wah, deungeun dipikiran, dipoepoedjoehkeun, ari oerang
2

sangsara mah teu aja noe madjar koemaha geuning ieu. Memeh
mikiran batoer teh„ tjek abdi mah oerang heula."
„Poegoeh bae, ënoeng, tapi djalanna koedoe beres matak loe-
loes, soepaja anak intjoe oerang aloes kasëboetna."
„Anak intjoe? T i mana? Abdina parantos di koeboer. Aeh, soe-
moehoen, poetra poetoe ëngkang' manawi."
„Ënoeng, tjing sing aja kasabaran. Oerang' teh moal boeroeng
bisa koe djalan loeloes."
„Loeloes koemaha?"
„Pek ajeuna goegoe kërsana sëpoeh, soepaja raos manahna.
Ëngke geus nikah mah, koemaha wae, ngarah pëgat."
„Parantos kitoe?"
„Ëngkang soempah, jen lamoen ënoeng geus lengoh, tangtoe
datang ngarawoe."
„Teu njana koe ëngkang, pangintën teh lalaki."
„Tobat Goesti, naha Ënoeng ? Geura bëdel hate ëng-
kang, bisi palsoe."
„Parantos ëngkang, ëntong' seueur saoer, aloengkeun anggoer
abdi ka laoet,"saoerna. Bloek njoeoeh kana pangkon djoeragan
Rachmat bari inghak-inghakan.
„Sing sabar tawëkal, ënoeng. Hajoe oerang moelih, ieu geus
djanari, bisi katiisan teuing."
Bentang Atjéh
106

Da poegoeh salira ramping, rarang daging, disangkeh koe djoe-


ragan Rachmat teh siga teu matak ripoeh. Tjlak taroenggang mo-
bil. Heuleut satëngah djam, djoeragan Rachmat geus ngadëg deu-
keut lawang ka pakarangan noe dianteurkeun moelih.
,,Ëngkang', abdi njoehoenkeun dihapoentën, wireh ieu teh të-
pang panoengtoengan. Moegi ëngkang sing wiloedjëng. Mangga
atoeh." Leos angkat ngitjiprit.
„Ënoeng! ëngke heula!"
Teu ngawalon, dioedag rek ditewak pananganana, njingtjët-
keun, toeloej loempat ka boemi. Djoeragan Rachmat ngadjantëng,
olohok meunang sadjongdjongan. Naha ari rek angkat njampeur-
keun mobil, ngadak loengse, dëngkoelna njorodtjod, lalandjoeng
2

teu poegoeh raraosan.

XI N O E T I N G G A L BATI PRIHATIN

Sapat sapeuting, ti barang soemping nëpi ka isoek djoeragan


2

Rachmat goeling-gasahan teu koelëm sakërëdjëp-kërëdjëp atjan.


Raboel mamanahanana. Sakapeung wani rek ngiwat, djol deui noe
madoean. Kieu lain-kieu lain, loehlah sagala salah. Lëlër soteh
waktoe rek angkat kakantor, tjek dina manahna: „Asa atjan aja
bedjana, awewe oerang Atjeh maehan maneh lantaran katjintaan.
Moegi Allah maparin kasabaran ka
2
Ëmh, na teu njana
teuing baris pikieueun."
A r i Ënden Ijah sasoemping-soemping goebrag meubeutkeun an-
djeun kana padjoearanana, kamarna nëpi ka eundeur. Iboena
djeung saderekna garoegah moeroe, rareuwaseun.
1

„Koe naon, Ijah?"


„Lailaha illëlloh, ngimpi, iboe."
„Heueuh, soegan teh koe naon."
Noe doeaan mah toeloej bae karoelëm deui, samaroekna ënja
noe ngimpi.
Isoek Ënden Ijah hënteu goegah, ngalëmpreh bae, sotjana ka-
2

was noe moelan, raraj geuneuk, salirana njëbret panas kawas di-
rerab. Oedo Sjam riboet diala, tapi sagala tarekahna harita mah
teu diparëng kabënëran, kabeh gagal, euweuh noe mental. Noe
teu damang djongdjon ngalëmpreh, teu aja kapalajna ngan tjai.
107

Ditawaran naon , godëg. Dipariksa koe sëpoeh-sëpoeh, koemaha,


2

naon noe karasa, naon kahajang, ngawalonna ngan koe reret


djeung imoet. Sakitoe pikasalëmpangeun teh, sëpoehna mah tëtëg
panggër, da përtjaja ka ki doekoen, moal kitoe-kieu tjenah.
Tambana anoe matih, soepaja noe teu damang tereh djagdjag
waringkas deui, koedoe boeroe ditikahkeun, tjek Oedo Sjam ke-
2

neh. Sëpoeh djeung sakoelawargina tjotjog kana pitoeah ki Oedo.


1

Sanggeusna rërëmpoegan, poetoes, bakal ditikahkeunana dina


boelan Rajagoeng, tanggal 12. T i waktoe badami nëpi kana
proengna hadjat doea poeloeh poë deui.
Boelan Hapit geus rek pareum, noe teu damang mënding, iasa
ka djamban, kërsa meresan koe andjeun. Dina hidji sore kapiiboe-
anana ngalajad, njondong Ënden Ijah keur meresan.
,,Ta geuning njai, mënding."
,,Pangestoe, ëmbi. Ieu tingali toeh, boeoek abdi seep moerag."
„Keun wae, ëngke oge djadi deui, djamakna noe tas panas sok
moerag boeoek."
„Soemoehoen, keun soegan nëpi ka goendoel, hi, hi, hih. Tëgëp
pangintën, oepami abdi lenang teh."
„Hih, ari njai, tjatjarita teh. Geura tjageur, geura djagdjag' ang-
goer, apan tereh djadi panganten."
„Aeh-aeh, teu tërang . Iraha ëmbi?"
2

„Ëngke, boelan noe tanggal, bada boboran, tanggal 12 tjënah."


„Saha lalakina, ëmbi?"
„Ah, sok mamandaloeanan, kapan geus njaho, Banta Raman."
„Hëh, abdi teh rek disebakeun ka djoerig."
„Heuheuj deuh, ëngke mah, hënteu djoerigna, geura."
„Lah, ëmbi "
„Hih biasana, tjeurik rek djadi panganten, seuri rek nëmahan
pati."
„Lah, sanes ëmbi, abdi bade njarios noe sajaktosna. Pangdong-
kapkeun ka iboe sarëng ka ama, abdi teh soeka paeh, manan
daek dikawinkeun ka dinja. Abdi parantos soempah, haram diri
abdi diragap koe eta."
„Amboeing , ij matak garila tjarita teh, njai. Boro wani nëpi-
2 2

keun, ngadenge oge ëmbi mah moeringkak boeloe poendoek.


108

Oelah kitoe, geulis, sing njaah kana badan, sing noeroet ka së-
poeh, geura ëngke kapang'gih kasënanganana."
Tjoel Ënden Ijah dikantoen, anoe keur ngagoendoek-goendoek
ramboet oeroet meresan. Ningali bibi geus bidjil, kodjengkang
noelakan panto. Gëbraj lomari diboeka, bro-bro eusina kana sa-
mak.

Malati Meureudoeati,
Bentang Kotaradja tea,
1

salira roeksak rangkoëng,


ngan kari koelit djeung toelang,
geus leungit tjahajana,
moal kojo moen disëboet,
majit bisa keneh leumpang.

Noe bareto geulis manis,


ajeuna kari oeroetna,
salin sipat djadi keeng,
sëpa lir taja gëtihan,
matak watir noe ningal,
bareto matak kajoengjoen,
ajeuna matak ngahëlas.

Tjalik ngagigirkeun goentinc


mëlong ningali toempoekan,
1

saroeng bantal reudjeung sëpre,


beunang ngadamël andjeunna,
tjawisan pangantenan,
kop ditjandak sok dilahoen,
diboeka tilëpanana.

Njandak goenting bari nangis,


saoerna: ,,Ëmh da euweuh bagdja,
ka ëngkang moal kalakon,
sia koedoe miloe bela,
da aing noe njieunan,
ngalanteur aing ka koeboer,
di doenja oerang ënggeusan."
109

Goenting seukeut teurak kana lamak ipis,


r • koe Ënden Saniah,
karaosna dina galih,
asa teurak ka andjeunna. |-
Koelit daging' karaos pating salëwir,
oerat pararëgat,
eusi lamboet hënteu kari,
lëboer kabeh pada roeksak.

Saroeng bantal djeung sëpre geus djadi lalamakan ngaloem-


boek, adjoerna koe goenting ngan di djëro sa-watara mënit, pada-
hal renda-rendana woengkoel oge beubeunangan saboelan, djol
njoelamna, ngapoetna onaman teu sabaraha. Gëtjrek goenting,
moerag lesot tina panangan. Anoe keur tjalik ngadjëlëngoet njah
emoet, djoeng ngadëg. Eusi lomari noe tadi diboedalkeun diasoep-
keun deui, lalamakan noe ngaloemboek dirawoe dibereskeun dl
djëro lomari, djëpret deui lomarina dikontji. Kontjina disësëpkeun
kana handapeun kasoer.
Troktrok ti loear noe ngëtrokan panto. „Boeka ieu. Naha ditoe-
lakan, sasari og'e tara?"
Braj panto diboeka, boes iboe Ënden ka kamar, toeloej marik-
sakeun sosi lomari. Geus katampi, lomari toeloej diboeka, pa-
nganggo poetra dioengkab ditingalian. Barang ningali kana ham-
balan noe pangloehoerna, aja noe ngahoenjoed. A r i ditjandak, d i -
ting'alian, mani ngagëro: „Ja Allah, koe naon ieu teh?"
„Doeka, koe sorangan bae pangintën," walon Ënden Ijah.
„Moal ënja!" saoer iboena, njëntak bëndoe.
„Komo lamak, hate djëlëma ge roeksak," walon poetra.
„Ja Robbi, ieu nëpi ka kieu digoentingan."
Teu katahan tajohna, gantawang njeuseul ka poetra awong-
awongan laklak dasar, kawas lain ka poetrana. Tangkoerak sia
mah, andjing, setan.babi mani lëboer. Njeuseul bari njingsat
djeung tetendjrag, sotja molotot boerial-boentjëlik, saoerna moro-
bot tjara katjang ninggang kadjang'. Tjeret loedah tina baham ma-
ni rabëng. Poetra, anoe diseuseul toengkoel bae ngadëg deukeut
padjoearan. Rëp rada lëlër angin topan teh, gëlëboeg deui: „Ëm-
boeng sia dikawinkeun?"
110

„Alim ti kapoengkoer oge."


Gantawang deui: „Ënja, nja ari ka noe bënër, ka djëlëma aja
kasëboetna, moemoel, da sia mah hajang meunangkeun andjing,
boeaja djarah!"
„Kadjeun, da kasoekaan sorangan."
„Hah! nembal bae siah. Dipodaran sia geura koe aing. Meu-
2

geus montong ngiadjëdog di dieu siah, djor ka itoe geura mantog!


Teu soedi aing mah katjitjingan!"
Ënden Ijah ngalengkah rek ka panto.
„Euleuh sia! diwëdjëk geura koe aing!"
2

Sirilik këk, ramboet poetra didjambak, ditarik ngoleang, broè


ngaloengsar. Sabot ngoleang Ënden Ijah njambat: „Lillahi ta'ala,
iboe, abdi pasrah."
Barang gëbroe Ënden Ijah, djërit Ënden Halimah, ngotjeak ba-
rëng djeung bibina. Dëdëngekan menta toeloeng bari ngahala-
ngan iboena arek ngadjëdjëk poetra noe keur ngaloengsar. Anoe
bëndoe digoesoer koe doeaan ka loear ti kamar. Gek ditjalikkeun
dina bangkoe, ngambëkan renghap-randjoeg, napas hoekhek, so-
tja molotot beureum. Rob tatangga, Ënden Ijah pada moeroe, dipa-
jang diebogkeun dina padjoearanana teu emoet-emoet. Ënden H a -
limah tembong njaahna ka saderek, nangis bari sasambat. Noe teu
emoet digoegoeloeng, digalentor ditjioeman. Djëlëma pahiboet noe
njokot, noe dangdan paroepoejan. Noe tjeurik, noe babatjaan geus
teu poegoeh kadengena. Lalaki rabëng laloempatan noe ngala
1

Oedo Sjam, neang doktor, noe njoesoelan rama Ënden Ijah ka


panjawahna, da keur ngoeroeskeun pare keur hadjat. D i boemi
djëlëma ngagimboeng. Iboe Ënden bëndoena geus lëlër, njeuseulna
geus repeh, diwartosan poetrana ngan kari ëmpes-ëmpes, geus teu
emoet , ngagëro nangis, reuwas maroekan poetra sakarat djeung
2

sieun koe tjaroge, mangkaning poetra boengsoe, poetra kaënod,


ajeuna kitoe, keur ngalang'lajoeng dirogahala pisan. Nangisna lo-
longseran hareupeun tëmpat tidoer poetra, djeung ma'loem noe
xasa nerewelang, teu repeh koemapang.
Tapi djadi pitoeloeng nangis iboena teh. „Lillahi ta'ala, iboe,
abdi pasrah," saoer Ënden Ijah. Braj beunta, ningali saderekna,
njah emoet tajohna, rarat-reret, toeloej moendoet tjai keur ngaleu-
eut. Djëlëma noengtoetan boedal, doktor gogodëg teu sasaoeran,
ngan maparin soerat keur ka roemah obot.
111

Rama Ënden ngahëroek sabil manahna, ngarakatjak ningali


p o e t r a k a k a s i h s a k i t o e r o e k s a k n a . S a o e r n a : „ G e u l i s g e u r a tjageur,
a m a k a o e l , m o e n n j a i n ë p i k a djagdjag d e u i teh, r e k n a d a r meun-
tjit ë m b e d i m a k a m T e u n g ' k o e S i a h k o e a l a . "
T i h a r i t a n o e teu d a m a n g teu aja m ë n d i n g n a . K a n a t o e a n g p o t
p i s a n , b o e b o e r o g e h ë n t e u ladjoe. P i r a d j e u n a n s a k a l i - k a l i e u n k ë -
r ë s a k a n a boeboeahan, kitoe oge teu pira, moen d j ë r o e k pase oe-
kotJ sapasi. N o e djadi babakoe mah ngan ngaleueut.
K a s a w a t n a tjek s a r e r e a p a n g g a w e d e u n g e u n , b e u k i a n g o t p a l ë r -
tjajana, d a tjek O e d o S j a m o g e ë n j a w i s a j a . A n o e k a t o e d i n g a n teu
aja d e u i , d a n g a n s a o e r a n g n o e b o g a h a l .
D a t a d i geus d j a d i s a b i w i r h i d j i , ajeuna teu d a m a n g w a l ë s , b e -
djana geus k a mana-mana. P o ë R e b o pasosore djoeragan Soelae-
man istri-pamëgët ngalajad k a tiloe-kalina k a Meureudoeati, njan-
d a k b o e b o e a h a n k e u r n o e teu d a m a n g . T a t a m o e d i a k o e n a k o e i b o e
Ë n d e n dipasang goreng sangka. P a n g i n t o e n n a di djaoehkeun, bisi
beunang ngeusian tjënah. W a k t o e istri djoeragan Soelaeman njam-
p e u r k e u n , n o e teu d a m a n g n g a h a r e w o s : „ A b d i n j o e h o e n k e u n d i -
h a p o e n t ë n tina sadaja k a l ë p a t a n doenja-aherat. K a djoeragan p a -
m ë g ë t kitoe keneh, moegi koe gamparan dioendjoekkeun. S a r ë n g
abdi w i a t k a ë n g k a n g , njoehoenkeun d i h a p o e n t ë n lahir-batin. D i -
d o a k e u n k o e a b d i ë n g k a n g s i n g rahajoe, s i n g k a g o e n g a n g e u r e u h a
noe njaah, noe bela k a andjeunna."
Istri djoeragan Soelaeman ngahëlas watir, bari doemareuda
n g a l i l i p o e r : „ H i h , Ë n d e n o e l a h k i t o e , g e u r a tjageur a n g g o e r s i , d i -
hampoera mah poegoeh bae dihampoera, dalah hënteu menta
oge."
Ë n d e n Ijah teu n g a w a l o n d e u i , i m o e t m o e r ë l ë n g k a l o e h o e r .
„ T a h , n g a n k i t o e g a w e n a , A j i , eta teh, s a b a n k a n o e n g a l a j a d
m e n t a d i h a m p o e r a , p a r a n t o s aja p a n g i n t ë n o p a t d i n t ë n m a h , " s a -
oer i b o e Ë n d e n .
Ieu mah ngadeukeutan soteh, lain hormat k a tatamoe a t a w a
atoh dilajad poetra, tapi n g a w a s k e u n bisi barangteundeun, bisi
n g o m o n g a n teu p o e g o e h . N a d j a n b ë t a h k e n e h o g e d j o e r a g a n S o e -
l a e m a n dihajoekeun k o e istri, nja amitan k a priboemi. Istrina noe
k a t j i d a teu r a o s n a m a h , s a b a b p r i b o e m i g o e d a s - g a d ë s b a e , k a t a r a
ë m b o e n g kaandjangan teh.
112

Enden Ijah bati njëri, noe njaah ka andjeunna koe iboena di-
anggap moesoeh, dianggap hianat ka andjeunna. Komo barang
geus maroelih mah, bati tjarindakdak, ngadangoe iboena koetoek-
gëndëng, njeuseul noe lain-lain kaistrina djoeragan Soelaeman.
„Iboe, ," saoerna.
„Naon? Eta deuleu tah, mangkëloekna noe ngalantarankeun në-
pi ka kieu teh, eta doea hoeloe, noe ngawarah teu bageur teh,
toeloej mamawa andjing ngoesoetkeun batoer."
Isoekna noe teu damang beuki pajah, doktor diteang deui. Geus
mariksa, njërat rësep. Dërëgldëg noe meuli oebar ka roemah obat.
Datang boeroe-boeroe dioejoepkeun sasendok, tapi oebar teu asoep
dioetahkeun deui. Noe teu damang ngalëmpreh peureun, dirioeng
koe iboe-rama, saderek djeung koelawargi noe landës. Tëngah
peutingna, nja malëm Djoemaah, noe teu damang njaoer iboena.
Geuwat di sampeurkeun sarta dipariksa: „Naon, Ijah?"
„Mana ama sarëng tjeuk Halimah?"
„Ieu sarerea oge aja," saoer ramana.
„Iboe, ama, atjeuk, doakeun abdi rek wangsoel ajeuna. Itoe noe
mapagkeun bisi kësëleun. Baing oge ka dieu, tah."
„Rek balik ka mana, Ijah? Apan ieu imah oerang," saoer iboena,
Ramana ngarontok, poetra diamboeng, rarajna mani baseuh koe
tjisotja, mastakana dilahoen. Saoerna pëgat : „Didoakeun geulis,
2

sing ditarima koe Pangeran, ama oge moal


lila noetoerkeun. T i bareto oge ngan noeng
noenggoean njai."
Imoet minangka ngawalon ka rama. Ret ka iboe, ret ka saderek,
poerëlëng deui moelan. Ngagajoeh kana poekoel 1 ngahandjoe,
tjëkeuk. Lastari nëpi ka djangdji, malati leungit seungitna, manoe-
sa kari lajonna.
Dëngek Ënden Halimah, ngadjërit maratan langit, ngarontok sa-
derek kari lajonna. Iboena ngotjeak nëpi ka lëslësan. Raong sa-
koer noe aja di dinja istri koelawargina, baroedak noe dibawa
2

ngendong haroedang, miloe tjeurik ear. Tatangga sakoer noe da-


reukeut mah mërëloekeun datang. Lajon dipajang, diebogkeun c&
tëngah boemi, diroeroeb koe sindjang noe araloes.
v
. Isoek boemi noe kapapatenan pinoeh koe noe ngalajad djeung
2

noe babantoe. Para istri sawareh njajagikeun keur njiraman. Sa-


113

wareh noe njajagikeun keur ngoelësan majit. Naon noe teu aja
njiar ka pasar. D i pipir lalaki ngaxome këtëb djeung dangdan pa-
saran dadakan.

Bada salat Djoemaah, boeroeboel noe rek njalatkeun. Poekoel


doea liwat sagala geus tarapti, dagoaneun geus teu aja, djoeng
lajon digotong. Noe ngiring mani ngeungkeuj sëpoeh-anom, me-
nak-koering pada mërëloekeun, ti oenggal golongan aja, sapërtl
oerang kantor, goeroe djeung salian ti eta. Sadjadjalan ngagëdër
2

sora noe dikir, matak keueung. Tjek aki noe nangtoeng di sisi
2

djalan, saoemoer kakara manggih noe nganteur majit ka koeboe-


ran sakitoe nakleukna.
Aja oerang kantor saoerang noe teu miloe nganteurkeun, njoeoeh
kana bantal dipagoelingan. Soempah moal boga rabi.

Nangis lain aral teu narima takdir,


moengkir kana koedrat,
tapi bawaning koe sëdih,
roemasa hanteu kawasa.

Njata pisan hiroep katoengkoel koe paü,


teu bisa njingkahan,
koelak tjanggeum bagdja diri,
papasten Allah Ta'ala.

Tjarita noe maroelang ti astana roepa , tapi kabeh euweuh noe


2

teu ditoengtoengan koe karoenja ka noe moelih, mandjing ka alam


kalanggëngan.
Waktoe panganggo Ënden Saniah dioengkab, diboedalkeun tina
djëro almari, kabeh arek dihadjatkeun, Ënden Halimah mëndak
soerat, tina tilëpan sindjang noe katjida kameumeutna, pangintoen
djoeragan Rachmat, basa papatjangan keneh.
Koelawargi aja kabeh, soeratna heug dibatja, oenina teu pan-
djang toedjoelna ka iboe-rama:
Kahatoer ka pajoenan
Iboe sarëng Ama.
Sinarëngan ieu sërat abdi njoehoenkeun hapoentën dosa
1H

agëngi dosa alit ti doenja doegi ka aherat. Moegi Iboe sarëng


Ama ihlas manah ka abdi di kasoetjian.
Iboe Ama moegi oeninga, kasakit abdi teh sanes kasakit
wisaja batoer, sapërtos panjangka Iboe sarëng Ama sarëng
noe sanes. Noe karaos koe abdi mah, teu aja deui lian ti ka-
tjintaan. Lërës sasaoer doktor tea ka Ama. Dipëgatkeun pa-
patjangan, tjinta abdi sanes pepes, nanging beuki gëde beuki
beurat. Oepami parantos rangkëp mah, noe disëbat doeriat
tea pangintën.
Doepi dipaksa ka noe teu soeka, ngahoedangkeun ati bë-
dang. Nanging koemargi abdi teu tiasa ngalawan, teu tiasa
ngëdjat, teu daja teu oepaja, djadi nalangsa, sëdih peurih njo
tjogan kana hate. Abdi ngoejoeng ngalanglajoeng. Sakapeung
sok dongkap nekad, bade ngagantoeng maneh atanapi ngoen-
tjloengkeun maneh ka laoet.
Woewoeh deui kanjërian, mangnjërikeun noe heman asih
ka abdi, djëlëma bërësih ati, koe Iboe koe Ama ditoeding dja-
hat hianat, da Iboe sarëng Ama ngagoegoe ka omong djëlëma
palsoe, akon djadi doekoen.
2

Djadi abdi teh sanes keuna koe pamake, nanging koe na-
langsa teuing, awak roeksak, pangatjian asa kaboer, pipikiran
teu kantënan. Oentoeng abdi hënteu pandjang oemoer. Oepa-
mi teu kaboeroe maot, pangintën abdi djadi gelo. Njaah teuing
ka Iboe ka Ama ka doeloer, oepami abdi doegi ka owah.
Iboe Ama tangtos oeninga seueur dongeng, noe njaritakeun
djëlëma bibilasan lantaran njëri hate, lantaran katjintaan ata-
napi noe disëbat doeriat tea. Abdi teh bangsa eta.
Moegi lalakon abdi sing djadi loeang keur noe sanes. M i -
2

nangka wasiat abdi, njoehoenkeun dipangnëpikeun ka baraja,


ka sobat, ka kawawoehan sarëng ka saha bae sakoer noe kërsa
ngaroengoe, soepaja oelah kadoehoeng di ahir:
1. Oelah maksa ngawinkeun anak ka noe teu soekaeun.
2. Oelah mëgatkeun noe keur soeka pada soeka.
3. Oelah tjidra kana djangdji.
Sakitoe pihatoer abdi.
Sëmbah soedjoed abdi,
s.

You might also like