Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

TEKS KHUTBAH

Puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh AZZA wazzala,nitih wanci anu Mustari
ninggang Dina mangsa anu lugina,taqdir teu tiasa di pungkir qadar teu tiasa di singlir urang
sadayana Dina siang ayeuna tiasa Riung mungpulung pateupang lawung pamrok
jonghok ,patepang wajah Dina haflah mubarokah nu mudah mudahan ieu riungan sing
dijanteunkeun ku Alloh, sing di catetkeun Dina hiji kaesan di yaumil qiyamah , amiin ya Alloh
ya rabbal 'alamin......

Teu hilap sholawat sinareung salam mugia sing dikocorkeun,ka jungjungan urang sadayana ya'ni
nabiyana Muhammad SAW. Oge kulawargina, shoabatna tabi'in sareng tabi'atna tug dugi Ka
urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mudah mudahan kenging syafa'atna di yaumal
qiyamah. amin ya Alloh ya rabbal 'Alamin ...

Para hadirin rohimakumullah..!


sateuacanna sim Kuring ngabahas masalah anu patali sareng hikah, mangga urang leunyepan
heula dauhan Alloh Dina Al Qur'an anu unggel na
"wa kholaq na kum Az wa ja"
"Jeung geus nyiptakeun kami ka maraneh Kabeh barina sa jodo jodo"

Tegesnamah Aya langit Aya bumi,Aya beurang Aya peuting , Aya caang Aya poek,Aya jangkung
Aya pendek ,Aya mancung Aya pesek ,nyakitu deui Aya lalaki Aya awewe. intinamah Alloh
nyiptakeun ka makhlukna teh pasang pasangan

Hadirin rohimakumullah..!
Lamun urang medar nikah minimalna bakal medar opat hal ,nyaeta
> Naon Ari nikah teh ?
>Saha anu kudu nikah ?
>kasaha kudu nikah ?
>naon wae lengkah lengkah Saba'da nikah?
Maka ie khutbah teh baris medar, 4 hal eta
nikah teh Mun cek bahasa mah definisina ka bagi dua ;
1. secara Erthimologi (lughowi)
2. secara terminologi (istilah)

Hadirin rohimakumullah..!
Nikah secara lughowi tos ka uninga kusadayana Dina kitab kitab fiqih nyaeta : "kadar kadar
kumpul"
saur pamudamah nikah teh singkatan tina Nun (Ni'mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi nikah teh
singkatan tina Ni'mat karasa haneut. Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni'mat)... kitu Oge ceunah...cek
bapana budak . Da nu sing jareuntul didie Oge tina hasil nikmatna nikah,da niat mah lain nyieun
anak ,tapi nyieun enak. Leres teu ? ( leres )
Saba'da Ni'mat timbul nu kadua nyaeta Kaf (karohah) hartosna pikangewaen.
Ningali pamajikan teh di teteup ti hareup sieup ,di dasawang titukang kenjang ditilik ti gigir
leunggak , tapi geus bereset budak tilu belasmah beda deui bahasana. diteteup jiga keuyeup , di
sawang titukang jiga hursang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur tiluhur ciga undur- undur ,
digarap tihanap jiga hap hap,Tah ieu anu di sebut karohah teh tegesna pikangewaen
salejengna timbul nu katilu nyaeta Ha, ieu mah Aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan
karohah lulus...lulus, maka Ha na teh Hasanah tegesna kulawargi anu mawadah warohmah tur
karophah hanteu lulus, maka Ha na teh Hazanah (Kulawarga nu awet rajet) anu dirasarkeun
kurasa egois Jeung emosi. mudah mudahan ieu panganten sing kalebet Kulawarga anu mawadah
warohmah. Aamiin ....!

Para hadirin rohimakumullah...!


anu kadua nyaeta saha anu kudu nikah teh? walerna pidawuh rosul :
"wahai para pemuda... sing saha jalma anu sanggup diantara anjeun Kabeh Kana mere nafkah
(dzhoit batin) maka pek geura nikah"

Anu katilu : ka saha kudu nikah teh ? welernnana nyaeta pidawuh Allah Dina al Qur'an
"Maka kudu narikah maraneh Kabeh kanu dipikacinta ku maraneh Kabeh"
Dina ieu ayat Alloh marentahkeun nikah teh kanu di pikacinta lain kanu geulis,lamun Alloh
marentah nikah kanu geulis ,maka awewe anu peunten 3½ keur saha? Jeung lamun Alloh
marentah nikah kudu anu kasep,sim Kuring saha layarna.Tapi perlu kita garis bawahi anu di
maksud ku geulis didieu teh lain geulis cek si Mamat anu diukur ku syahwat,tapi geulis mungguh
agama.
Anu KA opat : naon Bae lengkah lengkah Saba'da nikah teh ? weleran Nana dawuah Alloh Dina
Al-Qur'an;
"Perlakukan istri istri maraneh Kabeh Kalawan Hade"
Tegesnamah salaki kudu bisa memperlakukan istrina Kalawan alus atuh,salaki teh kudu apal
kana hak jeng kawajiban Nana.Nya kitu deui, istri sing apal kana hak Jeung kawajiban
nana.Upami duanana tiasa ngalaksanakeun Kana tugas Jeung kawajiban,bakal ngawujud
kaluwarga anu mawadah warohmah tur sakinah ,nyaeta kulawarga anu bahagia.

Para hadirin rohimakumullah..!


Supaya penganten tetep renggenek Dina sakinah mawadah warohmah sim Kuring pesen :
>Sing yakin ieu jodoh teh takdir Alloh SWT. dihin pinasti anyar pinanggih ti barang saratus dua
puluh dinten anjeun Aya dina patuangan ibu, ku Alloh parantos di pastikeun yen jodona sep Raka
Pradana bakal nikah ka neng Alaya quintana sing yakin Dina hate supaya urang bisa tumarima
Kana kapasitian Alloh
>Kudu husnudzon (Hade sangka ka Alloh),bahkan ku jodo anu ieu urang bakal pinanggih Jeung
kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontai mardotillah.
>Ieu akad tikah teh sing jadi pertikahan anu pertama Jeung anu terakhir, tegesna panungtungan
masa pacaran, ti Kawit ayeuna anjeun duaan lebet Kana alam rimbitan,alam rumah tangga anu di
bengkeut ku STT(Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba'da nikah mah kudu bogoh nyaan .
>Ku Aqad tikah indung bapa urang jadi nambahan nyaeta mitoha, dulur,lanceuk,Adi Jeung anu
Liana
>Ku Aqad tikah jadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh , ngabakti ka Alloh .
Para hadirin rohimakumullah...!
Rupina Cariosan ti sim kuring di cekapkeun sakieu Bae kirang langkungna mah nyuhunken di
hapunten

You might also like