Naskah Drama Sunda (

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

NASKAH DRAMA SUNDA

(Sisindiran, Paparikan, Wawangsalan, Rarakitan)

Tokoh-tokoh :
1. Akbar Maulana : sebagai Dikki
2. Devi Nur Azhary : sebagai Dini
3. Fitriani : sebagai Putri
4. Khanifah Nurfadilah : sebagai Nina
5. Meiandra Putri Zulera : sebagai Bu Guru
6. Muhammad Akhza Maula : sebagai Caesar
Tema : Lingkungan Sekolah
Judul drama : Pidato
PIDATO
Bu guru: Jalan-jalan ka Cipada
Ditengah-tengah aya bolokotono
Dinten ayeuna pangajaran basa sunda
Diajar tes mintonkeun pidato
Murid: “Haaahhhh?!!!!”
Dikki: Nyandak barang ka cisarua
Dijalan dipegat jelema sarap
Aduh Bu naha ayeuna
Da dikki mah teu acan siap
Bu guru: Kacikampek meser melon
Balikna ka kota baru
Ibu mah teu apal nanaon
Pokona kudu aya nu maju
Cesar: “Sok barudak geura maraju!”
(barudak pindah tempat diuk kahareup)
Dini: “Ah maneh mah nitah kabatur, ai maneh sorangan gening teu maju?”
Cesar: “Naa, ai maneh boloon-boloon teuing, maksud urang teh kahareup pidato lain
pindah tempat diuk kahareup”
Bu guru: “Heh, ai maraneh ngadon ngawarangkong, sok kahareup ayeuna nu geus siap!”
(Bari nakol bor)
Putri: Masak sayur make bumbu
Diganggu ku budak sarap
Sumangga muhun ibu
Simkuring parantos siap
(sakabeh murid keprok)
Bu guru: Hayang ngapung make sayap
Ti Cimahi ka Citereup
Lamun anjeung parantos siap
Sok atuh gera kahareup
(putri maju kahareup mintonkeun pidato)
Putri: Assalamualaikum wr.wb
Murid: Waalaikum salam wr.wb
Putri: Bapa – bapa tukang kalapa
Ibu – ibu tukang lebu
Saderek tukang bandrek
Sadulur tukang bajigur
Pribados tukang Bandros
Sanaos tukang kaos
Teu kalangkung ka tukang kangkung
Ogé tukang togé
Nina: “Na meni sagala teuing disebutan ai putri?”
Putri: “Yéhh ni ngangganggu waé, padahal mah kumaha saha atuh?”
Dini: Si Ilham meuli huut
Pas ditinyuh meni sareukseuk
Enggeus – ges tong raribut
Nu dihareup bisi ngambeuk
Putri: Ka Cikandang meuli baut
Ngaran tokona apolo
Ges jeup tong raribut
Simkuring bade pidato
Dikki: Beteung ngurubuk nyeri angen
Di imah eweuh dahareun
Sok atuh mangga lajeungkeun
Simkuring siap ngadangukeun
Nina: Meuli peteuy keur dahareun
Ngadaharna sabari nonton
Adeuy dikki siap ngadangukeun
Boa-boa aya nanaon
Bu guru :“Nanaraonan ai maraneh atuh, dengekeun nu dihareup keur ngomong!”
Putri: Diburuan hurung seneu
Siga aya jejelmaan
Simkuring cicing didieu
Bade nerangkeun kaagamaan
“Barudak?????”
Murid: “Euyyyyyyy???????”
Putri: “Aya nu apal kana babagian najis?”
Murid: “Teuuuu!!!”
Cesar: Si Fanni juara ka hiji
Puguh tea budak Bu Lilis
Eta si Riski budak Pa Haji
Piraku wae teu apal babagian najis
Nina: “Oh si Riski teh budak Pa Haji???”
Dini: “Naon lain gé, nyanyahoanan waé maneh mah Cesar!”
Putri: “Yeuhh denge barudak babagian najis téh aya tilu, aya najis mugholadoh nyaeta
najis anjing jeung babi jeung anak – anakna, najis mukhofafah nyaeta najis budak lalaki nu
umurna taun bari can barang dahar nanaon anging ASI, jeung nu terakhir najis mutawasithah
nyaeta najis salian ti najis dua eta”
Dikki: Si Iyas budak ceu Ooh
Si ana budak mang Jana
Ai najis mutawasithah
Naon contona
Putri: Ngadahar suuk
Jeung cangkangna
Tai Kotok Tai Manuk
Eta contona
Murid: “Ohhhhhh.... kitu?”
Putri: “Sumuhunn,, sakitu wae panginteun nu tiasa ku simkuring dipintonkeun,
Di Cimanuk loba hayam jago
Loba nu ngadu diburuan
Sanes simkuring bade ngajago
Urang diajar babarengan
...
Saninteun buah saninteun
Saninteun diparapatan
Hapunteun abdi hapunteun
Tina sadaya kalepatan
Wassalamualaikum wr.wb
Murid: Waalaikumsalam wr.wb
Bu guru:Diwarung aya mang aan
Diwarungna keur meuli minyak
Geningan aya perwakilan
Sok keprokan barudak
(Barudak cing sarurak silih keprok Bel disada)
Murid: “Alhamdulillah”
Buguru: “Bel parantos disada hayu urang uih, sok gera siapkeun”
Dini: “Nyungkeun perhatosannana barudak! Ngado’a dipihatur”
(barudak beberes tuluy ngado'a)
Dini: “Rengse, Siap paparinan salam!”
Murid: “Wassaalamualaikum wr.wb”
Bu guru:“Waalaikum salam wr.wb”
Murid: “Hatur nuhun Bu...... Alhamdulillah”
Bu guru:“Sawangsulna”
(Bu guru kaluar saluyu jeung murid).

You might also like