Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

1.

MIKAWERUH BAHAN AJAR

BAHAN PANGAJARAN 1

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas / Semester :X/1
Materi Pokok : Narjamahkeun

A. Kompetensi Dasar dan Indikator Pencapaian Kompetensi

Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi


3.1 Menganalisis aspek 3.1.1 Memahami isi dan bahasa teks terjemahan.
kebahasaan dan rasa 3.1.2 Mengidentifikasi struktur bahasa dan prosedur
bahasa teks terjemahan. penerjemahan.
3.1.3 Mengutip teks/wacana yang akan diterjemahkan
baik prosa maupun puisi.
4.1 Menerjemahkan teks ke 4.1.1 Menerjemahkan teks prosa maupun puisi dari
dalam bahasa Sunda atau bahasa Indonesia ke dalam bahasa Sunda atau
sebaliknya dengan sebaliknya.
memperhatikan aspek
4.1.2 Menyajikan hasil terjemahan secara lisan dan
kebahasaan dan rasa
bahasa. tulisan.

C. Tujuan Pembelajaran
Melalui pembelajaran dengan model Discovery Learning dipadukan dengan metode tanya jawab,
diskusi kelompok, penugasan dan pendekatan saintifik, yang menuntun peserta didik untuk
mengamati (membaca) permasalahan, menuliskan penyelesaian masalah, peserta didik
diharapkan mampu:
1. Memahami isi dan bahasa teks terjemahan.
2. Mengidentifikasi struktur bahasa dan prosedur penerjemahan.
3. Mengutip teks/wacana yang akan diterjemahkan baik prosa maupun puisi
4. Menerjemahkan teks prosa maupun puisi dari bahasa Indonesia ke dalam bahasa Sunda
atau sebaliknya.
5. Menyajikan hasil terjemahan secara lisan dan tulisan.

RINGKESAN BAHAN AJAR NARJAMAHKEUN

Dina ieu pangajaran peserta didik dipiharep nyangkem:


1. Hakekat narjamahkeun
2. Tilu Kamampuh dina narjamahkeun
3. Aturan dina narjamahkeun
4. Narjamahkeun teks boh wangun puisi atawa prosa

HAKEKAT NARJAMAHKEUN
Narjamahkeun nyaeta hiji kagiatan alih basa tina hiji bahasa kana bahasa lain. Contona tina basa
Sunda ditarjamhkeun kana bahasa Indonesia. Narjamahkeun basa teh teu bisa sagawayah. Teu
sakabeh kecap dina basa Sunda atawa basa Indonesia bisa diterjemahkeun persis, tapi nu penting
mah ma’na tina basa asalna teu leungit.

Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih
basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan
papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti
mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap,
ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.

Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh
kudu “geulis” jeung “satia”. Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia
maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

Aya tilu kamamuh nu kudu kacangking lamun urang rék narjamahkeun:


1. Kamampuh Gramatikal
Kamampuh gramatikal, nyaéta bisa maham pangawéruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah,
nyusun éjaan, jeung paragraf nepi ka informasi nu rek ditepikeun teh bisa ditepikeun kalawan
lengkep.
2. Kamampuh Sosiolinguistik
Nyaéta bisa maham ngeunaan kalungguhan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat
pamakéna. Umpamana wae dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha aya dina basa Inggrisna?
3. Kamampuh Semantik
Nyaéta kamampuh dina ngaguar harti jeung ma`na teks nu rék ditarjamahkeun. Umpamana waé
dina basa Sunda aya babasan “Kurung Batok”, naon tarjamahan dina basa Indonesiana? Naha
bisa mun ditarjamahkeun “sangkar tempurung kelapa”? Tangtu wé ditarjamahkeunnaa téh kudu
jadi “bagai katak dalam tempurung”, nu hartina sarua jeung “kurung batok”, nyaéta langka indit-
inditan. Ku kituna, unggal téks téh aya nu bisa ditarjamahkeun aya ogé nu heunteu.

Aturan dina narjamahkeun aya dua:


1. Lamun narjamahkeunana ngan sakecap bisa bae ditarjamahkeun dumasar kana kamus.
Conto: dahar, makan
ulin, bermain
indit , pergi
datang, datang
huntu, gigi
soca, mata
pangambung, hidung
Dina narjamahkeun kecap nu aya dina runtuyan kalimah teu sakabeh kecap ditarjamahkeun persis
unggal kecapna, tapi nu penting mah ma`na tina basa asalna teu leupas atawa teu mengpar tina harti
anu dimaksud dina kalimah anu ditarjamahkeun tea.
Conto:
a. “Jalma anu ngalakukeun kajahatan teh kiwari unggah bale watangan”.
“Orang yang melakukan kejahatan sekarang naik ke balai batang”.
“Orang yang melakukan kejahatan sekarang naik ke rumah besi”.
“Orang yang melakukan kejahatan sekarang dipenjara”.

b. “Mangga sing kekengingan taruang teh!”


“Silakan yang dapat padamakannya!
“Silakan dimakan!”
“Silakan makan sepuasnya!”

2. Narjamheun Kalimah
Lamun narjamahkeun kalimah, ulah salawasna sakecap-sakecap, tapi kudu merhatikeun maksud
nu aya dina eta kalimah asalna. Komo deui lamun anu ditajamahkeunana istilah-istilah nu husus
saperti babasan, atawa paribasa nu sok disebut ungkapan kata tea.
Contona:
a. “Hartana bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah”.
“Hartanya menumpuk di sudut, menumpuk di pintu, berserakan di tengah rumah”.
(“Hartanya melimpah ruah”). atau (“kaya raya”.)
b. “Heueuh-heueuh bueuk”.
“iya-iya burung hantu”.
(“Iya sepakat”.)
“iya-iya burung hantu”.
c. “Pungguk merindukan bulan”
“ Burung elang (burung hantu) merindukan bulan”
“Manuk Heulang sono pisan ka bulan”.
(“Seseorang merindukan kekasihnya”)

Mun manggih ungkapan model kitu, satekah polah urang kudu neangan sasaruaanana dina basa anu
jadi tarjamahanana. Lamun teu kapanggih mah antep bae, sabab bakal ngaganggu kana rasa basa
anu ditarjamahkeunana.

Narjamhkeun kalimah teu bisa salawasna sakecap-kecap, tapi kudu merhatikeun maksud nu aya dina
eta kalimah asalna. Komo deui lamun urang manggih istilah-istilah nu husus. Kayaning babasan
atawa paribasa, nu sok disebut ungkapan tea. Mun aya kalimah paribasa, satekah polah urang kudu
neangan sasaruaanana dina basa nu jadi tarjamahanana. Lamun henteu kapanggih, kalimah eta teu
kudu dirobah sabab bisa ngaganggu kana rasa basa anu ditarjamahkeunana.
Sabaraha conto adegan kecap dina basa Sunda anu kurang merenah ngalarapkeun kecapna atawa
kalimahna.
Contona:
1. Hayam tatangga sabeulah ngadon ngotoran golodog
(Ayam tetangga sebelah mengotori tangga rumah).
Anu merenah:
(Hayam tatangga ngadon ngotoran golodog).
2. Kajadian kasabit geus lumangsung sababaraha taun
(Kejadian tersebut sudah berlangsung beberapa tahun)
Anu merenah:
Eta kajadian teh geus lumangsung mangtaun-taun
3. Gubernur mangrupakeun jabatan politis anu dipilih langsung ku rahayat.
(Gubernur merupakan jabatan politis yang dipilih langsung oleh rakyat).
Anu merenah:
Gubernur mangrupa jabatan politis anu dipilih langsung ku rahayat.
4. Gajih sagede kitu teu cukup keur nutupan kabutuhan sapopoe.
(Gaji sebesar itu tidak cukup untuk menutupi kebutuhan sehari-hari).
Anu merenah:
Gajih sakitu teh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoe.
5. Urang kudu babarengan neangan jalan kaluarna pikeun ngungkulan masalah
kasebut.
(Kita harus bersama-sama mencari jalan keluarnya untuk menyelesaikan masalah
tersebut).
Anu merenah:
Urang kudu babarengan neangan bongbolongan pikeun ngungkulan eta masalah.

Kasalahan anu mindeng kapanggih, diantarana:


1. merupakan ditarjamahkeun “mangrupakeun” atawa “ngarupakeun”, kuduna
“mangrupa”
2. kebutuhan ditarjamahkeun “kabutuhan”, kuduna “kabutuh atawa “pangabutuh”.
membutuhkan = mikabutuh
dibutuhkan = dipikabutuh
3. kebenaran ditarjamahkeun “kabeneran”, kuduna “bebeneran”
kebetulan = kebenaran
membenarkan = ngabenerkeun, ngaenyakeun
membetulkan = menerkeun, ngomean
4. melestarikan ditarjamahkeun “ngalestarikeun” atawa ngalastarikeun
(lastari dina basa Sunda = paeh, ngalastarikeun = maehan), kuduna “ngamumule”.
5. mempunyai ditarjamahkeun ngabogaan, anu leuwih merenah “boga”, “miboga”, atawa
“mibanda” (gumantung maksud kalimahna).
6. kekayaan sok ditarjamahkeun “kakayaan”, anu merenah “pakaya”, “kaboga”, “pangaboga”,
“kabeungharan”.
kekayaan budaya = kabeungharan budaya
7. seorang lelaki ditarjamahkeun “saurang lalaki”, leuwih merenah “hiji lalaki”
8. keturunan ditarjamahkeun “katurunan”, leuwih merenah “turunan”, “rundayan”, ” teureuh”,
atawa “seke seler”.
suku bangsa = seler bangsa
suku Sunda = seler Sunda
9. pemilihan umum sok ditarjamahkeun “pamilihan umum” anu merenah “pilihan umum”,
sabab kecap “pamilihan” dina basa Sunda miboga harti “sesa milih”.
10. preman sok ditarjamahkeun jadi “pareman”, padahal kecap “pareman” dina basa Sunda
miboga harti “geus eureun tina pagaweanana” atawa “pangsiun
11. pengangguran sok ditarjamahkeun “pangangguran”, anu merenah “anu ngaligeuh”, atawa
“anu nganggur”, sabab kecap “pangangguran” dina basa Sunda ngandung harti “pagawean
anu tambuh” (iseng-iseng).
12. mengharapkan ditarjamahkeun “ngaharepkeun”, anu merenah “miharep”

You might also like