Professional Documents
Culture Documents
Cupid Copid Coped
Cupid Copid Coped
Cupid Copid Coped
ADEGAN DI MIMITIAN VISUAL BANG TIGOR JEUNG ANAK BUAHNA NYOPET WARGA KAMPUNG
MOJANG,SABERES VISUAL ASUP KANA ADEGAN KANG UCE
KATEMPO KANG UCE KEUR HEHEOTAN D BURUAN IMAH TEU LILA ASUP ESIH PAMAJIKAN NA
KANG UCE
UCE
ESIH
(Esih nempo ka si kang uce bari gogodeg) astagfirullah...akang ari akang keur naon? Kawas nu
gelo ngobrol jeung kandang manuk nu eweuh manukan
UCE
(ret uce nempo lalaunan ka handap) Esih....naha ari maneh, ngarewaskeun pisan, jeung so
nyaho pisan da manuk akang mah teu ka mamana aya tatadi ge didieu
ESIH
astagfirullah tuh da si jurig mah ngadon ngomong kanu lain lain,era siah loba pelajar dihareup
teh, yeuh akang da maksud esih mah lain manuk nu eta,manuk anu dina jero kandang
UCE
naha emang akang ngomongkeun manuk nu mana kitu? Akang oge da ngomongkeun manuk nu
na jero kandang,Esih weh anu pipikirana kamana wae
ESIH
UCE
ESIH
Yeuh dengekeun esih,baheula pas akang jaman bobogohan keneh jeng didinya si abah ngaku
ngaku juragan tanah di ieu lembur,boga tanah dimamana,ai pek teh abah didinya mah tukang
judi slot
ESIH
ari sia jurig (kang uce digebukan) wawanian ngahina si abah, aya ge didinya nu nipu ka urang,
ngaku ngaku kenal jeung rizki pebian, ari pek teh eta mah si tarman tukang endog meri, maenya
aya rizki pebian mamawa endog meri, katipu aing mah....katipu siah uce (bari neunggeulan
uce,uce lumpat nyumput tukangeun tangkal)
UNEH
assalamualaikum.....
Wa alaikum salam
UNEH
(Uneh ngadadak cerik ka Esih) ceu abi basa tadi isuk ka copetan
ESIH
UNEH
Kan basa uneh rek ka salon tadi isuk,uneh teh papanggih jeung 2 jelema dijalan,tuluy nanya
alamat,bari nepak kana tak tak,tidinya teh uneh teu sadar nanaon,pas tempo na uneh sadar
nyaho nyaho tas,hp jeung loket uneh geus euweuh, jelema anu 2 eta ge geus ngaleungit (uneh
cerik deui)
UCE
ESIH
ESIH
Geus gandeng uce......Uneh, Ari ciri ciri jelema anu 2 an eta apal keneh teu?
UNEH
UCE
ESIH
UNEH
UCE
Uneh...!?
UNEH
Eh punteun kang
ESIH
UNEH
Astagfirallah,euceu....uneh teh hilap ta acan ngadamel cai kangge euceu sareung akang,karunya
ece sareung akang atos namu ta acan dipasian cai, sakedap nya uneh ngadamel cai heula
kabumi(uneh rek asup ka imah kang uce)
UCE
UCE
ESIH
UCE
UNEH
ESIH
Uneh!?
UNEH
Eh punteun ceu,kaceplosan,ceu punteunnya manawi teh ieu bumi na uneh,uneh mah da tadi
teh niat bade uih kabumi naha jadi los los kadieu nya, mangga ceu...mangga kang(uneh ngaleos
indit balik,esih jeung uce ngahuleung ningali uneh)
UCE
Naha ai uneh siga jelema owah,datang teu di ondang indit teu diantar
ESIH
puguh weh jalangkung,geus ah Esih rek neangan heula suluh ka jero leuweung,suluh di imah
geus tereh beak,nitip sangu bisi tutung,mun geus asak pang parinkeun kana wadah sangu
UCE
(uneh ekspresi rujit ngadenge uce ngarayu bari asup ka jero imah mawa samping,tuluy kaluar
deui,pas uneh rek ka luar panggung digeroaan deui ku uce bari semu genit)
UCE
ESIH
Nya matakan ge gawe,tong ngurus manuk wae,meh bisa meli kopi jeung pabrik pabrikna,geus
ah Esih rek indit heula,bisi kaburu burit (Esih indit kaluar panggung,pas keur rek kaluar pisan
digeroan ku kang Uce)
UCE
ESIH
Wa alaikum salam
UCE
(Nyarita ka penonton) dasar pamajikan aneh, hobina teh nenggelan salaki,awas siah mun aya
kasempeutan dibales ku kuring,geus ah mumpung si esih keur ka leuweung urang rek mandi
heula,jadi pas mandi beres,sangu asak,langsung dahar,uhh...nikmatna hirup
ANA
(Bari sukuna nyeri) nanaonan ari maneh ana? Jugjug nincak suku urang.
EBEL
ANA
Heup...heup...heup, ari maneh nanaonan ebel? Tingali era ku penonton dasar korban tiktok sia
geus ayeuna mah eta tingali na google urang teh aya di mana
EBEL
iyaah ebel
ANA
ANA
Iya ana?
ANA
EBEL
ahhh gening arurang teh ker aya di desa mojang,ana cik tanyaken ka google sugan google mah
apaleun dimana lokasi dukun sakti
ANA
Lokasi dukun sakti pergi ke arah barat terus belok ke kiri,belok kanan,ada pohon jambu nah
disituh lokasi dukun sakti
ANA
EBEL
ANA
ANA&EBEL
TEU LILA KANG UCE KALUAR TI JERO IMAH GES BERES MANDI,KATEMPO KU SI ANA
ANA
bel,itu aya warga kampung dieu hayu urang tanyaken weh k si eta sugan apaleun dimana dukun
sakti
EBEL
hayu
EBEL
excusme
ANA
montong make bahasa inggris sateh,ges cicing ku urang weh (ka kang uce) permisi,nepangkeun
nami abi ana
EBEL
kami anabel
UCE
ANA&EBEL SILIH PELONG TULUY SILIH MERE KODE JANG NGADEKETAN SI KANG UCE DEUI
ANA
permisi kang,urang duaan teh nuju milari dukun sakti, sugan akang aya ka wawuhan
EBEL
tah mun akang boga ka wawuhan bakal di bere hp ieu jang depe ngke mun urang duaan geus
bisa panggih jeung eta dukun bakal di bere hadiah ratusan juta rupiah
UCE
(Uce kabita kana tawaran eta) penonton akhirna urang bakal jadi jelema benghar jeng ka
beneran urang bakalan nuntasken dendam urang ka si esih (uce nyamperkeun ka ajudan) hei
maraneh,urang apal dimana lokasi dukun sakti eta ,. Ku urang bakal dibejaan asal hp eta
kadieuken hela (ebel miken hp na,sedengken si uce atoh menang hp anyar)
ANA
UCE
Siap,jadi kieu di kampung ieu aya dukun sakti pisan,bisa nyageurkeun sagala panyakit,hobina
teh sok ulin kajero leuweung jeung boga sifat rendah hati pisan,manehna mah embung ngaku
jadi dukun sakti,hiji hijina cara meh ngaku kudu di gebugan heula
EBEL
ANA
UCE
ayeuna keur aya di jero leuweung
EBEL
hayu atuh ana jangan banyak lama,urang buru buru panggihan si dukun bisi kaburu ngalengit
ANA
hayu
ANA&EBEL
UCE
Coped...!!!
BABAK 2
ESIH
Penonton....nasib jadi awewe wonder woman mah kieu,kudu bisa sagala ku sorangan,rek
ngandelkeun salaki,lain andelkeuneun lalaki jiga kitu mah,pagawean sapopoe nyo'o manuk,tara
pisan gawe (nempo ka langit) aeh geuningan teu karasa geus rek burit deui,kudu gancang
gancang balik ieu mah,bisi kaburu poek dijalana (luak lieuk) penonton,jaba ceunah mah tempat
ieu teh angkeur mun geus liwat maghrib,euceu pamit heula weh nya (esih rek kaluar panggung
tp ngadadak lampu poek,tuluy kadenge sora anu ceurik) astagfirallah,saha eta nu ceurik,sorana
mah asa leubah ditu (esih ngadeketan kana sora ceurik,teu lila katempo awewe make baju
bodas keur ceurik dijuru,esih nempo awewe eta reuwas kacida tuluy ngajorowok)
ESIH
jurig...!!! (Esih lumpat balik deui ka panggung dituturkeun ku neng dini,bari sarua gogorowokan
jurig)
ESIH JEUNG NENG DINI NGADON NYARUMPUT BARI SILIH TUNJUK JURIG,TEU LILA ASUP JANG
DARMAN, PAS ASUP JANG DARMAN ESIH JEUNG NENG DINI NUNJUK KA JANG DARMAN BARI
NGAGOROWOK JURIG BARI NYUMPUT
JANG DARMAN
ESIH
Jang Darman?
JANG DARMAN
ESIH
Eceu mah bieu geus neangan suluh jang,tuluy rek balik,tp teu lila eceu teh ngadenge sora
ceurik,pas eceu teang sora eta,eceu papanggih jeung jurig eta jang (bari nunjuk ka si neng dini)
NENG DINI
JANG DARMAN
Enya ceu,eta mah Dini murangkalih na bu kades (ka dini) Neng,kadieu (neng nyamperkeun
Darman) nepangkeun ieu ceu Esih tatangga akang
ESIH
Neng,ai neng nanaonan atuh ceurik ditempat angker kieu?
NENG DINI
Sataacana abi Hampura ceu,tos nyieun eceu reuwas,abi ceurik teh kusabab abi alim
dijodohkeun jeung bandar jengkol pilihana si mamah ceu,abi mah hoyong nikahna sareung kang
darman
ESIH
Darman? (Esih nempo darman tuluy nempo dini) Cieh...cieh...darman boga kabogoh oge
akhirna (ka neng dini) yeuh neng,eceu mah apal pisan basa jang darman leutik keneh,masih olo
leho bari jeung sok ceurik wae budak teh (esih bari seuseurian)
JANG DARMAN
Atos atuh ceu,pan eta mah basa kuring leutik keneh,ayeuna mah kuring geus gede jeung
perkasa
ESIH
heueuh ayeuna mah ujang teh geus gede deui nya teu karasa,tuluy kumaha atuh masalah
percintaan maraneh duaan ayeuna?
NENG DINI
Masalah perjodohan mah samentara tiasa neng hindari ceu,kamari sa acan neng kabur ti
imah,neng teh pura pura geuring,teu bisa ngomong,jadi si mamah ngundurkeun lamaran si
bandar jengkol, neupi ka neng sehat,tapi neng moal bisa lila pura pura geuring ceu,pasti
kapanggih
JANG DARMAN
Nya ceu mun bisa mah euceu bantuan urang duaan,neangan cara ameh perjodohan si neng ka
bandar jengkol teh dibatalkeun
ESIH
Oh kitu nya,kela eceu berpikir heula (ngomong dina hate) sigana urang kudu nulungan karunya
soalna
NENG DINI
Enya kela ieu ge keur mikir carana (ngomong dina jero hate)
NENG DINI
ESIH
JANG DARMAN
Geus atuh ngbrolna tong dijero hate,ngobrol langsung weh da padeukeut (ngomong dina jero
hate)
ESIH
Eh...geus...geus ngadon arasup kana pikiran obrolan teh,oke eceu akan membantu kalian
berdua, carana kieu
NENG DINI
Astagfirallah akang,itu siga aya nu kadieu,dedegana mah siga ajudana si mamah,akang hayu urg
nyumput
JANG DARMAN
Ajudan si mamah?naha bisa datang ka tempat ieu?ceu pokona eceu kudu nulungannya,urg
duaan rek nyumput heula,ke mun ajudana geus areuweuh urang ngbrol deui
ESIH
heueuh atuh sok geura nyarumput heula,eceu rek pura-pura jadi tangkal meh teu kapanggih
ANA
Nya yakin pisan sigana mah eta,boa manehna keur tapa eta teh
ANA
EBEL
Kela ulah maen gebuk wae,bisi salah sasaran kita teh,mending urang tanya heula
ANA
EBEL
ESIH
Abi tangkal
EBEL
ANA
Ebel...!!! maneh mah ngadon dihereykeun,dieu heula.Tuh kan,bener ceuk si akang nu tadi
panggih,dukun sakti sok tara daek ngaku,hayu urang gebuk weh,tapi mun digebuk tihareup
pasti kapanggih
EBEL
Tenang,serahkan sama ebel (Ebel ngadeketan ka esih bari pura pura) duh na teu kuat hayang
kahampangan euy,sigana mun kahampangan dina tangkal eta,ngeunaheun
EBEL
ANA
Hayu...!!!
ESIH
EBEL
ESIH
ANA
EBEL
Nah kitu atuh ceu,jadi kan kita tidak harus ada pertumpahan darah
ANA
Lantaran eceu geus ngaku jadi dukun sakti,hayu milu urang duaan ka imah bu kades,jang
nyageurkeun panyakit budakna,mun eceu bisa nyageurkeun budakna bu kades,eceu bakalan
menang imbalan hadiah duit ratusan juta
ESIH
duit ratusan juta?loba pisan eta mah,kela (dina jero hate)aduh padahal kuring lain dukun,tapi
nempo hadiahna ratusan juta mah,bae ah kuring rek pura pura jadi dukun sakti,jaba pasiena
teh budakna bu kades?kan budakna bu kades mah si neng dini,sedengkeun si neng dini mah
apanan ngan pura pura geuring,atuh gampang ieu mah nyageurkeuna (ka ajudan) oke hayu urg
ka imahna bu kades
ANA,EBEL & ESIH KALUAR PANGGUNG,TEU LILA ASUP DARMAN JEUNG DINI
DINI
DARMAN
Ngadangu neng,ayeuna mah neng kudu buru buru balik ka imah sa acan ajudan mamah neng
jeung ceu esih nepi,ke si ceu esih bakalan ngabantuan,tenang ke akang pantau ti jarak jauh
DINI
Nya atuh kang mun kitu mah dini uih heula nya,doakaeun mudah mudahan si mamah bakal bisa
ngarubah rencana perjodohoan ieu
DARMAN
DINI
Muhun kang
BABAK 3
DI BURUAN IMAHNA BU KADES,KATEMPO ONAH ART NA BU KADES KEUR NEMPOAN HP,TEU
LILA NENG DINI TOROJOL,NENG DINI NU NEMPO ONAH DIBURUAN IMAH BURU BURU
NYUMPUT TULUY NEANGAN JALAN ASUP KA IMAH SANGKAN ONAH TEU NEMPOEUN
ONAH
(Onah maca warta dina hp) Pemerintah menyudahi ppkm diseluruh wilayah,alhamdulilah tah
geuning akhirna teror si copid teh berakhir juga,penonton meski copid geus ngalengit tapi tetep
arurang kudu ngajaga kabersihan ameh teu gampang kaserang panyakit,(onah heuay tunduh)
ah kamana si nyonya teh,eta si bu kades wayah kieu can aya balik wae ka imah,nya nggeus
ayeuna mah,ngenahna bari nungguan,kuring sare heula sakedeng (onah sare dina korsi)
TEU LILA TI ONAH SARE,BU KADES BALIK TULUY NEMPO KA SI ONAH ANU KEUR SARE,BARI
KEUKEUTEUYEUPAN BU KADES NGAREUWASKEUN ONAH
BUKADES
Onah....!!!!
ONAH
BU KADES
Astagfirallah kacida si onah,maenya sageulis geulis kieu di ajak gelut (bu kades nyamperkeun
deui ka tempat onah nyumput) Onah...!!!
ONAH
BU KADES
Makana,tong loba nonton film kungfu,jadi kitu sagala nu katempo teh disangka jurig,geus
ayeuna mah urang siap siap,kan si neng teh isuk patepang tahun,urang siapkeun sagalana,meh
si neng teh bagja bahagia
ONAH
Aeh nya juragan,neng teh ulang tahunnya,pokona doa ti onah mah neng sing katampi iman
islamna
BU KADES
Aamiin....eh siah Onah,kamana wae doa teh,emangna si neng teh geus maot,lain kitu doa na
ONAH
BU KADES
Onah...!!!naon los los kana DBD, DBD mah singkatana demam berdarah maneh teh onah,lain
DBD tapi HBD happy birthday,geus ah capruk wae,kumaha si neng geus cageur?geus daekeun
kaluar kamar?
ONAH
Ta acan juragan,neng masih mengurung diri dikamar terus, sigana mah panyawat neng teh
masih sapertos kamari juragan,alim wae tuang
BU KADES
Aduh kumaha nya si neng teh,sugan dua ajudan nu ku kuring kirim jang neangan dukun sakti
berhasil.
ONAH
Aamiin juragan
MA WET
Ceuk ema oge naon,tong loba teuing dahar es jadi geuring covid sia teh (ma wet asup
panggung) isuk isuk dahar es,berang dahar es,peuting dahar es
BU KADES
Ma...!!??
MA WET
Gandeng tukang es
QILA
MA WET
ONAH
BU KADES
Onah,cicing maneh teh (ngomong ka ma wet) nya teu nanaon ma,aya naon ma?magrib kieu
ambek ambekan
MA WET
Ieu bu kades,tah si qila incu ema,ti saprak ngadaharan es wae jadi geuring flu batuk,awakna
panas,sigana ieu mah gejala covid bukades
ONAH
BU KADES
Astagfirallah onah,ngadon rek nyumput,cicing onah (ka ma wet) tong heula menyimpulkan
kadinya ma,bisi weh emang si neng qila mah teu damang biasa gara gara seer teuing tuang es
QILA
Bu kades,ema mah emang kitu,trauma pisan kana nu namina covid teh,di bumi ge bade
panyawat naon wae pasti weh di sebut na covid
ONAH
Ma wet
ONAH
Ma wet
ONAH
nyeuri huntu
MA WET
Covid
ONAH
Rorombeheun
MA WET
Covid
ONAH
Nyeuri kelek
MA WET
Covid
BU KADES
ONAH
Covid...covid....covid
QILA
Tuh bu kades,saleresna mah ema abi teh stress gara gara covid nu atos merenggut nyawa
carogena,aki abi bu kades,aki teh di vonis covid,padahal geuring na teh ambeyen hungkul,duka
kumaha aki abi tiasa maot,da keluarga oge teu kenging ka lebet ruang karantina
ONAH
(Ceurik)
BU KADES
ONAH
Onah mah sanes ceurik ku caritana si qila juragan,tapi gara gara suku katincak
BU KADES
ONAH
.punteun juragan
QILA
Nya atos atuh juragan pami kitu mah abi pamit uih heula,ieu bade nyandak ema enggal enggal
kabumi,tos waktosna tuang obat
BU KADES
QILA
Mangga
QILA
MA WET
Covid....covid...covid
QILA & MA KALUAR PANGGUNG TEU LILA ASUP ANA,EBEL, JEUNG ESIH KA PANGGUNG
ESIH
Leres juragan nepangkeun kuring dukun sakti mantraguna,sagala panyawat tiasa ku abi di
sembuhkan
BU KADES
Alhamdulilah tah geuning anu diantos antos teh parantos dongkap,onah bawa neng
kadieu,ameh dipariksa ku ieu dukun,sakalian mawa deui bangku
ONAH
Muhun juragan
IBU KADES
Mangga ceu dukun calik heula sambil ngantosan murangkalih abi kadieu
ANA & EBEL TELENYENG DIUK DINA BANGKU, BU KADES NU NEMPO KAJADIAN ETA KESEL
JURAGAN
Ana...ebel...lain maraneh anu diuk teh,maksud kuring teh itu dukun sakti na
Aduh punteun juragan (ana & ebel mawa dukun sakti sina diuk dina bangku)
BU KADES
Sateacana hapunteun ceu dukun,simkuring narima semah na diluar,da mun di lebet bumi
mah,nju pabalatak
ESIH
ONAH
BU KADES
SABOT NENG DINI REK DIUK,ESIH BURU BURU NYAMPERKEUN NENG DINI,TULUY NARIK KA SISI
PANGGUNG BARI NGAHAREWOS
ESIH
Neng tenang ku eceu dibantuan sangkan neng jadi jeung kang darman,neng mah nya nya weh
mun ku eceu ditanya oke
NENG DINI
Oke ceu
ESIH
(Ngadadak pura pura mariksa si neng dini) wah...wah...aura negatif na gede pisan ieu
mah,bahaya....bahaya, hayu neng diuk heula
ESIH
Punteun juragan nembe abi ngadadak ningal aura negatif di neng dini makana ku abi langsung
di piceun si aura negatif na,supados henteu menyebar ka arurang sadayana
IBU KADES
Wah...hebat pisan,teu salah maneh ana...ebel mawa dukun sakti nu ieu mah
ANA
Ana tea
EBEL
ebel tea
Anabel...!?!?
BU KADES
ESIH
ESIH
ESIH
(Nunjuk kana hulu) ieu karasa panas teu? ( neng dini ngoyagkeun sirah ) nu ieu nyeuri teu
(nunjuk kana suku, neng dini ngoyagkeun sirah deui) hmmmm....nu ieu panas teu (neng dini
ngaluarkeun ekspresi nyeuri jeung panas,Esih ngagorowok bari atoh) Tah,kapanggih siah
sumber panyakitna
BU KADES
ESIH
Lain panyakit jantung juragan,si neng kaserang panyakit hate alias cinta
BU KADES
ESIH
Leres pisan bu kades,tenang panyawat kieu mah kudu dicageurkeun ku jin piaraan
kuring,nyaeta jin cupid,bu kades apal cupid? (BU KADES NGOYAGKEUN HULU NA DEUI) Cupid
teh dina sajarahna mah dewa cinta,urusan cinta pasti beres ku cupid mah,kela kuring geroan
heula jin cupid na
ONAH
Alah siah juragan,onah nyandak heula cai sa ember nya
BU KADES
ONAH
BU KADES
ESIH
ONAH
BU KADES
ssstttt onah
ESIH
BU KADES
ESIH
EBEL
Aing maung
ONAH
Aing cucurut
BU KADES
ANA
ESIH
Heh,bu kades maneh tong wawanian maksa si neng kawin jeung bandar jengkol
BU KADES
ESIH
Kuring kan jin cupid,jadi bisa apal kana sagala masalah cinta,jadi mun si neng hayang
cageur,jodohkeun si neng jeung lalaki nu ngarana darman
BU KADES
DARMAN
Abi nu namina darman
BU KADES
Neng...!!!
BU KADES NYAMPERKEUN NENG JEUNG DARMAN,ESIH NU NEMPO ETA BURU BURU NARIK BU
KADES KA SISI ANU LAIN
ESIH
Juragan tenang heula,hayu mending calalik heula,hayu neng....jang (kabeh dariuk,teu lila
kadenge sora ma wet covid covid na)
MA WET
BU KADES
MA WET
BU KADES
MA WET
(Seuri) dukun timana bu kades,si esih mah nempo jurig ge sieuneun,sapopoe na ge tukang
ngalaan suluh
BU KADES
Siap juragan
BU KADES
Siap juragan
NENG DINI
BU KADES
NENG DINI
Mamah,abi salami ieu teh ngan pura pura teu nyarios,kusabab neng alim dijodokeun jeung
bandar jengkol pilihan mamah,
BU KADES
Neng
NENG DINI
BU KADES
Neng
NENG DINI
ceu esih mah dipiwarang ku neng jang ngabantuan neng saangkan perjodohan ieu
dibatalkeun,da neng mah hoyong nikahna jeung kang darman
BU KADES
Neng...!!!makana dangukeun heula mamah geura,neng soal perjodoan mah ku mamah ge tos
dibatalkeun ti saprak neng teu damang,mamah ge apal neng sakit gara gara perjodoan
eta,mamah sadar kapentingan anak mamah leuwih penting daripada egois na mamah
NENG DINI
BU KADES
Nya enya atuh neng,jaba darman ganteng kieu,mamah mah satuju pisan (kabeh Alhamdulilah)
ASUP COPED
COPED
ESIH
BU KADES
Muhun ceu,eceu bebas, sabab berkat jin cupid masalah keluarga kuring jadi beres
ESIH
MA WET
Copid
LUMPAT UNEH JEUNG UCE KA JERO PANGGUNG BARI NEMPO KA COPET
COPET...!!!
TAMAT