Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Daftarnya

Assalamu’alaikum wr.wb.

Alhamdulillahirobbil alamin wabihi nastainu waalaumuridunya waddin wasolatu wasalamu ala asrofil
anbiya iwalmursalin waala alihi wasohbihi ajmain,amaba’du.

Sateuacan ngamimitian sumangga urang panjatkeun puji syukur kana kahadirat ALLAH anu
maha suci nu parantos nyiptakeun langit jeung bumi.
Solawat sinareng salam oge mugia tetep kacurah limpahkeun ka jungjungan alam nyaeta
habibana wanabiyana kangjeng nabi muhammad SAW.
Dina kasempatan anu bungah ieu, insya allah simkuring bade ngadugikeun hiji biantara
ngeunaan kana pikanyaah indung jeung bapa, nyaéta pentingna urang hormat kanu jadi
indung jeung bapa.
Hadirin, naha simkuring nyandak judul sapertos kitu?
Sabab, eta dua jalmi teh mangrupakeun jalmi-jalmi anu ageung pisan pangaruhna nu aya
dina kahirupan urang sadaya.
Bapa urang nyaeta hiji jalmi nu kiat nu rela ngorbankeun sagalana pikeun bisa
ngabahagiakeun urang salaku nu jadi anak. Malih anjeuna rela di saban dinten midamel
kadieu kaditu supaya bisa ngahirupan anak jeung istrina.
Kitu oge ka indung urang, nyeta hiji jalmi anu mulia pisan nu jasana teu bisa ka itung,
anjeuna oge anu parantos ngalakukeun 6N keur urang. Hadirin.. Terang naon eta 6N teh?
6N teh nyaeta:
1. Ngandung2. Ngalahirkeun
2.
3. Nganyusuan

4. Ngarawat

5. Ngagedekeun

6. Ngadidik urang nu salaku anakna, leres teu?

Coba urang bayangkeun hadirin, sakitu ageungna pisan eta jasa sareng
pangorbananana nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, malah mah urang bisa
jadi kos kieu oge jeung lahir di dunya ieu oge ku sabab ku dua jalmi eta, leres?
Lamun di itung-itung jasa anjeuna, sadayana ge moal bakal bisa kagantikeun ku
emas jeung permata sakali oge. Teras, naon anu kedah ku urang lakukeun pikeun
ngabales jasana? Nyaeta ku jalaran hormat, taat, jeung patuh kana sagala
parentahna. Sabab sakumaha anu parantos disebutkeun tina hadits:

‫ َو َس َخ ُط ِهَّللَا ِفي َس َخ ِط َاْلَو اِلَد ْيِن‬, ‫ِر َض ا ِهَّللَا ِفي ِر َض ا َاْلَو اِلَد ْيِن‬

Nu harina: Karidhoan allah nyaéta karidhoan kolot urang, sareng kamurkaan alloh
nyaéta kamurkaan kolot urang ogé.

Dina hadist eta parantos jelas, yen lamun urang patuh jeung taat ka kalot urang,
mangka kolot urang oge bakalan reseup jeung bunggah boga anak sapertos urang,
jeung terus ngadoa supaya tiasa asup ka surgana allah, amin yaa robbal alamin.

Tapi lamun ceunah urang doraka ka kolot urang, mangka alloh ogé bakalan leuwih
murka jeung ngasupkeun urang ka narakana alloh, naudzubillah minzalik!

You might also like