Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Di Sajeroning Rohang

Rupa-rupa rohang sajeroeun sirahna. Panto-pantona sinambung ka rohang


séjénna. Panto kahiji aya rohang ingetan, eusina spéktrum cahaya warna-
warni, laju kana panto rohang panineungan, réa kanvas pulasna gambar
patempatan nu kungsi kasaba. Katilu panto leuweung, kaopat panto gedong-
gedong, satuluyna panto rohang tan watesan. Sabada ngalanglang patempatan
dina sirahna, kalah bumetah di rohang leuweung. Waas ku sora manuk récét,
silih éngklokan jeung sora sato séjénna. Manéhna hayang néwak manuk.
Geleber tina dahan aya manuk hiber ngadeukeutan, dihiap ku tonggong
leungeunna. Bet kairut ngingu manuk jadi batur carita. “Puguh, béak déngkak
néangan manéhna téh. Taya tapak laratan nu ditangarakeun iwal jalan ka ieu
rohang. Geus ngagunung kayakinan, manéhna baris nyorang sajatina
kabagjaan, lamun babarengan jeung kuring. Wungkul kuring.” Keur anteng
ngabedah kaguligah, saharita aya panto anu muih lir ulekan leuwi. Saméméh
manéhna kaléot, talatah pamungkasna ka manuk, “Kuring paheut mikahéman
salawasna, omat tepikeun ka jinisna.” Di sajeroning rohang pasagi, kardiograf
némbongkeun garis lempeng.
Zaenal Abidin, lahir di Kuningan, 21 Mei. Kiwari ngajar di SMK Negeri 1
Cisarua, Kabupatén Bandung Barat.
Padumukan: Jl. Jayagiri, Kp. Bewak RT 03 /RW 03 No 78 Kec Lémbang,
Kabupatén Bandung Barat. 40391.
Surélék: zaenala07@gmail.com / zaenalabidin152@guru.smk.belajar.id

No Hp: 085659750718

Akun IG: @zenzenz_zae


Amin FB: Zenzenz Zae

You might also like