Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 1

BIANTARA BASA SUNDA TEMA LINGKUNGAN HIDUP

Bismillahirahmanirohim
Assalamualaikum wr.wb

Bapa ibu guru nu dipihormat


Girang pangajèn nu dipihormat
Rèrèncangan sadaya nu dipikareueus

Dina kasempetan ieu kuring seja ngadugikeun biantara ngeunaan pentingna tina lingkungan jeung
kahirupan manusa. Lingkungan bisa dikategorikeun kana sabaraha jenis nyaèta lingkungan sosial jeung
lingkungan alam .

Dina kasempetan ieu bakal loba medarkeun ngeunaan lingkungan alam.

Urang sadaya terang yèn lingkungan ngawengku faktor biotik jeung faktor abiotik, nu kaasup faktor biotik
nyaèta manusa, sato jeung tutuwuhan nu ku urang perlu dijaga supaya henteu tèrèh punah. Faktor abiotik
kaasup komponèn lingkungan nu disusun tina unsur-unsur nu teu hirup contona cai, udara, cahaya panon
poè, iklim jeung sajabana. Sadaya faktor lingkungan ieu penting pikeun kahirupan manusa, taneuh nu ku
urang ditincak, hawa, cai nu ku urang diinum. Sakabèh èta faktor lingkungan anu nangtukeun kahirupan
manusa. Mun teu aya taneuh bersih, cai bersih, hawa bersih, teu mungkin manusa bisa hirup sampurna.

Ruksana lingkungan geus nyieun urang sangsara. Datangna banjir, datangna tsunami, sarta rupa-rupa
musibah anu datangna kana satengahing jalma teu bebeja. Sakabeh korban teh alatan leungeun manusa.
Naon anu bisa dilakukeun ku manusa pikeun ngajaga lingkungan?

Loba hal anu bisa ku urang dipigawè pikeun ngajaga lingkungan, diantarana ulah miceun runtah padu bae,
runtah kertas, stèrofoam, plastik, kudu dipisahkeun ngarah lingkungan tetep beresih, miceun runtah kudu
puguh tempatna. Lamun henteu ku urang ku saha deui, lamun henteu ayeuna iraha deui? hayu urang jaga
lingkungan hirup urang ngarah tetep beresih jauh tina sagala panyakit.

Sakitu anu kapihatur, hapunten bilih seeur kakirangan.

Jalan-jalan ka gunung salak


Ulah poho meuli sasawi
Lamun bumi urang ruksak
Pasti urang nu bakal rugi

Waalaikumsalam, wr.wb

You might also like