Soal PTS Genap Sunda - Duren Jaya 12 2021

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 12

PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP

TAHUN PELAJARAN 2020-2021


SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : I ( Satu )
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Maca Sajak

Sakola Abdi

sakola mani asri


di payunna pelak kembang
sisi jalan tangkal buah
matak endah katingalna

beresih sakolana
taya runtah barala
unggal enjing disapuan
matak genah katingalna

piceun runtah kana tempatna


ulah sina barala
bisi jadi panyakit
kelur urang sadaya

I. Jawab pananya di handap !

1. Naon judul sajak di luhur

………………………………………………..

2. Kumaha kaayaan sakola abdi

………………………………………………..

3. Aya tangkal naon di sisi jalan

………………………………………………..

4. Di payuneun sakola aya naon

………………………………………………..

5. Kumaha katingalna eta sakola teh

………………………………………………..
PTS Genap Kelas 1 – B. Sunda

II. Cakra (X) aksara a, b, c atau d dino jawaban anu bener !

1. Beca rodana aya ….


A. dua
B. tilu
C. opat
2. Delman ditarik ku ….
A. domba
B. sapi
C. kuda
3. Was ingal ….
A. jalmi B. wawangunan C. pamandangan
4. Di jalan raya …. ku kendaraan.
A. macet B. rame C. sepi
5. …. tos lami teu tepang sareng nini
A. nyaah B. sedih C. sono
6. Lingkungan sakola kuring ….
A. kotor B. beresih C. loba runtah
7. Lingkungan kotor ngadatangkeun ….
A. panyakit B. bencana C. bahaya
8. Manuk hiber ku ….
A. sukuna B. jangjangna C. buntutna
9. …. kuring salawasna beresih
A. pakarangan B. kebon C. imah
10. Lingkungan ku urang kudu ….
A. diiberesihan B. dipiara C. dimangpaatkeun

PTS Genap Kelas 1 – B. Sunda


PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2020-2021
SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : II (dua)
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Baca wacana

Ngariksa Lingkungan
lingkungan alam penting
ku urang kudu diraksa
sabab mere kauntungan
lamun lingkungan alam ruksak
bakal ngadatangkeun musibah

segerna hawa, beresihna cai,


perlu diriksa jeung dipiara
hawa kotor baris mawa kasakit
lingkungan jadi kotor

cai kotor ti pabrik-pabrik


ngandung cat kimia nu ngabahayakeun
bahaya keur kasehatan jalma
tutuwuhan jeung sasatoan

hidep kudu ngariksa lingkungan


teu sagawayah miceun runtah
daek beberesih di mana wae
hawa bebas tina polusi

I. Jawab pananya di handap !


1. Lingkungan alam
………………………………………………..
2. Ku urang kudu
………………………………………………..
3. Lamun lingkungan alam ruksak, bakal
………………………………………………..
4. Segerna hawa, beresihna cai, perlu
………………………………………………..
5. Hawa kotor barus mawa
………………………………………………..

PTS Genap Kelas 2 – B. Sunda


II. Cakra (X) aksara a, b, c atau d dino jawaban anu bener !

1. Hawa di pagunungan mah karasa ….


A. panas B. tiis C. seger
2. Lingkungan alam …. Pikeun kahirupan urang.
A. penting B. mentingkeun C. dipentingkeun
3. Ku kituna, lingkungan alam teh kudu ….
A. ngajaga B. dijaga C. jaga
4. Lamun lingkungan alam ruksak, tangtu bakal ngadatangkeun ….
A. berekah B. musibah C. caah
5. Lamun aya polusi udara, bakal nimbulkeun ….
A. panon kurang sehat B. hawa goreng C. rupa-rupa panyakit
6. Polusi cari bisa nimbulkeun ….
A. panyakit kulit B. nyeri neureuy C. sesek napas
7. Lamun lingkungan ruksak, nu jadi korbanna ….
A. manusa B. sasatoan C. sakabeh makhluk hirup
8. Leuweung ulah ditugaran, lantaran leuweung ….
A. mangpaat pikeun kahirupan manusa
B. tempat sasatoan
C. tempat wisata
9. Cara miara lingkungan mah ….
A. sasapu di buruan
B. miceun runtah kana tempatna
C. beberesih di imah
10. Conto ruksakna alam, nyaeta ….
A. taneuh longsor B. jalan ruksak C. imah runtuh

PTS Genap Kelas 2 – B. Sunda


PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2020-2021
SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : III (Tiga)
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Baca wacana
Badminton
Ciptaan : Mang Koko

Badminton di mana-mana
Di kampung jeung di kota
Badminton keur suka-suka
Ngalipur manah sungkawa
Dilob apung-apungan
Dicok kana net nyangsang
Disemes ka beulah kenca
Bekhen tisoledat
Kokna ku bulu entog
Netna ku samping butut
Reketna panggebug kasur
Tempatna di kebon awi
Urang nu bekhen
Abdi nu porhen
Abdi nu seken hen
Maneh nu seken hen

I. Jawab pananya ieu di handap !


1. Di mana sok baradmintonna?
………………………………………………..
2. Keur naon arulin badminton?
………………………………………………..
3. Kumaha lamun dilob?
………………………………………………..
4. Kumaha lamun dicok?
………………………………………………..
5. Ti Beulah mana disemesna?
………………………………………………..

II. Cakra (X) aksara a, b, c atau d dino jawaban anu bener !

1. “Kabeh” ge budak pahatu”


Harti tina kecap pahatu, nyaeta ….
A. geus teu boga indung C. geus teu boga bapa
B. geus teu boga dulur D. geus teu boga babaturan

PTS Genap Kelas 3 – B. Sunda


2. Ieu di handap, nu nuduhkeun yen sikep urang kudu hade ka babaturan, nyaeta….
A. mere nyaho dina keur ulangan
B. ngajajanan ka babaturan di kantin
C. ngalongok babaturan nu gering
D. nyampeur ka babaturan tiap rek indit sakola
3. “Purah tunggu pipir leuit.”
Kecap leuit ngandung harti ….
A. tempat nyimpen beas C. tempat nyimpen kadaharan
B. tempat nyimpen pare D. tempat nyimpen barang
4.

Di luhur teh gambar ….


A. laptop C. mesin ketik
B. mesin hitung D. printer
5. Ceuk ungkara di luhur, badminton teh pikeun ….
A. suka-suka C. pikeun barudak ngora
B. nu resep olahraga D. nu keur lara
6. Gambar peucang ieu di handap, nyaeta ….

A. C.

B. D.

7. Ieu di handap ungkara kalimah nu nuduhkeun kalakuan hade, nyaeta ….


A. Rek indit-inditan pamit heula ka kolot
B. Nyampeur ulin babaturan ka imahna
C. mere duit ka nu baramaen saihlasn
D. mere niron ulangan ka babaturan
8. Kalimah nu ngagunakeun ejahan nu bener, nyaeta ….
A. Warga keur ngalakukeun Kerja Bakti di lapangan.
B. Warga keur ngalakukeun Kerja bakti di lapangan.
C. Warga keur ngalakukeun kerja bakti di lapangan.
D. Warga keur ngalakukeun kerja bakti di Lapangan.
9. Kagiatan nu aya dina gambar ….
A. kerja bakti
B. ngaronda
C. ngalobrol
D. daragang
10. Gambar ieu di handap nu teu merlukeun energi listrik, nyaeta ….

A. C.

B. D.

PTS Genap Kelas 3 – B. Sunda


PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2020-2021
SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : IV ( empat )
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Baca wacana

LEMBUR KURING
Karya : Gilang

Endah pisan lembur kuring


Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun

Pasawahan nu
Patani keur barangpelek
Saban poe ngucur kesang
Engke panen bakal senang

Manuk-manuk ngahariring
Dina tangkal dadap cangkring
Deudeuh teuing deudeuh teuing
Nungguan pare koneng

Waas pisan lembur kuring


Tempat endah matak tingrim
Alam paparin pangeran
Kudu diriksa dijaring

I. Jawab pananya di handap !


1. Naon tema sajak di luhur?
………………………………………………..
2. Sabaraha pada sajak nu aya di luhur?
………………………………………………..
3. Kumaha kaayaan lembur kuring, upama disawang tikanggangan?
………………………………………………..
4. Kumaha kaayaan pasawahanana?
………………………………………………..
5. Keur naon patanina?
………………………………………………..

II. Cakra (X) aksara a, b, c atau d dino jawaban anu bener !


1. Wangun ugeran anu teu kauger ku patokan wangunna, disebutna ….
A. pupuh C. kawih
B. guguritan D. sajak

PTS Genap Kelas 4 – B. Sunda


2. Lembur kuring teh endah mun disawang ti ….
A. pagunungan C. kaanggangan
B. pasawahan D. kajauhan
3. Kaayaan pasawahan di lembur kuring teh ….
A. barangpelak C. endah
B. upluk-aplak D. kasimbutan
4. Manuk-manuk ngahariring dina ….
A. saung sawah C. tangkal dadap cangkring
B. pelak pare koneng D. halimun
5. Lembur kuring teh matak …. kana hate
A. tingtrim C. endah
B. waas D. deudeuh

III. Jawab pananya dihandap ieu !

1. Naon nu disebut kaendahan?

…………………………………………………..

2. Kumaha carana sangkan alam teh endah salawasna?

…………………………………………………..

3. Naha urang bet kudu ngajaga kaendahan alam?

…………………………………………………..

4. Larapkeun kecap panyeluk ieu di handap kana kalimah!


a) eh d) aduh
b) ey e) wilujeng wengi
c) Alhamdulillah

…………………………………………………..

…………………………………………………..

…………………………………………………..

…………………………………………………..

…………………………………………………..

5. Benerkeun cara nulis aksara gede dina kaimah ieu di handap!

a) mamah ngajakan abdi balanja ka pasar baru

b) balik ti pasar baru teh karasa awak mani lunges.

……………………………………………………….

……………………………………………………….

PTS Genap Kelas 4 – B. Sunda


PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2020-2021
SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : V ( Lima )
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Baca wacana

LEMBUR KURING
Karya : Rudiawan Anwar

Surupna panonpoe
Mawa rungsing kana hate
Gulidagna cai walungan
Mawa beurat kana patekadan
Hiliwirna angin
Mawa kasedih kana ati

Duh, lembur
Lain tega kuring ninggalkeun
Tega tinggal katega
Kuring indit pikeun ngabela bangsa
Jeung nagara

Duh, lembur
Lain teu nineung kuring ninggalkeun
Nineung tinggal katineung
Uring indit pikeun babakti ka lemah cai

Tatangkalan tinggarupay
Matak sungkan pikeun paturay
Sehna cai walungan
Mekelan cita-cita jeung kahirupan

I. Jawab pananya di handap !


1. Naon tema sajak di luhur?
………………………………………………..
2. Kumaha kaayaan ponopoe harita?
………………………………………………..
3. Naon nuu dimaksud ungkara ‘matak rungsing kana hate’?
………………………………………………..
4. Naon anu matak sedih kana hate teh?
………………………………………………..
5. Ku naon cenah kuring indit?
………………………………………………..
II. Cakra (X) aksara a, b, c atau d dino jawaban anu bener !
1. Babasan “hejo lembok” hartina ….
A. loba tatangkalan C. tatangkalan keur bubuah
B. subur tur loba rejeki D. lega kebon jeung sawah

PTS Genap Kelas 5 – B. Sunda


2. “masarakat dina kaayaan beunghar tur hirup senang.”
Babasan anu keuna keur eta kalimah, nyaeta ….
A. repeh rapih C. malarat rosa
B. kokoro nyoso D. sugih mukti
3. Ieu di handap anu henteu kaasup kana istilah geografi, nyaeta ….
A. pasir C. langit
B. lamping D. leuwi
4. Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan, disebutna ….
A. lamping C. leuwi
B. babantar D. muara
5. Ieu di handap anu henteu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta ….
A. Tatangkalan hejo ngemploh
B. Pare di sawah sumedang beukah
C. Gedang teh keur gumading
D. Kang Jaka keur ngala buah
6. Ceuk sajak di luhur, endahna lembur kuring teh disawang ti mana?
A. ti kadeukeutan C. ti katebihan
B. ti kaanggangan D. ti kacaketan
7. Kumaha kaayaan pasawahan di lembur kuring?
A. lega C. heureut
B. upluk-aplak D. biru paul
8. Di mana anuk-manuk teh ngahariringna?
A. dina tangkal anu rimbun C. dina dangdaunan
B. dina pare di pasawahan D. dina dadap angkring
9. Matak kumaha lembur kuring teh kana hatena?
A. matak tingtrim C. matak betah
B. matak nineung D. matak senang
10. Naon dilakukeun ku patani teh?
A. nyawah C. barang pelak
B. ngebon D. ngucur kesang

III. Jawab pananya dihandap ieu !


1. Sebutkeun 3 istilah geografis!
a. …………………..
b. …………………..
c. …………………..
2. Jieun kalimah anu make kecap talaga!
……………………………………….
3. Jieun 2 kalimah kaayaan!
……………………………………….
4. Jieun kalimah make kecap lucu jeung pikalucueun1
……………………………………….

5. Naon anu disebut amanat dina sajak?


……………………………………….

PTS Genap Kelas 5 – B. Sunda


PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2020-2021
SD NEGERI DUREN JAYA XII

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : VI ( Enam )
Hari / Tanggal : Senin , 15 Maret 2021

Nama : ………………………...... No. Absen : ……….

Wacana
Sasak Anyar
Kampung citamiang ayana teu jauh ti kota, kampung ieu masih keneh sepi.
Lantaran kampung citamiang teh dikurilingan ku walungan nu can aya sasakalana.
Masarakat gotong royong nyieun sasak pikeun ngahubungkeun kampung.
Citamiang jeung kampung sejenna. Sanggeus sasak eta rengse jarak ka kota jadi leuwih
deukeut, waktu nu digunakeun jadi luweuh singket.

I. Hayu urang jawab pananya di handap ieu luyujeung wacana di luhur ! !

1. Kampung naon nu dicaritakeun di luhur ?

Jawab : ______________________________________________________________

2. Naon sababna kampung nu disebut di luhur masih sepi ?

Jawab : ______________________________________________________________

3. Naon nu diupayakaeun ku masarakat ngahubungkeun kampung Citamiang jeung

kampung sejenna ?

Jawab : ______________________________________________________________

4. Kumaha cara masarakat nyieun sasak teh ?

Jawab : ______________________________________________________________

5. Naon kauntungan masarakat Citamiang sanggeus dibangun sasak ?

Jawab : ______________________________________________________________

II. Hayu urang cakra (X) huruf a, b, c, atawa d dihareupeun jawaban nu bener !
1. Sikep urang lamun keur biantara kudu ….
a. gugup b. reuwas c. rusuh d. tenang
2. Bekasi dibere julukan kota ….
a. kota udang b. kota kembang c. kota patriot d. kota hujan
3. Lia gering ku bu Rina di candak ka ….
a. bale desa b. kantor polisi c. puskesmas d. imah
4. Di handap ieu aya anu disebut media cetak nyaeta ….
a. radio b. TV c. koran d. computer

PTS Genap Kelas 6 – B. Sunda


5. Cara nulis singgetan anu bener nyaeta ….
a. Dpr b. DPr c. dpr d. DPR
6. Biantara ilaharna make basa ….
a. gaul b. resmi c. preman d. funky
7. Sapatuna alus naker (padahal goring). Kalimah ieu ngagunakeun gaya basa ….
a. gaya basa rarahulan c. gaya basa silih sindir
b. gaya basa kadalon d. gaya basa mindoan
8. Kalimah nu teu ngabutuhkeun objek disebut kalimah ….
a. transitip b. intransitip c. wawaran d. pananya
9. Sameneh poe senen nyaeta poe ….
a. saptu b. ahad c. salasa d. rebo
10. Susunan acara sok ditutup ku ….
a. sambutan b. pembukaan c. laporan d. doa

II. Jawab pananya di handap ieu !

1. Sebutkeun tilu kadaharan has Jawa Barat !

a. ………………………………..

b. ………………………………..

c. ………………………………..

2. Jieun kalimah make kecap sambel

……………………………….

3. Sebutkeun bahan-bahan nyieun combro !

……………………………….

4. Jieun kalimah make kecap dahar sangu !

……………………………….

5. Sebutkeun tilu inumas has Jawa Barat !

……………………………….

PTS Genap Kelas 6 – B. Sunda

You might also like