MATERI WAWANCARA SMTR 2

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 3

MATERI WAWANCARA

Wangenan wawancara
Wawancara teh hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di
masarakat. Ngan teu kabeh masarakat sok ngahajakeun saban waktu
ngawawancara. Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan, reporter,
atawa jalma lianna nu nganggap perlu, upamana mahapeserta didik nu keur
ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola nu meunang pancen ti
guruna, atawa ti lembaga sensus penuduk nu ngawawancara warga.
Wawancara mah kaasup kagiatan nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu
ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara, urang perlu tatahar heula.

Prosedural
Sababaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun samemehna di antarana saperti
ieu di handap.
- Keur kaperluan naon?
- Naon wae nu ditanyakeunana?
- Saha nu rek ditanya?
- Ka mana kudu nepunganana?
- Iraha waktuna?
- Jeung sajabana.

Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing. Mun bisa mah
parondok jeung togmol (langsung) kana sasaran.
Kalimah tanya model di luhur jadi bahan pikeun urang dina waktu geus
tepung jeung narasumber. Narasumber teh jalma nu baris dipenta
kateranganana. Narasumber bisa upa-rupa, gumantung kana kaperluan
pananya. Upama perlu informasi ngeunaan kasenian, nya datang ka
narasumber nu ahli dina widang seni. Upama nu diwawancarana menteri
pendidikan, tangtu nu dipiharep katerangan perkara pendidikan/atikan. Upama
aya jalma nu nganggap perlu meunang katerangan ngeunaan olahraga, tangtu
eta jalma baris ngadatangan jalma nu ahli dina widang olahraga, upamana
atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan. Kitu wae satuluyna.

Tahap-tahapan nyusun wawancara, ngawawancara, jeung laporan wawancara


Cara Ngawawancara:
Bubuka dina wawancara
- Ngucapkeun salam
- Ngawanohkeun diri
- Nyebutkeun tujuan wawancara

Eusi wawancara
- Daptar pananya pikeun ngali eusi wawancara

Panutup wawancara
- Nutup wawancara
- Ngahaturkeun nuhun
- Ngucapkeun salam
Sangkan tujuan wawancara bisa kahontal, di handap ieu nyaeta sawatara
lengkah nu perlu dilakukeun samemeh, salila jeung sanggeus ngalakukeun
wawancara:

- Tuliskeun masalah nu rek ditanyakeun


- Tangtukeun saha nu rek ditepungan pikeun jadi narasumber
- Iraha waktuna wawancara
- Ka mana kudu ngadatangan narasumber
- Susun heula kamliah pananyana
- Sadiakeun catetan
- Mun aya mah sadieukeun oge alat rekaman
- Susun deui kalimah pananya jeung jawaban ti narasumber, boh dina -
wangun tanya jawab boh dina wangun narasi

Di handap ieu nyaeta conto hasil laporan wawancara dina wangun tanya
jawab:

Wawancara Jeung Tukang Sate Padang

Amir : Mang!, Sate Padang!

Tukang Sate : Mangga Cep, bade ngadamel sabaraha porsi?

Amir : Eh, Mamang tiasa nyarios Sunda, sareng sae deuih basa Sundana

Tukang Sate : Muhun atuh Cep, pan Mamang teh tos aya sapuluh taunna di
Tasik janten tiasa we saalit saalit mah basa Sunda

Amir : Atuh eta mah sanes saalit alit Mang, tos pinter pisan basa Sundana
Mamang teh

Tukang Sate : Aduh, hatur nuhun Cep Mamang disebut pinter basa
Sundana

Amir : Mang punten, ieu abdi teh aya tugas pelajaran basa Sunda kanggo
wawancara sareng pedaganag keliling. Naha Mamang kersa diwawancara?

Tukang Sate : Mangga wae Mamang mah, mung eta Mamang teh asa isin
nganggo diwawancara sagalrupi, sapertos artis atanapi pejabat wae Cep

Amir : Teu sawios Mang, pan ieu mah tugasna oge wawancara sareng
pedagang kelilimg

Tukang Sate : Mangga Cep

Amir : Dupi Mamang teh saha jenenganana?

Tukang Sate : Nami Mamang Zulfikar


Amir : Oh, sae jenengan teh, sareng eta mah khas nami urang Padang
panginten Mang?

Tukang Sate : Muhun Cep

Amir : Naon margina Mamang ngaraos yakin tiasa pajeng icalan sate
Padang di Tasik?

Tukang Sate : Upami ngawitan, sapuluh taun kapengker mah muhun


langki urang Tasik anu sedepeun kana sate Padang, malihan saurna eta
samarana asa aneh kitu. Mung lami lami mah seueur urang Tasik nu sedep
kana sate Padang teh

Amir : Oh janten ngawitan mah rada sesah pamginten icalan sate Padang
di Tasik teh Mang

Tukang Sate : Muhun Cep. Mung kumargi Mamang mah ngaraos yakin
urang Tasik teh lami lami bakal sedep kana sate Padang, Mamang teras
wae sataun dua taun icalan, alhamdulillah beuki seueur urang Tasik nu
sedepeun sate Padang

Amir : Hatur nuhun Mang, pangalaman Mamang teh sae pisan kanggo
picontoeun, geuning upami ku keyeng mah sagalarupi cita cita teh tiasa
kahontal Mang

Tukang Sate : Leres pisan Cep, sami sami hatur nuhun, mangga atuh eta
dituang satena

Amir : Oh muhun Mang

You might also like