Professional Documents
Culture Documents
Ringkesan Zakat Fitrah
Ringkesan Zakat Fitrah
1.Muzakki
syarat wajib & syarat sah zakat fitrahna jalma ngaluarkeun zakat :
1. Islam
2. Ngalam hirup dina bulan,nyaeta bulan romadhon jeung dina
bulan syawal, teges na lamun jalma hanya ngalaman hirup di
bulan romadhon wungkul atawa di bulan syawal wungkul maka
teu wajib zakat fitrah.
3. Aya beas na bari lewih tina nafaqoh wajib dina malam jeung
poean idul fitri
( kitab fathul qorib hal 131 cet DKI )
2.Niat zakat
1. Waktu niat zakat :
a. Bisa dina waktu keur misahkeun beas kanggo zakat
b. Bisa dina nalika keur masrahkeun beas zakat
( kitab ghoyatul muna halaman 550 )
2. Pembagian niat dina nganiatan zakat :
a. Niat zakat anu sorangan ku sorangan
b. Niat zakat batur di niatan ku sorangan, kabagi dua bagian
:
2. Miskin
Nyaeta jalma anu teu mampu nyumponan pangabutuh tina
nafaqoh wajib, atawa boga penghasilan lebih tina saparo tina
pangabutuh na. Contoh butuh 10 pendapatan mung kenging 7.
( kitab kasyifatussaja hal 40 cet darul minhaj )
3. Amil
Nyaeta jalma anu di angkat ku imam pikeun nguruskeun zakat.
( kitab bajuri juz ka 1 hal 542 & kitab taqrirotussadidah hal
424 ).
4. Mualafah
Kabagi 4 bagian :
A. Jalma anu nembe asup islam bari iman na lemah.
B. Jalma anu nembe asup islam kuat iman na, tapi gaduh
pengaruh kuat di kaum na.
C. Jalma anu merangan kana teror ti jalma kafir
D. Jalma anu merangan ka jalma anu tara mayar zakat.
Alhamdulillah.
Diringkes : Kamis 10 romadhon 1442 H / 22 april 2021 M
Direvisi : kemis 12 romadhon 1443 H / 14 april 2022 M
Al faqir : semut ireng/wanto wibowo nyodor