Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 4

PEMERINTAH KABUPATEN BOGOR

DINAS PENDIDIKAN
SD NEGERI SUKAHARJA 01
KECAMATAN SUKAMAKMUR
Alamat : Kp.Gunung Batu II Desa Sukaharja Kec. Sukamakmur Kab. Bogor

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) GENAP


TAHUN PELAJARAN 2023-2024
Muatan Pelajaran : Bahasa Sunda Kelas : VI (Enam)
Hari, tanggal : ................., ........................... Waktu :
No. Absen : …………………………….
Nama Siswa : …………………………….
Nilai KD 3.5 Paraf Guru Paraf Orang Tua

Pigawe pananya di handap ieu nyesuaikeun bentuk soal!


KD 3.5
Pek baca teks wawancara dihandap!
Tukang Comro
Aya barudak kelas VI tiluan, keur ngariung tukang comro. Disangka tèh keur jajan comro,
sihorèng keur ngawawancara tukang comro.

Iwan : Mang, nepangkeun abdi Iwan, nu ieu Irma, ari nu ieu Dasti.
Tukang comro : Aya naon Cèp, Nèng, meuni serieus kieu?
Iwan : Ah, hoyong ngobrol wè sareng Emang.
Irma : Muhun, Mang. Abdi tiluan aya pancèn ti sakola, kedah wawancara.
Tukang comro : Oh … manawi tèh badè jarajan comro!
Dasti : Muhun, Mang engke tos wawancara jajan comrona.
Tukang comro : Naon anu badè ditaroskeun tèh, Cep, Nèng?
Iwan : Perkawis icalan comro, Mang?
Irma : Dupi Emang, tos lami icalan comro tèh?
Tukang comro : Lami Nèng, tos sapuluh taun langkung.
Irma : Punten ieu mah, Mang. Dupi hasilna kènging sabaraha sadintèn?
Tukang comro : Nya, antawis 150 dugi ka 200 rèbuan mah kènging.
Dasti : Dupi nu sok ngadamel comrona saha, Mang?
Tukang comro : Nya Emang wè sareng pun bojo.
Dasti : Ngagaleuh sampeuna sok ti mana, Mang?
Tukang comro : Aya langsung ti tatangga nu kagungan kebon sampeu, aya oge ti pasar.
Iwan : Mang, abdi mèsèr comro lima rèbueun.
Tukang comro : Mangga, Cep. Tah ieu comrona!
Iwan : Nuhun, Mang, kana waktosna. Mangga atuh!
Tukang comro : Mangga, Cep.
Diropea tina Pangrumat Basa Sunda Kelas VI

-1-
1. Saha nu ngayakeun wawancara tèh?
____________________________________________________________________________
2. Saha nu keur diwawancara tèh?
____________________________________________________________________________
3. Naon jejer nu dipakè wawancara tèh?
____________________________________________________________________________
4. Sabaraha penghasilan tukang comro sapoèna?
____________________________________________________________________________
5. Saha nu sok nyieunan comro tèh?
____________________________________________________________________________
6. Kagiatan paguneman tanya jawab antara nu ngawawancara jeung narasumber disebutna ….
A. paguneman
B. ngawangkong
C. wawancara
D. talkshow
7. Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal ….
A. wawancara panalungtikan
B. wawancara tugas sakola
C. wawancara wartawan
D. wawancara lamaran gawè
8. Istilah dagang anu hartina dagang leuleutikan, nyaèta .…
A. balantik
B. rugi
C. untung
D. komisi
9. Ieu di handap kaasup istilah perdagangan, iwal .…
A. impor
B. bati
C. dadasar
D. èkspor
10. Mang Komar dagang kaduna untung gede.
Antonim untung, nyaèta .…
A. bati
B. komisi
C. rugi
D. balantik
11. Kagiatan wawancara anu tujuanana ngumpulkeun informasi pikeun bahan warta disebutna ….
12. Arul meuli sapatu tilu siki.
Kalimah di luhur kaasup kalimah ….
13. Paribasa hadè tata, hadè basa ngandung harti ….
14. Kecap bantu bilangan anu merenah keur peuteuy, nyaèta ….
15. Tempat jual beuli anu merenah, nyaèta ….
16. Modal dagangna gedè, ari nu dijual jeung batina saeutik, nyaèta .…
A. Mata dijual ka peda
-2-
B. Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak
C. Dagang peda ka Cirebon
D. Dagang oncom rancatan emas
17. Pikeun nuluykeun paribasa “ kawas … keur endogan, nyèta .…
A. hayam
B. manuk
C. entog
D. mèri
18. Waktu wawancara jeung nu diwawancara bisa ngamangpaatkeun sababaraha alat, iwal .…
A. catetan
B. potrèt
C. rekaman
D. gambar
19. Lamun urang rèk ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal nu henteu perlu dièstokeun,
nyaèta ….
A. Muguhkeun informasi naon nu rèk diwawancara
B. Nangtukeun saha nu rèk diwawancara (narasumber)
C. Nangtukeun iraha waktuna jeung dimana tempatna rèk diayakeun wawancara
D. Nyayagikeun keretas kosong jeung alat-alat tulis
20. Dina nyusun padoman wawancara diperlukeun ….
A. kalimah parèntah
B. kalimah panyeluk
C. kalimah wawaran
D. kalimah pananya
21. Di handap ieu anu kaasup kana kalimah bilangan, nyaèta .…
A. Faisal tèh naèk ka kelas genep
B. Bibi meuli jeruk dua kilo
C. San, nambut heula artos tèh dua rèbu rupiah
D. Harga sapatu tèh lima puluh rèbu rupiah
22. Kuring tèh … amanat ku Ema keur ka Wardi.
A. katitipkeun
B. katitipan
C. titipan
D. titipkeun
23. Paribasa “Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar.” Ngandung harti .…
A. Hirup jalma mah sagala rupana diatur ku Pangèran
B. Jalma beunghar anu terus-terusan babanda
C. Jalma anu alus rèngkak jeung paripolahna
D. Jalma beunghar tur daèk mèrè mawèh ka tatangga
24. Bagian toko beulah hareup atawa tukang nu teu kakurung ku bilik paranti ngiuhan disebutna ….
A. dadasar
B. elos
C. èmpèr
D. warung
25. Sabaraha pangaos kiripik sampeu sakilona
Tanda baca nu merenah, nyaèta …
-3-
A. (.) C. (!)
B. (?) D. (:)
26. … nu kenging juara tèh?
27. … linggihna Bu Ana tèh?
28. Kecap pananya anu digunakeun pikeun nanyakeun harga atawa jumlah, nyaèta ….
29. Ngajual dagang henteu meunang bati disebutna ….
30. Wawancara pausahaan jeung calon karyawan anyar disebutna .…
Lengkepan paribasa di handap!
31. Omong ... batan goong.
32. Nyair ... meunang kancra.
33. ... sataun, lantis ku hujan sapoè.
34. Ngaliarkeun ... ateul.
35. Meunang ... tina cilaka.
Jieun kalimah tina kecap di handap!
36. dua gandu
____________________________________________________________________________
37. opat puluh
____________________________________________________________________________
38. salosin
____________________________________________________________________________
39. Kecap bilangan salikur hartina?
____________________________________________________________________________
40. Naon hartina paribasa “kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak ”?
____________________________________________________________________________

-4-

You might also like