Professional Documents
Culture Documents
Khutbah Idul Fitri 1445 H
Khutbah Idul Fitri 1445 H
Khutbah Idul Fitri 1445 H
NGAHONTAL KASUKSESAN
2
KHUTBAH KAHIJI
الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر
الله أكبر ال اله اال الله و الله اكبر الله اكبر ولله الحمد
Hartosna:
“Loba anu puasa tapi teu meunang nanaon tina puasana kajaba lapar, jeung
loba pisan anu ibadah peuting tapi teu meunang nanaon ladang ibadahna
kajaba bagadang wungkul.”
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Alhamdulillah, kalayan pitulung Alloh urang sadaya parantos lekasan
ngalaksanakeun tugas ibadah saum sasasih lamina. Mudah-mudahan
sanéskanten ibadah anu ku urang dilakonan sadayana aya dina panampian Alloh
Swt, di sagédéngeun ti éta mudah-mudahan ngalangkungan ibadah Ramadhan
éta urang kalebet jalmi a’idin, wangsul kana kafitrahan sajati lantaran dihampura
dosa ku nu Mahakawasa. Ogé kalebet jalmi-jalmi anu faizin, anu meunang
kabagjaan lantaran leubeutna pahala.
Idul Fitri sanés mung sakadar lubar tina kawajiban ibadah puasa tapi
mibanda makna anu luhung. Idul Fitri ngandung harti balik kana fitrah. Fitrah
manusa numutkeun Alloh nyaéta Islam, sakumaha pidawuhNa dina Surat Ar
Rum ayat 30 :
ِ ِ لدي ِن َنِي ًفا ۚ فِطْرت اللَ ِه الَتِي فَطَر النَاس علَي ها ۚ َال تَب ِد ِ ِفَأَقِم وجهك ل
َ يل ل َخ ْل ِق اللَ ِه ۚ َٰذَل
ك َ ْ َْ َ َ َ ََ َ َ َْ َ ْ
﴾٠٣﴿ َاس َال يَ ْعلَ ُمو َن ِ ين الْ َقيِ ُم َوَٰلَ ِك َن أَ ْكثَ َر الن ِ
ُ الد
Hartosna:
“Mangka prak geura padepkeun diri anjeun kalayan lempeng kana agama
dadamelan Alloh nu Anjeunna ngayugakeun manusa téh saluyu jeung éta
agama. Teu aya anu pahili dina pangyuga Alloh. Tah éta téh agama anu
lempeng, tapi kalolobaan manusa teu nyarahoeun.”
Atuh Idul Fitri téh ngandung harti weuteuhna komitmen urang pikeun
nyanghareupkeun diri kana Islam satutasna réngsé ngalaksanakeun ibadah saum,
sahingga urang siap narima tur ngalaksanakeun sapuratina ajaran agama islam.
Idul Fitri ngandung harti pulihna deui sumanget pikeun ngalaksanakeun agama.
sahingga aktivitas ibadah urang ngaronjat. Boh ibadah mahdoh pon kitu deui anu
goér mahdoh.
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
anu mampuh ngadalian syahwat beuteung jeung parjina tangtu bakal bisa
disiplin dina hal-hal anu séjénna.
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Pikeun ngahontal kasuksésan hirup, urang wajib mibanda sikep disiplin
dina sababaraha hal diantarana:
1. Disiplin waktu.
Waktu ngarupakeun hiji hal anu kacida kudu digumatikeun ku urang
sadaya, waktu wajib dimangpaatkeun sacara optimal tur proporsional. Sabab
nalika urang gagal ngamangpaatkeun waktu tangtu urang bakal pinanggih jeung
karugian. Sakumaha pidawuh Alloh dina surat Al Asr:
بل ٍ (ا ْغتَنِ ْم َخ ْم ًسا قَبل َخ ْم:لرجل وهو يَعِظُه ٍ رسول الله صلى الله عليه وسلم
َ َك ق َ َ َشبَاب:َ َ ُ قال
ِ
)كَ ِبل َموت
َ َك قَ َ َو ََيَات،كَ بل ُشغل
َ َك ق َ وفَ َرا َغ،قبل فَ ْق ِرَك
َ اءك
ِ ،ك
َ َوغن َ قبل َس َق ِم
َ ك َ َوص َحت َ َهَرِم
ِ ،ك
.أخرجه الحاكم في المستدرك
Hartosna:
Rosulullah mituturan ka saurang pameget, saurna: “Cokot kauntungan tina
lima perkara saméméh datang lima perkara, ngora saméméh pikun; séhat
saméméh gering; beunghar saméméh pakir; nyalsé saméméh sibuk; hirup
saméméh maot.”
Waktu kudu dimangpaatkeun sacara optimal hartina ulah aya waktu
anu suwung tina untung, ulaha aya wanci anu sepi tina bati ulah aya mangsa anu
suda tina karya boh keur kauntungan dunya utamana kauntungan ahérat. Pon
kitu deui waktu téh kudu digunakeun sacara proporsional hartina heulakeun
kawajiban jeung piuntungeun ahérat kakara migawé keur kauntungan dunya
ulah sabalikna cul kauntungan ahérat pedah mélaan kauntungan dunya.
Heulakeun urusan anu penting kakara milampah anu mubah. Sakumaha dawuh
Allah dina surat Al Qosos ayat 77:
ابو حلمان خطبة عيد الفطر
8
﴾٧٧ :… ﴿القصص. ك ِم َن الدُّنْيَا ِ َاك اللَه الدَار ْاْل ِخرةَ وَال تَْنَ ن ِ
َ َصيب َ َ َ َ ُ َ َيما آت َ َوابْتَ ِغ ف
Hartosna:
“Jeung geura gunakeun naon rupa anu geus dipaparinkeun ku Allah ka anjéun
pikeun nagri khérat sarta poma ulah mopohokeun kana bagéan anjeun tina
dunya...”
2. Disisplin pola hirup
Sangkan tinemu jeung kasuksésan, urang wajib mibanda kadisiplinan dina
pola hirup sapopoé ti mimiti urusan dahar nginum, saré jeung gaya hirup. Lamun
urang teu nerapkeun disiplin dina hal-hal anu ieu tangtu balukar anu kurang hadé
bakal karandapan ku urang.
Jalma anu teu disiplin dina urusan dahar nginum katut saré bakal katibanan
rupa-rupa panyakit. Boh panyakit énténg atawa panyakit beurat anu kronis.
Sabab umumna panyakit bibit buitna tina kadaharan jeung inuman anu
sagawayah. Sok komo kiwari mah dahareun jeung inumeun anu teu séhat téh
geus balawiri gampang kapanggih nepi ka lembur mencil sisi gawir. Pola dahar
nginum anu teu séhat geus jadi laku urang kampung, jadi budaya urang kota. Nu
matak panyakit anu baheula keuna ka urang kota ayeuna mah walatra nepi ka
désa-désa. Sarupaning darah tinggi, kolesterol, panyakit lambung, asam urat,
gagal ginjal, liver jeung sajabana.
Padahal Allah sareng RosulNa tos maparin tungtunan ka urang sadaya
ngeunaan pola dahar nginum katut saré anu séhat anu tos dibuktikeun dina
kahirupan masyarakat Madinah ku para sahabat. Ku kituna, hayu urang
terapkeun pola dahar nginum katut saré anu séhat luyu jeung tungtunan islam
sangkan umat islam jadi umat nu waluya, sehat tur kuat jiwa ragana.
Sajaba ti éta, urang ogé perlu disiplin dina gaya hirup ku ngajauhan sikep
isrof atawa leuleuwiheun boh dina pangan, sandang, papan katut kaperluan hiup
liana. Biasakeun hirup qonaah ulah nepika adéan ku kuda beureum ginding bari
ngandeulkeun meunang nganjuk ngahutang. Biasakeun hirup basajan luyu jeung
kamampuhan.
Gara-gara hirup teu qonaah loba pisan anu hirupna jadi balangsak,
kulawargana runtag lantaran kacekék hutang anu hal lieu téh dita’udan pisan ku
Rosulullah. Sok komo kiwari mah nginjeum duit teh lain hal anu susah da
abring-abringan jalma nu dek ngninjeumkeun duit teh malah teu kudu kaluar ti
imah cukup ku mencet hape. Lantaran kitu, hayu urang diajar disiplin ngadalian
diri ulah ngajurung napsu ngumbar kahayang sok komo lamun teu kaukur ku
kamampuhan, urang diajar rik-rik gemi ngokolakeun rijki malar teu miluan jadi
korban.
3. Disiplin campur gaul boh di dunya nyata atawa di dunya maya
Ibadah puasa ngalatih urang sangkan ngajauhan hal-hal anu matak
ngarugikeun ka sasama kayaning ngupat-sumuat, nyarékan jeung sajabana anu
hal éta téh matak ngabatalkeun kana ganjaran puasa. Malah sabalikna urang
dilatih pikeun nyieun kahadéan ka sasama.
Laku anu kurang payus; ucap anu kurang merenah mindeng jadi sabab
pacogrégan jeung papaséaan malah teu saeutik anu nepi ka nimbulkeun rajapati
atawa urusan jeung pulisi. Sok komo di ahérat, gara-gara salah lisan jeung
tindakan ka papada manusa bisa nyababkeun jadi muflis.
Ngaraksa lisan jeung tindakan kacida pisan perlu diperhatikeun sakumaha
dawuh Rosul:
KHUTBAH KADUA
الله أكبر × ٧الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيال الإله إال الله
بِأ َْم ٍر بَ َدأَ فِْي ِه بِنَ ْف ِس ِه َوثَنَى بمالئكته بقوله َعَز ِم ْن قَائِل :إن الله ومالئكته يصلون على
اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى أنبيائك ورسلك ومالئكتك المقربين،
ف الْ ُم ْختَلِ َفةَ َو َسلِ ْمناَ ِم َن الْبَالَياَ َوالْ ِم َح َن َوالْ َوباَءَ َوالْ َف ْحشاَءَ َوالْ ُمْن َكَر َوالْبَ ْغ َي َو ُّ
السيُ ْو َ
ربنا اغفر لنا وْلخواننا الذين سبقونا باْليمان وال تجعل في قلوبنا غال للذين آمنوا ربنا
ِعبَ َاد الله إن الله يأمر بالعدل واْلَسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفخشاء والمنكر
ِ ِِ
والبغي يعظكم لعلكم تذكرون فاذكروا الله يَ ْذ ُك ْرُكم واشكرو .علي ن َعمه يَِزْد ُكم َو ْ
اسأَلُوُ.
ضلِ ِه يُ ْع ِط ُكم َولَ ِذ ْك ُر الله أَ َعُّز َوأَ ْكبَر استغفر الله لي و لكم انه هو الغفور الرَيم.
ِم ْن فَ ْ