Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu
ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba
diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka
dununganana.

Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus
ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana
walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta
teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul
teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga
kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak
kabawa palid.

Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.

Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga
kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.

Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa
manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.

Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota
mamawa kapas anu sakitu beuratna.
Monyét jeung Kuya Ngala Cabé

Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus
beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lada, ... lada,... lada. Pa Tani kaluar tina saung,
Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot.

Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan
kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét
kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét
asup ka jero kurung.

Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas
ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung.

Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh.
Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani
olohok sabab katipu ku jeung kuya monyet.

Dalem Boncel

Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di
kadaleman. Boncel gawena rapékan jeung getol.

Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta arang disi disakolakeun. Atuh puguh wé
dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncel, sabab Boncel gampang nginget kana rupa-rupa nu
dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncel diangkat
jadi dalem.

Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung
nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem
Boncél.

Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa
nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang
téh karena doraka ka kolotna.
Peucang Keuna ku Leugeut

Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Bonténgna keur méujeuhna arasak. Am,
Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun
kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon. Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna
béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun baru Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa
Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.

Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur
nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi
teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul. Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong
deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui.

Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik, pasrah kana
nasib. Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. Peucang nu geus teu
walakaya di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak ken Pa Tani.

Malin Kundang

Jaman baheula hirup hiji budak nu ngaranna Malin Kundang. Malin boga indung nu ngaranna Mande
Rubiyah nu kacida nyaahna ka manéhna. Maranehna kulawarga miskin anu hirup deukeut palabuhan.
Di kampung tempat maranéhna cicing, kapal badag mindeng didatangan pikeun dagang. Ningali
seueurna jalmi-jalmi anu suksés dina dagang, Malin gaduh kahoyong naék salah sahiji kapal sareng
janten jalma beunghar di luar negeri.

Hiji poé Malin Kundang junun naek kapal sarta indit ka luar negeri. Sanggeus sababaraha taun ti
harita, sakumna warga desa ngadéngé béja yén Malin geus kawin jeung anak sudagar beunghar tur
jadi jalma suksés. Ngadéngé kitu, Mande Rubiyah jadi gumbira sarta sok ngarep-ngarep kadatangan
Malin.

Hiji poé, Malin Kundang ahirna balik deui ka lemburna. Indungna, Mande Rubiyah langsung
nyampeurkeun Malin nu datang jeung pamajikanana. Isin ku penampilan indungna anu lusuh sareng
goréng, Malin pura-pura henteu mikawanoh indungna sareng ngusir Mande Rubiyah tina paningalna.
Mande Rubiyah jadi sedih pisan jeung neneda ka allah pikeun kaadilan.

Langsung saatos kapal Malin balayar, ombak sareng badai ageung narajang sareng neuleumkeun
kapal. Malin ukur bisa ménta hampura bari sujud. Tapi ku kakawasaan Allah, Malin dilaknat jadi batu.
Sakadang Peucang jeung babaturannana Haus

di hiji leuweung carita aya nu ngarasa halabhab alatan usum halodo panjang

Samentara éta pasukan buaya ogé teu hayang babagi cai saeutik pikeun maranéhanana, buaya
dikawasa sakabeh walungan cai sakuliah leuweung. Babaturan kancil ieu nyaéta hayam, Kuya, jeung
gagak. Dina hiji poe basa keur neangan cai inumeun, datang gagak mere informasi yen di deukeut
imah patani aya cai tapi dina wadah gede. .

Peucang : “Keur naon maneh hey sakadang kuya, sakadang hayam? Singharuleng kitu kawas nu
susah?”
Hayam : “Ker pararusing yeuh, teu kaharti kuring ka sakadang buaya, eta mani asa ku ulah nginum di
walungan téh?
Hayam: “Heuh bener, abong-abong awak urang laletik mani teu dibere cai, teu kawas sakadang
banteng.
Peucang : “Aduh-aduh kuat ka kitu eta si buaya!”
Gagak :”Hey, dulur-dulur! Aya info yeh, tadi kuring ningali di sawah deukeut saung pa Tani, aya
gentong isina cai, tapi henteu pinuh. Kuring bie rek nyoba nginum tapi pamatuk kuring teu nepi euy
kana caina.”
Kuya : “Hayu ayena urang ka daritu sarerea. Kuring mah geus teu kuat yeuh nahan hanaang, aus
pisan!”
Hayam : “Aya cai ge taya gunana. Hulu kuring ge kapiran moal nepi oge asup kana gentong eta.”
Gagak : “Kumaha lamun urang gulingkeun wae gentongna? Ke lamun caina kaluar, urang nginum
saseubeuh-sebehna.”
Peucang : “Salah atuh kitu mah. Lamun caina bahe, tangtu nyerep ka jero taneuh Moal bisa diinum.”
Hayam : “Kudu kumaha atuh jadina?”
Peucang : “Kudu make akal!”
Gagak :”Kumaha akalna?”
Pecang : “Cik geura kumpulkeun batu, nu laleutik bae, sing loba. Tuluy abuskeun ka jero gentong.”
Teu lila mongan peucang langsung diturutkeun ku sakadang kuya, gagak, jeung hayam. Teu lila
bener bae, sageus batu laletik diabuskeun ka jero gentong, caina jadi naek. geus kitu mah tuluy
sarerea ngarinum, silih gantian.
Si Kabayan Jadi Haji

Dina hiji waktu Si Kabayan siga nu geus lila teu dahar ngeunah. Anjeunna malah boga pangjurung
dahar nikmat, hayam aromatik dina saos kalapa kentel. Hiji poé manéhna boga ide.

Anjeunna terang yen mertuana sok ngalayanan tuangeun anu paling nikmat nalika aya anu nganjang
ka anjeunna, teras anjeunna nyamur janten haji, nganggo jubah bodas, panutup rambut bodas,
sareng syal bodas ditalian dina beuheungna, teras angkat ka mertuana.

Saparantos mertua si Kabayan ningali aya tamu haji, anjeunna nitah istrina nyiapkeun lauk hayam. Si
Kabayan ngaharéwos tina masakan mertuana, saparantos tuang anjeunna ngungkabkeun jati diri.
Mertuana ngamuk sarta mutuskeun pikeun males dendam.

Hiji soré manéhna dangdanan haji tuluy indit ka imah Si Kabayan. Si Kabayan nelepon
pamajikanana.

"Urang boga tamu kahormatan, dear. Hayu urang buru embe urang dipeuncit sakaligus. ”
"Embe?!" Pamajikan Si Kabayan ngageroan.
“Di mana anjeun ngarepkeun kuring meunang embe? Urang teu boga embe."
"Naha anjeun teu éra nyarios omong kosong sapertos kitu!" ngahina si Kabayan. “
Cukup meuncit embe bapa. Ieu dihijikeun katuhu tukangeun imah urang.
” Ngadéngé omongan Kabayan, sémahna, Haji gancang ngomong.
“Heueuh, Kabayan.Ieu hiji-hijina embe kuring boga. ”
“Duh, hampura Abah,” ceuk Kabayan. “Abah mah aya tamu ti Arab Kidul.” Anjeunna neraskeun seuri.

You might also like