Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Contoh Carpon Sunda Singkat tentang Sakola

Contoh Carpon “Angkat Sakola“


Karya: Rifa Hendriani

Hawa isuk anu tiis maturan lengkah gurung gusuh Siti ka sakola. Di jalan, anjeunna ningali
rea rerencangan angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sejenna.
Sakapeung mah Siti ge hayang angkat ka sakola bari nyalse, teu kudu lulumpatan kawas kieu.

Siti sumping di sakola pas pisan bel disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka
sakola.

Karek ge rek asup ka kelas, salah saurang rencangna ngagorowok tarik pisan.

“Siti! Kabiasaan ih telat wae. Matakan mun angkat ka sakola teh ari teu boga motor mah naek
angkot, beh teu kabeurangan. Untung we can aya guruna.”
Siti cicing teu nembalan cariosan rencangna. Hayanga mah kitu Siti ge, mung anjeunna kudu
hemat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Saatos diuk dina korsina, ka kupung deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna
ngomongkeun.

“Uyuhan ih telat wae. Ceuk kuring mah coba manehna the naek angkot,” celetuk rencangna
nu hiji.”

“Heueuh ih. Padahal da ongkos naek angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” tembal nu lain.

Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita keneh, mung anjeunna kudu kuat.
sukanna, Siti angkat ka sakola Subuh keneh. Langit ge poek keneh. Anjeunna hayang
ngabuktikeun yen anjeunna moal kabeurangan deui. Anehna, poe eta jalan teh macet.
Kandaraan taya nu maju. Kitu oge kendaraan rerencangan Siti, taya nu maju hiji ge. Teras we
Siti mapah di sisi jalan.

Di tungtung jalan, katingali ku Siti yen di jalan the keur dibenerkeun, eta anu nyababkeun
macet. Untung we Siti teu naek angkot.
Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bel disada. Di kelas ngan saukur aya
sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku
pangajaranna.
Bel disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti.

“Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah.

“Teu acan sumping Bu. Saurna mah kapegat maceh,” jawab salah saurang rencangan Siti.

Dua puluh menit saatos bel, rea nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu
kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macetna jalan.

You might also like