Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 2

Panata Acara Pentas Seni

Wilujeng enjing!

Hadirin anu masih di luar gedung, dihaturanan mangga lebet teras nyalikan korsi nu tos disadiakeun
panitia. Oge murid kelas 9 mangga kalebet teras nyalikan tempat nu tos disadiakeun ku panitia. Hayu
urang mulai ieu acara. Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Alhamdulillahirabbil Alamin wabihi nasta’in ala umuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil
anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.

Hadirin, hayu urang ngucapkeun puji sareng syukur ka hadirat gusti nu maha suci nu parantos
nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina acara paturay tineung murid kelas 9 SMPN 3 Cibudak.

Sholawat sareng salam mugia salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta habibana
wanabiyana Muhammad SAW, kulawarga, sohabat, para ulama, oge urang salaku umatna nu mudah-
mudahan iman, islam, ikhsan dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin, aya istilah “tak kenal maka tak sayang” ceunah. Kumargi kitu, nepangkeun nami abdi Zainal
Yusuf Ma'ruf salaku MC bade ngaoskeun runtuyan acara poe ayeuna nyaeta:

1. Bubuka

2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an

3. Do’a
4. Sambutan

5. Hiburan

6. Aosan Puisi perpisahan ti perwakilan kelas 9

7. Serah tarima ijazah

8. Panutup

Hadirin, hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah sami-sami. Bismillaahirrahmaanirrahiim.
Salajengna aosan ayat suci Al-Qur’an diserahkeun ka petugas.

You might also like