Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

1

MATA PELAJARAN
Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
LATIHAN SOAL PERSIAPAN UJIAN KELAS X
:

WAKTU PELAKSANAAN
Hari/Tanggal :
Jam :
Bentuk Soal : Pilihan Ganda (PG)
Jumlah Soal : 25 butir

SELAMAT MENGERJAKAN
Kerjakan dengan jujur, karena kejujuran adalah cermin kepribadian

baca téks wawancara di handap!


siswa :……………….
patugas : anu naratas ngadegna museum kaa téh nya éta Mentri Luar Negri RI manten
(1978-1988), nu jenengan Prof. Dr. Muchtar Kusumatmadja, S.H., LL.,M. Turta Alpukahna
Joop Ave, minangka ketua panitia 25 tahun konferensi Asia Afrika jeung nu ngajabat
Diréktur Jendral potokol dan konsuler Departemén Luar Negri, rukun gawé jeung
Departemen Penerangan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Pemerintah Daérah
Tingkat I propinsi Jabar, sarta Universitas Pajajaran, diistrénan tanggal 24 April 1980 ku
Présidén Suharto.
1. Patalékan nu saluyu pikeun ngalengkepan sempalan wawancara di luhur nyaéta....
a. saha nu ngadegkeun museum KAA?
b. naon waé kalungguhan Prof. Muchtar téh?
c. iraha museum kaa diadegkeun?
d. saha nu ngaistrénan museum KAA téh?
e. di mana pernahna museum KAA téh?

baca sempalan wawancara dihandap ieu kalawan gemet!


Ari : minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. kumaha numutkeun
akang kontribusi viking kanggo pamaén pérsib?
Asep : kontribusi bobotoh, pangpangna viking, saé pisan. karaos pisan ku pamaén mah.
Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. boh upami maén
di bandung boh nuju maén tandang. mun nuju maén tandang, viking sok ngabring
ngadukung persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo
pamaén mah.

©
Hak Cipta pada SMA Negeri 1 Ciomas
2

2. Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan....


a. pamaén senior
b. viking sok ngabring ngadukung persib
c. bobotoh jeung pamaén senior
d. pamaén senior nu wawuh ka bobotoh
e. kontribusi bobotoh nalika pamaén tanding

baca ungkara dihandap ieu kalawan gemet!


nalika pangajaran basa sunda, pa agus keur medar materi ngeunaan wawancara, sanggeus
ngajelaskeun pa agus méré pancén ka siswana pikeun ngawawancara salah saurang
tukang dagang anu aya di sabudeureun sakola. sarta laporan wawancarana harita kénéh
kudu dikumpulkeun sabada jam pelajaran basa sunda lekasan atuh kabéh murid riweuh da
waktuna samporét. tuluy barudak guragiru kaluar kelas bari henteu nyiapkeun heula
pananya keur ngawawancara.
3. Dumasar kana teks di luhur, kagiatan wawancara nu dilakukeun ku siswa éta kaasup kana
wanda ….
a. wawancara kelompok
b. wawancara mandiri
c. wawancara bébas
d. wawancara kauger
e. wawancara bébas kauger

4. Hal-hal anu dianggap perlu disadiakeun saméméh wawancara, kajaba…


a. keur kaperluan naon
b. saha nu rek ditanya
c. naon bae nu kudu ditanyakeun
d. nyiapkeun dokumentasi
e. nyiapkeun alat perekam

baca téks wawancara di handap!


Tanya : Dupi igelna mah teu robih, sanés?
Jawab : dina igel mah teu aya parobahan. Mung bentenna téh jiga pisan jelma ayeuna mah.
wayang abdi téh wayang adaptasi jeung hasil apresiasi, teras wé tidak akan hilang.
Ari cepot, semar jeung dawala mah henteu dirobah. Sabab ari cepot, semar jeung
dawala mah asli jieunan urang. Nu manawi henteu dirobah. Nu dirobah mah
wayang-wayang anu aya dina lalakon Mahabrata jeung Ramayana, nyaéta anu
disebut wayang purwa.
5. Topik utama nu dicaritakeun dina wawancara di luhur téh ngeunaan…
a. igelan wayang
b. wayang moal leungit
c. wayang
d. mahabrata jeung ramayana
e. cepot jeung dawala

6. Kecap tidak akan hilang dina wawancara di luhur bisa dirobah kana basa sunda, nya
éta….
a. moal paeh
b. moal aya deui
c. moal pareum
d. moal maot
e. moal leungit

©
Hak Cipta pada SMA Negeri 1 Ciomas
3

7. Di handap iye, iwal tatahar wawancara nyaeta ....


a. Nangtuken tema
b. Siapken daftar pananya
c. Siapken narasumber
d. Tangtuken tanggal jeng iraha
e. Langsung kapaggih narasumber

8. Nu disebut angket wawancara nyaéta....


a. daftar kaperluan balanja
b. daftar patalekan anu rek ditanyakeun
c. daftar kaperluan wawancara
d. alat paragi ngarekam dina wawancara
e. alat paragi syuting dina wawancara

baca téks wawancara di handap!


Siswa : Nurutkeun bapa tarékah naon kinten-kintenna sangkan rumaja teu kalibet kana
narkoba?
Narasumber : Barudak salaku generasi ngora kudu di didik ku ajaran agama, sangkan kandel
kaimanan-nana. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama
jeung ku pamaréntah, sabab bisa ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.
9. Wacana paguneman di luhur téh kaasup kana wangun….
a. rapat
b. biantara
c. wawancara
d. sawala
e. debat

10. Naon anu jadi jejer utama dina wacana di luhur?


a. narkoba
b. generasi ngora
c. sakola
d. ngadidik rumaja
e. ajaran agama

11. Ceuk narasumber dina wawancara di luhur, pikeun narékahan sangkan barudak ngora teu
ancrub kana narkoba kudu, iwal…
a. dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga
b. apaleun yen narkoba teh barang haram
c. diatik ku ajaran agama
d. narkoba alus pikeun kaséhatan
e. ngaruksak mental jeung runtuhna nagara

12. Dihandap ieu anu teu kaasup kana nyarita wangun dialog nya éta…
a. wawancara
b. rapat
c. ceramah
d. pidato
e. debat

©
Hak Cipta pada SMA Negeri 1 Ciomas
4

13. Jalma anu méré informasi atawa jalma anu di wawancara disebut….
a. narasumber
b. pangjejer
c. protokol
d. panumbu catur
e. moderator

14. Nyarita dina wawancara mah lumangsung dua arah, nya éta….
a. aya nu nanya aya nu ngadengekeun
b. aya nu nanya aya nu ngajawab
c. masing-masing jalma nanya
d. nu ditanya meunang nanyakeun deui
e. nu ditanya malikeun nanya deui

15. Sawatara hal anu kudu dilaksanakeun waktu wawancara nyaeta, Iwal….
a. make basa Sunda anu merenah
b. nyatatkeun Informasi penting anu ditepikeun ku narasumber
c. leuwih hadé ngarekam hasil wawancara
d. leuwih hade ngarekam dina kamera
e. menta duit ka narasumber lantaran geus diwawancara

16. Babad biasa ditulis dina wangun....


a. sisindiran
b. sajak
c. wawacan
d. prosa
e. artikel

17. Naon sababna babad bisa kaasup oge kana dongeng ....
a. sabab eusi caritana logis
b. sabab aya eusi caritana anu henteu logis
c. sabab eusi caritana ngandung sajarah
d. sabab eusina fakta
e. teu aya patalian jeung sajarah

18. Asal kecap carita babad anu hartina Carita Wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa
kajadian – kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daerah….
a. Jawa
b. Kamus Danadibrata
c. Kamus LBSS
d. Purwakarta
e. M.A Salmun

19. Carita wanda heubeul nu medar perkara hiji kajadian penting atawa ngeunaan asal – usul atawa
carita ayana hiji tempat anu ngandung ajen sajarah jeung ngandung unsur dongeng disebutna ....
a. Carita Pondok
b. Carita Babad
c. Carita Novel
d. Carita Sajak
e. Carita Naskah

©
Hak Cipta pada SMA Negeri 1 Ciomas
5

20. Dihandap kecuali cara nuliskeun carita babad biasana ....


a. Aksara sunda kuno
b. Pegon
c. Cacarakan
d. English
e. Aya unsur pamohalan

21. Inti Pikiran atawa puseur implengan parang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi disebut
unsur carita babad .....
a. Peseur Sawangan
b. Amanat
c. Palaku
d. Latar
e. Jejer

22. Baca teks babad di handap!


Kasmaran panganggit gending
Basa sunda lumayanan
Kasar sakalangkang awon
Kirang tindak tatakrama
Ngarang kirang panalar
Sempalan teks babad di luhur teh kaasup struktur ….
a. Manggalasastra
b. Eusi
c. Kolofon
d. Bubuka
e. Panutup

23. Kusabab eusi caritana nu ngandung pamohalan, carita babad kaasup oge kana jenis
carita ....
a. novel
b. dongeng
c. carita pondok
d. carita pantun
e. paguneman

24. Dihandap anu teu kaasup kana conto carita babad nyaeta ....
a. Babad Cianjur
b. Babad Cirebon
c. Babad Panjalu
d. Babad Sumedang
e. Babad Pajajaran

25. Carita babad dina wangun puisi biasa dihaleuangkeun ngagunakeun ....
a. Kawih
b. Tembang (pupuh)
c. kakawihan
d. prosa
e. puisi

©
Hak Cipta pada SMA Negeri 1 Ciomas

You might also like