Download as doc, pdf, or txt
Download as doc, pdf, or txt
You are on page 1of 2

GUPAY PILEULEUYAN

++ Waktu nu tangtu geus cunduk


Jaman nu kaalaman geus gugupay
Gugupay mileuleuyan
Seuri nu kamari hamo kasorang deui
Pancen nu datang geus ngajak mulang

+ Duh… adi-adi sadaya


Ti kelas hiji dugi ka kelas lima
Tepung munggaran kari kalangkang
Ngalayang …dina sagara implengan
Duh… Bapa Guru Ibu Guru
Abdi nyakseni
Pamupus sareng kapur nu jadi batur
Panunjuk jeung jidar nu milu ngajar
Cariosan jeung nyarekan tandana heman
Heman…lain pupulasan
Tapi estu kawajiban

+ Duh… Bapa Guru Ibu Guru


Gedong SD Sindangsari hiji nu jadi saksi
Gedong SD Sindangsaari dua nu mawa bagja
Hujan jeung panas teu jadi panghalang
Belok jeung lebu nu mawa harepan
Dina pancen nu mulia ti Nagara
Duh…... Bapak Guru Ibu Guru
Piwulangna diestokeun pisan
Abdi ngaraos bagja
Jiwa Bapa, jiwa baja
Jiwa Ibu jiwa batu
Tapi ….
Ayeuna kantun waasna

++ Waktu nu tangtu geus cunduk


Pancen nu datang geus ngajak mulang
Hapunten …….
Abdi sadaya hapunten
Pileuleuyan ……..pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Paturay patepang deui
RIRIUNGAN

Hayu batur-hayu batur


Hayu urang kumpul heula
Hayu batur – hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan-pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan – pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur – amit mundur


Amit ka jalma nu rea
Amit mundur-amit mundur
Da abdi bade ngumbara

PATURAY

Paturay pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh bakal pa anggang
Anggang soteh ukur tina titinggalan
Tebih soteh mung tina reretan

Dina manah urang tetep sasarengan


Dina kalbu teu pa anggang
Na emutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan – pileuleuyan
Duh bakal pa anggang

SAPU NYERE PEGAT SIMPAY

Ririungan urang karumpul


Mengpeng deukeut hayu urang sosonoan
Macang krama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan


Hiji wanci anu geus di tangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohoken ka tineung urang

Sapu nyere pegat simpay bakal ka sorang


Takdir ti Gusti Yang Widi pasti ka lakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
Mempeng deukeut hayu urang sosonoan

You might also like