UM Bahasa Sunda 2022 (1)

You might also like

Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 8

MADRASAH IBTIDAIYYAH YPPI BANDUNG

PROVINSI JAWA BARAT

UJIAN MADRASAH (UM )


TINGKAT MADRASAH IBTIDAIYYAH
TAHUN PELAJARAN 2021 – 2022
LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
Jenjang : MADRASAH IBTIDAIYYAH
Hari/Tanggal :
Waktu : 90 MENIT
SABTU
PETUNJUK UMUM
1. Berdoalah kepada Allah SWT. Sebelum memulai mengerjakan soal.
2. Isikan identitas Anda kedalam Lembar Jawaban Ujian Madrasah (UM) dengan menggunakan pensil 2B
sesuai petunjuk LJUM.
3. Isikan jawaban soal ke dalam LJUM sesuai petunjuk di LJUJM.
4. Tersedia waktu 120 menit untuk mengerjakan soal.
5. Jumlah soal sebanyak 35 butir, 30 pilihan ganda (PG) dan 5 uraian.
6. Pada setiap butir soal pilihan ganda (PG) terdapat 4 (empat) pilihan jawaban.
7. Periksa soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
8. Laporkan kepada Pengawas Ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak, atau tidak
lengkap.
9. Periksa pekerjaan Anda sebelum di serahkan kepada pengawas Ujian.
A. Cakra aksara A, B, C, atawa D dihareupeun jawaban nu pangbenerna !

1. Poe kahiji bulan Ramadhan dumadakan masjid teh pinuh. Bubuhan peuting munggaran bulan puasa,
kabeh embung katinggaleun milu taraweh. Kolot budak tungkeb kabeh araya di mesjid.
Kecap nu ditulis dengdek dina bacaan di luhur hartina nyaeta . . . .
A. Solat nu dilaksanakeun tina wanci peuting
B. Solat nu dilaksanakeu wanci Dhuha
C. Solat nu dilaksanakeun saatos sholat wajib
D. Solat nu dilaksanakeun di petingan bulan puasa

2. Pek titenan pupujian di handap !


Tah sora bedug, batur
Tanda geus magrib
Geus nitah reureuh ulin
Ngajak ka masjid
Beulah kulon hibar layung
Ngajak muji ka Yang Agung
Kasimpulan eusi pupujian di luhur nyaeta . . . .
A. Ngabejaan solat magrib, kudu eureun gawe, terus indit ka masjid.
B. Ngabejaan solat subuh, geura hudang, terus indit ka masjid.
C. Ngabejaan solat magrib, kudu euren ulin, terus indit ka masjid.
D. Ngabejaan solat subuh, kudu eueren gawe, terus indit ka masjid.

3. Urang wajib iman kana ajaran anu di candak ku para nabi.


Kecap iman sarua artina jeung . . . .
A. Bageur
B. Percaya
C. Taat
D. Patuh

4. Pek titenan gambar.

Kalimah nu merenah keur ngeusian poster hemat energi nyaeta . . . .


A. Tanehna subur, caina mkamur
B. Tutup keran mun teu dipake
C. Sing sering ngumbah kandaraan
D. Pinuhan bak mandi mun tos mandi

5. Ieu kadaharan teh kaasup has Jawa Barat. Bahanna tina sampeu. Di pesek, diberesihan tuluy di parud.
Tos di parud di buleud-buleud, terus jerona di asupan oncom. Tuluy di goreng nepi ka asak.
Carita di luhur ngajelaskeun cara nyien kadaharan . . . .
A. Peuyeum
B. Comro
C. Gorengan
D. Rujak
6. “Kepluk engang ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh wae teu bisaeun deui hiber. Jol aya
tikukur, mantuan engang kaluar tina cai.
Tina hiji poe, tikukur keur euntreup tina dahan, tuluy aya paninggaran mawa bedil rek nembak tikukur.
Engang nyahoeun tikukur rek di bedil ku paninggaran, tuluy paninggaran tarangna diseured ku
engang. Tarangna nyerieun, tuluy ragrag bedilna. Tikukur ngadenge aya ngaguluprak, tuluy hiber tina
dahan. Pas nyahoeun di bantuan ku engang, ahirna tikukur nyampeurkeun ka engang bari ngucapkeun
nuhun lantaran geus di bantuan”.
Amanah dongeng di luhur nyaeta . . . .
A. Sasama makhluk kudu silih tulungan
B. Sasama makhluk kudu pupusuhan
C. Kudu berehan kanu susah
D. Kudu daekan lamun dititah-titah

7. Pek titenan kawih dihandap!


Indonesia
Sanggian : Koko Koswara
Indonesia gemah ripah loh jenawi
Alam endah hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Simpulan kawih di luhur nyaeta . . . .
A. Leuweung subur tutuwuhan
B. Gunung hejo ngemploh
C. Kaendahan alam Indonesia
D. Daun hejo ngemploh pepelakan

8. Barudak anu jumlahna tilu atawa opatan karumpul di buruan. Salahsaurang nemprakeun leungeun, ari
nu sejenna neundeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakeun. Terus nu namprakeun dampal
leungeun teh ngawih. Waktu ngucapkeun “jrek-jrek nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy
dikeupeulkeun, ari tujuanna nyapit curuk tea. Saha nu kacapit curukna, jadi ucing.
Bacaan di luhur medarkeun kaulinan . . . .
A. Hahayaman
B. Perepet jengkol
C. Cingciripit
D. Bebentangan

9. Udin : Ben, ameng ka bumi Usup yu!


Beni : . . . . . . ?
Udin : Usup gaduh kaulinan ular tangga.
Beni : Ah, ulah kulinan ular tangga atuh.
Udin : Kaulinan naon atuh ?
Beni : Kumaha mun urang maen panggal.
Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan paguneman nyaeta . . . .
A. Hayu, emang di bumi saha amengna ?
B. Hayu, bade ameng naon kitu ?
C. Hayu, iraha amengna ?
D. Hayu, saha wae nu ameng ka bumi Usup ?

10. Majalah keur dibacaan ku barudak.


Kecap asal dina dibacaan nyaeta . . . .
A. Ngabaca
B. Ngabacaan
C. Bacaan
D. Baca
11. Titenan tabel di handap !

Nagaran Tutuwuhan Hasiat


Jahe Ubar batuk
Bawang beureum Ubar muring jeung salesma
Cikur Ubar bareuh
Pucuk jambu batu Ubar mencret
Euis geus tilu poe teu sakola kulantaran teu damang. Patuanganna karaos mules, dina sadinten
sababaraha kali ka jamban. Ayeuna mah tos sakinten, margi kumamahna tos diubaran ku . . . .
A. Bawang beureum
B. Jahe
C. Pucuk Jambu batu
D. Cikur

12. Jaman globalisasi jarak jadi leuwih deukeut.


Lawan kecap deukeut nyaeta . . . .
A. Lega
B. Jauh
C. Leumpeung
D. Panjang

13. Pek titenan sajak !


Lembur Kuring
Mangsa wanci geus reureupan
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur
Tonggeret lir mere tunggara
Marengan hibarna cahaya layang
Mapag datangna indung peuting
http/kemeokmemehdipacok.blogdspt.com
Kacindekan tina sajak di luhur nyaeta . . . .
A. Sora tonggeret ruang pasosore
B. Lembur kuring kasimbutan ku halimun
C. Ngeplakna pasawahan di lembur kuring
D. Kaayaan pasosore di lembur kuring

14. Sinta jeung Raya keur ngerjakeun tugas sakola. Sinta nulisan buku ku patlotna.
Kecap nu ngandung rarangken –an jeung –na nyaeta . . . .
A. Nulisan – patlotna
B. Sakola – nulisam
C. Ngerjakeun - tugas
D. Patlotna – buku

Pek titenan bacaan, pikeun ngajawab nomor 15 -17 !


Indit ka Kebon Binatang
Basa peré kamari Umi jeung babaturan sakelasna indit ka kebon binatang. Inditna isuk-isuk
kénéh da sieun kaburu panas. Inditna diaping ku Ibu Guru wali kelasna. Umi indit ka kebon binatang
naék mobil. Sajajalan
Umi ninggali karaméan kota. Nepi ka kebon binatang Ibu Guru mésér karcis . Tuluy Umi
sabatur-batur asup ka komplék kebon binatang.
Di kebon binatang rupa-rupa sasatoan aya. Lolobana sasatoan nu geus langka. Diantarana :
macan, gajah, merak orangutan jeung réa-réa deui. Aya rasa karunya ninggali sato nu tadina hirup di
alam liar ayeuna di kurungan. Tapi, saur Ibu Guru, éta téh salah sahiji cara pikeun miara sato nu geus
langka supaya henteu punah.
Ninggal macan ranggéténg mani sieun. Sanajan dina kandang kaciri galakna mah. Umi émut ka
Mamahna, saur Mamah, “Sagalak-galakna macan tara ngahakan anakna.”
................................
15. Tokoh nu aya dina bacaan di luhur nyaeta . . . .
A. Umi, Ibu Guru, tukang karcis
B. Macan, gajah, merak, orang utan
C. Umi, babaturan, Ibu guru, tukang karcis
D. Umi, babaturan, Ibu guru

16. Kacindekan carita di luhur nyaeta . . . .


A. Umi ningali karamean kota, nepi Ibu Guru meser karcis.
B. Dikebon binatang rupa-rupa sasatoan, nu lolobana sasatoan nu langka.
C. Ninggal macan ranggeteng meni sieun, kaciri galak.
D. Basa peré kamari Umi indit ka kebon binatang jeung babaturan katut Ibu Guru Wali kelas.

17. Paribasa “sagalak-galakna macan tara ngahakan anakna”, ngandung arti . . . .


A. Sakumaha galak indung moal tepi ka nalantarkeun anak sorangan.
B. Sakumaha galakna indung moal tepi ka ngahakan anak sorangan.
C. Sakumaha galakna kolot moal tepi ka ngurusan anak sorangan.
D. Sakumaha galakna indung bapa moal tepi ka miceun anak sorangan.

18. Sakanyaho Rita, anu dagang surabi têh biasana pasusubuh, nu dagangna ogê awêwê, jeung rata-rata geus
kolot deuih. Ari dagangna nagog di sisi jalan. Anu mareulina ngariung, dariuk dina bangku panjang bari
siduru hareupeun hawu. Kitu dina bayangan Rita ngeunaan tukang surabi têh. Têu bêda jeung Sari, Sari
ogê ngabayangkeun kitu.
Kalimah pananya nu merenah pikeun bacaan di luhur nyaeta . . . .
A. Iraha umumna anu sok dagang surabi têh ?
B. Saha anu meuli surabi harita têh ?
C. Ari dagangna biasana di mana ?
D. Ku naon beut siduru hareupeun hawu ?

Pek titenan sing gemet pupuh Durma, pikeun ngajawab nomor 19 – 21 !


Saererea urang teh kudu sayaga
Ngajaga lemah cai
Ti nu niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rayatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi
19. Padalisan dina pupuh Durma di luhur jumlahna aya . . . . padalisan.
A. 6
B. 7
C. 8
D. 9

20. Eusi pupuh Durma di luhur ngeunaan . . . .


A. Ngabela lemah cai
B. Nagara jadi teu aman
C. Rahayat jadi tingtrim
D. Nagara teu aman jeung tertib

21. Dina pupuh di luhur aya kecap “tingtrim” nu ngandung harti . . . .


A. Kaayaan teu rukun, aheng, loba pasoalan
B. Kaayaan aman, rukun teu aya bahaya
C. Kaayaan kadang aya kaributan
D. Kaayaan teu aman loba bahaya
22. Kecap-kecap nu ngandung rarangken tengah –um, -al, -in, jeung –ar nyaeta . . . .
A. Sumuhun, balanja, pindah, tariris
B. Gumujeng, balebat, binangkit, rarujit
C. Gumbira, kaluar, arindit, karasa
D. Gumelis, lalieur, tinulis, dariuk

Titenan teks deskripsi pikeun ngajawab nomor 23 – 24 !


Globalisasi
Kiwari disebut-sebut mangrupa jaman Globalisasi, dunya teh karasana beuki heureut bae. Lain
dunyanna anu ngaleutikan, tapi lantaran kiwari jarak anu sarua bisa dihontal ku waktu anu leuwih
sakeudeung. Contona bae anu jarah ka Mekkah. Baheula, jaman uyut urang nepi ka sabulan, tumpak
kapal cai. Tapi kiwari ti Jakarta ka Mekkah bisa ngan salapan jam.
23. Gagasan utama teks di luhur nyaeta . . . .
A. Jaman baheula
B. Jaman globalisasi
C. Jalan ka Mekkah
D. Dunya heureut

24. Kasimpulan eusi paragrap di luhur nyaeta . . . .


A. Dunya karasa jadi ngalebaran
B. Ka Mekkah ukur salapn jam
C. Ka Mekkah naek kapal laut
D. Jaman globalisasi jarak jadi leuwih deukeut

25. Dina carita di luhur aya kecap “heureut”. Sinonim tina kecap “heureut” nyaeta . . . . . .
A. Lega
B. Leumpeung
C. Panjang
D. Pondok

Pek titenan teks biografi pikeun ngajawab nomor 26 jeung 27 !


Jaipong teh kasenian asli ti Jawa barat anu diciptakeun ku Gugum Gumbira, seniman Sunda
anu geus kasohor ka mancanagara. Jaipong mimiti diciptakeun taun 1974 basa Gugum Gumbira
ditugaskeun ku pamarentah Jawa barat pikeun miluan Festival Tari Rakyat tingkat Jawa Barat.
Lalampahan Gugum Gumbira dina nyiptakeun jaipongan teh heunteu gampang, dimimitian dina taun
1961, basa Presiden Soekarno ngalarang musik rock and roll anu asalna ti Barat. Gugum Gumbira
ngarasa katantang pikeun nyiptakeun tarian anyar anu dinamis pikeun ngaganti musik and roll anu
harita keur mejehna dipikaresep ku masarakat urang.
26. Tokoh pinunjul nu kasohor ka mancanagara dina teks bacaan di luhur nyaeta . . . .
A. Soekarna
B. Soekarno-Hatta
C. Gugum Gembira
D. Gugum Gumbira

27. Alesan Gugum Gumbira nyiptakeun jaipong nyaeta . . . .


A. Miluan festival tari rakyat Jawa Barat
B. Presiden Soekarno ngalarang musik rock and roll
C. Pikeun kaperluan mancanagara
D. Pikeun kapentingan pamarentah Jawa barat
28. Enjing-enjing bapa . . . . ka kantor, abdi mah . . . . ka sakola.
Kecap nu merenah tur sopan keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .
A. Sumping – mios
B. Dongkap – indit
C. Datang – indit
D. Angkat – mios

Pek titenan potongan biantara dihandap !


...................................
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna
hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup
sadidinten ku cara sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto
hirup anu sehat. Conto sanesna, micen runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa
bersin kudu nutupan baham.
..................................
29. Kacindekan eusi biantara di luhur nyaeta . . . .
A. Meresihan kuku saminggu sakali
B. Meresihan awak teh penting keur nyingkahan panyakit
C. Ibak cukup sakali sadinten
D. Marios waos ka dokter lamun nyeri

30. Teks biantara di luhur nyaeta bagian . . . .


A. Bubuka
B. Eusi
C. Salam panutup
D. Panutup

A. Jawab atawa terangkeun sing jentre !

31. Titean kalimah-kalimah di handap !


(1) Karédok bisa disebut unik lantaran kabéh lalabna masih seger.
(2) Prosésna teu ngalewatan masak nepi ka kandungan gizi jeung seratna loba pisan.
(3) Karédok nya éta kadaharan sabangsa loték.
(4) Ngolahna sarua jeung nyieun loték.
(5) Anu bahanna tina lalab atah sabangsaning engkol,bonténg, saladah, térong, jeung nu séjénna.
Pek ku hidep susun kalimah acak di luhur jadi runtuyan kalimah nu merenah !
32. Pek baca paragrap sing gemet !
Jakarta Ibukota Nagara Indonesia, sok janten palanggan banjir, kusabab masih seueur wargi nu
miceun sampah sambarangan, janten mepetan solokan Ibukota.
Katambih, hujan di Bogor nu remen ngajantenkeun banjir di Jakarta, anu katelah banjir kiriman.
Salah sahiji cara nanggulangan banjir nyaeta, wargi Jakarta kudu sadar, tong miceun sampah
sambarangan deui.
Ngayakeun kagiatan beberesih tiap dinten Saptu ataapi Minggu, sangkan kamalir di lingkungan
komplek bersih ku sampah.
Ngabersihan kamalir oge tiasa ngajauhkeun tina panyakit nu disebabkeun ku reungit, upami lekeun
dibersihan, panyakit malaria bakal teu aya.
Dumasar kana bacaan di luhur, pek jieun kalimah tanya ngagunakeun kecap “naon, iraha, kumaha” tong
hilap nganggo tanda bacana !
33. Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran teknologi. Anu karasa pisan mah dina widang
informasi. Ningkatna elmu pengetahuan jeung teknologi teh nandakeun ayana globalisasi. Di widang
informasi jeung teknologi loba pamanggih alat-alat nu ngabantu gawe manusa.
Sebutkeun lima alat teknologi nu aya di sabudareun hidep !

34. Basa loma umumna dipake keur ka sasama atawa babaturan, tapi ari kanggo ka sepuh mah kedah
nganggo basa hormat.
Pek jieun dua kalimah sederhana ngagunakeun kecap “dahar” nu lemes keur ka diri sorangan jeung keur
ka kolot !

35. Kabersihan diri jeung lingkungan mangrupa modal keur nyingkahan panyakit.
Naon bae tarekah anu geus dilaksanakeun ku hidep dina ngajaga kasehatan diri jeung lingkungan !

You might also like