Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 5

PILIHAN GANDA

1. Pék baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu di
handap!
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka
si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-oléh
husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan bu
Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung
baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit.
Malah pok deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya
baéUrang Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus
bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung
rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang.Sabulan atawa dua bulan sakali, sok
mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering dibahanan
oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng, sakapeung pakéan urut
batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka
nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Diantarana waé
anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.

Dumasar kana sempalan carita pondok di luhur, mana anu kaasup kana ajén moral anu bisa
dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
A. Ulah ngajén jalma tina tagogna
B. Upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang
C. Kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian ku urang
D. Salawasna silih hargaan jeung papada jalma.
E. Jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung
2. Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!\
“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana
anu biasa, batu démprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking”
Dumasar kana sempalan téks carpon di luhur, unsur instrinsik anu kapanggih dina éta carita
nya éta…
A. Puseur implengan
B. Jejer
C. Galur
D. Judul
E. Latar
3. Pék titénan ieu tabél di handap!
No Ciri-Ciri Karya Sastra
1 Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu lir enya-enya kajadian
2 Midangkeun hiji carita sacara bébas
3 Jumlah kajadian caritana henteu réa
4 Museur kana hiji kajadian
5 Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama
6 Palakuna ukur dua atawa tilu urang
7 Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari
8 Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail
9 Ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap
10 Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi
11 Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks
12 Museurkeun paniténna (perhatian) dina hiji kajadian
13 Miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur
ngawengku jangka waktu anu singget.
14 Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku
15 Biasana palaku utama teu nepi ka maot

Dumasar kana data di luhur, mana anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita pondok…
A. 1,3,6,7,9,10
B. 2,5,8,11,14,15
C. 1,3,4,6, 11,14
D. 2,3,6,8,12,13
E. 1,3,6,7,10,13
4. Kitu impian si Among téh. Ku ayana ngimpi siga kitu, si Among ahirna geus panceg niat rék puasa
tur satékah polah nahan rupaning gogoda.
Kecap satékah polah bisa diganti ku kecap séjénna nya éta ….
A. Aya kabisa
B. Sakuat tanaga
C. Sahayuna
D. Béak déngkak
E. Toh - tohan
5. Lampu-lampu nu baranang di sisi jalan nambahan kamelang haténa. Sora klakson mobil nu
patémbalan, karasa pating puriding. Beuki kumejot, hayang panggihna téh jeung ki Adi nu pernah
dilaklak dasar. Boa-boa, manéhna ….
Sempalan carita di luhur leuwih loba nyaritakeun unsur ….
A. Téma
B. Amanat
C. Latar
D. Galur
E. Jihat sawang
6. Lalaki nu maké kacamata éta muka kancing baju bagéan luhur. Manéhna katempo teu genah cicing,
késang renung dina tarangna, dina beuheung ngucur. Padahal di dinya téh aya AC nu kunu séjén mah
karasa tirisna.
Watek tokoh dina éta carita digambarkeun tina ....
A. Penampilan jeung réngkak paripolahna
B. Dedeg pangadeg jeung kahayangna
C. Kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabudeureunna
D. Tata basa jeung talajakna
E. Caritaan tokoh séjén
7. Nalika nyusun hiji tulisan aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, diantaran.... kajaba....
A. Nangtukeun téma
B. Nangtukeun narasumber
C. Nangtukeun judul
D. Ngumpulkeun bahan
E. Nyusun rangka karangan
8. Nu kaasup kana novel barudak diantarana.... kajaba ....
A. Budak Minggat
B. Guha Karang Legok Sari
C. Béntang Hariring
D. Rini
E. Bima Rengkung
9. Waktu disebut ngaranna, Si Aki nangtung. Manéhna ngaléngkah nyampeurkeun panitia. Bari
nyekelan keretas salambar anu ku panitia disebut “keretas sora”, sup Si Aki asup ka kamar nu geus
disadiakeun. Lalaunan keretas téh dibukakeun, ditangkarakeun luhureun papan.
Alur anu aya dina sempalan carita di luhur mangrupa ....
A. Galur maju
B. Galur mundur
C. Galur maju-mundur
D. Galur sederhana
E. Galur campuran
10. Kalimah nu nepikeun kahayang sakaligus pamanggih, nya éta ….
A. Cing atuh ka tamu téh sing sopan, entong diantep waé kitu.
B. Sedih téh lamun ras inget ka kajadian éta, ogé sok aya érana.
C. Asa diayun ambing lamun geus dihaleuangan ku si Cangkurileung.
D. Engké lamun téh Rina tos sumping, piwarang ka bumi Nini heula kumargi di ditu aya nu kedah
dilereskeun.
E. Hajatan téh saéna dibumi Bi Enok waé nya, di ditu mah sagala nyampak , moal sesah.
11. “Nyai, amparkeun giribigna!” Omongna. Kuring turun ti saung. Giribig diamparkeun ku
duaan, hareupeun saung. Lega da puguh ngahaja saungna gé dialus-alus. Dipelakan waluh
gedé, sina ngarambat kana kenténg saung. Jaba apan lamun keur hayang dibalongan mah,
sok loba nu nguseup. Sok diséwakeun ka pagawé désa. Puguh gé nu jegud mah sagala jadi
duit. Sagilek-sagilek piduiteun téh.
Kalimah nu nyaritakeun sempalan novel di luhur, nyaéta....
A. Eta sempalan novel téh nyaritakeun kajadian nu ilahar di pilemburan
B. Hésé dihartikeunana éta novel kana kahirupan jaman ayeuna
C. Giribig mangrupakeun alat nu dijieun tina awi nu gunana pikeun moé paré
D. Dijerona pinuh ku alur nu teu bisa ditebak ku nu macana
E. Tokohna ngagambarkeun saurang jalma nu asalna tina kahirupan biasa
12. Novel munggaran dina sastra Sunda medal taun ....
A. 1904
B. 1914
C. 1920
D. 1924
E. 1940
13. Lain lebar kana tembok nu anyar kénéh meunang mulas. Lain pédah jadi sareukseuk, jeung
lain pédah nu napelkeunana teu bébéja heula. Ngan sebel ka jelemana cenah. Geuleuh,
ngéwa béak karep ka Suhadma téh.
Konflik nu aya dina sempalan carpon di luhur mangrupa ....
A. Konflik budaya
B. Konflik sosial
C. Konflik fisik
D. Konflik batin
E. Konflik kamanusaan
14. Titénan pedaran di handap!
(1) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung
analisis karya
(2) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung
kritik karya
(3) Pedaran ngeunaan riwayat penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung
analisis karya.
(4) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung
publikasi karya
(5) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung
publikasi karya
Pedaran diluhur nu mangrupakeun wengkuan struktur résénsi nya éta....
A. (5)
B. (4)
C. (3)
D. (2)
E. (1)
15. Rayani bati ngagero jero haténa. Manéhna geus apal pisan kana kalakuan Satrio. Lanceuk
anu umurna béda welasan taun. Saméméh asup ka barisan élit politik, Satrio geus idek-liher
di dunya bisnis ilégal. King Gambler, saha anu henteu apal ka Satrio Wiroyudo? Bisnisna
ngaleuya, pangpangna kumawasa di jalur sutra, wewengkon Sumatera mimiti ti Lampung
parat terus ka Aceh, Malaysia, jeung Singapura.
Sempalan novel diluhur loba nyaritakeun....
A. Téma
B. Panokohan
C. Latar
D. Jihat sawang
E. Amanah
16. Novel “Baruang ka nu Ngarora” karangan ....
A. Aam Amilia
B. D.K. Ardiwinata
C. Yosep Iskandar
D. Tatang Sumarsono
E. Ki Umbara
17. Kuring jeung Ceu Yayah teu némbal, léos waé ka jero saung, dariuk. Dahareun geus ngabaya.
Timbel, kulub endog meri, génjér, sambel dibungkusan, lauk asin dibungkusan, kurupuk aci wéh dua
plastik.
Koméntar nu bisa ditepikeun ngeunaan eusi éta sempalan novel...
A. Dina éta novel, pangarang apal pisan kana kahirupan di pilemburan.
B. Budaya Sunda kagambar dina novel-novel Sunda
C. Unsur latar ngagambarkeun kahirupan jalma nu basajan
D. Amanah nu aya dina éta carita hésé disimpulkeun kusabab disumputkeun pangarang
E. Karasa gampangna maca éta novel kusabab témana ngaeunaan kahirupan sapopoé
18. Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita sarta miboga hubungan sabab akibat
(kausalitas), disebut ....
A. Jejer
B. Palaku
C. Galur
D. Latar
E. Amanat
19. Novel anu judulna “Lalangsé “karangan....
A. Samsudi
B. Tatang Sumarsono
C. Hidayat Soesanto
D. Aam Amilia
E. Ki Umbara
20. Alur umumna diwangun ku....kajaba....
A. Bubuka
B. Mimiti muncul masalah
C. Masalah muncer
D. Ngaréngsékeun masalah
E. Nyieun masalah
21. Novel “Kembang-Kembang Petingan” kaasup wangun novel ....
A. Barudak
B. Rumaja
C. Déwasa
D. Silih asih
E. Jiwa
22. Titénan ieu tabél di handap!
No Unsur Biografi
1 Ngaran, jujuluk, lalandian
2 Gumelar jeung asal usul kulawarga
3 Alamat Imahna
4 Pakasabana
5 Riwayat Atikan jeung padamelan
6 Kapercayaanna
7 Kalungguhanna
8 Karya-karya nu kungsi di jieun
9 Préstasi jeung Pangajén nu kungsi
katarima
10 Pikiran atawa gagasanana

Dumasar tabél di luhur, kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....


A. 1-2-3-4-5-6-8-9
B. 1-2-3-5-6-7-8-9
C. 1-2-3-4-5-7-8-9
D. 1-2-4-5-7-8-9-10
E. 1-3-4-6-7-8-9-10
23. Baca téks biografi di handap!
Mohammad Toha
Toha diwedalkeun di Jalan Banceuy,Desa Suniaraja,
Bandung dina warsih 1927. Bapana namina Suganda sarta indungna
anu asalna ti Kedunghalang,Bogor Kalér,Bogor,namina Nariah. Toha
barobah kaayaan anak pahatu sabot dina warsih 1929 bapana maot.
Indung Nariah saterusna nikah balik kalawan Sugandi,adi bapa Toha.
Nanging henteu lami saterusna,duanana pirak sarta Muhammad Toha dicokot ku aki sarta
nini na ti pihak bapa yaktos Bapa Jahiri sarta Indung Onéng. Toha mimiti lebet Volk School
(Sakola Rahayat) dina umur 7 warsih dugi kelas 4. Sakolana kaeureunkeun sabot Perang
Dunya II peupeus.
Wanci mangsa pendudukan Jepang,Toha mimiti mikawanoh dunya militer
kalawan ngasupan Seinendan. Sapoe-dinten Toha oge ngabantuan akina di Biro
Sunda,saterusna didamel di béngkél motor di Cikudapateuh. Selanjutnya ,Toha diajar
barobah kaayaan montir mobil sarta didamel di bengkel tumpakan militer Jepang ku kituna
manéhna oge sanggem nyarios dina nalika Jepang.
Sanggeus Indonesia merdika,Toha kairut kanggo gabung ka awak perjuangan
Jajaran Rakjat Indonesia (BRI),anu dipingpin ku Ben Alamsyah,mamang Toha sorangan.
BRI setuluyna dibeungkeutkeun kalawan Jajaran Pelopor anu dipingpin ku Anwar Sutan
Pamuncak barobah kaayaan Jajaran Banteng Republik Indonesia (BBRI). Dina laskar ieu
manehna diuk minangka Komandan Seksi I Haturan Penggempur. Nurutkeun katerangan
Ben Alamsyah,mamang Toha,sarta Rachmat Sulaeman,tatangga Toha sarta oge
Komandanna di BBRI,nonoman Toha nyaeta saurang nonoman anu calakan,tumut ka
sepuh,ngabogaan disiplin anu kiat sarta dipikaresep ku babaturannana. Dina warsih 1945
éta,Toha digambarkeun minangka nonoman gedé wananen kalawan kalawan pancaran
panon anu seukeut.
Sanggeus penandatanganan jangji-pasini kapitulasi Jepang,sakumna
persenjataan Soldadu Kekaisaran Jepang dibikeun tanpa sarat ka Soldadu Sekutu anu bade
mulangkeun kakawasaan Belanda di Hindia-Belanda. Nanging persenjataan Soldadu
Kekaisaran Jepang seueur direbut ku pajoang kamerdikaan Republik Indonesia. Dina ping
21 Nopember 1945
Sumber: indraabaikkers.blogspot.com
Dumasar sempalan téks biografi di luhur, Naon nu ngabalukarkeun Toha bisa wanoh ka
dunia militer....
A. Lantaran pendudukan jepang
B. Sabada lebet kana sainendan
C. Mamangna gé pingpinan bri
D. Sabab dibéré jabatan komandan
E. Damel di béngkél tumpakan jepang
24. Kiswa Wiriasasmita anu sok ngagunakeun jenengan Kis WS téh, sastrawan Sunda anu
muncul sabada perang dunya. Sanajan geus mimiti ancrub ka dunya jurnalistik ti mangsa
saméméh perang (1939,di Ciamis), tapi ari ngumumkeun karya sastra mah kakara dina
sabudeureun taun 1950, mangrupa sajak anu nimbulkeun réaksi ti nu nyumput di
satukangeun sandiasma Ki Sunda.
Sempalan biografi di luhur nyaritakeun ....
A. Kiswa Wiriasasmita sabagé saurang sastrawan
B. Ki Sunda salaku sastrawan
C. Kahirupan dina widang jurnalistik
D. Karya sastra urang Sunda
E. Sandiasma saurang sastrawan Sunda
25. Jadi, tétéla ayeuna mah bédana mémoar jeung otobiografi téh. Mémoar mah ngan ngajojoan
hal anu pentingna dina hirup wungkul. Ari otobiografi mah rélatif leuwih gemet, nyaritakeun
pangalaman sapanjang hirup. Panineungan-panineungan anu ku Akang réa ditulis dina basa
Sunda, kayaning anu dimuat dina Hurip Waras (1988), Cupumanik Astagina (1997), Ucang-
ucang Anggé (2001) kaasup mémoar.
Pasualan anu dipedar di luhur ngeunaan ....
A. Mémoar jeung otobiografi
B. Bédana mémoar jeung otobiografi
C. Cara nulis buku biografi
D. Karya-karya nu aya dina majalah
E. Panineungan-panineungan hirup

You might also like