Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 4

‫ اْلُم َتَك ِّفُل‬،‫ اَّلِذى َي ْع َلُم َم ا َأْظ َهَر ُه اْلَع ْبُد َو َم ا َأْخ َفاُه‬،‫ اْلُم ْن َت ِقِم ِمَّمْن َخ اَلَفُه

َو َع َص اُه‬،‫اْلَح ْمُد ِهّٰلِل اْلُم ْن ِع ِم َع َلى َم ْن َأَط اَع ُه َو اَّت َبَع ِر َض اُه‬
‫ َأْش َه ُد َأْن آل ِإٰل َه ِإَّال ُهللا َو ْح َد ُه َالَش ِر ْي َك َلُه‬.‫ َأْح َم ُد ُه ُسْب َح اَن ُه َو َت َع اَلى َع َلى َم اَأْع َط اُه‬،‫ِبَأْر َز اِق ِع َباِدِه َفَال َي ْت ُرُك َأَح ًد ا ِم ْن ُهْم َو َالَي ْن َس اُه‬
‫ الّٰل ُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم َع َلى َسِّيِد َن ا‬.‫ َو َأْش َه ُد َأَّن َس ِّيَد َن ا ُم َح َّم ًد ا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه اَّلِذي اْخ َت اَر ُه ُهللا َو اْص َط َفاُه‬،‫َش َه اَد َة َع ْبٍد َلْم َي ْخ َش ِإَّال َهللا‬
‫ َو اْذ ُك ُروا آاَل َء ِهللا‬،‫ َو َتَف َّك ُرْو ا ِفي ِنَع ِم َر ِّب ٌك ْم َو اْشُك ُرْو ُه‬، ‫ ِاَّتُقوا َهللا‬، ‫ َو َع َلى ٰا ِلِه َو َص ْح ِبِه َو َم ْن َو اَالُه َأُّي َه ا الَّن اُس‬،‫ُم َح َّمٍد‬
‫ َأُعْو ُذ ِباِهلل ِمَن الَّش ْي َط اِن‬، ‫ َق اَل ُهللا َت َع اَلى ِفي اْلُقْر آِن اْلَع ِظ ْي ِم َو ُه َو َأْص َد ُق اْلَق اِئِلْي َن‬،‫َو َت َح َّد ُثوا ِبَف ْض ِلِه َو اَل َت ْك ُفُرْو ُه‬
‫َص َد َق‬،﴾ ‫ ِبْس ِم ِهّٰللا الَّر ْح ٰم ِن الَّر ِحْي ِم ﴿ يا َأُّي َه ا اَّلِذيَن آَم ُنوا ِإَّن ِمْن َأْز واِجُك ْم َو َأْو الِد ُك ْم َع ُد ًّو ا َلُك ْم َف اْح َذ ُروُه ْم‬، ‫الَّر ِجْي ِم‬
، ‫ُهللا اْلَع ِظ ْي ِم َو َص َد َق َر ُسْو ُلُه اْل َح ِبْيُب اْلَك ِر ْي ُم َو َن ْح ُن َع َلى َذ ِلَك ِمَن الَّش اِهِدْي َن َو الّش اِك ِر ْي َن َو اْل َح ْم ُد ِهلل َر ِّب اْل َع اَلِمْي َن‬
‫َأَّما َب ْع ُد‬

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu
kedah dikedalkeun ku urang sadayana di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji
syukur ka Alloh. Dzat anu maha nyipta sareng ngatur sadaya alam. Dzat anu teu
weleh-weleh maparin ni’mat ka urang dugika waktos ieu pisan, terutami ni’mat
taufiq sareng hidayah. Sahingga urang tiasa kempel di tempat anu mulya ieu dina
raraga turut tumut kana salah sawios parentah-Na nyaeta solat jumah berjamaah.
Solawat sareng anu utama mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, yakne
Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadayana alam.
Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi’in,
sareng para tabi’ tabi’in, dugika urang sadayana anu ngarep-ngarep syafaatna di
yaomil jaza. Hadirin sadayana Sateu acan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha
biasa, khotib bade wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka kadang wargi ahli
jum’ah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan, wireh
takwa mangrupakeun pang sae-saena bekel lumampah mayunan kahirupan dunya
sinareng akherat. Takwa nu janten benteng urang sadayana dina raraga
ngajalankeun parentah Alloh sareng nebihan sagala rupi panyegah-Na. Mugia
urang sadayana sing diwuwuh taufik sareng hidayah ku Alloh swt. dina sagala laku
lampah di alam dunya dina raraga ngabakti kanu Maha Kawasa kalih rosul-Na.
Hadirin sidang jumah anu mulya Urang kedah emut, yen murangkalih urang teh
anugrah ti Nu Maha Kawasa. Murangkalih oge amanah sareng perhiasan keur
urang, sakaligus janten pangbeberah hate sareng kabanggaan dunya kalih
akheratna. Ngan di sagigireun ti eta, murangkalih oge tiasa janten fitnah atanapi
ujian, malahan tiasa janten musuh keur urang engke di alam baqa. Salajengna,
iraha atuh murangkalih urang tiasa janten musuh, janten ujian, janten perhiasan
sareng janten pangbeberah hate? Al-Quran parantos ngajelaskeun yen aya opat
kaayaan murangkalih kanggo urang sadayana.
Kahiji, murangkalih tiasa janten penenang hate, penyejuk jiwa, sareng pamingpin
jalmi-jalmi anu takwa. Kaayaan ieu janten kaayaan anu pang saena sareng pang
luhurna. Hal ieu parantos diuningakeun dina doa Al-Quran anu sok rajin diaos ku
urang. ‫ َر َّبنا َه ْب َلنا ِمْن َأْز واِجنا َو ُذ ِّر َّياِتنا ُقَّر َة َأْع ُيٍن َو اْج َع ْلنا ِلْلُم َّت ِقيَن ِإمامًا‬Hartosna: “He
Pangeran abdi sadaya, anugrahkeun ka abdi sadaya, istri-istri sareng turunan abdi
sadaya salaku panenang hate, sareng jantenkeun abdi sadaya imam kanggo jalmi-
jalmi anu takwa,” (Q.S. al-Furqan [25]: 74). Para ulama tafsir parantos
nyebatkeun, maksad qurrota a’yun dina ayat di luhur, nyaeta murangkalih anu
soleh, taat ka Alloh sareng rosul-Na, bakti ka ibu-rama, manfaat kanggo sasama.
Matak teu heran, murangkali anu ngagaduhan perangai sapertos kitu bakal janten
pamingpin ka jalmi-jalmi takwa di dunya sareng akherat.
Nanging, kriteria murangkalih anu sapertos kitu teu lahir kitu wae. Diperyogikeun
perjuangan anu keras ti urang salaku sepuhna kanggo ngasuh, ngabina, sareng
ngadidikna, malihan tos pasti ngabiayaanna. Oge nu teu eleh pentingna, nyaeta
doa, imma ti urang salaku orang tua atanapi doa ti jalmi-jalmi saroleh. Langkung
paosna tiasa ditinggal Tafsir Muqatil ibn Sulaiman, terbitan Darul Ihya at-Turats,
jilid 3, kaca 242. Hadirin sidang jumah anu mulya Kadua, kaayaan murangkalih
salaku perhiasan dunya. Hal ieu sakumaha anu diuningakeun dina ayat Al-Quran:
‫اْلَم اُل َو اْل َب ُنوَن ِز يَن ُة اْل َح َياِة الُّد ْن َي ا‬

Hartosna, “Harta sareng murangkalih teh perhiasan kahirupan dunya,” (QS. Al-
Kahfi [18]: 46).

Dina ayat ieu, murangkalih diposisikeun janten perhiasan sareng kakayaan dunya
kanggo orang tuana. Layakna perhiasan sareng kekayaan, murangkalih
diperlakukeun, dijaga, malihan disayang sahade-hadena ku para sepuhna. Kaitan
sareng kaayaan ieu, murangkalih disajajarkeun sareng hiasan sareng kakayaan
dunya nu sanesna, sakumaha anu diisyaratkan dina ayat anu sanes. ‫ُز ِّي َن ِللَّن اِس ُحُّب‬
‫الَّش َهَو اِت ِمَن الِّن َس اِء َو اْل َب ِنيَن َو اْلَقَن اِط يِر اْل ُم َق ْنَط َر ِة ِمَن الَّذ َهِب َو اْل ِفَّضِة َو اْل َخ ْي ِل اْلُم َس َّو َمِة َو اَأْلْن َع اِم َو اْل َح ْر ِث َذ ِلَك‬
‫ َم َت اُع اْل َح َياِة الُّد ْن َي ا‬Hartosna: “Dijantenkeun endah dina (paningal) manusia kacintaan
kana perkara-perkara anu dipikahayang, nyaeta istri, murangkalih, harta anu seueur
tina jenis emas, perak, kuda pilihan, hewan ternak, sareng ladang pepelakan. Eta
teh kasenangan di dunya,” (QS. Ali ‘Imran [3]: 14)
Nanging, kacintaan anu kaleuleuwihan ngajantenkeun para orang tua bakal terlena
sareng ngalaleykeun hal-hal anu ngabahayakeun si murangkalih nyalira. Nalika tos
laley, para sepuh bakal hilap yen perlakuan anu dipasihkeun ka murangkalihna
bakal ngaruksak masa depan murangkalih anu dipikanyaahna. Ku sabab kitu, dina
ayat anu sanes, Alloh parantos maparin peringatan, supaya kakayaan sareng
turunan ulah dugika ngalaleykeun urang. ‫َي ا َأُّي َه ا اَّلِذيَن آَم ُنوا اَل ُتْلِه ُك ْم َأْم َو اُلُك ْم َو اَل َأْو اَل ُد ُك ْم َع ْن‬
‫ ِذ ْك ِر ِهَّللا َو َم ْن َي ْف َع ْل َذ ِلَك َف ُأوَلِئَك ُه ُم اْل َخ اِس ُروَن‬Hartosna: “He jalmi-jalmi anu iman, ulah
dugika harta aranjeun sareng murangkalih aranjeun ngalaleykeun aranjeun tina
emut ka Alloh. Sing saha jalma anu midamel kitu maka maranehna eta jalmi-jalmi
anu rugi,” (QS. Al-Munafiqun [63]: 9). Ahli jumah rohimakumulloh Katilu,
murangkalih salaku fitnah atanapi ujian, sakumaha anu diuningakeun dina ayat :
‫ ِإَّن َم ا َأْم َو اُلُك ْم َو َأْو اَل ُد ُك ْم ِفْت َن ٌة َو ُهَّللا ِع ْن َدُه َأْج ٌر َع ِظ يٌم‬Hartosna: “Saenya-enyana, harta aranjeun
ukur cobaan (keur aranjeun), sareng di sisi Alloh-lah pahala anu ageung,” (QS. At-
Taghabun [64]: 15). Mungkin ieu anu dimaksad murangkalih janten amanah
atanapi titipan anu kedah dijagi kalayan leres-leres teh. Dipinuhan hak-hakna,
dipikanyaah, dirawat, dididik supaya ngabogaan masa depan anu cerah sareng tiasa
ngabagjakeun orang tuana. Sing emut yen Alloh ngagaduhan balesan anu ageung
keur jalmi-jalmi anu ngajagi amanah. Maka ulah rek disia-siakeun jiwa sareng raga
murangkalih urang, ulah dibunuh murangkalih urang ku sabab alesan sieun miskin.
Kitu pisan sakumaha anu didugikeun dina Al-Quran, “Jeung anjeun ulah rek
ngabunuh anak-anak aranjeun ku sabab sieun miskin. Kaula anu bakal mere rezeki
ka maranehna jeung oge ka aranjeun. Saenya-enyana ari ngabunuh maranehna
nyaeta hiji dosa anu gede,” (QS. Al-Isra’ [17]: 31).
Kaopat, murangkalih bakal janten musuh. Hal ieu parantos diuningakeun dina ayat
Al-Quran. ‫يا َأُّي َه ا اَّلِذيَن آَم ُنوا ِإَّن ِمْن َأْز واِجُك ْم َو َأْو الِد ُك ْم َع ُد ًّو ا َلُك ْم َف اْح َذ ُروُه ْم َو ِإْن َت ْع ُفوا َو َت ْص َف ُحوا‬
‫ َو َتْغ ِفُروا َف ِإَّن َهَّللا َغ ُفوٌر َر ِحيٌم‬Hartosna: “He jalma-jalma mu’min, saenya-enyana di
antara istri-istri aranjeun sareng anak-anak aranjeun aya anu jadi musuh keur
aranjeun, maka kedah ati-ati aranjeun ka maranehna,” (QS. At-Taghabun [64]: 14).
Sapalihna mufasir ngajelaskeun, maksad murangkalih janten musuh di dieu teh
nyaeta janten pihak anu ngahalang-halang jalan Alloh, ngarintangan jalan kataatan.
Makana, urang kedah ati-ati supaya teu dikusrukkeun ku murangkalih urang. Hal
ieu pernah kajantenan ka para sahabat sawaktos bade hijrah nuturkeun Kangjeng
Rosul nanging dihalang-halang ku murangkalihna.
Nanging, mufasir anu sanes nguningakeun, maksad janten musuh di dinya nyaeta
musuh anu aya dina Kiamat, dimana antawis orang tua sareng anak, antara hiji
jalma sareng karabatna sanes hungkul dipisahkeun, nanging bermusuhan, malihan
saling gugat sareng saling dakwa, akibat hak masing-masing teu dicumponan,
kazoliman di antara aranjeun sawaktu di dunya, sareng seterasna. Hal ieu dumasar
kana ayat sanes anu nyebatkeun: ‫َلْن َت ْن َف َع ُك ْم َأْر َح اُم ُك ْم َو اَل َأْو اَل ُد ُك ْم َي ْو َم اْلِقَياَمِة َي ْف ِص ُل َب ْي َن ُك ْم‬
Hartosna: “Karib kerabat sareng anak-anak aranjeun leres-leres moal manfaat keur
aranjeun dina poe Kiamat. Manehna bakal misahkan antara aranjeun,” (QS. Al-
Mumtahanah [60]: 3).
Hadirin anu mulya Tah kitu kaayaan murangkalih dina Al-Quran. Mugia
murangkalih urang mah sing janten murangkalih anu soleh sareng saleha,
ngabanggakeun ka urang salaku orang tuana, taat ka Alloh kalih rosul-Na, bakti ka
ibu rama, sahingga janten pang beberah manah, kabanggaan kanggo urang, oge
janten syafaat di akherat. Amin ya mujibas-sailin. ، ‫َب اَر َك ُهللا ِلْي َو َلُك ْم ِفي اْلُقْر آِن اْلَع ِظ ْي ِم‬
‫ َأُقْو ُل‬،‫ ِإَّن ُه ُه َو الَّسِمْيُع اْلَع ِلْي ُم‬،‫ َو َتَق َب َّل ُهللا ِم ِّن ْي َو ِم ْنُك ْم ِتَالَو َت ُه‬، ‫َو َنَف َع ِنْي َو ِإَّياُك ْم ِبَم ا ِفْيِه ِمَن ْاآلَياِت َو الِّذ ْك ِر اْل َح ِكْي ِم‬
‫ْل‬ ‫ْل‬ ‫ْل‬ ‫ْل‬ ‫َذ َأ‬
‫َقْو ِلْي َه ا َو ْس َتْغ ِفُر َهللا ا َع ِظ ْي َم ِلْي َو َلُك ْم َو ِلَس اِئِر ا ُمْس ِلِمْي َن َو ا ُمْس ِلَماِت َف اْس َتْغ ِفُرْو ُه ِإّن ُه ُه َو ا َغ ُفْو ُر الّر ِحْي ِم‬

You might also like