Download as pptx, pdf, or txt
Download as pptx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

DRAMA SUNDA

DUMASAR WANGUNNA SASTRA


KABAGI JADI TILU NYA ÉTA:

1) Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa


lancaran
2) Puisi, basa nu digunakeunna umumna basa
ugeran
3) Drama, basa nu digunakeunna umumna
kalimah langsung dina wangun paguneman
ISTILAH DRAMA

• Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai


• hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti
muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel.
• Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda
drama téh toneel nu hartina pintonan.
• Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi
Sandiwara.
• Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa
rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran.
• Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina
symbol-simbol nu sipatna rahasiah.
• Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta
teater.
• Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat
pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun
nyebut drama modern.
• Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua
kali prosés.
• Kahiji ayana nasakah drama,
• kadua éta naskah téh dipintonkeun.
• Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh
actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya
dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting.
• Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh
dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah
langsung.
UNSURE-UNSUR NU AYA DINA
DRAMA NYA ÉTA:
1. Babak
Babak dina drama biasana ditandan ku setting
tempat. Hartina mun ganti setting éta tandana ganti babak
2. Adegan
Adegan mangrupa bagian babak biasana nu
ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku
3. Dialog/paguneman
Dialog mangrupa bagian utama drama
4. Pituduh teknis
Pituduh teknis nya éta pituduh laku lampah palaku
sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita
5. Prolog
Prolog nya éta bubuka panganteur kana eusi drama
6. Epilog
Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa
kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.
7. Solilokui
Solilokui mangrupa bagian carita eosin apaguneman
nu dikedalkeun ku palaku ka diria sorangan
8. Tema
Tema nya éta puseur carita nu ngajiwaan sakabéh
eusi carita
9. Galur carita
Galur ny éta runtuyan kajadian dina drama
10. Latar/setting
Eusina tempat, waktu, jeung suasana
11. Palaku
Jalma anu ngalakukeun peran dina drama
12. Amanat
Hal-hal nu rék ditepikeun ku pangarang mangrupa
ajén-ajén moral

You might also like