Professional Documents
Culture Documents
Morfologi Bahasa Sunda
Morfologi Bahasa Sunda
Kecap Rékaan
Kecap Salancar
di- Pangmeuliken
Pang-keun Meuli
N- Beuli
• Kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun
ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks):
1. Rarangkén hareup
2. Rarangkén téngah
3. Rarangkén tukang
4. Rarangkén barung
5. Rarangkén bareng (gabungan)
• Rarangkѐn hareup nyaѐta rarangkѐn anu ngantѐt hareupeun
wangun dasarna.
• Rarangkѐn hareup dina basa sunda nyaѐta : ba, barang, di, ka,
N-, pa, pada, para, pang, per, pi, sa, sang, si, silih/sili, ti,
ting/pating
• Gunanan rarangkén hareup ba- pikeun
ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu
hartina “ngalakukeun”
• Contona : balayar, barempug
• Gunana rarangkén hareup barang-
ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu
hartina “ngalakukeun pagawéan anu teu
tangtu atawa teu puguh objékna”
• Contona : barangbeuli, baranginjeum,
barangdahar
• Ngawangun kecap pagawéan aktif nu hartina “ngalakukeun”.
Contona : digawe, diajar
• Ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina “maké” Contona :
didasi, dikopeah, dimukena
• Ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina “ngaluarkeun”
Contona : disada
• Ngawangun kecapa pagawéan (pasif) nu hartina “kakeunaan
pagawéan. Contona : dibaca, dibeuli, ditulis
• Ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “kakeunaan
pagawéan ku/make”. Contona : didongkrak, dibuldoser, diblender
• Ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina “dijieun jadi”.
Contona : dijebol, dibentuk, dibeureum
• Ngawangun kecap pagawéan (pasif) nu hartina dibéré. Contona :
dipeunteun, dihampura
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “kakeunaan
ku pagawѐan di” contona : kajojo, kagiridig
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “bisa
di......keun” Contona : kagambar, karasa,
• kaNgawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “bisa
di....”Contona : kaangkut, kasawang
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “tau dihaja
di.......Contona : katincak, katoѐl, katubruk, kapacul
• Ngawangun kecap barang nu hartina “hal anu patali jeung
..........” Contona : kabisa, kamampu, kanyaho
• Ngawangun kecap barang nu hartina “hal anu di
pi......Contona : kasayangm kanyaah, kaasih
• Ngawangun kecap sifat nu hartina “kakeunaan ku......” Contona
: kapѐlѐt, kagendam, kaduyung
• Ngawangun kecap bilangan nu hartina “tahapan atawa bagian
“ Contona : kahiji, kadua, katilu
• Rarangkѐn hareup N- mibanda alomorf (variasi)
m,n,ng,nga,nge, jeung ny
• Robah jadi m- upama ngantet kana wangun dasar anu
dimimitian ku konsonan b jeung p contona :
bayar + N- = mayar
pacul + N- = macul
• Robah jadi n- upama ngantet kana wangun dasar anu
dimimitian ku konsonan t : contona :
tulis + N- = nulis
tanya +N- = nanya
• Robah jadi ng- upama ngantѐt kana wangun dasar anu dimimitian
ku konsonan k jeung vokal. Contona :
karang + N- = ngarang
aku + N- = ngaku
• Robah jadi nga- upama ngantѐt kana wangun dasar anu dimimitian
ku konsonan b,d,g,h,j,l,m,n,w, jeung y. Contona :
badug + N- = ngabadug
dulag + N- = ngadulag
golѐr + N- = ngagolѐr
hampas + N- = ngahampas
juru + N- = ngajuru
liang + N- = ngaliang
ma’lum + N- = ngama’lum
riung + N- = ngariung
wadul + N- = ngawadul
yuga + N- = ngayuga
• Robah jadi nge- upama ngantѐt kana wangun dasar anu
dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang. Contona :
cѐt + N- = ngecѐt
bor + N- = ngebor
• Robah jadi ny- upama ngantѐt kana wangun dasar anu
dimimitian ku konsonan c jeung s. Contona :
colok + N- = nyolok
sapih + N- = nyapih
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ngedalkeun”
contona “ ngadu’a, nyarita, nyora, ngadongѐng
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ ngalakukeun
pagawѐan “ contona : maca, nginum, ngigel, ngaji, masak
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ ngalakukeun
pagawѐan ku/makѐ” contona : ngawuluku, nyugu, ngecrik,
ngarit, ngabuldoser
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ ngalakukeun
di “ contona : masar, ngebon, nyawah, ngaranca, ngahuma
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ boga”
contona : ngaraos, ngarasa
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “milampah
saperti “ contona : ngabd, ngawula, ngajag
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “mѐrѐ”
contona : meunteun, ngahampura, ngahormat, ngama’lum
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina” ngieun”
contona : ngagambar, nyayur, nyambel, ngabordѐl, nyulam
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ ngalakukeun
dina waktu “ contona : ngalayung, nyubuh, moyan, meuting
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ nyieun jadi”
contona : ngaruksak, meulah, ngalebur
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “nganggap”
contona : ngahina
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ aya dina
kaayaan” ngagolѐr, ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedeng
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina
“dahar/nginum “ contona : ngbaso, ngopi, nyoto, ngemih
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “
nyanghareup/ngajugjug ka” contona : ngiblat, ngalѐr, ngidul,
ngѐtan, ngulon
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ ngaluarkeun
sora” contona : ngagogog, ngorosak, ngahahah
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ kaayaan saperti “ contona
: nyagak, mayung, nanjeur, ngolѐcѐr
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “boga sipat” contona :
nyѐni, nyѐntrik, ngedul, ngota
• Ngawangun kecap barang nu hartina “nu
biasa/pacabakanana” contona : padagang, patani
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu ngalakukeun “
contona : pagawѐ, pamingpin, patugas
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu jadi “ contona :
paudur
• Ngawangun kecap anu hartina “alat/anu dipakѐ” contona :
panakol, paneunggeul, pangajul
• Ngawangun kecap pagawѐan aktif nu hartina “aya dina
kaayaan “ contona : papisah, pagalo, paribut, paantel
• Ngawangun kecap pagawѐan aktif nu hartina “pabales-
bales/silih” contona : patanya
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “loba
kakeunaan ku pagawean” contona : padangepung, padanyiwit,
padamelong
• Ngawangun pagawean (aktif) nu hartina “sarua” contona :
padausaha, padadagang
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “sarua “ contona :
padabeunghar, padageulis
• Ngawangun kecap barang nu hartina “loba/sakabѐh “contona
: paraguru, paramitra, parasadѐrѐk
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu jadi “ contona :
perlambang, pertanda
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “hal anu dibawa ti lahir “
contona : perbawa, perwatak
• Ngawangun kecap barang nu hartina “nu dijieun “ contona :
pituduh, piwuruk, piwejang, piwulang
• Ngawangun kecap barang nu hartina “tempat” contona :
pigeulang, piruhak
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ alat/pakakas” contona
: pitapak
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “nitah
ngalakukeun” contona : pigawѐ, pidamel
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “resep kana/ka” contona :
piduit, pidunya, piindung.
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “sarua” contona : sarupa,
samodѐl, sawarna
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “sagedѐ” contona : saramo
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “semet/nepi, kana/ka”
contona : sacangkѐng, sadada, sapingping, sabeuheung
• Ngawangun kecap bilangan nu hartina “ hiji “ contona :
sagandu, sakilo, saleunjeur
• Ngawangun kecap pancѐn nu hartina “nuduhkeun waktu”
contona : samѐmѐh, saba’da
• Ngawangun cakal nu hartina “aya dina kayaan” contona :
sanghulu, sangigir, sanghareup. Èta kecap tѐh baris mibanda
harti tur bisa madeg mandiri upama baѐ dirarangkѐn N- jadi :
nyanghulu, nyangigir, nyanghareup. Tangtu hartina ogѐ jadi
robah
• Ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina “ngalakukeun”
contona : sideku, sidakep
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif)nu hartina “migawѐ keur
sorangan” contona : sibeungeut, sidѐang
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “pabales-
bales” contona : silihpelong, silih genti, silihtajong
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “kalakuan teu
dihaja” contona : titajong, tidagor, tijalikeuh
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “aya dina kaayaan” contona
: tibalik, titeuleum
• Ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina “loba anu
ngalakukeun” contona : tinggorowok, tingjarerit
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ loba jeung tuluy-tumuluy
atawa bareng dina kaayaan” contona : tingseredet,
tingburinyay
• Rarangkѐn tengah nyaѐta rarangkѐn anu diselapkeun kana
wangun dasar kecapna.
• Rarangkѐn tengah dina basa sunda aya tilu nyaѐta ar, um jeung
in
• Rarangkѐn tenngah ar mibanda alomorf al-ar jeung ra
1. Wangun dasarna dimimitian ku konsonan “L” contona :
Lieur + ar = Lalieur
Leuleus + ar = Laleuleus
2. Wangun dasarna di tungtungan ku konsonan “r” contona :
Bageur + ar = Balageur
Pinter + ar = Palinter
3. Wangun dasarna mibanda engang nu ngandung konsonan
gabung (kluster) “br,tr, cr, kr, pr, jr, jeung dr “ contona :
Kencring + ar = Kalencring
Gombrang + ar = Galombrang
• Rarangkѐn tengah –ar-robah jadi –ar- upama wangun dasarna
dimimitian ku vokal. Contona :
asup + ar = arasup
ulin + ar = arulin
• Rarangkѐn tengah –ar- robah jadi ra- upama wangun dasarna
ngan saengang sarta dimimitian ku konsonan, contona :
clѐng + ar = racleng
beng + ar = rabeng
• Ngawangun kecap nu hartina “ loba “ contona : barudak
• Ngawangun kecap nu hartina “ loba nu ngalakukeun” contona :
daratang, baralik, arulin
• Ngawangun kecap nu hartina “ lobaan ngalakukeun kana/ka”
contona: nalaksir, nyariwit, nyarum
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “aya dina kaayaan terus-
terusan” contona : rarѐpot, nyareri, rarieut, laleuleus
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “loba dina kaayaan”
contona : baruruk, garoreng, garedѐ, parait
• Ngawangun kecap pagawean (pasif) nu hartina “geus
kakeunaan ku” contona : tinulis, sinerat, ginanjar
• Ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina “aya dina
kaayaan” contona : pinanggih, tinemu
• Ngawangun kecap nu hartina “ boga sipat “ contona : sinatria
• Ngawangun kecap pancѐn nu mangrupa “mamanis” contona :
tinangtos, sinareng
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ngalakukeun“
contona : lumampah, sumujud
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ngalakukeun
pagawѐan salaku” contona : kumawula
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “dina kaayaan”
contona : gumulung, gumantung, sumerah
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ngalakukeun tuluy-
tumuluy/remen” contona : jumerit, sumegruk
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “boga sipat/seperti” contona :
humaseum, kumincir
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ boga rasa/kalakuan seperto
nu...” contona : gumeulis, gumedѐ
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ boga “ contona : rumasa
• Rarangkѐn tukang nyaѐta rarangkѐn anu ngantѐt tukangeun
wangun dasarna.
• Rarangkѐn tukang dina basa sunda diantarana : an, eun,
ing/ning, keun, jeung na.
• Ngawangun kecap barang nu hartina “tempat” contona :
sakolaan, kuburan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “hasil” contona : tulisan,
karangan, catetan
• Ngawangun kecap barang nu hartina” anu di........keun” contona
: omongan, caritaan
• Ngwangun kecap barang nu hartina “parabot/nu dipake”
contona : kiloan, literan, timbangan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “boga sipat” contona :
atahan, asakan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ anu di “ contona : ajian,
ceungceuman
• Ngawangun kecap barang nu hartina “hasil/asal ti” contona :
garutan, tasikan, cirebonan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu bisa di “ contona :
bacaan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “nitah supaya
di ” contona : bawaan, alaan, pulungan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “nitah supaya
dibѐrѐ “ contona : bantuan, wakilan, talangan
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) Ngawangun kecap nu
hartina nu hartina” ngalakukeun” contona : latihan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “ supaya
dijadikeun” contona : gedѐan, leutikan, alusan
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “boga sipat/bakat “
contona : daѐkan, wanian, babarian
• Ngawangun kecap nu hartina “ boga “ contona : cahayaan,
anakan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “nitah supaya
makѐ” contona : kendangan, laguan, caian
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “kaluar/bijil “ contona :
cimataan, kesangan, getihan
• Ngawangun kecap bilangan nu hartina “gundukan
/sababaraha” contona : ratusan, puluhan
• Ngawangun kecap bilangan nu hartina “ kumpulan /......urang”
contona : tiluan, limaan, sapuluhan
• Ngawangun kecap barang nu hartna “ anu rѐk/anu bisa di- “
contona : dahareun, bawaeun, jualeun
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ bahan/anu bisa dijieun”
contona : sayureun, sambeleuen, rujakeun
• Ngawangun kecap barang anu hartina “tempat/arah di ..”
contona : gigireun, hareupeun, tukangeun
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ kasakit” contona :
cacingeun, jengkoleun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “boga sipat/bakat “
contona : jantungeun, cicingeun, kuuleun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ dina kaayaan” contona :
tinggaleun, leungiteun, barieukeun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ jalma katilu dina
kaayaan” contona : hayangeun, embungeun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “bagian” contona :
kuringeun, batureun
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “ nitah supaya
ngalakukeun “ contona : kawihkeun, tinggalkeun, balangkeun
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “nitah supaya
di “ contona : catetkeun, gambarkeun
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “ nitah supaya
dijieun jadi.....” contona : leutikeun, ancurkeun, lemeskeun.
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “ nitah supaya
dipakѐ “ contona : kongkorongkeun, tiungkeun, sarungkeun
• Mibanda alomorf –ana jeung –nana
• Rarangkѐn –na ronah jadi –ana upama ngantѐt kana :
1. Wangun dasar anu geus dirarangkѐnan ku –eun contona :
bawaeun + -na = bawaeunana
dahareun + -na = dahareunana
2. Wangun dasar anu geus dirarangkѐnan ku –an contona :
tulian + -na = tiluanana
kabehan + -na = kabehanana
3. Wangun dasar nu geus dirarangkѐnan ku –keun contona :
nyatetkeun + -na = nyatetkeunana
mawakeun + -na = mawakeunana
• Rarangkѐn –na jadi –nana upama ngantѐt kana kecap,
diantarana dua jeung ѐta :
dua + -na = duanana
ѐta + -na = ѐtanana
• Ngawangun kecap barang nu hartina “milik” contona :
sapatuna, calanana, imahna
• Ngawangun kecap barang nu hartina “nincak kana waktu”
contona: tujuhna
• Ngawangun kecap barang nu ngandung harti “hal nu tangtu”
contona : alusna, balikna, gantina
• Rarangkѐn tukang –ng dipakѐ upama ngantѐt kana wangun
dasar anu ditungtungan ku konsonan. Contona :
mungguh + -ing = mungguhing
bakat + -ing = bakating
• Rarangken tukang -ning dipakѐ upama ngantѐt kana wangun
dasar anu ditungtungan ku vokal. Contona :
ѐstu + -ning = ѐstuning
kersa + -ning = kersaning
• Guna jeung harti rarangkѐn –ing-ning ngawangun kecap
pancѐn nu ngandung harti “panganteb” contona : kersaning,
mungguhing
• Rarangkѐn barung nyaѐta rarangkѐn anu dipakѐna babarengan
geusan ngawangun guna (fungsi) jeung harti kecap. Ciri
rarangkѐn barung nyaѐta : upama salahsahiji rarangkѐn dilaan,
ѐta kecap tѐh teu bisa madeg mandiri
• Rarangkѐn barung dina basa Sunda diantarana : ka –an, pa—
an, pang—keun, pi—eun, pika—eun, jeung sa—eun.
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu patali jeung”
contona “ kaamanan, kageulisan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ anu di-” contona :
kaolahan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “teu dihaja
kakeunaan ku “ contona : kadiukan, kakotoran
• Ngawangun kecap barang nu hartina “anu di- .........keun”
contona : kapentingan, kaperluan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ anu sipatna “ contona :
kanyataan, kajayaan, kaagungan
• Ngawangun kecap pagawѐan pasif nu hatina “teu dihaja
kakeunaan ku pagawѐan “ contona : kacopѐtan, kabangsatan
• Ngawangun kecap pagawѐan pasif nu hartina “teu dihaja aya
dina kaayaan” contona : kalaparan, kakurangan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “bisa di-
......an” contona : kacumponan
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “bisa di.....keun “ contona :
kabuktian, kapastian
• Ngawangun kecap sipat nu hartina”teu dihaja” contona :
kalepasan, kabeneran
• Ngawangun kecap sipat nu hatina “teu dihaja kakeunaan”
contona : kabeurangan, kapanasan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “tempat nu patali jeung “
kacamatan, kadaleman, kabupatѐn (tina kabupatian)
• Ngawangun kecap barang nu hartina “gundukan” contona :
pakampungan, pasawahan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “tempat” contona :
pamandian, pakandangan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “hal anu jadi” contona :
pausahaan, pacabakan
• Ngawangun kecap barang nu hartina “nu biasa/tukang”
contona : pamabokan, pasuratan
• Ngawangun kecap sipat nu hatina “dina kaayaan” contona :
pamohalan, paculcilan
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “supaya
ditulungan ngalakukeun pagawѐan “ contona :
pangmawakeun, pangnyokotkeun
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ bahan” contona :
pibajueun, picalanaeun
• Ngawangun kecap barang nu hartina “ bakaljadi/calon”
pimitohaeun, pisalakieun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “bakal” contona : pialuseun,
pigeuliseun
• Ngawangun kecap pagawѐan (pasif) nu hartina “nitah supaya
dikeunaan ku” contona : pikanyaah, pikareueus
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ nimbulkeun rasa “ contona
: pikabungaheun, pikasebeleun
• Ngawangun kecap pagawѐan (aktif) nu hartina “ jalma katilu
aya dina kaayaan” contona : satujueun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ kaayaan aya di” contona :
saluhureun, sahandapeun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “....pisan” contona :
sapokeun, sahoseun
• Ngawangun kecap sipat nu hartina “ ngan sa-” contona :
sakitueun, samobileun
• Rarangkѐn bareng atawa gabungan nyaѐta mangrupa gabungan dua
rarangkѐn atawa leuwih anu ngawangun guna jeung harti kecapna
henteu babarengan.
• Cirina upama salahsahji rarangkѐnna dilaan, tetep mibanda harti
mandiri,
• Bisa disebutkeun kieu rarangkѐn gabung the nyaѐta rarangkѐn anu
digabungkeun kana wangun dasar anu geus dirarangkѐnan.
• Rarangkѐn gabung dina basa Sunda diantarana : di- +-ar, di- + -an, di-
+ -ar + -an, di- + -keun, di- + -ar + -keun, di- + -pi, di- + -pika, di- +
pang- + -keun, di- + pang- + N- + -keun, di- + pang-N + ar + -keun, di-
+ pang-N- + -ar- + -an + keun, N- + -ar-, N- + -an, N- +ar- + -an, N- + -
keun, N- + -ar- + -keun, N- + pi-, N- + pika-, N- + pang - + -keun, ka- +
-keun, pa- + N-, pang- + dipika- + -na, pang- + N- + pika- + -na, pang-
+ N- + pika- +-na, ting- + -ar-
Kecap
Rajѐkan
Pa-(Pa jauh-jauh)
Tri Sa-(Sabisa-bisa)
Dwi Purwa Dwi Madya Dwi
Lingga -an (Tatangkalan)
(Kokolot) (Sababaraha) lingga
(Dar dèr dor) -eun (Bubudakeun)
sa-na (Sahèrang
hèrangna)
Dalit Anggang
• Kecap wancahan nyaѐta kecap nu mangrupa
singgetan tina kecap sejen atawa kecap anu
meunang mondokeun
• Kecap Tingkesan (Akronim ) : Mangrua kantètan aksara atawa
engang anu diucapkeun jadi hiji kecap ( Diknas-Pendidikan
Nasional )
• Kecap singgetan : Mangrupa kantètan aksara atawa engang
anu di èjah masing-masing : (RRI - Radio Republik Indonesia)
• Kecap Tangkesan (Haplologi) : diwangun ku cara
ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan
(Dèkah – Dèwek mah)
• Kecap Memet (Reduksi) : Nu diwangun ku cara nyokot engang
penting tina kantetan kecap (Kirata –Dikira-kira sugan nyata)