Download as pptx, pdf, or txt
Download as pptx, pdf, or txt
You are on page 1of 7

TUGAS BAHASA SUNDA “RESENSI NOVEL”

KEMBANG RUMAH TANGGA

Di ajukan untuk memenuhi salah satu tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda

Guru Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Susi Suswati, S. Pd

Oleh :

TRIADI

11 IPA 1

SMA NEGERI 6 TASIKMALAYA

TAHUN AJARAN

2011/ 2012

I. Identitas
Judul :Lembur Singkur

Pengarang : Abdullah Mustappa

Penerbit : Giri Mukti

Kandel buku : 60 kaca

Hak cipta : All Right Reserved

Rarancang judul : Deddy Dubandi

Taun medal : - Citakan ka-1 mitra kencana 1979

- Citakan ka-2 kalawan panganter ti Hawe Setiawan sya’ban 1422/Oktober


2001

Nomor : 068/KBU-G/2001
II. Analisis Struktural
1. Sinopsis : Ringkesan carita:

Lembur singkur, lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar


Sunda ririweuhan alatan mahabuna gorombolan. Kulawarga paburantak, nu jadi
bapa indit ka gunung ninggalkeun pamajikan. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu
ditinggalkeun ka gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung katut dua
lanceukna milu kabarérang, waktu lembur singkur dilemah ireungkeun ku
gorombolan. Sabab, kitu ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur
téh aya patalina jeung bapana téa.

Ieu novel mangrupa hiji carita anu pikasediheun jeung pikahawatireun.


Nyaritakeun di hiji desa anu jauh ka raramean kota, ngancik hiji kulawarga
diantarana : indung anu anu ngabogaan tilu anak nyaeta 2 lanceuk hadi jeung
ahmad, jeung hiji budak (kuring). Lantaran 2 lanceukna mondok di lebak keur
ngamankeun diri tina gorombolan, tapi manehna (kuring) ngan duaan di imahna
lantaran indungna nolak di ajak mondok ka lebak. Ieu budak teu nyaho pisan kana
saha nu jadi bapana. Lantaran ti leuleutik kulawargana teu mere nyaho saha
bapana jeung geus ditinggalkeun ku bapana nu jadi gorombolan (DI) di
leuweung. Dina hiji peuting bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi
manehna teu nyahoeun yén nu datang téh bapana, jeung ngan saukur semet
renyem-renyem. Ningali anu datang éta, ceuk lanceukna mah anu datang ka
imahna teh bapana.

Hiji waktu manehna jeung indungna indit ka sawah, kulantaran indungna


gawe jadi patani. Indungna mawa bekel loba, tuluy kusabab indungna nu disebut
ema téh ninggali aya pamariksaan ka gorombolan manehna reuwas jeung para
gorombolan curiga ka si ema. kusabab para tantara nyaho yén salaki ema milu
jadi gorombolan, di sangka yén bapa téh jadi mata-mata. Si ema di pariksa jeung
ditanyaan tuluy di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan ema
neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila salasahiji
lanceukna datang ka markas, bari susulumputan di leuwung, tuluy mawa balik eta
budak. Eta budak téh ngarasa prihatin jeung hawatir ka emana, naha ema lila di
markas gorombolan? Isukna ema di pulangkeun ka imah.
Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka eta desa, loba
tetembakan wuwuh rame. Loba jelema nu nyumput dina lombang kusabab sieun
ku gorombolan. Kaayaan desa paburantak teu tenang. Hiji waktu ema di teangan
ku OKD (Organisasi Keamanan Desa), ku sabab di curiga yén salaki ema sok
datang susulumputan ka imahna. Tuluy ema di bawa ka kantor OKD nepi ka
mangpirang-pirang poé. Budakna di pihapekeun ka salasahiji anggota OKD. Geus
lila aya di kantor OKD ema di kaluarkeun.

Sanggeus kajadian eta, sanggeus desa jadi aman aya kabar yén nurutkeun
rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti leuweung nyaeta nu jadi bapa nu
milu ka gunung bakal tarurun balik ka lemburna, kaasup nu jadi bapa. Ema jeung
budak téh bungah pisan, jeung si budak geus lila hanyang apal kana nu jadi bapa.
Tapi geus lila ema neangan nanya kaditu-kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi
bapa téh tatu tur parna (maot).
2. Tema : kasedih, kaperih

3. Tokoh : budak (kuring)


Ibu
Lanceuk : hadi, ahmad,
Bapa

4. Alur : maju

5. Latar : wanci : tengah peuting


Isuk-isuk
Latar tempat : imah
Sawah
Leuweng
Desa anu jauh tina karamean

6. Amanat : Eta carita keur eunteung pikeun urang sarerea, kudu patuh taat
kana aturan-aturan pamerantah, urang teu menang ngalawan (ngabarontak)
kanagara, mun baheula mah gerombolan (DI), ayeuna mah teroris. Urang
kudu bisa milih mana anu hade di lakukeun anu goring dijauhkeun
III. Resensi Novel

Dina carita eta, boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu nyayat
kana ati jeung ngagambarkeun kaayaan baheula nu karandapan ku masyarakat
pilemburan di tatar sunda anu tragis jeung pikawatireun. Méré pelajaran jang
barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-
bener pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta
kajadian teh mangrupa kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kana
kaayaan éta.

Tapi dina aya kaleuwihanana, aya ogé kakurangannana, nyaeta carita ieu
teu nyebutkeun saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi tokoh utama dina ieu
carita, jeung teu dicaritakeun naon sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.
IV. Lampiran

You might also like