Bsund

You might also like

Download as pptx, pdf, or txt
Download as pptx, pdf, or txt
You are on page 1of 18

Panumbu

Catur
Padika Sawala

Sawala tawa diskusi teh kagiatan ngebrehkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa
netepkeun kumaha pialuseunana.

WANDANA SAWALA:
– Seminar
– Simposium
– Sarasehan
– Lokakarya
– Sanggar gawe (workshop)
– Muktamar
– Konferensi
– Sawala(diskusi) panel
– Sawala kelompok
Pamilon (peserta) Sawala

– Moderator
Moderator disebut oge panumbu catur. Panumbu catur nu
mingpin jalanna sawala.
– Notulen
Notulen disebut oge girang serat. Nyaeta nu nyatetkeun hasilna
sawala.
Galur kagiatan sawala

– Bubuka ti panumbu catur


– Pedaran ti pangjejer
– Kagiatan tanya jawab
– Nyusun kacindekan hasil salawa
Sawatara pancen poko panumbu
catur
– Ngatur waktu sawala jeung nepikeun – Boga kaweruh ngeunaan perkara anu
perkara nu rek disawalakeun. disawalakeun.
– Ngatur saha-sahana nu rek mairan – Kudu adil mere kasempetan ka
atawa cumarita nepikeun pamanggih sakabeh pamilon sawala.
dina sawala. – Kudu mibanda sikep sopan.
– Ngeureunkeun pamilon sawala anu – Nutup acara sawala.
nyaritana teu museur.
– Capetang nyarita ngagunakeun basa
sunda anu merenah.
Sawatara tatakrama anu kudu
diestokeun.
– Kudu apal carana jeung iraha waktuna – Tembongkeun rasa resep atawa teu resep
motong omongan batur. sawajarna.
– Kudu sopan dina ngedalkeun kateupanujuan – Singkahan jejer (pasualan) nu sipatna pribadi.
atawa kateusugemaan.
– Atur bedas launna sora sing merenah.
– Ulah megat atawa motong omongan batur.
– Ulah pacental atawa adu renyom nepi ka
– Ulah ngomong nyorongot bari popolotot. pasea.
– Nyarita ulah diborong ka sorangan. – Ulah api lain ka nu anyar datang kana
riungan.
– Ulah haharewosan duaan ditengah-tengah
paguneman. – Omongan ulah matak jaheut atawa eraeun
batur.
– Mun nu sejen nyarita kudu daek
ngahaminan.
Pancen panumbu catur

Panumbu catur (moderator) teh jalma anu ngatur


heula pandeurina omongan unggal pamilon diskusi waktu
cacarita. Ulah nepi ka kajadian,pamilon nyarita langsung ka
pamilon lainna, tapi kudu menta idin heula ka panumbu
catur. Panumbu catur kudu bisa nyapih atawa misah
pamilon anu adurenyom paduduaan nepi ka pasea.
Antukna pamilon sejen teu kabagean nyarita.
Pancen girang serat

Girang serat atawa notulen teh jalma anu pancenna


nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi. Dina waktu
tanya jawab, girang serat oge boga pancen nyatet saha
nu nanya jeung naon pananyana.
Pancen Pangjejer

Pangjejer dina diskusi teh jalma anu mibanda pancen


pikeun nepikeun jejer pedaran ka pamilon. Lamun
pangjejer nu anyar pinanggih, ilaharna diwanohkeun heula
perkara riwayat hirupna kalawan singget. Pangjejer kakara
cacarita atawa nepikeun pedaran sabada dihaturanana ku
panumbu catur.
Pancen Pamilon

Pamilon atawa peserta diskusi teh jalma anu miluan kana


kagiatan diskusi. Dina prugna miluan diskusi, pamilon kudu tuhu kana
aturan diskusi. Pamilon kudu ngaregepkeun naon-naon anu
ditepikeun ku pangjejer. Ulah ngaganggu, contona ngomong
paduduaan jeung babaturan nu aya di gigireun. Lamun rek
nanyakeun, ngajawab pananya, atawa ngajukeun pamadegan
(kamandang), pamilon kudu ngacung heula. Sabada dihaturanan ku
panumbu catur, kakara pamilon nyarita.
Debat (papaduan)

Kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa leuwih boh
mandiri atawa kelompok anu tujuanana pikeun nyalawakeun atawa ngarengsekeun
pasualan.
Ku lantaran dina debat teh aya kelompok pro jeung kelompok kontra, perlu ayana
panumbu catur. Panumbu catur teh jalma anu boga wewenang keur ngatur nu
lumangsungna debat.
Panumbu catur kudu adil. Panumbu catur mangrupa wasitna debat. Ku
kituna,panumbu catur teu meunang mihak ka salasahiji pangjejer debat,kelompok
pro atawa kelompok kontra.
Pancen panumbu catur

– Muka jeung nutup forum debat


– Ngatur lalu lintas atawa giliran saha-sahana anu kabagean kudu nyarita atawa
ngasongkeun pamadegan
– Ngeureunkeun acara debat mun para pangjejer nyaritana ka luar tina materi
debat
– Ngahirupkeun suasana debat sangkan pikaresepeun
– Nyarita make basa sunda anu bener tur merenah.
Sawatara pancen pangjejer dina
debat
– Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu di debatkeun
– Nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu sapaham
– Nagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur
– Nyarita make basa sunda anu bener tur merenah
– Nyarita ulah bari morongos,popolotot,jeung tutunjuk,baru teu sopan
– Lamun ngarasa eleh pamadegan,ulah ngahina pangjejer sejen
Debat

– Secara formal,debat loba dilaksanakeun ku lembaga atawa institusi legislatif.


Upamana wae debat nu dilaksanakeun ku anggota DPR/MPR RI dina raraga
mutuskeun hiji perkara.
– Dilingkungan saklola, aya nu disebut debat kompetitif ,nyaeta kagiatan debat anu
ngahaja di pasanggirikeun.
– Dina widang baaa indonesia, kiwari kementrian pendidikan dan kebudayaan
RI,unggal taun ngayakeun lomba debat bahasa indonesia (LDBI) antar siswa SMA sa-
Indonesia.
– Lian ti debat pasanggirinaya oge nu disebut debat parlemen. Nu debatna taya lian
anggota legislatip dina nangtukeun hiji putusan. Lamun di ahir debat euweuh
putusan wae, biasana sok di cindekkeun ku jalan voting (pungutan sora)
Kriteria lomba

Aspek Ciciren
Eusi Logika argumentasi atawa pamadegan anu ditepikeun
ku patandang debat kudu weweg,basana bener tur
merenah,tur dina ngawada (menyanggah)
pamadegan lawan teh kapeunteun luyu tur keuna
kana maksud.
Gaya Gaya teh hartina patandang debat dipeunteun
kumaha nembongkeun katapis jeung kaparigelanana
dina nyarita,rigig awak,paroman,cara neuteup,tur
cara nepikeun pamadeganana.
Strategi Strategi teh hartina patandang debat bisa ngatur
atawa ngamangpaatkeun waktu nu disayagikeun ku
girang pangajen.
Kecap barang

– Kecap barang nyaeta sakur kecap anu dipake pikeun nuduhkeun barang jeung naon-
naon nu dianggap barang.
– Rupa rupa kecap barang nuduhkeun:
Jalma
Sato
Tutuwuhan
Zat
Alat/pakakas
Tempat
Waktu
Ciri ciri kecap barang

– Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap bilangan:


Dua jalma
Lima boboko
– Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap pangantet:
di bandung
Dina meja
– Kecap barang bisa dituturkeun ku kecap sipat:
Budak calakan
Budak jangkung
– Kecap barang bisa nyicingan fungsi jejer jeung obyek:
Ade meuli buku
Ibu dipanggaleuhkeun sinjang ku teteh.
Kecap sipat

– Ari kecap sipat atawa kecap kaayaan ,nyaeta sakur kecap anu dipake nuduhkeun sipat atawa kaaayan hiji barang.

ciri ciri kecap sipat:

– Kecap sipat nuduhkeun sipat atawa kaayaan.

– Kecap sipat bisa nuturkeun kecap barang anu disela ku (a)nu:

Buku anu alus

Tali anu panjang

– Kecap sipat bisa dipiheulaan ku leuwih,pohara...-na:

Leuwih alus

Pohara aluena

– Kecap sipat bisa dituturkeun ku pisan,temen,kacida:

Pinter pisan

Bageur kacida

– Kecap sipat bosa dirarangkenan sa-R-na:

Saalus-alusna

Sagancang-gancangna

You might also like