Professional Documents
Culture Documents
Wacana Humoris Dina Rubrik Barakatak Mangle Online-1-1
Wacana Humoris Dina Rubrik Barakatak Mangle Online-1-1
Wacana Humoris Dina Rubrik Barakatak Mangle Online-1-1
Wacana
Peran Humoris Fungsi
Implikatur
Analisis Wacana Humoris dina Rubrik Mangle
Online
Tina 20 wacana humor nu dianalisis, kapanggih sawatara data
Wanda wacana
Tabel 1.
Nomer wacana
humor
Tina 20 data anu dianalisis, kapanggih nyaéta lakuning ucap
Lokusi
atawa (5), (6),
lokusi aya 20%, wacana (10),gawé
lakuning (15). atawa tindak ilokusi 60%,
jeung lakuning rasa atawa perlokusi aya 20%
1. Ngaronda
Sigana di Kampung Cijoho mah ngan Aki Uki anu
panggetolna ngaronda téh. Sanajan kagiliran malem Jumaah,
keur Aki Uki mah malem naon waé jadi. Puguh wé keur Nini
Imot mah ngabarungsinang, sabab méh unggal peuting
kaleungitan salakina. Hiji waktu di Lembur Cijoho aya
raraméan. Nyi Édah, randa méncrang dikawin ku Kang
Suganda, duda beunghar bandar cengkéh nu jugala. Anéh bin
ajaib, ti semet harita teu kabéjakeun Aki Uki ngaronda. Boro-
boro unggal peuting, ninggang di malem jumaah ogé teu pisan
ngelol ka pos ronda. (Agus Mulyana/SMPN 2 Purwakarta)
Wacana diluhur mangrupa wacana humor lakuning ucap.
Unsur humorna ébréh dina kalimah kagenep, anu ngandung harti yén
Aki Uki téh boga maksud séjén getol ngaronda téh, nyaéta nyampeur
randa méncrang Nyi Edah. Tapi, saprak randa méncrang dikawin ku duda
jugala, Aki Uki téh jadi teu getol deui ngaronda.
2. Perdés Ngaronda
Ukur tilu bulan Nyi Édah ngarangkepna ka Kang Suganda téh,
tuluyna mah pipisahan. Duka naon alatanna mah. Urang Lembur
Cijoho boga sangkaan, pasti Aki Uki jadi getol deui ngaronda.
Ngan, éta sangkaan nyalahan kabina-bina, sabab Kadés Unén
langsung ngaluarkeun Perdés anu eusina nyarék ngaronda ka
sakumna lalaki anu umurna leuwih ti genep puluh taun kalawan
tinimbangan karunya bisi kumaha-onam. Tah, béjana ti harita
bengkahna Aki Uki jeung Kadés Unén téh.
(Agus Mulyana/SMPN 2 Purwakarta)
Wacana diluhur mangrupa wacana humor lakuning ucap
atawa tindak lokusi.
Unsur humorisna aya dina ungkara terahir, yén saprak ti
Kadés Unén ngaluarkeun perdés, hubungan duanana jadi
bengkah. Ai alatan bengkahna téa lain pédah perdés, tapi
lantaran nalika Aki Uki rék ngadeukeutan deui ceu Edah, ku,
Pa Kades gé embung éléh ku Aki Uki, ahirna ngaluarkeun
perdés.
Tina 20 wacana nu dianalisis, kapanggih aya 12 wacana nu
mangrupa wacana humor ilokusi, dua diantarana:
3. Riweuh
Dina telpon:
“Halo, bapa aya?”
“Riweuh” sora budak leutik dina telpon ngaharéwos.
“Ibu?”
“Riweuh ogé” ngaharéwos kénéh waé.
“Aa?”
“Aa, Tétéh, embi, aki, nini, rariweuh sadayana” angger ngaharéwos.
“ Naha nya, nuju naraon?”
“Nuju ucing sumput di lebet bumi”
Wacana diluhur mangrupa wacana humor lakuning gawé atawa tindak
ilokusi.
Unsur humorna aya dina ungkara “Nuju ucing sumput di lebet bumi”.
Dina éta ungkara aya bébédaan tapsiran. Ai ceuk panyatur ucing
sumput téh keur ulin, ai ceuk pamiarsa éta kulawarga téh keur
nyumputan manéhna, lantaran manéhna rék nagih hutang.
4. Sabisa-bisa
Pamajikan: “Cing atuh bapana, babacaan sabisa-bisa mah, kuring
teh asa rada keueung kieu nempatan imah anyar mah.”
Salaki: “Heug atuh manehna, ari kudu babacaansabisa-bisa mah.”
Pamajikan: “Enya pek kadinyah, ngarah teu keueung teuing.”
Salaki (ngegerentes): “Babacaan sabisa-bisa, babacaan sabisa...
babacaan sabisa-bisa.”
Unsur humor dina wacana diluhur nyaéta ayana béda
tapsiran antara panyatur jeung pamiarsa. Panyatur nyarita
babacaan téh maksudna babacaan surat sabisa-bisa,
sedengkeun maksud pamiarsa mah babacaan sabisa-bisa téh
ngulang-ngulang éta kalimah.
Tina 20 wacana nu dianalisis, kapanggih aya opat wacana nu
mangrupa lakuning rasa atawa perlokusi, salasahijina:
5. Rék di Jodokeun
Ujang: “Sep uing rék di jodokeun euy ku kolot!”
Asep: “Syukur atuh, urang gé milu atoh boga babaturan téréh kawin
mah.”
Ujang: “Tapi kalah bingung urang mah, sep.”
Asep: “Naha bet bingung? Naha awéwéna goréng!”
Ujang: “lain...!”
Asep: “Awéwéna teu bogoheun ka manéh?”
Ujang: “Lain sép…”
Asep: “Naon atuh nu jadi masalahna?”
Ujang: “Awewena kabogoh manéh, Sép.”
(Farid N.G/Ciwidey - Bandung Selatan)
Wacana diluhur mangrupa wacana humor lakuning rasa atawa tindak
perlokusi.
Unsur humorisna kapanggih dina kalimah awéwéna kabogoh manéh
Sép.”. tokoh Asép geus panasaran naha si Ujang embungeun kawin, ari
si Ujang anu kasedekkeun ku pananya si Asép kara ngabetuskeun yén
awéwé nu rék dikawin ku manéhna téh kabogoh babaturanana pisan (si
Asep).
Wacana nu mibanda fungsi minangka hiburan ébréh dina wacana nu ka-12
dianalisis, kieu unina:
7. Tarucing
“Naon sababna tangkal cau bet dituar?”
“Sabab cauna geus asak!”
“Lain!”
“Naon atuh?”
“Sabab tangkalna nangtung, da mun ngagolér mah teu kudu dituar.”
Nunung Samsiar Jl. Cicukang RT 02/05 45 Bandung