Download as pptx, pdf, or txt
Download as pptx, pdf, or txt
You are on page 1of 13

Resensi

BOOK
REVIE
W
Panyungsi Basa
► Istilahresensi asalna tina basa
Belanda resentie, hartina
nepikeun (nyaritakeun) deui.
► Resensi nyaeta ngajen atawa
meunteun kana hiji karya,
saperti buku, film, atawa
pintonan drama jeung musik
(konser).

Jens pp 22
Martensson
► Resensi buku eusina biasana mah nyaritakeun
eusi buku boh kaunggulanana boh
kahengkeranana sangkan jadi informasi keur nu
maca.
► Ari resensi pilem mah nyaritakeun sinopsis
(ringkesan) guluyurna carita pilem, kaunggulan
jeung kahengkeranana katut netelakeun
ngagarapna, ti mimiti sutradara, produser, aktor
jeung aktrisna.
► Resensi kana pintonan drama atawa musik,
eusina nyaritakeun ngeunaan paniten kana
pintonan, boh kaunggulan boh kahengkerananan
► Cindekna, resensi teh nyoko kana kagiatan
meunteun tawa ngajen hiji karya atawa kagiatan
pintonan seni nu tujuanana pikeun mere
informasi jeung ngagambarkeun kaunggulan
jeung kahengkeran karya keur nu maca atawa
nu lalajo.
Jens pp 33
Martensson
Tujuan Resensi Buku jeung Pilem
► Mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung
kahengkeran buku atawa pilem anu diresensi.
► Maparin gambaran ka pamaca atawa ka nu rek
lalajo ngeunaan hiji buku atawa pilem sacara
singget
► Ngasongkeun saran atawa kritik ka nu nulis
buku atawa sutrdara pilem ngeunaan karya anu
dihasilkeunana
► Mikaweruh kasang tukang jeung alesan
digelarkeunana hiji karya , boh buku boh pilem
► Nguji kualitas hiji buku atawa pilem, ku cara
Caption
Caption Lorem
Lorem Ipsum
Ipsum dianalisis kaunggulan jeung kahengkeranana,
kitu deui sok dibandingkeun jeung karya anu
geus medal saheulaenana.

Jens pp 44
Martensson
Keur naon
gunana resensi
buku atawa
pilem?

Jens pp 55
Martensson
► Pikeun ngasongkeun informasi
ka masarakat ngeunaan buku
atawa pilem, pangpangna lebah
mana kaunggulan jeung
kahengkeranana.
► Ngajak masarakat (pamaca: nu
lalajo) sangkan milu ngajen
jeung mere tinimbangan kana
eusi buku atawa pilem.

Jens pp 66
Martensson
WANDA RESENSI

Resensi informatif Resensi kritis


Resensi deskriptif Resensi anu ngulas wincikan
Resensi anu ditepikeun kalawan
umum tur singget tina Resensi anu medar atawa buku kulawan ngagunakeun
sagemblengna buku ngabahas tiap bab atawa eusi metodologi elmu kaweruh nu
buku kalawan wincik (detail) tangtu.

Jens pp 77
Martensson
Syarat nu kudu dicumponan dina ngaresensi karya
►Mibanda pangaweruh ngeunaan paelmuan anu
dipedar dina buku.
►Mibanda kamampuh nganalisis anu seukeut.
►Nyaho kana karya karya sejen. Maksudna lian ti
ngulik eusi buku atawa pilem anu diresensi, tangtu we
kudu aya babandingan jeung buku atawa pilem
sejenna.
Jens pp 88
Martensson
Lengkah nyusun resensi
Buku

► Milih buku nu rek diresensi, alusna mah buku nu loba dibaca (best seller)
► Maca kalayan daria buku nu rek diresensi, alusna mah sababaraha balikan
► Catetkeun hal-hal anu pikatajieun tina buku nu dibaca. Catetkeun hal hal anu kurang
pikaresepeunana
► Catetkeun naon pandangan hidep, naha eta buku the payus atawa henteu dibaca
► Tulis judul resensi hidep!
► Tulis identitas buku nu diresensi judul, pangarang, pamedal(penerbit), taun terbit, kandel
buku, warna jilid buku, jeung jenis keretas.
► Tulis hasil resensi buku

Jens pp 99
Martensson
Langkah mun nyusun resensi
Pilem

► Lalajo pilem nu rek ngaresensi, alusna mah pilem anyar ku kituna, lalajona
ge kudu di bioskop
► Catetkeun alur carita anu pikatajieun tina eta pilem. Kitu deui, catetkeun hal
hal anu kurang pikaresepeuna
► Catetkeun naon pandangan hidep, naha eta pilem teh payus atawa henteu
dilalajonan
► Tulis judul resensi hidep
► Tulis identitas pilem nu diresensi: judul,palaku utama, sutradara, produser,
rumah produksi nu ngaluarkeun eta pilem, nu nulis naskah, lilana (durasi),
jeung jenis pilem (horror,drama,action,jste)
► Tulis hasil resensi pilem Jens pp 10
10
Martensson
Sistimatika Resensi
► Judul resensi
Ngagambarkeun eusi buku atawa pilem sacara umum. Kudu singget tur jelas, teu meunang mibanda
tafsir ganda ka nu maca.

► Identitas buku atawa pilem


Resensi buku kudu ngawengku, judul buku, pangarang, pamedal, nomer edisi, taun dipedalkeunana,
kandel buku atawa jumlah kaca, jeung editor (mun aya).

► Ringkesan eusi buku atawa carita pilem


Eusi buku kudu disusun ringkesanana. Kitu deui, dina pilem kudu diringkeskeun caritana.

► Kaunggulan jeung kahengkeran


Dina resensi kudu dipedar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku atawa alur carita,
penyutradaraan, karakter aktris/aktor (mun resensi pilem) Jens pp 11
11
Martensson
Conto Resensi
Identitas Buku Pangaos: Rp60.000,-
Judul: Koala Kumal Seueur Bab: 13
Pangarang: Raditya Dika
Kandel buku: 247 kaca
Taun medal: 2014
Citakan ka: Dua Saha anu henteu mikawanoh Raditya Dika, nu nulis
Pamedal : Gagas Media sakaligus komika sarta sutradara? Raditya Dika ieu
atos nyieun saloba 6 buku. Sadayana genrena komedi.
Tempat Medal: Jakarta “Koala Kumal” minangka bukuna anu ka 7, sarta
anyar rilis 17 Januari 2015. Kalawan khas na nganggo
wasta sato minangka judul bukuna, Bang Dika yakin
yen bukuna bakal sami siga buku-buku saheulaeunana
anu pajeng dipasaran . Tiheula Bang Dika sarta para
kruna ngayakeun pre order dina ping 15 Desember
2014, rebuan buku Koala Kumal anu aya tanda
tanganna plus bonus kaos ludes dina wktos kirang
langkung 3 jam. Kitu seueur penggemar anu antusias
ngabageakeun kalahiran karya na anu ka 7 ieu.
Jens pp 12
12
Martensson
Koala Kumal ieu nyaritakeun ngeunaan nyeuri hate, ti bang Dika anu SD keneh saterusna sabot SMA dugi
janten mahasiswa atawa sumawonten anu haneut keneh-haneut na sataun anu kaliwat. Sadayana dipesek sarta
dicicikeun di dieu. Ti bab kahiji nyaritakeun ngeunaan ngababaturan antawis Bang Dika, Bahri, sarta Dodo anu
midamelna gentos ti video game ka pepetasan jangwe kaliwat lekasan dina layangan “Layangan hejo anu bodas
eta ngalayang lemah tanpa arah, sapertos abege anu gagal move on.” Dina bab 2 nyaritakeun adegan lucu anu
kedah dicokotna dina pembuatan pilem Cinta Brontosaurus, ieu adegan awit dicokot ti kutipan bapana. Manawi
rada kirang pantes lamun disalin di dieu.
Bab anu unik sarta nu mawi bungah nurutkeun abdi nyaeta sabot Bang Dika di Thailand. Basa eta bang Dika
deui mecakan aplikasi pencari jodoh namina Tinder luhur bongbolongan parter damelna di Bangkok. Seueur
deui bab-bab seru di buku Koala Kumal ieu. Basana henteu sesah, tiasa saniskanten umur margi nempel
kalawan kahirupan sapoe-dinten. Hanjakalna sababaraha carios klimaksnya kirang greget, sapertos dina bab
“Balada lelaki tomboi, panduan cowok menghadapi penolakan dan aku ketemu orang lain”. Part anu keren sarta
diksinya apik, tapi kalimah sanes klimaksnya kirang kresss. Dina bab panutup Bang Dika kalawan cerdik nyerat
alesan melih judul Koala Kumal.
Bang Dika kainget kalawan koala anu kapanggihna di stitus internet, Koala anu ninggalkeun leuweung
minangka tempat kantun na nanging sabot manehna balik tempatna karasaeun benten. Ti sanalah ahirna dicokot
minangka judul bukuna anu ka-7 “KOALA KUMAL”.

Jens pp 13
13
Martensson

You might also like