Download as ppt, pdf, or txt
Download as ppt, pdf, or txt
You are on page 1of 15

SISINDIRAN

SISINDIRAN
Perkara SISINDIRAN
Sisindiran asalna tina kecap sindir, hartina
omongan anu henteu sacéréwéléna
(satarabasna) atawa ngandung harti
omongan anu dibalibirkeun (teu togmol)

Sisindiran kaaasup kana wangun ugeran


atawa puisi buhun, anu kauger ku
wangun jeung purwakanti.
Perkara SISINDIRAN
Umumna sisindiran diwangun ku opat
padalisan, dua padalisan cangkang
jeung dua padalisan eusi.
Jumlah engang dina unggal padalisan
sarua réana, dalapan engang.
Sora tungtungna bisa miboga dua pola,
nya éta pola (1) a-a-a-a jeung pola
(2) a-b-a-b.
Perkara SISINDIRAN
Conto pola (2)
Ba-ju ku-tud heu-reut po-la
di-ke-lin teu di-ja-lu-jur.
Mun teu cu-cud di sa-ko-la
a-ri-sin ba-lik ka lem-bur

Pola (8a), (8b), (8a), (8b)


Perkara SISINDIRAN

Conto pola (1)


Sa-pan-jang ja-lan So-ré-ang
mo-al we-léh di-as-pal-an
Sa-pan-jang ta-can ka-so-rang
Mo-al we-léh di-a-kal-an.

Pola (8a), (8a), (8a), (8a)


Wangun & Sipat Sisindiran
Dumasar kana wangunna sisindiran dibagi jadi tilu
bagéan, nya éta (1) rarakitan, (2) paparikan,
jeung (3) wawangsalan.

1. Rarakitan
Asal kecapna tina rakit atawa raket. Rarakitan téh
mangrupa sisindiran nu diwangun ku cangkang
jeung eusi. Cangkang jeung eusina padapapak di
puhuna (mindoan kawit) sarta murwakanti
engang pangtungtungna dina unggal padalisan
(laras wekas).
Wangun & Sipat Sisindiran
1. Rarakitan dibagi jadi tilu dumasar kana sipatna.
a. Rarakitan silih asih, nya éta rarakitan nu eusina
silih asih, cinta, atawa birahi.
b. Rarakitan piwuruk, nya éta rarakitan nu eusina
piwuruk atawa naséhat.
c. Rarakitan sesebréd, nya éta rarakitan nu eusina
banyol atawa lulucon.
Conto rarakitan silih asih
Hayang teuing angeun waluh
arék didahar jeung cabé.
Hayang teuing geura wawuh
Arék diajak ka lebé.
Wangun & Sipat Sisindiran
Conto rarakitan piwuruk
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Conto rarakitan sesebréd


Sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.
Wangun & Sipat Sisindiran
2. PAPARIKAN
Asal kecapna tina parik atawa parék nu hartina
deukeut. Deukeut ieu maksudna deukeut sora
tungtungna. Paparikan ogé dibagi jadi tilu
dumasar kana sipatna.
a. Paparikan silih asih
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.
Wangun & Sipat Sisindiran
Conto paparikan piwuruk
Aya manuk dina pager,
‘na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola

Conto paparikan sesebréd


Cau naon cau naon,
cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru.
Wangun & Sipat Sisindiran
3. Wawangsalan
Asal kecapna tina wangsal, anu hartina sarua jeung
wangsul. Jadi maksudna wangsal téh mangrupa
jawaban (wangsulan, malikan deui) tina cangkang
jeung eusi. Wawangsalan nya éta pananya atawa
tarucing anu kudu diteguh eusina.
Conto Wawangsalan

Cacangkir bahanna beling


Masing welas lahir batin.
Wangsalna : gelas
Naon wawangsalan ieu di
handap?
• Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing
(korma)
• Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan
(pisin)
• Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati
(énéng)
• Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung
(iwung)
• Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi
(kapal udara)
• Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak
(bayawak)
• Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi
(Merak)
• Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi
(oray)
htur; nuhun;
ddH

You might also like